Béngkok
téh mangrupa lahan anu dipimilik ku Désa, nu disadiakeun pikeun kapentingan
ngagajih Kapala Désa jeung Pamong Désa. Sedengkeun ari Titisara nya éta lahan Désa
anu diancokeun pikeun waragad Désa (boh nu ngeunaan administrasi; rapat désa;
jeung séjénna), anu aya patula-patali jeung kahirupan pamaréntahan désa.
Béngkok
Di Tatar Sunda –duka iraha mimitina, di unggal désa sok aya lahan anu disadiakeun
pikeun ngagajih Kapala Désa –Kuwu atawa
Lurah jeung Pamong Désa –Juru Tulis;
Kulisi; Jagabaya. Tiap wewengkon ngaranna béda-béda, aya anu nyebut: Taneuh
Kajaroan –Banten; Sawah Carik –Priangan Wétan; Sawah Béngkok atawa
Sawah Kalungguhan –Cirebon jeung Ciamis.
Lian ti éta, aya ogé anu kasebut: Sawah Kanomeran; Sawah Kacacahan; Sawah
Kasikepan, jeung réa-réa deui sesebutan anu séjénna. Taneuh atawa lahan anu
disebut bieu, éta téh kaasup kana rajakaya désa –nya éta rajakaya mangrupa lahan, anu ngahasilkeun barang (bubuahan;
beubeutian; tatangkalan; jeung lianna) anu hargaan atawa bisa diduitkeun/dijual.
Rajakaya Désa ogé bisa mangrupa: Tanah Kas Désa –TKD; Pamandian Umum; Pasar Désa; wangunan milik désa; tempat rékréasi
anu diurus ku désa; jeung rajakaya lianna. Lahan milik désa, dibédakeun antara:
“lahan anu ngahasilkeun” (boh
ngahasilkeun paré, palawija, bubuahan, tatangkalan, jeung ngahasilkeun anu
séjénna), jeung “lahan anu teu
ngahasilkeun” (boh lahan anu dipaké wangunan Balé Désa, Kantor Désa,
Koperasi Unit Désa, sakola/madrasah, masjid, jeung anu mangrupa lapang
olahraga). Tah, Béngkok mah mangrupa lahan anu ngahasilkeun.
Baheula, Béngkok téh disadiakeun pikeun
ngagajih Kapala Désa jeung Pamong Désa. Katangtuan ngeunaan hal éta, aya réngkolna
dina Inlandshe Gemeente Ordonnantie
(IGO), Staatsblaad Nomer 83 Taun 1906. Dina Pasal 3, anu kira-kira pibasaeunana
kurang leuwih kieu: “Panghasilan nu
dibayar ku Désa pikeun Kapala Désa jeung Pamong Désa, diatur ku Bupati kalawan
mupakat warga désa (bumi putera). Panghasilan éta mangrupa hak usaha (taneuh)
Béngkok, Pancén, jeung anu séjénna, nurutkeun kabutuhan sarta aturan-aturan nu
ditetepkeun ku Bupati”. Jadi, Béngkok téh mangrupa lahan anu dipimilik ku Désa,
disadiakeun pikeun kapentingan gajih Kapala Désa jeung Pamong Désa, tapi éta
lahan téh teu meunang dipiboga ku Kapala Désa atawa Pamong Désa sacara pribadi.
Hartina, Béngkok téh mangrupa barang inventaris –anu matak disebut: Taneuh Kalungguhan/ tanah jabatan. Kusabab
lahanna lega, Béngkok bisa nyukupan pikeun kahirupan pangurus désa. Ku kituna,
warga désa teu kudu nyadiakeun duit pikeun ngagajih Kapala Désa jeung Pamong Désa,
cukup ngalaksanakeun “Pancén” –nya éta gawé
teu dibayar pikeun kapentingan Kapala Désa/Pamong Désa atawa mayar pajeg.
Dina kanyataanana, pikeun warga désa anu boga duit mah, Pancén téh osok kalan-kalan
diganti ku duit.
Ditilik tina urusan rumah tangga désa –hususna ngeunaan kauangan désa, otonomi
désa téh bener-bener katémbong nyatana –teu
saukur ngaran. Maksudna, désa boga sumber kahirupan sorangan anu bakal
nyukupan waragad atawa panghasilan Kapala Désa jeung Pamong Désa. Jadi, désa téh
bener-bener bisa ngahirupan –ngawaragadan
dirina sorangan, teu kudu ngurihit ka pamaréntah.
Desa Cipari Wanaraja, Kabupaten Garut. |
Titisara
Iwal ti Béngkok, aya ogé lemah –taneuh/lahan anu dipimilik ku désa –hak ulayat désa mangrupa Titisara. Tapi,
Titisara mah mangrupa lahan désa anu diancokeun pikeun waragad désa –upama ceuk basa kiwari mah: keur
operasionalisasi kagiatan désa. Boh waragad anu ngeunaan administrasi; boh
waragad keur rapat désa; atawa kagiatan sejenna anu aya patula-patalina jeung
kahirupan pamaréntahan désa.
Teu béda jeung Béngkok, Titisara ogé bisa
mangrupa sérang –sawah atawa
darat/tegalan. Malah, aya ogé anu mangrupa kulah –balong atawa leuwi –walungan.
Ngan anu pasti mah, Titisara téh diancokeun pikeun kaperluan atawa waragad désa
–keur ngabiayaan sagala rupaning kagiatan
pamaréntahan désa. Jadi, geus diatur “pos anggaranana”: yén Béngkok mah
keur ngagajih pagawé, sedengkeun Titisara mah pikeun kagiatan operasional désa.
Pamekaran
Désa
Kumaha nasib Béngkok jeung Titisara,
mangsa kiwari ? Geus pacorok-kokod, geus teu dibéda-bédakeun. Boh Béngkok boh
Titisara, hasilna diasupkeun kana Kas Désa. Geus kitu, tuluy diitung sabaraha
waragad désa –kaasup gajih Kapala Désa
jeung Pamong Désa, sabaraha panghasilan désa. Éta kabéh, diwincik dina
Anggaran Penerimaan dan Pengeluaran Keuangan Desa (APPKD), tangtuna kaasup ogé
panghasilan séjénna anu mangrupa subsidi atawa bantuan ti pamaréntah (pusat
jeung daérah).
Ti mimiti aya Undang-Undang Nomer 19
Taun 1965 ngeunaan Désapraja, diayakeun parobahan soal “sumber-sumber
panghasilan désa”. Sakabéh panghasilan désa –kaasup panghasilan tina Béngkok jeung Titisara, kudu asup kana Kas
Désa/APPKD. Cara ngatur jeung ngurus administrasi kauangan désa-na ogé,
ditangtukeun dina Peraturan Daérah (Perda) Tingkat II (Kabupatén) nurutkeun
padoman Kepala Daérah Tingkat I (Gubernur).
Kitu deui sistim ngagajih Kapala Désa
jeung Pamong Désa, teu dumasar kana lega tur alusna Béngkok, tapi dumasar kana
loba atawa saeutikna panarimaan désa. Kaayaan anu samodél kitu, gedé pangaruhna
kana “kawajiban” warga désa pikeun nyadiakeun waragad. Upama hasil tanah Béngkok
saeutik –sedengkeun waragad
pangwangunanana gedé, geus tangtu warga désa kudu nyadiakeun waragad anu
gedé. Kitu deui sabalikna. Cindekna, sanajan hasil Béngkok jeung Titisara
mucekil, teu bisa ditangtukeun yén gajih Kapala Désa jeung Pamong Désa ogé
bakal gedé, tapi gumantung kana gedé-leutikna panarimaan jeung pangaluaran désa.
Péotna lahan désa –utamana Bengkok jeung Titisara akibat pamekaran, geus lain hal anu
anéh. Tangtuna ogé lain palid kabawa caah atawa kagusur ku longsor, tapi
kusabab “dibagi-bagi” antara désa anu dimekarkeun jeung désa pamekaran –désa anyar. Umumna, désa anu anyar mah,
acan boga Balé Désa atawa Kantor Désa. Kitu deui, désa anyar bakal butuh SD
Inpres. Euweuh deui carana, Béngkok jeung Titisara kapaksa “robah” fungsina
tina lahan garapan jadi lahan wangunan.
Ayana pamekaran désa, geus tangtu
rajakaya désa ogé kudu dibagi-bagi. Beuki mindeng ngayakeun pamekaran, bakal
beuki “méotan” rajakaya anu dipimilik ku désa. Tungtungna, teu mustahil aya désa
anu teu ngabogaan Béngkok atawa Titisara. Dina kaayaan sarupa kitu, warga désa
kudu “ngodok saku anu leuwih jero” pikeun ngawaragadan pangwangunan désa.
Ninggang ka désa anu asup katagori “Désa Tertinggal” atawa “Désa Miskin”, bakal
ripuh waé nu aya –ripuh wargana, ripuh
pangurusna. Jadi, teu salah-salah teuing upama kiwari beuki arang anu
sanggup jadi Kapala Désa. Pibasaeunna mah: tibatan olok-tombok, meureun, leuwih
hadé teu “jeneng”.
***