genep jambu aer/malati lir tiiran sate, Gedong Sate. |
Gedong Saté anu mimiti diwangun ping 27 Juli 1920 téh, kiwari jadi Kantor Pusat Pemerintahan Provinsi Jawa Barat. Ieu gedong, boga ‘sumbu lurus’ ngarah ka tengah-tengah Gunung Tangkuban Parahu (lebah Kalér) –nyoko kana poros Kaler-Kidul anu digunakeun ku Gedong Pakuan nu nyinghareup ka Gunung Malabar (Kidul). Keur mimiti mah éta gedong éndah téh, katelah Gedong Hébé –singgetan GB/ Gouvernements Bedrijven. Kadieunakeun disebut Gedong Saté –alatan di ponclot munara éta gedong aya ‘tusuk saté’ anu dipasieup ku genep ornamén bentuk jambu aér atanapi malati lir tiiran saté, pajah perlambang waragad modal awal pikeun ngawangunna téh gedéna genep juta Gulden.
Johanna Catherina Coops, Peletakan Batu Pertama 1920. |
Gedong Hébé dirarancang pikeun puseur pamaréntahan Hindia Walanda, anu harita geus netepkeun Bandung minangka ibukota na –Batavia dianggap geus teu memenuhi syarat pikeun jadi puseur pamaréntahan deui. Rarancang wangunan digarap ku tim anu dipokalan ku Kol. Pur. VL Slors –ti Gemeente van Bandoeng kalayan anggotana: arsitek Ir. G Hendriks; Ir. Eh De Roo; sarta Ir. J Gerber –arsiték ngora lulusan Fakultas Teknik Delft Nederland. Mitembeyan pangwangunan lumangsung 27 Juli 1920, peletakan batu pertama-na diluuhan ku Johanna Catherina Coops –siwi (putri) cikalna Wali Kota Bandung: B Coops; jeung Petronella Roelofsen –wawakil Gubernur Jenderal JP Graaf van Limburg Stirum di Batavia. Prosés ngawangun gedong, dilakonan kalayan profésional dumasar standar teknik; material wangunan anu pas; katut luyu jeung katangtuan. Ngalibetkeun 2.000 pagawé –150 urang diantarana minangka ahli Bongpay atawa ahli pahat ti Kanton Tiongkok, nu séjénna: tukang batu; kuli aduk; ladén; parapagawé anu geus pangalaman waktu ngagarap Gedong Sirap (kampus ITB) jeung Gedong Papak (Balai Kota Bandung). Lolobana éta parapagawé téh, warga ti kampung: Sékéloa; Coblong; Dago; Gandok; sarta Cibaréngkok. Jero opat taun –kira awal 1924, wangunan utamana réngsé –kaasup Kantor Pusat PTT (Pos, Telepon, dan Telegraf). Laju, kana pangwangunan gedong utama anu anggeus September 1924 –kaasup wangunan perpustakaan.
Gedong Hebe - Sate. |
Sacara téknis, konstruksi wangunan Gedong Hébé karya arsitek Ir. J Gerber saparakanca ngagunakeun cara konvénsional. Leuwih loba maké batu alam jeung bata, tibatan konstruksi beton. Material témbok gedong diwengku ku batu gedé nu dipotongan ukuran 1 x 1 x 2 méter. Ngala batuna di wewengkon pasir batu sabudeureun Arcamanik jeung di Gunung Manglayang. Diakut ka Cihaurgeulis maké karéta gantung, atuh laju dibawa kana lori tepi ka lokasi pangwangunan.
Gedong Hébé téh minangka wangunan monuméntal kalayan mibanda gaya arsitéktur anu unik. Gaya arsitékturna minangka ekspérimen arsiték anu nyoko kana bentuk gaya arsitektur Indo-Éropa –Indo Europeeschen architectuur stijl sarta ngadumaniskeun gaya Timur jeung Barat kalayan harmonis. Kanggo jandela, Ir. J Gerber nyoko kana tema Moor Spanyol. Sedengkeun wangunanna, kana Rennaisance Italia. Munara, nganggo gaya suhunan pura Bali atanapi pagoda Thailand.
Gedong Hébé ngadeg dina lahan anu legana 27.990.859 m2, lega wangunan 10.877.734 m2 –bagéan basemen 3.039.264 m2; lanté hiji 4.062.533 m2; téras lanté hiji 212.976 m2; lanté dua 3.023.796 m2; téras lanté dua 212.976 m2; munara 121 m2; sarta téras munara 205.169 m2.
Tugu 3 Desember, gugurna 7 nonoman. |
Kaping 3 Desember 1945, tujuh nonoman anu mertahankeun Gedong Hébé, gugur alatan serangan pasukan Gurkha. Keur pangeling-ngelingna, nya diwangun tugu tina batu di téras tukang gedong –ping 3 Desember 1970, tugu dipindahkeun ka hareup gedong parentahna Menteri Pekerjaan Umum. Gedong Hébé kungsi jadi Kantor Jawatan Pekerjaan Umum, ti saprak taun 1980 jadi Kantor Pusat Pemerintahan Provinsi Jawa Barat –katelahna Kantor Gubernur, anu samemehna téh ngantorna di Gedong Kerta Mukti, Jalan Braga.
Poto-poto:
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar