Di Tatar Sunda mah teu pati hésé upama néangan pepelakan anu ngandung ajén piubareun –farmakologi. Komo dipilemburan mah, pepelakan anu ngandung ubar téh apanan tumuwuh subur di mana baé tur babari ngalana, malah bisa silihbéré atawa silihpénta jeung tatangga anu adek suhunan. Keur urang pilemburan anu werit ka rumahsakit mah tétéla ubar tina tutuwuhan téh matak mangpaat kabina-bina, kantenan cenah: “Jalma miskin mah, teu meunang gering”.
Salahsahiji pepelakan anu ngandung ajén
ubar téh, nya éta: Bawang. Da mémang geus ti baheula mula, bawang téh mangrupa
bagian anu raket dalit jeung kahirupan balaréa –kaasup di Tatar Sunda. Boh keur ubar tradisional atawa keur sambara
dapur, anu sarwa basajan.
Minangka bahan raracik ubar tradisional,
tétéla bawang téh matih pisan –utamana
keur panyakit anu tumiba ka barudak. Nyiksik bawang dicampuran ku rupa-rupa
tutuwuhan farmakologi anu jaradi di pakarangan, cukup diulas-alés atawa
diburakeun, insya Alloh bakal goréjag deui anu gering téh. Mun rada parna
saeutik, paling-paling ngangkir indung beurang –paraji anu sok dianggap sarwa bisa.
Pupuk
Suhun
Jaman béh ditu, panyakit barudak téh
ukur bangsaning: olol lého; bunghak; méncrét; jeung sabangsana –anu lumrah jeung prah di mana-mana,
gampil diungkulan ku indung atawa nini.
Keur ngubaran olol lého, siksik bawang
beureum; bawang bodas; asem kawak; parud jahé, dikeclakan minyak keletik jeung
cai jeruk mipis, heug diguley dina piring pisin. Geus kitu, sacomot ditaplokeun
kana embun-embunan budak anu ungsrak-ingsreuk téa. Biasana bareng jeung
garingna pupuk suhun –anu ditaplokeun
dina embun-embunan téa, lého budak ogé sok milu saat.
Keur ngubaran beuteung bungkiang –bunghak, maké siksik bawang beureum
jeung bawang bodas tur diminyak keletikan, tuluy dibulen ku daun jarak meunang
ngaleumpeuh. Beuteung diurut ka luhur ka handap –disangsurkeun make ubar tadi, insya Alloh beuteung budak anu
bungkiang téh sok langsung kempléng.
Keur ngubaran nyeri sirah, racikan
bawang beureum jeung bawang bodas dicampur rieus jahé jeung cikur, dibungkus ku
iket atawa karémbong –dibakutetkeun kana
tarang, insya Alloh sapoé dua poé ogé longsong –saeutikna, ngurangan puyeng jeung dedenyutan.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar