Paparikan téh nyaéta wangun sisindiran –ti sagédéngeun Rarakitan jeung Wawangsalan/Bangbalikan. Kecap paparikan asalna tina kecap: “parik” atanapi ”parék” anu hartina ”deukeut” atanapi “caket”. Pangna disebut kitu, lantaran dina Paparikan téh aya sora anu padeukeut –nyatana antara sora dina cangkang jeung sora dina eusi. Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna. Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jangkep (genap): dua; opat; genep; dalapan; jeung saterusna. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna (sampiran), satengahna deui eusi. Antara cangkang jeung eusi téh teu aya hubungan (harti) nanaon, iwal ku padeukeutna sora téa –murwakanti. Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang. Contona paparikan:
boboko ragrag di imah,
ninggang kana pileuiteun.
mun bogoh montong ka sémah,
ari anggang sok leungiteun.
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan; dua cangkang, dua eusi. Padalisan kahiji dina cangkang (boboko ragrag di imah), padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi (mun bogoh montong ka sémah). Padalisan kadua dina cangkang (ninggang kana pileuiteun), padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi (ari anggang sok leungiteun).
Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dibagi jadi tilu: paparikan silih-asih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.
Paparikan Silih Asih
Silih asih |
Paparikan silih asih nyaéta paparikan nu eusina ngeunaan silih-asih, cinta, atawa birahi.
Contona:
meuncit meri dina rakit,
boboko wadah bakatul.
lain nyeri ku panyakit,
kabogoh direbut batur.
lain Bangban lain Pacing,
lain kananga kuduna.
lain babad lain tanding,
lain kadinya kuduna.
daun pulus dilulunan,
jojodog ti Tarikolot.
sugan tulus lalaunan,
aya jodo pakokolot.
kembang cula kembang tanjung,
kembang sagala domdoman.
rék sabulan rék sataun,
moal weléh diantosan.
kembang sagala domdoman.
rék sabulan rék sataun,
moal weléh diantosan.
baju hideung kancing tangan,
dikaput ku mérang awi.
nu hideung matak teunangan,
sing émut ka diri abdi.
malati kembang malati,
dipelakeun dina batu.
upami hoyong ka abdi,
sumping waé ka Cibatu.
dipelakeun dina batu.
upami hoyong ka abdi,
sumping waé ka Cibatu.
dengkleung dengkleung déngdék,
buah kopi raranggeuyan.
ingkeun anu déwék,
ulah pati diheureuyan.
situ Ciburuy laukna hésé dipancing,
nyérédét haté ningali hérang caina.
tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing,
nyérédét haté ningali sorot socana.
Paparikan Piwuruk
Piwuruk |
Paparikan piwuruk nyaéta paparikan nu eusina piwuruk atawa naséhat.
Contona:
ka kulah nyiar kapiting,
ngocok endog bobodasna.
ulah sok liar ti peuting,
osok loba gogodana.
lauk emas ngakan ganggeng,
disamberan ku japati.
boga emas moal langgeng,
teu cara boga pangarti.
meuli kurupuk sadacin,
diwadahan kana kalo.
nu dipupuk ku prihatin,
éta diasih ku Alloh.
aya mobil warna silver,
mobilna keur ngala paré.
lamun urang hayang pinter,
ulah loba teuing saré.
mobilna keur ngala paré.
lamun urang hayang pinter,
ulah loba teuing saré.
hayang pisan geura dahar,
tapi kudu mekel sanguna.
hayang pisan jadi beunghar,
tapi kudu getol usahana.
tapi kudu mekel sanguna.
hayang pisan jadi beunghar,
tapi kudu getol usahana.
pileuleuyan cangkang béas,
huut sajeroning kéjo.
pileuleuyan urang ihlas,
emut sajeroning nénjo.
huut sajeroning kéjo.
pileuleuyan urang ihlas,
emut sajeroning nénjo.
saninten buah saninten,
dibawa ka parapatan.
hapunten abdi hapunten,
bilih aya kalepatan.
dibawa ka parapatan.
hapunten abdi hapunten,
bilih aya kalepatan.
Paparikan Sésébréd
Lulucon |
Paparikan sésébréd nyaéta paparikan anu eusina banyol, lulucon, jeung cawad (kritik).
Contona:
daun hiris dibeungkeutan,
dibawa ka juru leuit.
anu geulis ngadeukeutan,
hayangeun dibéré duit.
sapanjang jalan Cirebon,
jalan butut diaspalan.
sapanjang dijajah Nipon,
baju butut tatambalan.
piring katuruban séndok,
ngawadahan rujak huni.
kuring gé baheula dénok,
ayeuna mah nini-nini.
lain piring dina tampah,
ragi wadah na boboko.
lain pusing ku masalah,
tapi hayang boga toko.
ragi wadah na boboko.
lain pusing ku masalah,
tapi hayang boga toko.
saha éta nu keur calik,
meni jiga kabuhulan.
saha éta nu keur belik,
jadi hayang ngaheureuyan.
meni jiga kabuhulan.
saha éta nu keur belik,
jadi hayang ngaheureuyan.
taya bulan anu béngras,
teu kaduga ku poékna.
aya bujang baju bodas,
teu kaduga ku korétna.
teu kaduga ku poékna.
aya bujang baju bodas,
teu kaduga ku korétna.
cau naon cau naon,
cau kulutuk di juru.
bau naon bau naon,
bau nu hitut di juru.
cau kulutuk di juru.
bau naon bau naon,
bau nu hitut di juru.
turub cupu buli-buli,
dipaké wadah hangasa.
daék sukur teu paduli,
kami gé da moal maksa.
dipaké wadah hangasa.
daék sukur teu paduli,
kami gé da moal maksa.
cikur jangkung jahé konéng,
lampuyang pamura beuteung.
ngukur kujur jangkung konéng,
puguh mah bureuteu hideung.
lampuyang pamura beuteung.
ngukur kujur jangkung konéng,
puguh mah bureuteu hideung.
daun jarak dibeungkeutan,
dibawa ka jalan gedé.
anu harak ngadeukeutan,
hayangeun dibawa hadé.
dibawa ka jalan gedé.
anu harak ngadeukeutan,
hayangeun dibawa hadé.
manuk gaak macok kupat,
kecok deui kecok deui.
diwedak reujeung disipat,
dekok deui dekok deui.
kecok deui kecok deui.
diwedak reujeung disipat,
dekok deui dekok deui.
pa Soma gawéna dahar,
mun bedug bakal ditéwak.
percuma dibéré beunghar,
mun budug saawak-awak.
mun bedug bakal ditéwak.
percuma dibéré beunghar,
mun budug saawak-awak.
pipiti dibunga wari,
téténong dibobokoan.
lalaki jaman kiwari,
hadé omong pangoloan.
téténong dibobokoan.
lalaki jaman kiwari,
hadé omong pangoloan.
sugan téh kaliki dangdeur,
boro abdi gancang ngadék.
sugan téh lalaki bageur,
boro abdi gancang daék.
boro abdi gancang ngadék.
sugan téh lalaki bageur,
boro abdi gancang daék.
Ku kakiranganna, hapunten nu ka suhun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar