Di
tatar Sunda, kalungguhan wanoja kacida dimuliyakeunana. Upamana: Sunan Ambu;
Déwi Sri; jeung Ratu Purbasari, samalah kulawarga Sunda mun nyebut ka kolotna
téh sok diheulakeun indung henteu bapa, saperti: teu boga indung bapa; ibu
ramana baleunghar jeung saterusna. Teu siga urang Malayu nyebut ka kolotna ku
sebutan: ayah bunda. Apanan di kampung Pulo Cangkuang Lélés Garut mah, tétéla
gening wanoja anu nyekel hak waris téh.
Kalungguhan Wanoja
Laksamana Keumalahayati |
Tapi kétah, lain di Sunda waé
kalungguhan wanoja dipihormat téh. Di karajaan Kaling oge anu mingpinna téh
wanoja nu nelah Ratu Sima; di Majapait ogé kungsi dipingpin ku Ratu
Tribhuwanatunggadéwi; kitu deui Demak kungsi ku wanoja anu nyakrawatina téh nya
éta Ratu Kalinyamat; malahan urang Aceh mah moal bireuk deui ka Cut Nyak Dien,
Cut Nyak Meutia, jeung Laksamana Keumala Hayati –Keumala Hayati hiji-hijina
wanoja anu munggaran boga pangkat laksamana, mangsa Kasultanan Aceh Darussalam
dipingpin ku Sultan Alauddin Riayat Syah al-Mukammil. Sedengkeun di Garut,
tangtu moal bireuk deui ka tokoh wanoja Ratu Inten Dewata ti Karajaan
Timbanganten jeung Radén Ayu Lasminingrat geureuhana Dalem Bintang Garut –Bupati
RAA Wiratanudatar VIII.
Kalungguhan wanoja di tatar Sunda mimiti
nyirorot mangsa féodalisme mekar dina jaman Mataram. Wanoja diperenahkeun jadi
subyék, lain obyék. Jol agama Islam marengan budaya jeung pandangan bangsa
Arab, yén imam téh kudu lalaki –ku
kituna, lalaki jadi kawasa.
Budaya Arab jeung Mataram anu ngarameus
jeung nyakar budaya Sunda, lumangsung terus nepi ka jaman kolonial. Sigana
kalungguhan wanoja geus ditafsirkeun miring ku kaum lalaki. Lalaki
diwenangkeun boga pamajikan nepi ka opat, numutkeun agama Islam –nu diulik
teh ukur meunangna, lain sarat-saratna lalaki diwenangkeun nyandung
(lantaran wanoja dijadikeun subyék téa). Antukna wanoja teu perlu pinter, nepi
ka aya basa kieu: “Keur naon awéwé sakola
luhur, da balikna bakal ka dapur-dapur deui.”. Wanoja ukur disiapkeun lian ti alat
réproduksi, ogé dihancengkeun nu kudu ngurus rumah tangga.
Pamaréntah kolonial ngahaja ngantep
jeung nyuburkeun budaya kieu nepi ka kopong parongpong, ludes teu boga nanaon.
Ajén diri luntur; rahayat jadi gumantung pisan ka pamaréntah; wanoja
nyarandekeun nasib hirupna ka lalaki –utamana
kaayaan kitu téh di kalangan para ménak.
Pakaya budaya jeung inteléktual bangsa
urang, ku penjajah dikorédaskeun pisan. Malahan sajarah buhun ogé diparupus
digaranti kumaha kahayang séwang-séwangan. Lembaga atikan dianggap jadi henteu
perlu, geus kitu mah anteng wé penjajah téh nyakrawati ngabahudenda di bumi
pertiwi.
Pamaréntah Walanda mémang henteu
tanggungjawab kana urusan atikan –aya éta
ogé anu diiwalkeun, nya éta pasantrén. Tapi henteu kitu waé pasantren téh
bébas, saméméhna ahli Walanda sina nyulusup heula masang saringan akidah Islam
nu dipandang baris ngabahayakeun kana kalanggengan pamaréntahan jajahan.
Bangsa urang di sina jadi pangedulan.
Cenah hirup di dunya mah ukur sabéngbatan, dunya mah tempat ngumbara. Kahirupan
anu saéstuna mah engké di ahérat, ku kituna kudu jongjon nyuprih élmu kaahératan
–katungkulkeun teuing kana urusan ahérat, sabenerna mah henteu diajarkeun
kitu ku Islam.
Alam pikir urang mangsa harita, jadi
henteu rasional. Walanda teu hayangeun ngadegkeun sakola pikeun bangsa jajahan,
sakola dihancengkeun pikeun bangsana baé –jeung
sabagian leutik keur ménak anu tumut tuhu kana pamaréntahanana, kitu ogé
lain pamaréntah anu ngayakeunana tapi pihak swasta jeung geréja.
Henteu dipopohokeun éta ogé, Gubernur
Jéndral Willem Daéndéls (1762 – 1818) dina taun 1808 nétélakeun yén kawajiban
atikan pikeun masarakat jajahan mangrupa tanggungjawab pamaréntah kolonial.
Dianjurkeun yén para régént (bupati) kudu ngadegkeun sakola jeung
ngangkat guru anu parigel pikeun ngatik barudak pribumi. Tapi henteu bisa laju
éta putusan téh –henteu bisa dilaksanakeun,
nepi ka ditetepkeun payung hukumna dina taun 1818 yén pamaréntah miboga
tanggungjawab geusan nyadiakeun pasilitas atikan keur warga bumi putra anu
sarua atawa mirip jeung pasilitas pikeun barudak Éropa. Sok sanajan kitu, jalan
pikeun ngawujudkeun éta rencana téh kacida tarahalna.
Jaman Gubernur Jendral Van der Capellen
(1816 – 1826) kakarék aya hojah ngawangun sakola keur bumi putra, diadegkeun di
Pasuruan; Karawang; jeung Cianjur. Di Cianjur ngan aya 20 urang budak nu sakola
–kaasup duaan anak bupati-, diajar maca; nulis; jeung ngitung dina basa
Sunda jeung Malayu. Dibutuhkeun waktu anu lila pisan pikeun golongan cacah bisa
ngambeu éta sakolaan, lantaran masarakat leuwih milih nyakolakeun ka madrasah
atawa pasantrén pikeun diajar ngaji jeung maca kitab-kitab agama Islam tibatan
ka sakola kafir.
Taun 1824 diadegkeun sakola husus keur
wanoja, tapi murid-muridna ukur barudak wanoja bulé baé. Pikeun proyek sakola
wanoja éta, pamaréntah Walanda ngaluarkeun waragad ƒ 32.000 salila 3 taun.
Kusabab ngaluarkeun waragad anu gedé jeung ngabeuratkeun pamaréntah, antukna
dina taun 1832 éta sakola wanoja Éropa téh ditutup.
Dina taun 1850 aya anu ngadongsok
pamaréntah pikeun ngadegkeun deui sakola barudak wanoja di Batavia; Semarang;
jeung Surabaya. Tapi tétéla, pamaréntah pusat di nagri Walanda nolak ngan ukur
nitah ngalibetkeun pihak swasta waé.
Sakola kabupatén mimiti dibuka di Pati
Kabupaten Jepara taun 1849, jeung di Cianjur taun 1853. Bangsa urang harita
henteu wanoh kana aksara Latén, leuwih parigel ngagunakeun aksara Arab anu geus
diropéa pikeun kapentingan nulis basa Sunda –Aksara Pégon téa. Dina
jaman Mataram, ménak Sunda dijejelan kudu paham jeung bisa kana aksara Jawa : Hanacaraka.
Ku pamaréntah Walanda, éta aksara Jawa téh jadi wajib –pikeun ngagampilkeun
urusan administrasi. Ari aksara Sunda anu asli, bangun anu ngahaja
disamunikeun. Karakter jeung budaya Sunda, ngahaja dipaténi diruang kérépés
nepi ka urang henteu bisa ngungkab kaparigelan karuhun sorangan.
Kaayaan Garut Mangsa Harita
Di Garut, aya anak Patih Limbangan
anu dibenum jadi Panghulu ngabogaan cara mikir anu cénghar jeung rasional. Éta
téh dibuktikeun ku karya mangrupa wawacan –antarana
baé: Wawacan Panji Wulung. Tangtu urang wanoh atawa kungsi ngadéngé
ka Panghulu Bintang Limbangan Raden Haji Moehamad Moesa (1822 – 1886) nu
ngarangkep jadi Panaséhat Pamarentah Walanda mangsa harita, nya anjeuna anu
milu ngaluluguan mopulérkeun aksara Jawa-Sunda babarengan jeung Karrel
Frederick Holle.
RH Moehamad Moesa ogé kungsi
ngaluluguan nyieun sakola Éropa (Bijzondere Europeesche School) henteu
ukur keur barudak pribumi waé, urang Walanda ogé dimeunangkeun dialajar di
Sakola Moehamad Moesa. Awéwé jeung lalaki disakelaskeun, teu dipisah jeung teu
dibéda-bédakeun. Ieu sakola téh mangsa harita mah kasebut rada mahiwal.
Demi waragadna, nya kapaksa udunan dikumpulkeun ti para ménak Limbangan –pikeun
mayar guru Walanda 2 urangeun.
Sanajan rada teu parok, barudak
pribumi jeung barudak Walanda disakelaskeun –awéwé lalaki dihijikeun. Muridna kaitung lumayan loba, aya kana 100
urangna. Kakarak dina taun 1876, pamaréntah Walanda bet hayang méré subsidi anu
gedéna 100 gulden sabulan –upama nilik
kana catetan sajarah, tokoh Moehamad Moesa perlu ditalungtik deui anu leuwih
gemet minangka Bapak Pendidikan Indonesia.
Ceuk Profesor Dr. Mokihiro Moriyama
ti Jepang, nétélakeun yén urang Sunda hususna jeung bangsa Indonésia umumna
moal saperti ayeuna upama teu aya tokoh anu merjuangkeun dunya atikan saperti
RH. Moehamad Moesa –Mokihiro ngahaja datang ti Jepang ngaluuhan “Silaturahmi
rundayan RA Natalegawa” di Graha El Nusa Jakarta, 30 November 2008.
Tapi urang Sunda –hususna urang Garut- teu ngngeuh
ngajénan kana tapak lacak perjuangan karuhunna. ‘Kepeloporan’ urang Sunda dina
sagala widang, henteu weléh kasilihkeun ! duka kunaon.
Raden Ayu Lasminingrat
“Mun ulin ka Bandung, aya ngaran
jalan Kautamaan Istri.
Puguh matak kagét, ngaran Kautamaan
Istri diabadikeun dipaké ngaran jalan.
Ari jalmana nu ngawujudkeun sakola
Kautamaan Istri, henteu disabit-sabit sama sakali.
Malahan bangun nu kapopohokeun ku
saréréa, nyaéta: RA Lasminingrat.”
Raden Ajoe Lasminingrat |
Raden Ayu Lasminingrat téh putrana
Hoofpanghulu Raden Haji Moehamad Moesa ti geureuha: Raden Ayu Ria. Anjeunna
lahir di Balubur Limbangan Garut taun 1843. Ngagaduhan 2 rai istri anu saibu-sarama:
Nyi Raden Ratnaningrum jeung Nyi Raden Lenggang Kencana. Lasmi alit kedah pisah
sareng kulawargina, ngalih ti Garut ka Sumedang kanggo diajar maca; nulis;
jeung teu kantun diajar basa Walanda. Di Sumedang dirorok jeung diaku anak ku
sobat ramana nu urang Walanda, Levyson Noorman. Ku asuhan Norman, Lasmi janten
hiji-hijina wanoja pribumi anu mahir nulis jeung nyarios basa Walanda. Sabada
akil balég, ditikahkeun ka Radén Tamtu putra Pangéran Sugih –ménak Sumedang, ngan teu lami da maot.
Ibu Lasmi disaur ku ramana mulih ka Garut sarta ditikahkeun ka Wiratanudatar
VIII (janten istri kadua) taun 1871, anu sawatara lami ti harita dibenum jeneng
Bupati Garut. Pangaresep kana nulis atanapi ngarang waktos di Sumedang, tetep
dilakonan ku anjeunna mangsa mulih deui ka Garut. Taun 1875 anjeunna nerbitkeun
buku Tjarita Erman nganggo basa Sunda –mangrupi terjemahan ti
Christoph von Schmidt. Buku ieu dicetak 6.015 eksemplar kalawan nganggo
aksara Jawa –taun 1911 dicetak ulang nganggo aksara Jawa, taun 1922 nganggo
aksara Laten. Taun 1876 nerbitkeun buku Warnasari atawa Roepa-roepa
Dongeng Djilid I nganggo basa Sunda dina aksara Jawa –mangrupi
terjemahan tina buku Vertelsels uit het Wonderland voor Kinderen, Klein en
Groot (1872) tulisan Marchen von Grimm jeung JAA Goeverneur. Sataun ti
mangsa harita, Djilid II na diterbitkeun –dicetak
ulang taun 1887; 1909 ; 1912 dina aksara Jawa jeung Laten. Buku-buku anu
dikarang ku anjeunna téh eusina nyumponan kana selera barudak jeung ngeunah
dibacana. Ku kituna, teu salah lamun ibu Lasmi disebut panulis wanita nu
munggaran atawa sastrawati Sunda nu munggaran, sahenteu-henteuna atuh: panulis
wanita entragan munggaran.
Ngeunaan karancagéan ibu Lasmi,
bangunna mah turunan ti ramana. Ramana teh kagolong pangarang anu geus kamashur,
nu katelah Raden Haji Moehamad Moesa –Kapala
Panghulu Kabupaten Garut nu ngarangkep jadi Panaséhat Pamaréntah mangsa harita,
kitu deui sareng raina ibu Lasmi nya éta R. Kartawinata, kakenal sabage penulis
Sunda.
Kulantaran ibu Lasmi téh geureuhana
Bupati Garut, nyaéta RAA Wiratanudatar VIII, balaréa reremenna nyebutna téh Ibu
Ayu Lasminingrat –ari sesebutan dalitna
mah, Ibu Lasmi baé.
Numutkeun katerangan mah, di
sagigireun salaku sastrawati Sunda nu munggaran, ibu Lasmi ogé mangrupa wanita
Sunda munggaran nu bisa kana basa Walanda. Kamampuhan kana basa deungeun téh
teu ukur kawatesan dina paguneman jeung jalma-jalma biasa, tapi ogé jeung para
gegedén Walanda mangsa harita –malahan jeung Gubernur Jendral ogé dipaké
basa loma.
Lian ti éta, pangaweruhna ngeunaan
basa Walanda digunakeun pikeun nyalin buku-buku basa deungeun kana basa Sunda –anjeunna
nyalin buku-buku deungeun ancokeuneun pikeun atikan barudak. Kamampuh ibu
Lasmi anu samodel kitu teh, matak ngondang pamujian ti Karrel Frederick Holle –Tuan
Kawasa. Saperti eusi surat anu ditulis Holle ka PJ Veth : “Anak
perempuan penghulu yang menikah dengan Bupati Garut, menyadur dengan tepat
cerita-cerita dongeng karangan Grimm, cerita-cerita dari negeri dongeng (Oleg
Goeverneur), dan cerita-cerita lainnya ke dalam bahasa Sunda”.
Ngeunaan atikan barudak –utamana mah
kana atikan barudak awéwé-, bangunna jadi bahan pamikiran anjeunna.
Pamustunganana, nya anjeunna ngadeukeutan urang Walanda nu baroga pangaruh,
antarana : Controleur Assisten Resident Dokter Meulder, KF Holle (Panaséhat
Pamaréntah Hindia Walanda, ogé Administrator Perkebunan Teh Waspada Cikajang
anu gawé bareng jeung RH Moehamad Moesa). Urang Walanda nu baroga pangaruh,
saterusna jadi batur gawé babarengan –nepi ka ngembarkeun murid nu naék
kelas ogé dibacana ku Controleur Walanda.
Jigana ibu Lasmi sadar, ngaliwatan
urang Walanda, usaha téh bisa leuwih lancar jeung kapetik hasilna –nepi ka
saurang Controleur Walanda (jabatan sahandapeun Assisten Residentt Pamongpraja)
daék dititah pangmacakeun daptar barudak nu naék kelas di sakolana.
Ibu Lasmi mimiti ngadegkeun sakola
nu dicita-citakeunana téh taun 1907 –husus pikeun budak awéwé nu dibuka di
kota Garut.
Pikeun rohangan diajarna, kapaksa
ngagunakeun rohangan tempat nyimpen gamelan di gedong kabupatén –gamelanana mah
teuing dikamanakeun. Guruna diusahakeun ti antara dulur-dulurna, saperti :
Surianingrum –Gan Enong; jeung putu ibu Lasmi nyaeta R. Rajakusumah –sok disebut Atang Mimi. Guru
sejenna didatangkeun ti Bandung, jenenganana Ibu Murtasiah –Ibu Emur.
Lantaran dina mangsa harita mah loba
kénéh nu baroga pamadegan yén kaum wanoja mah teu perlu sakola nu penting bisa
digawé di dapur jeung bisa ngaladénan salaki, ku kituna pikeun munggaran mah nu
sakola téh barudak wargi ibu Lasmi baé ditambah barudak pagawé nagri nu geus
meunang panglelemu.
Ku kalungguhanana salaku Radén Ayu
Bupati, usahana téh teu pati nyanghareupan halangan gedé. Sakabeh jalma nurut,
komo bari dibantu ku para pajabat Walanda nu boga kalungguhan luhur mah. Dokter
Walanda Meulder, loba pisan ngabantuna. Waktu ibu Lasmi madep ka Gubernur
Jendral di Istana Bogor ogé, nya Dokter Meulder pisan nu maturanana téh. Ibu
Lasmi ka Gubernur Jendral seja ménta pangrestu ngadegna sakola kaputrian téa,
nu disebut “Vereeniging (Pakoempoelan) Kaoetamaan Istri”.
Teu disangka, taun 1911 sakolana
mesat –dugi ka ngagaduhan murid 200 urang, kalayan 5 wangunan kelas di gigir
pendopo.
Maksud ibu Lasmi ngawangun sakolah
téh, kagugah ku Déwi Sartika anu remen datang ti Bandung ka Garut pikeun
madungdengkeun sakola jang ngatik barudak awéwé –tidituna mah Déwi Sartika
téh ménta pituduh jeung pituah-pituah ka nu jadi indung. Hal kitu téh
lantaran Déwi Sartika uningaeun yén ibu Lasmi kagungan perhatian nu gedé kana
widang atikan, ogé kagungan kaunggulan-kaunggulan dina widang sejenna.
Déwi Sartika nyanghareupan hahalang
pikeun ngadegkeun sakola anu dicita-citakeunna téh, nya éta idin ti Bupati
Bandung RAA Martanagara –pédah ramana Déwi Sartika nu jenenganna Radén
Somanagara (waktos Déwi alit kénéh, nuju yuswa 9 taun) dibuang ka Ternaté,
dianggap kalibet kana usaha rék maéhan Bupati Bandung katut pajabat Walanda di
Bandung. Janten RAA Martanagara nganggap Déwi Sartika téh, anak musuh
pulitikna. Katambah-tambah sakola pikeun barudak awéwé dijaman harita mah
kapan tacan ilahar; salian ti ngarémpak adat kabiasaan, oge gedé pisan
pimatakeunana. Sanggeus sababarahakali ditolak, Déwi Sartika muntang ka bojona
wadana Cicalengka nya éta Nyi Raden Mojaningrat (putrana ibu Lasmi). Déwi
Sartika dititipkeun ka ua na Mojaningrat nu jeneng patih Cicaléngka tug nepi ka
dalit sareng ibu Lasmi.
Raden Ajoe Lasminingrat (calik nganggo acuk hideung) sareng RAA Wiratanoedatar VIII (ngadeg paling tengen) |
Ningal kaayaan kitu, ibu Lasmi teu
cicingeun kalayan bantosan carogéna (RAA Wiratanudatar VIII –Bupati Garut)
ngalelemu RAA Martanagara supados masihan idin ka Déwi Sartika. Saparantos aya
paguneman catur sareng RAA Wiratanudatar VIII, ahirna RAA Martanagara masihan
idin ka Dewi Sartika kanggo ngadegkeun Sakola Istri di Bandung taun
1904.
Pikeun meunangkeun guru; meunangkeun
murid didikeuneun; jeung waragad ngokolakeun sakola, nya kudu ditanggung jeung
jadi bahan pamikiran ibu Lasmi. Lian ti éta, ngeunaan buku pangajaran jeung
bacaan katut pangajaran anu kudu diajarkeun geus karuhan lain pasualan nu
énténg-énténg –komo pikeun pantaran sakola kaputrian nu sasat masih mangrupa
panaratas mah. Untungna téh, ngeunaan buku bacaan jeung karajinan tangan
pikeun wanoja mah bisa diungkulan ku kamampuh ibu Lasmi ku anjeun. Buku-buku
bacaan mah ngagunakeun buku-buku karangan atawa salinan karyana sorangan jeung
nu jadi ramana. Di Sakola Kautaman Istri, diajarkeun rupa-rupa kabinékasan anu
aya patula-patalina sareng kahirupan rumah tangga, kaya-kayaning : masak;
ngarapihkeun pakéan; ngumbah; nyeuseuh; jeung ngaput pakéan. Tujuanna, sangkan
isuk jaganing geto mangsa mangkat dewasa tiasa ngabahagiakeun salaki jeung
anak, oge bisa ngagawean sorangan naon bae anu aya hubunganna sareng rumah
tangga. Karajinan tanganna, diantarana :
1.
Dangdaunan dikeueum dina leutak
meunang sababaraha poé, dimangpaatkeun seratna, teras diwarnaan dijadikeun
hiasan (ornamént);
2.
Ganas –boh ganas biasa atawa ganas peutas- seratna bisa diwarnaan dijieun
mangrupa barang-barang;
3.
Guntingan-guntingan kaén sésa
kaputan, disusun; diatur; jeung dikaput nepi ka ngawujud jadi taplak méja,
tilam diuk, jeung simbut;
4.
Dina hal ngarajut, ngabordél,
ngabatik, jeung nyulam, mangrupa pagawéan anu ilahar pikeun Lasminingrat mah.
Sawadina dipikaweruh, yén sanggeus “Vereeniging
Istri Schoolen” diaku jeung disahkeun ku pamaréntah mangsa harita, kalawan
Akte No. 12 tanggal 12 Pébruari 1913, muncul sakola-sakola Kautamaan Istri di
sawatara kabupatén di Jawa Barat, saperti : Bandung; Tasikmalaya; Cianjur;
Sukabumi; Cicurug; Purwakarta; jeung Rangkasbitung. Di Garut jadi nambahan 2
sakola, terus dina taun 1934 ngadeg deui di distrik Tarogong/Kota Wetan Garut;
Cikajang; jeung Bayongbong.
Taun disahkeunana Sakola Kaoetamaan
Istri téh dina taun 1913, méh bareng jeung mimiti ngadegna sakola Kartini di
Bogor –sanggeus ngadegna Kartini Fonds,
nya éta hiji organisasi nu diadegkeun ku urang Walanda.
Saparantos carogéna pangsiun tina
kalungguhan Bupati Garut –digentos ku RAA Suria Kartalegawa- ibu Lasmi
ngalih ti pendopo ka bumi di Regensweg/Jalan Siliwangi. Bumi anu
dicalikan ku ibu Lasmi, kiwari janten Yogya Department Store. Dugi ka yuswa 80,
anjeunna masih aktip di dunya atikan –sanaos henteu sacara langsung.
Waktu jaman Jepang, Sakola Kautamaan Istri gentos nami janten Sekolah Rakyat
(SR) jeung ngawitan nampi murid lalaki. Taun 1950, SR gentos nami janten
Sekolah Dasar Negeri Ranggalawe 1 jeung Sekolah Dasar Negeri Ranggalawé 4 -sapagodos
sareng ngaran tempatna di Jalan Ranggalawé- anu dikokolakeun ku Dinas
Pendidikan dan Kebudayaan Daerah Tingkat II Kabupaten Garut. Taun 1990 gentos
deui janten SDN Regol VII jeung SDN Regol X, dupi tempatna mah angger di
leresan Jalan Ranggalawé nyambung jeung belokan anu ka Jalan Kiansantang
Kecamatan Regol Kabupaten Garut.
Pikeun panghargaan kana yasa-yasa nu
kungsi disumbangkeun pikeun kapentingan masarakat, ibu Lasmi ku Pamaréntah
Hindia Walanda dibéré anugrah Bintang Emas jeung bantuan tetep unggal
bulan 160 gulden.
Mangsa perang kamerdékaan taun 1946,
ibu Lasmi kungsi ngungsi ka Waaspojok. Tetep renggenek didinya dina
waktos sababaraha lamina, dugika anjeunna teu damang wales.
Ibu Lasmi mulih ka jati mulang ka
asal, ping 10 April 1948 di Garut dina yuswa 105 taun. Saméméh tilar dunya, ibu
Lasmi ngawakafkeun tanah warisan ramana –nu ayeuna jadi Alun-alun;
Babancong; jeung Masjid Agung Garut.
Mugia Alloh SWT nampi kana sagala
amal saé anjeunna, sareng maparin ganjaran anu satimpal ka anjeunna –Radén Ayu Lasminingrat.
Amiiiiin…
***