Teureuh
Kuru
Batin Déwi Sayojanagandi atanapi Déwi
Gandawati, lir kapuk anu kabawa angin. Kokoléangan néang geusan pamuntangan,
dirina katurug katutuh katindih ku kari-kari. Anakna taya nu nyésa, tilar dunya
ninggalkeun dirina pikeun salawasna. Kawas tunggul anu teu sirungan, catang anu
teu supaan. Anakna anu dipicangcam baris ngabahu denda jadi ahli waris tahta
karajaan Astina, sirna. Unggal wanci neneda ka Hyang Oti Pati Jagat Nata, malar
teureuh Kuru bakal manjang. Kupantengna ngadu’a, aya wangsit: ‘teureuh Kuru bakal manjang mun minantuna
pacampur getih jeung Bagawan Wyasa’.
Sanajan beurat nepikeun wangsit ka
minantuna –Déwi Ambika jeung Déwi
Ambalika, teu burung Déwi Sayojanagandi nguatkeun haté nepikeun wangsit
dewata. Atuh puguh waé tumerapna ka Déwi Ambika jeung Déwi Ambalika, asa
dipupul bayu. Kilang kitu, demi langgengna katurunan Kuru sarta wujud babakti
ka lemah cai, Déwi Ambika katut Déwi Ambalika baris ngalaksanakeun pancén ti
ibu mertuana. Bisma kautus ku Déwi Sayojanagandi pikeun nepungan Bagawan Wyasa
alias Abyasa sarta dipapadonan nepikeun wangsit ti Batara Tunggal. Bagawan
Abyasa –anu seukeut panénjo batinna,
nohonan kana kahayang Déwi Sayojanagandi. Saméméh nedunan kahayangna, Abyasa
tapa brata heula di Gunung Retawu sataun lilana, ngarah getih anu bakal
dicicikeunna: jadi satria anu utama.
Wanci anu dipasinikeun teu burung
ngabukti, Abyasa –saréngséna tapa,
nepungan Déwi Ambika. Dina peuting anu munggaran, raga sang Bagawan Abyasa
sagebrug jeung Déwi Ambika. Waktu ngalakonan kawajiban, Déwi Ambika peureum –bakat ku gila ningali beungeut aki-aki anu
nindihan dirina. Sataun ti harita –tina
guha garbana Déwi Ambika, medal jabang bayi anu dingaranan: Drestaratya
atanapi Destarata. Kusabab waktu ngalakonan kawajiban jeung sang Bagawan Abyasa,
panonna peureum. Destarata, satria teureuh Kuru anu medal téh: lolong.
Dina peuting anu kadua, anu kagiliran
narima getihna Bagawan Abyasa téh nya éta: Déwi Ambalika. Waktu sang Bagawan
Abyasa nyicikeun birahina, pameunteu Déwi Ambalika: pias –bakat ku sieun ningali beungeut aki-aki anu goréng rupa. Sataun ti
harita –tina guha garbana Déwi Ambalika,
medal satria anu: hadé rupa tur hadé wanda, ngan hanjakal beungeutna pias kawas
anu kurang getih. Éta jabang bayi dingaranan: Pandu Déwanata. Waktu Bagawan
Abyasa datang deui ka karaton Astina –pikeun
nyicikeun cai kentel anu pamungkas, Déwi Sayojanagandi ngagupay Déwi
Ambalika sarta meredih sangkan daék sakali deui marengan sang Bagawan Abyasa.
Dewi Ambalika teu bisa mungpang pameredih ti ibu mertuana sarta nyanggupan, sok
sanajan bari kapaksa ogé. Kersaning déwata, ujug-ujug ngolébat kalangkang Datri
–emban karaton. Gasik Déwi Ambalika
nepungan Datri, sanajan batinna mah baruntak tur nogéncang. Datri sang emban
karaton, teu wasa nolak paréntah ti dununganna. Datri di dangdanan, nyeplés
kawas Déwi Ambalika. Sataun ti harita –ti
emban Datri, medal satria anu dingaranan: Widura. Sang Widura sukuna
pincang –éta téh karma ti déwa, wawalés
ka anu nogéncang haténa.
Haté Déwi Sayojanagandi, bungangang.
Impianna geus ngawujud, teureuh Kuru teu pegat turunan. Tanda tumarima ka déwata,
Déwi Sayojanagandi ngayakeun sukuran. Pirang-pirang sasajén disébakeun ka Hyang
Oti Pati Jagat Nada.
Anak
Anu Kadalapan
Kacaturkeun kaayaan di nagara Matura –sabagéan dalang di tatar Sunda, sok nyebut:
Madura. Sakumna rahayat, ngarasa teu tingtrim. Unggal wanci dikukuntit ku
karisi, unggal mangsa di udag-udag ku kahariwang. Inggis dirina katut
turunanna, diasupkeun ka pangbérokan. Tong boroning dina salahna, anu tara
nincak salah ogé baris dicangkalak mun sakali mangsa cacarita ngeunaan raja
atawa ngungkab borokna karajaan. Raja Kangsa, kacida sarakahna tur telenges.
Kejem teu boga rasa kamanusaan. Anu lain dienyakeun, anu enya dianggap lain.
Bener téh ceuk ukuran dirina, alus jeung hadé dumasar kereteg haténa. Dina hiji
mangsa, Raja Kangsa katatamuan ku Hyang Narada –wiku ti Sawargaloka nepikeun wangsit ti Hyang Oti Pati Jagat Nata,
yén: ‘anu jadi raja Madura baris tiwas ku
leungeun anak Déwaki anu kadalapan’. Déwi Déwaki téh, pamajikan pamanna
Raja Kangsa anu katelah: Wasudéwa (Basudéwa).
Narima béja ti Hyang Narada, Raja Kangsa
ngarasa reuwas. Asa dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan, ngarasa kaancam
patina. “Geuning diri aing téh lain anu
pangpunjulna. Kulit aing anu weduk teu tembus pakarang, tulang aing anu teuas
tibatan waja. Baris ancur ku hiji satria. Saméméh aing palastra, orok anu medal
ti guha garbana bibi Déwi Déwaki, ku aing rék dipergasa. Sangkan wangsit ti Oti
Pati, teu ngabukti”, kitu gerentesna batin Raja Kangsa.
Anu dipikahariwang ku Raja Kangsa, némbongan.
Déwi Déwaki –bibina Raja Kangsa,
kakandungan. Ngadéngé Déwi Déwaki rék ngalahirkeun, Raja Kangsa ngutus
senapatina pikeun mawa jabang bayi anu rék medal pikeun dipaténi. Atuh kacida
telengesna, waktu sang jabang bayi medal ka alam pawayangan, langsung dipaténi.
Pangeusi karaton hujan cimata, ngilu sungkawa ka Déwi Déwaki anu haténa
disasaak ku Raja Kangsa. Malahan, unggal Déwi Déwaki ngalahirkeun, orokna
langsung dipaéhan.
Waktu Déwi Déwaki kakandungan anu kadalapan
kalina, jabang bayi anu masih dikakandung téh ku Dewi Nidra –widadari anu ngurus ngeunaan saré
dipindahkeun kana beuteung Déwi Rohini –selirna
Basudéwa. Keur gantina, jabang bayi anu dikandung ku Déwi Yasoda
dipindahkeun kana beuteung Déwi Déwaki.
Kacaturkeun dina waktu Déwi Déwaki rék
ngalahirkeun, Raja Kangsa geus ngajega di lawang kamar Déwi Déwaki. Orok anu
disangka anakna Déwi Déwaki téh, harita kénéh dipaéhan. Méh sawaktu jeung Déwi
Déwaki ngajuru, Déwi Rohini ogé ngalahirkeun jabang bayi anu dingaranan: Krésna
–anu sabenerna mah anakna Déwi Dewaki.
Krésna –satria anu awakna hideung
lestreng, dirorok ku Déwi Yasoda. Ti mimiti medal ka alam pawayangan, teu
weléh diaping ku Déwa Wisnu –malah nepika
nitisna.
Waktu manjing rumaja, Krésna ngajanggélék
jadi satria anu sakti mandraguna tur wijaksana. Teu weléh nulung ka nu butuh,
nalang ka nu susah. Kasaktian jeung wawanén Krésna, kaambeu ku Raja Kangsa.
Raja Kangsa ngutus senapatina sangkan bisa ngajagragkeun Krésna ka hareupeun
dirina, hayang nyaksian kadigjayaanna Krésna.
Kocapkeun, Krésna geus aduhareupan jeung
Raja Kangsa. Teu panjang catur, Krésna langsung nangtang ka Raja Kangsa.
Ngarasa dilédék, Raja Kangsa ngagero jago Madura pikeun nyangkalak Krésna. Tapi
ngan sageprakan, jago Madura ngajurahroh tepi ka ajalna. Raja Kangsa teu béakeun
akal, Krésna rék diuji heula mesat tali gondéwa saméméh tarung patutunggalan
jeung manéhna. Éta tali gondéwa, kacida beuratna. Anu bisa metot tali gondéwa téh
ngan déwa nu pangsaktina. Tapi ku Krésna, tali gondéwa téh ngan sakiceup: pegat
–sarta gondéwana, potong. Ningali
pusakana ancur, Raja Kangsa geuwat ngaluarkeun sababaraha puluh gajah pikeun
ngaleyek Krésna. Ku kasaktén Krésna, sirah-sirah gajah téh ancur sarta awakna
amburadul. Ningali ka ayaan saperti kitu, Raja Kangsa napsu teu kapegung,
amarah teu kawadahan. Laju narajang Krésna, ngan sageprakan, Raja Kangsa
nemahan pati. Paéhna Raja Kangsa, dibagéakeun ku pesta anu rongkah di sakuliah
nagara. Rahayat Madura ngarasa bungah amar wata suta, bungah ka giri-giri. Naon
anu diwangsitkeun ku Batara Narada, ngabukti. Raja Kangsa bakal tiwas ku anak Déwaki
anu ka dalapan.
Sanggeus Raja Kangsa tiwas, Krésna
ingkah ti Madura rék niiskeun pikir bari néangan jodo. Waktu keur ngalalana, Krésna
kajamparing asih kapentang asmara ku Déwi Rukmini –siwina Raja Bismaka ti nagara Widarba. Déwi Rukmini diiwat ku Krésna
bari rék nyoba kasakténna Raja Bismaka. Prajurit karajaaan Widarba dikeprak
pikeun nyerek Krésna, tapi teu manggap pulia ngayonan kasaktén Krésna. Prajurit
jeung Raja Bismaka serah bongkokan ka Krésna, anu antukna Raja Bismaka
masrahkeun siwi (anak awéwé) na pikeun hirup marengan Krésna. Saterusna, Krésna
diistrénan jadi Raja Dwaraka (Dwarawati) kalayan ku déwata dibéré gelar:
Batara.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar