Satria
Awangga
Teu anggang ti nagara Astina, aya
karajaan leutik anu kaayaan nagrina: sepi tingtrim, subur ma’mur lohjinawi.
Suwung ku riributan tur towong ku rampog. Raja di éta nagara, ngaranna
Kuntiboja. Sang raja kacida dipicinta ku rahayatna, sabdana teu weléh diturut –malah jadi cecekelan dina hirup kumbuh
sakumna rahayat. Sakur anu ngadongdon éta nagri, ngarasa betah tur
tumaninah –nyeueung nagri anu asri sarta
pangeusina anu soméah hadé ka sémah.
Dina hiji waktu, Raja Kuntiboja
katatamuan ku hiji Brahmana anu ngaranna: Druwasa. Ti mimiti paamprok jonghok
jeung éta Brahmana, sang raja geus bisa ngobét jerona sang Brahmana –sabab, Raja Kuntiboja téh weruh disemuna
rancagé dihaténa. Ku kituna, waktu sang Brahmana nembrakkeun hayang
nganjrek di jero karaton dina sababaraha poé lilana –kalayan ulah aya anu ngusik-ngusik dirina, Raja Kuntiboja surti
kana eusining anu ditepikeun ku Druwasa.
Salila Druwasa nganjrek di karaton, teu
weléh diladénan sagala kaperluanna. Anu dipercaya ngaladénan tur marengan sang
Brahmana, nya éta: Déwi Kunti Nalibrata –putri
anu pang dipikaasih ku Kuntiboja. Saéstuna, Déwi Kunti Nalibrata téh lain
anak pituin raja Kuntiboja. Éta putri, satemenna mah anak kukut atawa anak
angkat Kuntiboja. Bapana putri anu sajati mah: Raja Suraraja –wangsa Yadawa, ku kituna, Déwi Kunti
Nalibrata masih teureuh getih Wresi.
Pangladén Déwi Kunti, kacida kapakéna ku
sang Brahmana. Salila nganjrek di karaton, ngarasa sugema. Minangka pamulang
tarima ka sang putri, Druwasa ngawaris mantra ka Déwi Kunti. Éta jampé pamaké
mun diucapkeun, baris bisa patepung lawung paamprok jonghok jeung déwata anu
dipikahayang ku sang putri.
Anting
jeung Baju Kontang
Samulangna Druwasa, mantra téh terus
diwirid ku Déwi Kunti. Enya baé, mantra anu diwariskeun ku sang Brahmana téh:
matih. Déwi Kunti Nalibrata bisa paamprok jonghok jeung Batara Surya. Méh
unggal Déwi Kunti ngaringkang, salawasna disorot ku cahaya Batara Surya –anu boga kawasa ngusik malikeun panon poé.
Lila-lila, Batara Surya kataji ku Déwi
Kunti –malahan, melentis rasa tresna.
Sang Batara Surya teu bisa ngabendung galura tresnana ka Déwi Kunti. Cahaya
Batara Surya asup kana guha garba Déwi Kunti, anu antukna sang putri:
kakandungan.
Tumerapna ka sang putri, mungguh matak
baluweng. Dirina masih parawan, tapi dak dumadak dina awakna bet aya jabang
bayi. Ti mimiti kakandungan, sang putri numpi di kaputrén –inggis katohyan ku pangeusi nagri. Sang putri teu wasa kudu
ngudulkeun eusi kandungan, sarta neneda ka Batara Surya sangkan jabang bayi
medal teu ngaliwatan guha garbana.
Cunduk waktu, ninggang mangsa. Nitih
kana wancina, jabang bayi anu dikandung ku Déwi Kunti –luyu jeung paménta Dewi Kunti, medal tina ceuli Déwi Kunti. Éstu
teu ilahar pisan, ahéng kacida. Patali jeung éta, orok anu lahir téh dingaranan:
Karna –anu hartina, ceuli. Anu kacida
ahéngna, éta orok waktu medal téh ceulina geus aya antingan –sarta geus maké baju anu ngaranna: Baju
Kontang. Éta anting jeung baju Kontang téh titis waris ti Batara Surya,
keur ngaping ngajaring Karna. Isuk jaganing géto –ku éta anting jeung Kontang, Karna awakna weduk –teu teurak ku pakarang, sarta moal
teurak ku rupa-rupa seungseureudan.
Waktu Karna lahir, Déwi Kunti gura-giru
ngasupkeun jabang bayi kana kandaga –peti,
inggis katohyan ku pangeusi karaton. Orok anu geus diasupkeun kana kandaga,
dilarung ka walungan Aswanadi. Waktu orok angkleung-angkleungan di walungan, Déwi
Kunti bedah cimatana. Cimata sang putri, jajap tepi ka éta kandaga téh palid ka
hilir. Sang putri neneda ka Hyang Otipati Jagatnata, sangkan nangtayungan Karna
tur miharep éta orok jadi satria anu utama.
Kusir
Kocapkeun aya kusir karaton anu geus
mancén gawé, rék ngamandian kudana. Waktu rék nyiuk cai walungan Aswanadi –di lelewek tanah Angga atawa Awangga,
karérét di sisi walungan aya kandaga. Basa peti dibuka, sang kusir –anu ngaranna: Adirata, ngarasa reuwas.
Orok anu dina kandaga, dirawu dipangku tur diciuman –sarta nganuhunkeun ka déwata anu geus méré anugrah jabang bayi anu geus
lila dipicangcam ku dirina.
Tina kandaga, aya salambar surat anu
eusina ngaran éta orok jeung aya kecap: mihapé, sangkan dirorok kalawan hadé
tur ngawanti-wanti kudu nyamunikeun indung anu ngakandungna. Adirata waktu maca
éta surat, narik napas panjang. Dirina baris ngajaga rasiah –éta rasiah baris dibuka dina mangsa Karna
geus sawawa.
Sanggeus maca surat wasiat, Adirata
geuwat mulang ka panganjrekanna. Sajajalan, orok téh diayun ambing ku hariring,
diéyong ku haleuang. Paroman Adirata, béar marahmay. Dirina asa kagunturan madu
karagragan menyan putih, lantaran geus lawas hayang ngéyong orok. Basa anjog ka
panganjrekanna, orok teh ditembongkeun ka pamajikanna. Pamajikan Adirata –liwat ti bungah, orok geuwat dirawu
dipangku, diciuman –kituna téh bari juuh
cimata, cimata kabungah anu taya wates wangenna. Ti saprak aya orok, imah
Adirata jadi hégar. Kekembangan anu dipelak di buruan, kawas anu ngilu bungah –cohagna, anu keur layu ogé ngadadak mekar
ngarandakah.
Karna, ku Adirata diaping dijaring –kawas ka anak pituin. Sagala kahayangna,
diayunkeun. Disiraman ku kahéman, dicéboran ku katresnan. Didama-dama, lir
nanggeuy endog beubeureumna. Waktu manjing rumaja, diatik ngeunaan kasantikaan.
Diwuwuh ku pangaweruh ngeunaan agama katut darigama. Pikeun ngundakkeun élmu
kasantikaan, Adirata nepungan sababaraha ahli perang jeung pandita. Waktu Karna
manjing sawawa, geus témbong tapis jeung mahér metakeun jamparing jeung gondéwa.
Atuh puguh waé Adirata ngarasa reueus jeung bagja anu taya hinggana, ceuk
gerentes batinna: “Karna baris jadi satria anu pinunjul di nagri Angga –Awangga”.
Isuk jaganing geto:
Karna –anak Déwi Kunti Nalibrata, getihna Batara Surya, dina mangsa Kurawa
ngawasa Astina, ku Suyudana diangkat jadi Adipati. Dina Perang Bharata –Bharatayudha, baris niwaskeun Gatot Kaca
tur bitotama jeung Arjuna –anu sasatna:
sagetih jeung Karna.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar