Krépa
jeung Krépi
Dihiji padépokan anu rada anggang ti
karaton Astina, Begawan Gotama anu kakoncara lébér élmu kasantikaanna, keur
ngasah kaparigelan mentangkeun jamparing ka Saradwan –putra kadeudeuhna. Élmu mentangkeun panah geus dicicikeun, sang bagawan
ngarasa sugema ku kaparigelan seuweuna. Minangka ujianna, sang bagawan méré
pancén moro sato ka leuweung anu aya disabudeureun lelewek padépokan.
Kacaturkeun, waktu Saradwan keur moro
mencek deukeut talaga, waktu rék mesat jamparing panonna ngarérét ka sisi
talaga. Katémbong, aya wanoja keur mandi. Jamparing ngadadak lésot tina gondéwa,
lat poho kana sato anu keur diboro. Manéhna ngeteyep ngadeukeutan talaga,
ngintip wanoja anu keur jongjon silanglang. Korosak, sora pangpung katincak ku
suku Saradwan. Si wanoja –anu taya lian
ti bidadari, gura-giru ka sisi talaga, nyokot samping sarta geuwat nutupan
oratna bari terus hanjat. Basa rék ngaléos, leungeunna dibetot ku Saradwan. Éta
bidadari kawas anu keuna ku beusi semprani, awakna anu masih baseuh paantel
jeung awak Saradwan. Sanggeus éling kana purwadaksina, geuwat ngépéskeun
leungeunna bari cong nyembah nepikeun eusi haténa sangkan geuwat dipihukum –sabab geus keuna ku kokotor dunya, pikeun
ngaberesihanna taya lian kudu dikawin ku Saradwan. Puguh baé, Saradwan
ngarasa bungah kacida bisa ngaboyong bidadari. Saterusna éta bidadari,
diasupkeun kana jero jamparing. Kersaning déwata, éta jamparing kakandungan
sarta ngalahirkeun orok sakembaran –awéwé
jeung lalaki. Anu awéwé dingaranan Krépi, anu lalakina dingaranan Krépa.
Krépa jeung Krépi ku Saradwan miwah ku
akina –Bagawan Gotawa, diatik élmu
kanuragan jeung élmu kasantikaan. Dina manjing sawawa, Krépa jeung Krépi
ngajanggélék jadi satria miwah wanoja anu sakti mandraguna sarta neruskeun
tapak lacak akina, ngasuh calon-calon satria anu utama.
Dorna
Dorna –putrana Resi Baradwaja ti padépokan Atas Angin, waktu keur rumajana
nyobat jeung Drupada –anak raja Pancala.
Waktu Drupada réngsé maguron, manéhna seja mulang ka lemah caina. Saméméh
papisah, Drupada ngaharéwos ka Dorna, mun perlu bantuan, datang wé ka nagri Pancala.
Kacaturkeun Dorna geus sawawa, ngarasa
perlu ingkah ti padépokan sarta geus wancina bubuara néangan kasab pangupa jiwa
katut kalungguhan. Ras dirina inget ka sobatna, Drupada –anu kabéjakeun geus jadi raja di nagri Pancala. Ti padépokan Atas
Angin ka nagri Pancala téh, kudu ngaliwatan sagara anu kacida legana. Waktu
Dorna keur ngahuleng –sabab bingung
pilampaheun, ujug-ujug aya kuda jangjangan anu datangna ti awang-awang. Éta
kuda mungguh ahéng bisa cacarita cara manusa, nawarkeun jasa pikeun meuntaskeun
ka nagri sebrang. Teu mikir panjang, clak Dorna numpak kuda. Anéh pisan, waktu
Dorna keur anjeucleu dina luhur kuda, karasa jeung karampa, beuteung kuda
ngabareuhan –kawas anu keur reuneuh. Barang
tepi ka tapel wates nagri Pancala, Dorna langsung turun tina kuda. Dirina
ngarasa hemeng, kuda anu ditumpakan ngudupruk kawas manusa nu rék ngajuru. Anu
kacida hemengna, éta kuda ngalahirkeun orok manusa. Can ogé tamat kareuwasna,
kuda robah wujudna jadi bidadari. Taya lian éta kuda téh, nya éta: Déwi
Wilotama –bidadari ti kahyangan.
Sanggeus ngalahirkeun, Déwi Wilotama
hiber ka méga malang. Sanggeus éling ka purwadaksi, geuwat orok téh dirawu
dipangku ku Dorna. Éta orok dingaranan: Aswatama,
Aswa hartina Kuda; Tama nyokot ti ngaran Wilotama –indungna. Éta ngaran, keur pangéling-éling ka indungna Aswatama anu
waktu ngalahirkeun nyamur jadi kuda.
Sanajan dirina hayang buru-buru jonghok
jeung Drupada, tapi éta karep ditunda heula. Ceuk pamikirna, teu hadé mun
nepungan sobatna bari ngangais orok.
Aswatama, kacida dipikanyaahna. Asihna
Dorna ka Aswatama, lir nanggeuy endog beubeureumna. Sagala kahayangna, tara
dipungpang. Unggal usik disiraman ku banyu asih anu pangweningna, sasatna kawas
beubeulahan nyawana.
Implik-implik:
Dina Kitab Mahabarata mah, pamajikan
Dorna téh: Krépi. Pangna anakna dingaranan Aswatama, sabab waktu Aswatama medal
ka alam pawayangan, dibagéakeun ku sora kuda. Sanajan béda vérsi, lebah beuti harti mah sarua –ngaran Aswatama, nyoko kana: Kuda. Malah dina carita wayang golék
purwa mah diémbohan, cenah sukuna Aswatama blég kawas suku kuda –ganjor pisan jeung suku mahluk pawayangan séjénna.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar