Aya
kecap basa Kawi anu geus jadi kacapangan kolot-kolot urang, nya éta: Siti;
Paksi; Curiga; Turangga; lan Wanita.
Siti,
hartina: lemah; tanah; atanapi pakarangan. Paksi, hartina: manuk (babakuna,
manuk titiran). Curiga, hartina: gagaman atanapi pakarang anu pamoran.
Turangga, hartina: tutunggangan (babakuna, kuda). Wanita, hartina: awéwé;
istri; atanapi pamajikan.
Tutunggangan
Lima rupa –siti; paksi; curiga; turangga; wanita anu jadi babaku kapercayaan,
dianggap gedé perbawa atawa mamalana ka anu miara. Kusabab aya éta kapercayaan,
kolot-kolot baheula mah tara gagabah miboga barang anu lima rupa téh.
Contona waé, Turangga –tutunggangan. Dipercaya yén aya
perbawana, aya watekna nurutkeun kana wanda jeung ciri-ciri anu aya dina
dirina. Kudu baé kuda diilikan heula kukulinciranana jeung ciri wancina nu
lianna. Dina ieu tulisan, rupa-rupa caturangga kuda anu hadé atanapi anu goréng.
1.
Bendana-Katutan:
kuda anu aya kukulinciran dina suku hareup beulah katuhu. Perbawana: kana
rejeki matak lésang kuras, matak kabandang ku musuh.
2.
Bendana-Nututi:
kuda anu kukulinciran dina suku hareup beulah kénca. Perbawana: matak jaya ka
anu bogana tur diajénan ku sasama.
3.
Bendana-Rimbak:
kuda anu aya kukulinciran dina suku tukang beulah katuhu. Perbawana: matak jadi
halangan, anu bogana sok mindeng gering tur nungtun panyakit.
4.
Bengeng-Tuna:
kuda anu kukulincirannana tengah-tengah susurina. Perbawa: matak apes jeung
cilaka, ka anu keur jeneng matak dilepas.
5.
Buaya-Ngangsar:
kuda anu aya kukulinciran dina beuteungna. Perbawana: teu kaop dibawa meuntas
sok tuluy depa dina cai, watekna kurang hadé.
6.
Buntel-Mayit:
kuda anu buntutna ngabundel (muntel bulu buntutna). Perbawana: matak téréh maot
ka anu miarana, lamun dipaké perang tinangtu anu tumpakna pinanggih jeung ajal.
7.
Dangdang-Aring:
kuda anu kukulinciranna ngan sahiji tur tuna (tuna, nya eta: tukang teuing
atanapi handap teuing). Perbawana: sagala matak tara jaradi, komo ka anu nyekel
pangkat mah.
8.
Dangdang-Kirab:
kuda anu aya kukulinciran dina gigir beuheungna. Perbawana: matak mindeng
kapapaténan ka anu bogana, lamun dibawa perang tangtu nu tumpakna bakal dipeuncit
musuh.
9.
Durga-Jaya:
kuda dawuk, aya kukulinciran opat dina sirahna. Perbawana: matak unggul dina
perang tur dipikasérab ku nu lian, watekna hadé pisan.
10.
Durga-Ngerik:
kuda anu aya kukulinciran dina létahna. Perbawana: ngadeukeutkeun pajogrégan
jeung tatangga, matak apes jeung diunghak ku bojo.
11.
Durga-Remeng:
kuda hideung mulus, teu aya matina duanana (mati, nya éta: kukulinciran anu
deukeut ceuli, biasana dua ramo tukangeun ceuli). Perbawana: gedé pisan
mawatna, beunang dipaké tumbal nagara keur panulak bahla. Matak suwung musuh,
anu miarana tangtu pinanggih kabungahan salawasna, parek rejeki jeung jauh tina
bala’i.
12.
Gedong-Mineb:
kuda anu kukulinciran opat deukeut matana (utamina, kulincir handapeun matana).
Perbawana: mawa rikrik-gemi ka anu miarana, matak beunghar jeung réa datang
rejekina, tapi teu réa miceunna.
13.
Jaga-Musuh:
kuda anu aya opat kukulinciran dina sirahna. Perbawana: matak ngajauhkeun
pancabaya jeung moal éléh lamun dibawa perang.
14.
Kala-Anjing
Laki: kuda anu aya kukulinciran dina saluhureun cécékolannana. Perbawana: matak
hayang ngaragragkeun baé ka anu numpakna.
15.
Kala-Cacing:
kuda anu aya kukulinciran dina bujurna. Perbawana: matak mindeng manggih wirang
ka anu bogana.
16.
Kala-Cetik:
kuda anu aya kukulinciran dina tétépokanana. Perbawana: matak nungtun raja
wisuna, mindeng dipitenah.
17.
Kala-Cuwet:
kuda anu aya kukulinciran dina kakawetna. Perbawana: matak cilaka jeung apes.
18.
Kala-Kepipit:
kuda anu aya kukulinciran dina embun-embunan. Perbawana: matak cilaka ka anu
bogana, lamun ditumpakan tangtu nyilakakeun (tampolana nepi ka matak maot).
19.
Kala-Misani:
kuda anu aya kukulinciran dina kélékna beulah kénca. Perbawana: matak cilaka
gedé nepi ka nemahan pati jeung nungtun bahla ka anu bogana.
20.
Kalabang-Kapipit:
kuda anu aya kukulinciran di gigirna. Perbawana: nu bogana matak mindeng
kapapaténan, mawa cilaka gedé jeung tumpur ludes.
21.
Maduguntur:
kuda daragem cidet, matana sok pepeleyéan. Perbawana: hadé tur pantes jadi
titihan bupati atanapi ratu.
22.
Manguntapa:
kuda sopal sukuna beulah kénca. Perbawana: nungtun kana karahayuan.
23.
Mégatura:
kuda hideung meles, bodas buntut jeung ceulina. Perbawa: matak junun kana ngélmu,
pantes jadi titihan ulama atanapi priyayi.
24.
Naga-Lanang:
kuda anu kukulinciran dina kakawetna. Perbawana: mawa kana ngajak nyandung
jeung matak ngarapihkeun maru, alus mun dipiara ka anu sok ngawayuh.
25.
Nilakunti:
kuda anu kukulinciran dina saluhureun biwirna. Perbawana: matak unggul perang,
alus keur tutunggangan prajurit.
26.
Panambang-Ngarsa:
kuda anu kukulinciran dina suku tukang beulah kénca. Perbawana: matak jaya ka
anu boga tur diajénan ku sasama.
27.
Panggung-Lungguh:
kuda anu aya kukulinciran dina suku opatannana. Perbawana: lamun dipiara ku anu
nyekel pangkat, matak dipikahéman ku saréréa.
28.
Raksa-Jaga:
kuda anu lima kukulinciran dina sirahna. Perbawana: matak raharja nagara, alus
jadi ingon-ingon raja.
29.
Raja-Wana:
kuda anu aya kukulinciran tilu dina huluna. Perbawana: pureut (bangénan) kana
dipaké moro, tur alus jadi tutunggangan priyayi.
30.
Sampar-Bangké:
kuda sopal suku hareup beulah katuhu. Perbawana: matak réa anu paraéh.
31.
Sandung-Baya:
kuda sopal suku hareup duanana. Perbawana: matak kabendon keur anu nyekel
pangkat.
32.
Satria-Kapanggul:
kuda anu kukulinciran dua dina sirahna. Perbawana: matak dipikangéwa ku
dunungan jeung réa musuh.
33.
Satria-Pinayungan
(Satria-Kinayungan): kuda anu kukulinciran dina beulah kénca bobokongna.
Perbawana: matak gedé darajat, téréh naék pangkat tur jadi pangauban ratu.
Pantes keur tutunggangan ratu atanapi dipiara ku priyayi.
34.
Satria-Sureng:
kuda anu matina anu sabeulah tuna. (Mati, nya éta: kukulinciran anu deukeut
ceuli, biasana dua ramo tukangeun ceuli. Tuna, nya éta: tukang teuing atanapi
handap teuing). Perbawana: lamun dipiara ku anu pangkat, matak dipocot. Réa
pitenah jeung mawa surud rejeki.
35.
Seri-Padati:
kuda daragem, héjo talapokna. Perbawana: hadé pisan, matak kaseundeuhan ku
rejeki jeung kanu bogana matak beunghar.
36.
Sujén-Terus:
kuda anu aya kukulinciran dina kekemplongna. Perbawana: matak sial jeung teu
kendat ku kasusah, réa pitenah jeung cilaka ku musuh.
37.
Suku-Panggung:
kuda anu kukulinciran opat dina sukuna. Perbawana: matak pinanggih karahayuan
jeung suwung musuh. Pantes jadi tutunggangan para pangagung.
38.
Sunggur-Wacana:
kuda anu kukulinciran dina uang-uangna. Perbawana: goréng matak meunang padu
atanapi kemil (matak lésang kuras).
39.
Sunia-Taka
(Sulintaka): kuda anu matina ngan sabeulah/hiji (mati, nya éta: kukulinciran
anu deukeut ceuli, biasana dua ramo tukangeun ceuli). Perbawana: matak cilaka,
lamun dibawa perang tangtu anu tunggangna kasambut musuh.
40.
Suniataka-Asor:
kuda anu sanglir. Perbawana: matak runtag salelembur jeung mawa sial ka
tatangga, watekna panas.
41.
Sureng-Baya:
kuda anu aya kukulinciran dina bobokongna beulah katuhu. Perbawana: matak mawa
cilaka ka anu bogana, teu hadé dipiara.
42.
Surya-Kunta:
kuda anu buluna beureum, panonna semu biru. Perbawana: digjaya tur unggul lamun
dibawa jurit, nyaho diapesna musuh.
43.
Tadah-Luah:
kuda anu aya kukulinciran dua deukeut panonna. Perbawana: matak susah
saanak-baraya, mawa cilaka.
44.
Taraju-Emas:
kuda anu tilu kukulinciran dina sirahna, dua handapeun panon jeung hiji
luhureunana, tuhu jeung satia ka dunungan. Perbawana: matak katurut sagala
laku, kaseundeuhan ku rajakaya jeung dipikaasih ku jelema.
45.
Tujah-Bumi:
kuda anu aya kukulinciran dina suku hareup duanana. Perbawana: matak jadi musuh
ratu, teu bisa kumawula.
46.
Tunggang-Toya:
kuda anu aya kukulinciran dina sahandapeun beuheungna (puhu beuheungna ti
handap). Perbawana: matak nungtun bahla ka anu bogana, hayang nyilakakeun baé
ka anu tumpakna.
47.
Tunggul-Méga:
kuda bodas, ari buntut jeung gogombakna (jojompong) hideung. Perbawana: matak
mujur sagala laku, dibawa perang tangtu meunang, pantes jadi tutunggangan ratu.
48.
Utah-Ati:
kuda anu aya kukulinciran dina hulu angenna (deukeut dada). Perbawana: matak
apes jeung mawa cilaka gedé.
49.
Wisnumurti:
kuda dawuk ruyung, matana semu héjo duanana. Perbawana: unggul tur digjaya
lamun dibawa jurit, apal diapesna musuh
50.
Wulan-Munjar:
kuda kembang durén (méh warna gambir ngora), kukulinciran dina kénca-katuhu
bobokongna. Perbawana: papadang ati, anu bogana moal pinanggih kasusah jeung
matak pinter.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar