Aya
lima urang prajurit jeung saurang emban anu deuk béla pati ka Pandawa. Éta
emban jeung para prajurit, geus gilig séba jiwa raga ka Pandawa. Maranéhna yakin
mun tiwas di pasangrahan ngabéla Pandawa, lelembutanna baris manjing ka
sawarga.
Salamet
Tina Durukan
Duryudana katut dulur-dulurna ngarasa
sugema, ngadéngé Pandawa jeung Déwi Kunti Nalibrata geus géhéng kawas areng.
Anu kacida bungahna pisan mah, Sangkuni. Taktik anu geus dirarancangna, nenggel
kana mataholangna pisan. Cucuk rungga anu jadi rereged, geus ilang. Tahta moal
aya anu ngagugat, sabab anu boga hak na geus tiwas.
Béda jeung Kurawa, sesepuh Astina, Bisma
jeung Widura ngarasa yakin Pandawa leupas tina bahla. Sabab, Pandawa salawasna
ditangtayungan ku Déwata.
Nu diimpleng ku Bisma katut Widura, teu
mencog. Pandawa teu kabeuleum, masih beleger. Éta téh patali jeung kaambeuna
niat jahat Kurawa ka Pandawa. Saméméh Hajat Surya, Adipati Karna diutus ku
Widura pikeun nepikeun rarancang Sangkuni anu rék ngabinasakeun Pandawa ka
Yudistira. Adipati Karna ogé nepikeun talatah Widura ka Yudistira, sangkan
nyieun torowongan jero taneuh. Naon pangna Karna anu diangkat darajat ku
Kurawa, bet hianat. Saéstuna, Karna teu mikeun mun Déwi Kunti Nalibrata –indungna, jeung dulurna tiwas ku cara
anu kurang hadé.
Waktu Kurawa nyieun pasangrahan,
sababaraha puluh prajurit Astina anu biluk ka Pandawa ngali taneuh nyieun
torowongan. Patali jeung waktu anu singget, torowongan téh dipigawéna beurang
jeung peuting kalayan dibantu ku kelenci ciciptaan déwata. Sangkan teu katohyan
ku pihak Kurawa, Widura méré pancén ka telik sandi, pikeun niténan Kurawa katut
usung-ésangna. Sawirahma jeung réngséna wangunan pasangrahan, torowongan ogé geus
réngsé. Liang paragi asupna ditutup deui kalawan rapih, sangkan Kurawa henteu
curiga.
Saméméh Puracaya ngaduruk pasangrahan,
manéhna nengetan heula kaayaan di jero pasangrahan. Anu katémbong ku Puracaya,
aya satria anu keur sararé disarimbut di tempat pangreureuhan luyu jeung jumlah
Pandawa punjul hiji. Anu lima, tangtungan satria. Anu hiji, tangtungan wanoja.
Puracaya yakin, anu keur ngagolér dina babaléan téh: Yudistira; Bima; Arjuna;
Nakula; Sadéwa; jeung Déwi Kunti Nalibrata. Geus kitu mah, obor anu geus
diseungeut ku sababaraha puluh prajurit katut anu dicekel ku dirina,
dialungkeun kana hateup pasangrahan. Dina waktu anu singget, hateup anu rahabna
dijieun tina daun eurih katut injuk, diléntab ku seuneu. Rahayat anu nempo
seuneu ngabebela, tingjarerit ngarasa hariwang Pandawa kabeuleum ku gangasna
seuneu.
Pandawa jeung Déwi Kunti, geus arasup
kana torowongan jero taneuh. Éta torowongan, brasna ka sisi walungan Gangga anu
tepung wates jeung leuweung Amerta. Ku yasana Widura, Pandawa bisa meuntas
walungan numpak parahu anu geus disiapkeun ku Widura. Sajeroning meuntas
walungan, Pandawa jeung Déwi Kunti ngeclakeun cimata katurih batinna ku Kurawa
anu geus téga nandasa ka dulur sagetih. Ka baraya beubeulahan jiwa, teureuh
Barata.
Jabang
Tutuka
Sanggeus meuntas walungan Gangga, Déwi
Kunti Nalibrata anu satia marengan anak-anakna, asup ka leuweung Amerta.
Leuweung geledegan, leuweung ganggong simagonggong. Leuweung anu kacatur réa
dedemitna, garalak sato-satona. Tara aya mahluk pawayangan, anu ludeung asup ka
éta leuweung.
Bima kacida waspadana, sabab remen ngadéngé
gangasna leuweung Amerta. Ku kituna, lamun keur kukurubutan di nu bala atawa
dina rembetna kakayon, Bima leumpang panghareupna. Basa aya oray sanca sagedé
catang kalapa meulit kana awakna, ku Bima diudar beulitanna terus dibubat-babet
tepi ka remukna. Kitu deui waktu aya maung badag ngagabrug, ngan sakilat kuku
pancanaka Bima niruk beuheung maung nepika paragat nyawana. Leupas tina bahaya
sato leuweung, ujug-ujug aya angin puyuh anu gedé kacida. Geuwat Bima ngarawu Déwi
Kunti jeung dulur-dulurna. Ku bedasna tanaga Bima, kabéhannana salamet.
Raja Hidimba –Arimba, raja nagri Pringgandani di tengah éta leuweung, nganggap
Pandawa jeung Déwi Kunti geus ngotoran katut ngaganggu katingtriman nagri
danawa. Harita sang raja raksasa téh méré pancén ka adi awéwéna anu ngaran
Hidimbi –Arimbi pikeun maténi Pandawa
katut indungna. Arimbi salin jinis jadi putri anu geulis, ngarah teu katohyan
niat juligna. Keketeyepan, ngadeukeutan tempat pangreureuhan Pandawa anu keur
sararé. Niat julig Arimbi, katohyan ku Bima. Arimbi ngarénjag, dirina teu nyangka
aya kénéh nu nyaring. Bolototna panon Bima anu mencrong seukeut ka dirina,
ngareunteutkeun niat jahatna. Beuki lila neuteup panon Bima, dirina kacéot kana
ulekan asmara. Eta rasa, teu kabendung. Nepi ka lat poho kana pancén ti
lanceukna, malah, lali kana sajatining wanoja, luas ngedalkeun kacinta ka
satria anu anyar pinanggih. Arimbi andiprek hareupeun Bima, nembrakkeun niat
jahat lanceukna anu rék ngagunasika Pandawa. Arimbi ngingetan ka Bima, sangkan
ngahudangkeun dulur-dulurna katut indungna. Bima teu ngawaro, manéhna embung
ngagareuwahkeun dulur jeung indungna anu keur lalayaran dina sagara impian.
Arimbi terus-terusan ngelingan ka Bima, yén Pandawa jeung Déwi Kunti keur
didodoho pati ku lanceukna. Dirina baris bébéla ka Bima, asal dirina dipigarwa ku
Bima.
Waktu Bima keur gunem catur jeung
Arimbi, torojol raja Arimba bari téténjrag jeung sesengor. Ngancam deuk maténi
Pandawa, kaasup Arimbi adina sorangan. Pudigdig Bima kahudang amarahna, atuh
der waé galungan patutunggalan. Dulur-dulur Bima katut indungna, harudang
kagareuwahkeun ku anu keur jogol. Ku rosana tanaga Bima, raja Arimba
dibuntang-banting tepi ka awakna remek anu antukna paragat nyawana. Napsu Bima
can leler, terus muru Arimbi rék dibinasa. Ngarasa kaancam patina, Arimbi
lumpat nyampeurkeun Déwi Kunti Nalibrata, ménta panyalindungan. Waktu rék néwak
Arimbi, Déwi Kunti ngahuit Bima. Ngélingan Bima, sangkan teu ngagunasika
Arimbi. Sanajan rék dikakaya, rasa cinta Arimbi ka Bima beuki tambah rosa. Dina
kaayaan Bima keur kekerot, Arimbi nembrakkeun rasa cintana sarta ménta dikawin.
Puguh waé Bima beuki ijid, boro-boro hayang ngawin, anu puguh mah hayang
ngajejewét adina raja Arimba éta.
Déwi Kunti Nalibrata ngalelemu haté
Bima, ngolo sangkan Bima daék mihukum Arimbi. Sanajan dirina teu suka, ku
hormatna ka nu jadi indung, Bima léah haténa, daék ngawin Arimbi. Satuluyna, Déwi
Kunti ngusap beungeutna Arimbi. Ku usap leungeun Déwi Kunti, beungeut Arimbi
teu balik deui kana jirim aslina. Tetep jadi wanoja anu hadé rupa, lir widadari
ti kahyangan.
Tina buah cintana jeung Bima, ti guha
garbana Déwi Arimbi medal jabang bayi dina wujud danawa –dina carita wayang golék purwa, wujud putra Bima téh lain danawa tapi
mangrupa sinatria anu kasép tur sembada, gagah ngala ka ramana. Lahirna si
jabang bayi, dibagéakeun ku sakumna rahayat Pringgandani. Nagri danawa anu aya
di tengah leuweung geledegan, ngadadak ramé haneuteun. Ngan hanjakal, kabungah
papayung agung nagri Pringgandani jeung Pandawa téh acan sampurna. Patali jeung
tali ari-ari si jabang bayi, anu hésé diteukteukna. Taya pakarang pusaka anu
bisa mutuskeun tali ari-ari si jabang bayi, kaasup pusaka-pusaka satria
Pandawa.
Medalna jabang bayi, sawirahma jeung
eundeurna kahyangan. Kawah Candradimuka, ngadadak ngagolak. Parabidadari
patingjarerit, paradéwata patingkarocéak. Katambah-tambah deuih, kahyangan
kadatangan raja raksasa sang Naga Percona. Kahyangan gunjang-ganjing, diamuk ku
Naga Percona. Pangna nguwak-ngawik kahyangan, alatan Naga Percona dikantégan ku
paradéwata pédah mikahayang ka Déwi Supraba. Déwi Supraba téh, bidadari pangméncrangna
panggeulisna. Eta bidadari, rék dijadikeun praméswari ku Naga Percona.
Sedengkeun, Hyang Oti Pati Jagat Nata teu ngidinan raksasa ngajodo jeung mahluk
kahyangan.
Nurutkeun eunteung Gambar Lopian –Kaca Trenggana, pusakana Batara Guru
alias Hyang Oti Pati Jagat Nata, anu baris meruhkeun Naga Percona téh taya lian
nya éta si jabang bayi, putra Bima ti Déwi Arimbi. Patali jeung éta, Batara
Guru ngutus Hyang Narada pikeun mawa si jabang bayi ti nagri Pringgandani ka
kahyangan bari mawa pusaka Konta pikeun neukteuk tali ari-arina. Anu kabawa ku
Narada lain pusaka Konta-na, tapi warangka-na. Sabab pusakana, geus jadi milik
Adipati Karna.
Tali ari-ari si jabang bayi, ahirna diteukteuk
ku warangka Konta. Warangka Konta geus bisa neukteuk tali ari-ari, ngan kacida
ahéngna. Warangka Konta anu dipaké neukteuk ari-ari, ngadadak asup kana bujal
si jabang bayi. Eta warangka teu bisa dikaluarkeun deui, ngahiji jeung tali
ari-ari anu asup kana jero beuteung si jabang bayi. Di baring supagi, dina
perang Barata Yuda, pusaka Konta milik Karna bakal manjing warangka, anu
warangkana dina bujal si jabang bayi.
Si jabang bayi anu kakara medal, geus
dijagragkeun di hareupeun Naga Percona. Puguh baé, Naga Percona seuri
akey-akeyan. Ceuk pamikirna, tong boroning orok beureum, dalah paradéwa ogé
geus teu walakaya nyanghareupan dirina. Kari-kari dirina, kudu tarung jeung
orok beureum anu kakara beunta. Bari ajrag-ajragan, orok anu aya di hareupeun
dirina, ku Naga Percona dirawu rék dikerekeb. Anéh bin ajaib, sang jabang bayi
ujug-ujug ngajleng asup kana sungutna Naga Percona. Sang jabang bayi ngabedol
elak-elakan Naga Percona, nepi ka Naga Percona ngocéak; ngudupruk; tepi ka
perlayana. Sedengkeun, si jabang bayi kaluar tina sungut Naga Percona dina
kaayaan beleger teu kua-kieu. Hyang Oti Pati Jagat Nata katut paradéwa, kacida
bungahna ningali Naga Percona perlaya. Si jabang bayi ku Hyang Oti Pati Jagat
Nata diasupkeun kana kawah Candradimuka, awakna digodog sangkan jadi satria anu
sakti mandraguna. Uratna dicampur jeung kawat waja, tulangna dicampur jeung
beusi waja. Sang jabang bayi ngajanggélék jadi mahluk anu liat tur teuas
kacida, anu moal teurak ku pakarang naon baé. Jabang bayi anu geus digodog di
kawah Candradimuka, ku Hyang Oti Pati Jagat Nata dibéré ngaran: Jabang Tutuka;
Kancingjaya; Purabaya; jeung Gatotkaca. Satuluyna Gatotkaca dibajuan maké Kré
Antakusumah, dimahkutaan ku mahkuta Gelung Supit Hurang. Leungeun Gatotkaca
dibeungkeut ku Kilat Bahu Garuda Mungkur.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar