Naskah Sanghyang Sasana Maha Guru
1 – Pañcawédani1
Ndeh2
Sanghya(ng) Sasana Maha Guru ngaran sanghyang3
pustaka. Sasana4 ma ngaranya urut
nu ti heula. Maha5 ma nu leuwih
ti leuwih, tina dunya. Guru ma [ma] ngara(n)na puhun6 nikang rat7
kabéh.
Nya ieu pustaka suci
Sanghyang Sasana Maha Guru téh. Sasana hartina titinggal ti nu ti heula. Maha
hartina nu leuwih ti nu leuwih, ti (saamparan) dunia. Guru hartina sumber pikeun sakumna
manusa.
1pancawedani: asal tina: panca=lima; we=cai;
dani=sapu nyere. Pancawedani : lima jalan pikeun manusa enggoning mersihkeun
jiwana tina rupa-rupa pangaruh goréng, nyaéta bwah, paksa, huning, temen, jeung
daék.
2ndeh: ‘Tah !’ (kecap panyeluk), nihan: ‘ieu’
(kecap panuduh)
3sanghyang: suci (ditempatkeun saméméh kecap barang
pikeun nuduhkeun yén éta barang téh suci).
4sasana: ajaran, doktrin, sarana.
5maha: badag, gedé, agung.
6puhun: awal, wiwitan, sumber, tangkal. Di
baduy pupuhu kaagamaan disebut puun. ngandung ogé harti séjén emang’ (adi
indung atawa bapa).
7rat: manusa, jalma.
Hana upadyanta8 kadya(ng)ga9 ning manik10
kanarga,11 lawan manik sawéstra.12 Yéka puhuning suka duka, hala13 hayu.14
Byaktanya15 nihan: Bwah16 paksa,17
huning18 t(e)men,19 daék mwa kapalang.
Aya jalan tindakan nu
kudu dituturkeun ku anjeun, nu dipapandékeun jeung perhiasan mutiara, ogé
mutiara nu moncorong. Nya éta wiwitan tina kaayaan suka jeung dukana, cilaka
jeung salametna. Ieu écésna mah: hasil maksud, mikaweruh enya-enya, daék hanteu
kapalang.
8upadyanta = asalna tina: upadéya –nta ‘jalan
tindakan nu kudu dituturkeun –ku anjeun’.
9kadyangga = kadi + anggan: minangka, lir
ibarat.
10manik: mutiara.
11kanarga = tina: ‘kana’ atawa ‘kangkana’:
perhiasan dina leungeun upamana: gelang, cingcin. jeung ‘arga’: ajen, harga
atawa gunung. Manik kanarga = perhiasan nu hargaan, perhiasan nu ajénan.
12sawéstra = tina: ‘sawé’= ngalayah. Manik
sawéstra = manik nu ngalayah.
13hala: cilaka, mamala.
14hayu: salamet.
15byakta: écés, jéntré.
16bwah: hasil.
17paksa: tujuan, maksud, kahayang nu kuat.
18huning: mikanyaho, mikaweruh.
19temen: enyaan, enya-enya.
Kalinganya:20 bwah ma sanghya(ng) pratiwi,21 basana dipahayu, diturunkeu(n),
ditaék(k)eun, dicamahan,22
dicampuran, hanteu susut23 hanteu
pu(n)dung hanteu geurah24 hanteu
bijah,25 keu[deu]deung deung langgeng
ngawakan na kapratiwian. Iya kéh! Éta na awak(eu)neun sang séwaka darma.
Maksudna: bwah (hasil)
téh bumi nu suci, nalika disalametkeun, diturunkeun, ditaékkeun, dikotoran,
dicampuran, hanteu tisusut hanteu pundung hanteu motah hanteu ingkah, sakeudeung
jeung salawasna ngamalkeun kapratiwian (aturan
kaduniawian). Enya kitu! Éta nu
kudu diamalkeun ku nu ngabdi kana darma (hukum).
20kalinganya = asal tina: ka + ling +-an + -iya.
Ling, hartina ‘ucap’ kalinganya = maksud tina ucapan.
21pratiwi: bumi, sanghyang pratiwi ‘bumi nu
suci’.
22dicamahan = dijieun jadi camah = dijieun jadi
rujit = ‘dirurujit’.
23susut: labuh. Saperti dina kalimah: tisusut.
24geurah: gumbira, suka bungah. Dina konteks
kalimah di luhur, jigana nuduhkeun harti ‘kaayaan motah’.
25bijah: motah, mijah.
Paksa ma cai, alaeunana ma, basana
biji[h]l ti huluna. Téka26 bwar27 hérang tiis rasana. Geus ma28 hanteu kawurungan,29 teka30
ri31 sagara. Sa/4v/kitu na
turutk(eu)neun sang séwaka darma.32
Paksa (maksud)
téh nyaéta cai, alaeunana mah nalika bijil ti huluna. Karasa ngamalir hérang
tur tiis. Jeungna hanteu kahalangan nepi ka sagara. Sakitu nu kudu diturut ku
nu ngabdi kana darma (hukum).
26téka = asal tina: ta + ika = nya éta.
27bwar: bor. Dipikawanoh kecap balobor. Jigana
parobahan tina bor + ‘rajékan dwi purwa’ bobor + infiks -al- = balobor,
mangrupa kecap panganteur pagawéan pikeun nu ngamalir, upamana: cai, getih,
késang, jeung saterusna.
28geus ma: anggeus mah, jeungna.
29kawurungan = asal tina: ka-+wurung+-an =
hartina sarua jeung: ka+batal+an = kahalangan.
30teka: nepi ka. Ulah pahili jeung téka (tina:
ta + ika) ‘nyaéta’.
31ri: di, ka (kecap pangantét).
32séwaka darma = sebutan pikeun nu ngabdi kana
tugas (hukum)na di alam dunia.
Huning ma ngaran angin, alaeunana
ma, basana m(e)tu ti barat, téka hir33
tiis, leuleus datangna ka awak urang. Geus ma hanteu kawurunganan, basana bijil
medeng34 di bwana. Sakitu na
turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma.
Huning (pangaweruh) mah nyaéta angin, alaeunana mah, basa bijil ti kulon, karasa
ngahiliwir tiis, leuleus nebak awak urang. Jeungna hanteu kahalangan, nalika
bijil di alam dunia. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma.
33hir: hiliwir. Kecap panganteur pikeun angin.
34medeng = asal tina: sedeng+n- anu hartina
‘meujeuhna’.
T(e)men ta ma ngaraning ka apuy35 deungeun ga(ng)gaman.36 Ti iña éta dipipakeunnakeun37 ku nu réya,38
ku geui(ng)39 na temen.
Temen (enya-enya) téh nyaéta seuneu jeung ganggaman. Nya ti dinya nu matak
dimangpaatkeun ku jalma réa, ku nu pikiranna soson-soson.
35apuy: seuneu. Kalimah ‘parupuyan’ jigana
mangrupa obahan tina apuy+pa-an -> paapuyan -> parupuyan.
36ganggaman: sanjata, pakarang.
37dipipakeunakeun = asal tina: dipi –+
pikeun+na+keun = ‘di(pigawé) pikeun’.
38nu réya: jalma réa.
39geuing: kasadaran, pikiran.
Daék éka ma ngaranya, Sanghyang
Aditya,40 basana m(e)tu ti bwana
wétan, hanteu kawurunganan, ku méga ku hujan, (ku) kukus41 ku sanghub,42
teka ri(ng) kulwan, ku geui(ng) éka laksana.
Daék (kahayang) mah nyaéta panon poé, nalika medal ti buana béh wétan, hanteu
kahalangan, ku méga ku hujan, ku haseup jeung halimun, nepi ka (surup)
di béh kulon, ku sabab kasadaran kana hiji lampah.
40sanghyang aditya: panon poé.
41kukus: haseup, kabut.
42sanghub: halimun.
Kitu kéh na turutk(eu)neun, ku sang
séwaka darma. Mulah mwa43
iyatna-yatna44 di Sanghya(ng)
Pasangkanan.45 Nihan sina(ng)guh
pañcawédani46 ngaranya. Panca
/5v/ ma watek lima, wé47 ma cai,
dani48 ma sapu ñéré.
Sakitu nu kudu
diturut, ku nu ngabdi kana darma. Mangka jeung iyatna kana Sanghyang
Pasangkanan (Ajaran Awal). Nya ieu nu disebut pañcawédani téh. Panca
hartina watek lima, wé hartina cai, dani hartina sapu nyéré.
43mulah mwa: kudu, ulah hanteu.
44iyatna-yatna: merhatikeun enya-enya.
45sanghyang pasangkanan: ajaran wiwitan, ajaran
awal.
46pañcawédani: lima jalan pikeun mersihkeun
jiwa.
47wé: cai.
48dani: jadi caang, lénglang, béngras. Dina téks
di luhur mah dipapandékeun jeung sapu nyéré, nu sapopoé dipaké alat pikeun
mersihkeun runtah.
2 – Siksa Kandang; Siksa Kurung;
Siksa Dapur
Ini siksa ka(n)dang49 ngaranya, siksa kurung,50 siksa dapur.51
Nya ieu nu disebut
siksa kandang, siksa kurung jeung siksa dapur téh.
49siksa kandang: ngatur étika antara manusa
jeung papadana. Kumaha hubungan jeung tatangga, deungeun-deungeun, atawa nalika
urang indit-inditan diatur dina siksa kandang.
50siksa kurung: nyaéta ngatur
saréngkak saparipolah antara manusa jeung ahli agama.
51siksa dapur: nyaéta hakékat tina sagala
ajaran-ajaran saméméhna. Mangrupa aci-aciningna manusa nu geus bisa meuseuh
kahirupan profanna, nujul kana kahirupana nu transenden, ku baktina nu satia ka
guruna, sang pandita.
Kalinganya: na siksa kandang ma
ngara(n)na, sakuliling sarira. Jeujeueung ma na halwaan, halwaan si panghawanan,
na ni(ng) panglu(ng)guhan, iña éta na ingetkeuneun deung urang. Maka
iyatna-yatna! Sugan urang asup tepas, asup dalem, hanteu ngeunah lamun hanteu
dayeuhanana. Ya siksa kandang ngara(n)na.
Maksudna, siksa
kandang téh, aya disakuliling diri anjeun. Ningali rupa-rupa gogoda, gogoda
dina perjalanan, atawa dina panglungguhan, nyaéta nu kudu diinget ku urang.
Mangka perhatikeun sing iyatna! Sugan urang asup ka buruan, ka imah, moal
ngeunah lamun urang lain nu dumuk di dinya. Éta nu disebut siksa kandang téh.
Masa urang paparan, hanteu ngeunah palar cidera ku pangeusi huma sakalih, ku
pangeusi kebwan sakalih. Mangka nguni hiris meubeut ceuli, lamun kacang meubeut
tarang, ngala tu(n)da ngala ka(n)tenan, nurunkeun sadapan sakalih. Hanteu
ngeunah ngising di pi(ng)gir jalan, sugan kaa(m)beu ku nu bangah, bisi kasumpah
kapadakeun, ambu, /5r/ ayah, pangguruan. Mulah mwa maké cangcut pangadua, sugan
urang pajeueung deung gusti deung mantri, mulah mwa ngidal,
pangadwakwakwa(ng)keun. Ya siksa k(an)dang ngaranya.
Mangsa urang
indit-inditan, teu hadé boga niat deleka, ka batur nu boga ‘huma’, atawa batur
nu boga kebon. Ku kituna, hiris meubeut ceuli lamun kacang meubeut tarang.
Nyokot teuteundeunan atawa nu geus puguh nu bogana, nurunkeun sadapan batur.
Teu hadé urang ngising di sisi jalan, bisi kaambeu ku nu balangah, engkéna bisi
disumpahan jeung disalahkeun: ku indung, bapa, jeung paguron. Sawadina urang
maké calana jangkep, bisi urang panggih jeung raja jeung mantri, urang kudu aya
di kéncaeunana turta dongko. Éta nu disebut siksa kandang téh.
Siksa kurung ma, sakarma deung sang pan(di)ta. A(ng)geus ma hanteu ngeunah
ngareuseuh beunang diheueum, ngarumpak sanghya(ng) siksa. Lamun a(ng)geus ñahwa
diwuku-wuku dina leukeur-leukeur, dangda-dangdi sipat geuing, pangguratan,
pangguritan, pangwaleran, pangwatesan. Satapak Hya(ng) Bra(h)ma Wisnu, basa
ngawatesan bwana. Yata siksa kurung ngaranya.
Siksa kurung mah,
saréngkak saparipolah jeung para pandita. Jeungna deui hanteu hadé ngaganggu
naon nu geus disapukan babarengan, ngarempak sanghyang siksa. Lamun enggeus
mikanyaho sagala buku dina gulungan-gulungan (kitab), hukuman tina arah nu geus ditangtukeun,
guratna, susunanna, jawabanna, watesanana. (Hartina
urang geus) nuturkeun tapak Dewa
Brahma jeung Wisnu, nalika ngawatesanan alam dunia. Nyaéta nu disebut siksa
kurung téh.
Na siksa dapur ma ngara(n)na, ngadapetkeun puhun, ngahusir tangkal ku geui(ng)
na bakti satia, di sang pandita. Ya siksa dapur ngara(n)na. Nihan sinangguh
siksa kandang, ngaranya ling maha pandita.
Ari nu disebut siksa
dapur mah, ngahontal sumberna, meunangkeun inti ku kasadaran kana bakti jeung
satia ka sang pandita. Nya éta nu disebut siksa dapur. Nya ieu nu yang disebut
siksa kandang, piwuruk ti Maha Pandita.
3 – Dasawredi52
Niha/6r/ n kayatna-yatna sang séwaka
darma, pawuitan sanghya(ng) sastra, mala murtinya nguni, katekan mangké.
Ieu nu kudu
diperhatikeun ku nu ngabdi kana darma, asal usul tulisan suci, wangun cedana ti
baheula, nepi ka kiwari.
52dasawredi: nyaéta sapuluh wangun tulisan dina
rupa-rupa média.
Ndah ta pawuitan sanghya(ng) sastra. Nihan lwirnya: sasurup sanghya(ng) sriwar
Aditya, gumenti sanghya(ng) ratri (Nskh: ratsi). Trepti treptwa pagawé wéwa
laksana. Tatwa kala Batari Durgi.53
Nya ieu asal usul
tulisan suci téh. Ieu sasaruaanana: sasurupna panon poé, digantikeun ku
peuting. Ngarasa sugema tur bagja sabab sagala pancén bisa kalaksanakeun.
Hakékat waktu (anugerah ti ) Batari Durgi.
53batari Durgi atawa Durga téh déwi satungkebing
alam.
A(ng)regu ta jantra Sri Batara Gana,54
sina(m)buratkeun ri(ng) manusa madyapada, matemahan ta ya gebang lawan
lwa(n)tar, tipuk diwasa pupus gebang lawan lwa(n)tar. Tinut pinada pada, lwané
lawan dawané, tinitisan asta gangga wira tanu.
Hasil tina benduna Sri
Batara Gana, nu nyalabarkeun manusa di madyapada. Ngajadikeun gebang jeung
lontar, ngajadikeun témbong waktuna pupus, gebang katut lontar. Dituturkeun tur
diturutan, rubakna katut panjangna, dititisan asta gangga wira tanu.
54Sri Batara Gana (Ganésa): tina Ganapati (gana=
gajah; pati = pamingpin), ku sabab wujud sirahna mangrupa gajah.
Apa ta sinangguh (asta) gangga wira
tanu? Asta ngaraning tangan, gangga ngaraning bañu, wira ta ngaraning panurat
lawan panuli, tanu ngaraning mangsi.
Naon saenyana asta
gangga wira tanu téh? Asta hartina leungeun, gangga hartina cai, wira hartina
kalam jeung koas, tanu hartina mangsi.
Tinulis dé sa(ng) pandita, pinaca dé
sang apunggung /6v/ tambah uni uningana, winaleran55
dé sang kawi.56
Ditulis ku sang
pandita, dibaca ku nu bodo (sangkan) nambahan pangaweruhna, diuger ku sang kawi.
55winaleran: diwatesan, diuger.
56sang kawi: bujangga.
Nguniwéh cinaritakeun ta dasapurwa.57
Saperkara dicaritakeun
dasapurwa.
57dasapurwa: 10 awal.
ONG Swaraswati58 Tarajñana Cintamanik!
Katuna ma ta na bayu, pamutyan Batara Guru, batara sang sida panta titira
lemah, sang sida pandata tita(h) ring langit, Kusika Garga Méstri Purusya
Pata(ñ)jala, mwang bayu sabda hdap,59
nguniwéh ikang sang manwan,60
apan sang hya(ng) itung ika.
Ong swaraswati
Tarajnana sang mutiara pikiran! Kakurangan ayana dina tanaga. Tempat mutiara
(ayana di) Batara Guru, batara ti golongan nu sampurna utusan lemah, sang
pandita nu sampurna utusan langit: Kusika, Garga, Mestri, Purusya, Patanjala;
ogé bayu, sabda, jeung hedap; kitu deui Sang Manon, sabab Anjeunna nu nyieun
balitungan.
58Swaraswati (Saraswati) téh déwi pangaweruh
jeung kawijaksanaan dina kapercayaan Hindu. Dina kitab-kitab Purana, déwi
Saraswati téh saktina (pamajikanna) déwa Brahma. Rupana déwi Saraswati téh:
geulis, kulitna beresih, sipatna daréhdéh deuih. Raksukan nu dianggona sarwa
bodas ngaplak bari lungguh dina kembang padma (taraté). Pananganna aya opat,
masing-masing nyepengan: wina (kacapi), aksamala (tasbéh), damaru (kendang
leutik) jeung pustaka (buku/koropak lontar).
59bayu sabda hdap: bayu (napas); sabda (ucap);
hdap/hedap (pikiran).
60sang manwan/sang manon: Nu Maha Ningali.
4 – Dasamala
Nihan ta muwah sinangguh dasamala61 ngaranya, nihan silwakanya: “wigatah mala
duken, kurwanti kusalah mahat, gawayaken sutem citem, budi hiyeum maguh
narakem, Kananga taka ri kita, sami batang marakarma. /siloka 2/
Ieu ogé nu disebut
dasamala. Nya ieu silokana: “Indit tina kasangsaraan, nepika jadi jalma nu
suci, Milampah niat nu hadé. Budi goréng tempatna di naraka, Anjeun lir
ibarat kembang kananga, (jeung) catang sami nu katalangsara. /siloka 2/
61dasamala: 10 céda atawa sapuluh kaayaan
kotor dina diri manusa, nyaeta: sukta; baya; tandri; kalédra; laña; ragastri;
paladarah; baksya bwajñana; jeung kutila wiwéka.
Yan datang ri kita, mara[g]karma,
ngaranya: sukta, baya, tandri, kaléd[r]a, (laña), ragastri, paladarah, bak/12v/sya
bwajñana, kutila, wiwéka.
Sabab geus datang ka
aranjeun, paripolah jahat, nu disebut: sukta, baya, tandri, kaléda, lanya,
ragastri, paladarah, bak/12v/sya bwajñana, kutila, miwédéka.
Ka: sukta62 ngaranya, beuki héés, kalipikeun
mitañakeun pirampéseun, deungeun na piutamaeunnana swarangan, kalipian miguna
na ngeunah tineung, deung micarék na rampés di nu réya, yata sinangguh sukta
ngaranya.
Maksudna, nu disebut
sukta téh, beuki héés, mopohokeun pikeun nanyakeun perkara nu mawa kahadéan,
ogé dina perkara nu panghadéna pikeun dirina. Poho pikeun milampah hiji perkara
kalawan pikiran nu alus, jeung ngomongkeun kahadéan ka jalma réa. Éta nu
disebut sukta téh.
62sukta: poho.
Baya63
ngaranya, bwarang mitañakeun manéh, bwarang naña ja ngarasa manéh kwalwat,
bwarang micarék na rampés, yata baya ngaranya.
Baya hartina,
sieun tatanya ngeunaan kaayaan dirina sorangan, sieun tatanya sabab ngarasa
dirina kolot, sieun nyarita perkara kahadéan, nya éta nu disebut baya téh.
63baya: sieun.
Tandri64
ngaranya, mumulan naña ja ngarasa manéh ireg, mumul miguna na ngeunah hdap
deungeun micarék na rampés ka nu réya, ya tandri ngaranya.
Tandri hartina, teu
daék tatanya da ngarasa dirina bodo, mumul barang gawé kalawan niat nu hadé,
kitu deui mumul nyarita perkara kahadéan ka nu lian, nya éta nu disebut tandri
téh.
64tandri: mumul.
Kaléda65
ngaranya, takut miguna na ngeunah tineung ka nu réya, takut mitañakeun manéh,
ya kaléda ngaranya.
Kaléda hartina, sieun
milampah hiji perkara kalawan pikiran nu hadé ka nu lian, sieun nanya perkara
dirina sorangan, nya éta nu disebut kaléda téh.
65kaléda: asa-asa.
Laña66
ngaranya, supen naña ja ngarasa manéh ireg, supen bakti ja ngarasa manéh
kwalwat, supen bakti ja ngarasa manéh beu(ng)har, /12r/ (ya)ta laña
ngaranya.
Lanya hartina, hésé
tatanya sabab ngarasa dirina bodo, hésé ngabakti tina rumasa dirina kolot, hésé
ngabakti sabab rumasa dirina beunghar ku pakaya. Nya éta nu disebut lanya.
66lana/lanya: sulit, hésé.
Ragastri67 ngaranya, bwagwah dék suka swanita deung hayang dék
beu(ng)har, ragastri ngaranya.
Ragastri hartina,
kagégéloan ku wanoja, ogé upama hayang jadi jelema beunghar. Nya éta nu disebut
ragastri.
67ragastri: nafsu.
Paladarah68 ngaranya, hayang di rara hulanjar, astri
larangan sakalih, ya paladarah ngaranya.
Paladarah hartina,
mikahayang awéwé nu geus dicangcang, pamajikan larangan batur, nya éta nu disebut
paladarah téh.
68paladarah: nafsu ka awéwé.
Baksya bwa(j)ñana69 ngaranya, tan hana magaway hayu, ya
bwa(j)ñana, nga, bwagwah ñatu, bwagwah nginum, deung hje(?) kéna
kabeukina dituwukan na sadrasa, yata baksya bwa(j)ñana ngaranya.
Baksya bwajñana hartina,
teu daék milampah kahadéan, baksya bwajñana ngaranna. Beuki dahar, beuki
nginum, tina sabab kabeukina wungkul kana dahareun nu sarwa ngeunah. Nya éta nu
disebut baksya bwajñana téh.
69baksya bwajnana: nafsu kana kadaharan.
Kutila wiwéka70 ngaranya, dimangké-mangké dék miguna na
ngeunah hdap deungeun micarék na rampés ka nu réya.
Kutila wiwéka
kasebutna, diengké-engké upama rék milampah perkara nu hadé, ogé dina nyarita
nu bener ka jalma lian.
70kutila wiwéka: kaputusan licik.
Yata sinangguh dasamala ngaranya,
ling sang pandita.
Nya éta nu disebut
dasamala téh, ucap sang pandita.
5 – Pancaiyatna
Nihan sinangguh pañcaiyatna71 ngaranya. Ndih ya nihan silwakanya :
“Akwa badwa guru suci, amara lagawame, hana pramadaswaté, na imah pari ri
kita.”/siloka 3/
Nya ieu nu disebut
pancaiyatna téh. Nya ieu silokana: “Akwa badwa guru suci, amara lagawame, hana
pramadaswaté, na imah pari ri kita.” /siloka 3/
71pancaiyatna: 5 perkara nu kudu diperhatikeun
enya-enya. Nyaéta: (1)Ulah sohor némbongkeun banda milikna di hareupeun nu
kolot atawa jalma réa; (2)Henteu sura-seuri nalika ngahaturkeun sembah
pangabakti; (3)Henteu dahar jeung nginum hareupeun Sang Pandita (guru); (4)Ulah
api lain nalika batur ménta tulung, jeung(5)Henteu daék merhatikeun dirina
sorangan ngeunaan hal nu mawa kahadéan pikeun dirina.
Ka: akwa badwa ngaranya, tan dadi
ikang sang séwaka darma. Mitwannakeun kwa ba(n)danya ning hareupeun sang
matuha, mangka nguni di nu réya.
Maksudna, akwa badwa
téh, tacan sampurna jadi nu bakti kana hukum. Némbongkeun banda pakaya dirina
hareupeun nu kolot, ogé hareupeun jalma réa.
(Am)ara lagaweg ngaranya, téka
sumeuri sumarembah, hanteu ngeunah basa ñatu basa nginum, di hareupeun sang
pandita.
Amara lagaweg
kasebutna, nyaéta arangah-éréngéh nalika ngahaturkeun sembah. Teu hadé ogé
urang barang dahar barang inum, di hareupeun sang Pandita.
Ahana premadaswaté ngaran(ya), aya
ta nu dipikeun ku sakalih, kesit tungi diturutan.
Ahana Premadaswaté téh,
aya nu dipikabutuh ku batur, urangna kalah gancang api lain.
Pituaheunnana, hanteu dék meunang
/9v/ [minang] mitineungkeun manéh, deung hanteu dék ñ(i)yar na pirampéseunnana.
Nihan sinangguh pañca-iyatna ngaranya.
Paripolahna téh, teu
maliré kaayaan dirina sorangan, jeung teu daék néangan perkara nu mawa kahadéan
pikeun dirina. Nya ieu nu disebut pancaiyatna téh.
6 – Dasanaraka
Nihan ta muwah sinangguh
dasana(ra)ka,72 nga. Ini
byaktana: ceuli, mata, irung, létah, sungut, kulit, leungeun, payu, purusa,
suku.
Ieu ogé nu disebut
dasanaraka. Ieu écésna: ceuli mata, irung, létah, sungut, kulit, leungeun,
dubur, bobogaan, (jeung) suku.
72dasanaraka: 10 naraka. Harti dasanaraka
sabenerna mah leuwih lega, nyaéta sapuluh kaayaan tina sapuluh indera
(dasaindriya) anu bisa jadi cukang lantaran hiji jalma tigebrus ka naraka.
Sapuluh indera nu dipiboga ku unggal jalma nyaéta: ceuli, panon, irung, létah,
sungut, kulit, leungeun, dubur, purusa (bobogaan), jeung suku anu teu
dimangpaatkeun dina kahadéan, tapi dipaké milampah jahat.
Ka: ceuli ngara(n)na, mulah salah
déngé, téréh wangwang kapireungeu. Byaktanya: ha/11v/war, cwangé, twarék,
cadang. Sakitu pipapaeunnana, dina talinga.
Maksudna: nu ngaranna
ceuli, ulah salah déngé, gancang hariwang tina naon nu kadéngé. Balukarna:
hawar, congé, torék, cadang. Sakitu nu matak sangsara tina ceuli téh.
Mata ngara(n)na, mulah sajeueung
jeueungna, lamun ka hula(ñ)jar sakalih, astri larangan sakalih, lamun lai(n)
bwaga urang. Byaktana ma: pécak, bwalwar, putikeun, céang, buta lwarongeun,73 mata kwatwakeun, bilas susuheun. Sakitu
pipapaeunnana, di mata.
Panon ulah
saténjo-ténjona, upama ka hulanjar batur, istri larangan batur, lamun lain
milik urang. Balukarna mah: pécak, bolor, putikeun, céang, buta lorongeun, mata
kotokeun, bilas susuheun. Sakitu nu ngajadikeun sangsara dina mata.
73buta lwarongeun: buta lorongeun (kiwari buta
rorongeun).
Irung ma ngara(n)na, geura bwagwah
saa(m)beu-a(m)beuna, lamun ngambeu [ki] ku biuk hapeuk ku biuk ku hañir, ku
hangit, téka dipaké bumaresin, ngahubus. Byaktana ma, mékmék. Sakitu
pipapaeunnana dina irung.
Nu disebut irung,
resep dipaké saambeu-ambeuna, upamana ngambeu bau hapeuk bau hanyir, hangit,
éta laju kalah bersin atawa ngahubus. Balukarna mah: mékmék. Éta nu matak
sangsara dina ceuli téh.
Létah ma ngarasa, geura bwagwah
sarasa-rasana, lamun ku bira ku tiis, ku bacin, ku haseum ku lada, ku pangsét,
téka dipaké usuh-asahan. Byaktana ma: pireu, pétal cadél. Sakitu /11r/
pipa(pa)eunana, di létah ngara(n)na.
Létah mah ngarasa,
resep sarasa-rasana, ku rasa bira atawa tiis, ku asin, haseum, ku lada, ku
pangsét, éta laju dipaké asal ngasaan. Éta nu matak sangsara dina létah téh.
Sungut ma ngara(n)na, bwagwah dipaké
kumapang-kapang, héngan dipaké sacarék-carékna, mangka nguni dipaké ñumpah madahkeun,
ngajak ngapus ka sakalih. Byaktana ma: swa(m)béng, béngwa, deda. Sakitu
pipapaeunana, di sungut.
Nu disebut sungut, sok
dipaké ngomong kaleuleuwihi, ngan dipaké sacarék-carékna, ogé dipaké nyumpahan
tur nuduh, atawa ngajak nipu ka batur. Balukarna mah: suing, béngo, deda. Éta
nu ngajadikeun sangsara, di sungut.
Kulit ma ngara(n)na, bwagwah
saprasa-prasana, lamun ku panas ku tiis, ku mérang ku ateul, dipaké
gulanggaséhan. Byaktana ma: tibar, bisul, bwalwangeun, radang, kuris béang, saukar
balas galigata. Sakitu pipapaeunana, di kulit.
Nu ngaranna kulit, sok
dipaké asal ngarasa, upama keuna ku panas jeung tiis, ku mérang ku ateul,
dipaké gulinggasahan. Balukarna mah: tibar, bisul, bolongeun, radang, kuris,
béang, kaasup balas galigata. Sakitu nu nyababkeun kasangsaraan dina kulit téh.
Leungeun ma ngara(n)na, bwagwah
dipaké sacokot-cokotna, manguni bwaga sakalih, ka tataneman sakalih, sañarah
dipaké meureup newek, nwatwak mwakwal, nampar, ngajambak, ñiwit nga/10v/getil.
Byaktana ma: kékéd ré(m)péng, bu(n)tung, kengkeng. Sakitu pipapaeunana, dina
leungeun.
Nu disebut leungeun,
sok dipaké sacokot-cokotna, ogé nyokot banda batur, atawa ka pepelakan batur,
sumawonna dipaké meureup, newek, notok, nakol, nampiling, ngajenggut, nyiwit,
nyintreuk. Balukarna mah: kékéd, rémpéng, buntung, kengkeng. Sakitu nu
nyababkeun kasangsaraan dina leungeun.
Tumbung74
ngara(n)na, bwagwah sahetut-hetutna, ngising sageusan-geusanna, di pigir imah
sakalih, sañarah dipaké muak. Byaktana: kabeuratan, tuju pañcar, kalingsir,
uireun. Sakitu pipapaeunana, di tumbung.
Nu disebut tumbung,
dipaké hitut sakarepna, ngising sangeunahna, di pipir imah batur, ogé dipaké
muak. Balukarna: kabeuratan, tuju pancar, kalingsir, uireun. Sakitu
picilakaeunana dina tumbung.
74tumbung: dubur.
Purusa75
ma ngara(n)na, bwagwah sakiih-kii(h)na, sañarah tu dipaké ngambah lanang
wadwan, papa(ñ)jingan, kapiadi kapilañceuk, kapisuan, kapwanakan. Byaktana ma:
burut pétwat, lañjwa, halang wisaya, peluh. Sakitu pipapaeunana, di (pu)rusa
ngara(n)na.
Nu disebut purusa, sok
dipaké sakiih-kiihna, sumawonna dipaké ngambah jajaka jeung wanoja, salingkuh,
ka kapiadi, kapilanceuk, kapisuan, kapialo. Balukarna mah: burut, pétot, lanjo,
halang wisaya, peluh. Sakitu picilakaeunana dina purusa.
75purusa: kelamin.
Suku ta ma ngara(n)na, bwagwah
dipaké sati(ñ)cak-ti(ñ)cakna, saleumpang-leumpangna, mangka nguni lamun ngalér
ngidul ngulwan ngétan, lamun titarum tipagut, tuluy /10r/ dipaké néjéh.
Byaktana ma: lisuh, pateuh, añjingeun caniranan, sakitu pipapaeunana, di suku
ngaranya.
Nu disebut suku, sok
dipaké satincak-tincakna, leumpang sakarepna, sumawonna upama leumpang ngalér
ngidul ngulon ngétan, upamana titajong, laju dipaké néjéh. Balukarna mah:
lisuh, pateuh, anjingeun, caniran. Sakitu picilakaeunana dina suku.
Nihan si(n)angguh dasanaraka ngaranya, kayatnakeu(n) na sang séwaka darma,
hayua pinintuhu ika.
Ieu saenyana nu
disebut dasanaraka téh, nu kudu diperhatikeun ku nu ngabdi kana darma, ulah
diturutan perkara anu kitu téh!.
7 – Caturpasanta
Nihan sinangguh caturpasanta76 ngaranya. Byaktanya nihan: cakrajala
kuna, cakrajala paksa, cakra sabirana, cakra tarangga hahu. /20r/
Ieu saenyana nu
disebut caturpasanta téh. Ieu kanyataanna: cakrajala kuna, cakrajala
paksa, cakra sabirana, cakra tarangga hahu.
76caturpasanta: 4 penenang, 4 penawar.
Cakrajala kuna ma ngaranya
matapwaéh,77 pamahalana ka
sarira: lamur, pécak, bilas sakit mata, buta lwarongeun, mata kwatwakeun,
hulag.
Cakrajala kuna nya éta
matapwaéh, nu ngabalukarkeun kasangsaraan kana diri nya éta: lamur, pecak,
nyeri panon, buta lorongeun, rabun ayam, rabun.
77matapwaéh: panonpoé.
Cakrajala paksa ma cai, mahalana ka
sarira: gumigil panas tiris.
Cakrajala paksa nya
éta cai, nu ngabalukarkeun kasangsaraan kana diri, ngadégdég panas tiris.
Cakra sabirana ma ngara(n)na angin,
mahalana ma ka sarira: béang galigata, pipisisan, sing sawatek kasakit di
kulit.
Cakra sabirana nya éta
angin, nu ngabalukarkeun kasangsaraan kana diri: béang, kaligata, pipisisan,
sakabéh jenis panyakit dina kulit.
Cakratarangga bahu ma gunung
ngara(n)na, mahalana ka sarira ma: rieut hulu, neri beuteung, medu, kawayaan,
sakwaéh sakit di jeba beuteung.
Cakratarangga bahu nya
éta gunung, sumber kasangsaraan kana diri: rieut sirah, nyeri beuteung,
kembung, kawayaan, sakabéh panyakit di jero beuteung.
Nihan sinangguh caturpasanta
ngaranya, kayatnakeun sang séwaka darma, haywa ri rahasya.
Ieu saenyana nu
disebut caturpasanta téh. Perhatikeun ku pengabdi darma, ulah dirahasiakeun!.
8 – Trimala
Carékna Sanghyang Tu(ng)gal: “Na
naha piangeneunana, sang hya(ng) pustaka ini? Kéna karah aing dék
ngab(e)jalkeun carita, metuna sanghya(ng) siksa guru,78 ti sanghya(ng) siksa.”79
Carékna Sang Hyang
Tunggal: “Naon atuh lenyepaneunana, tina ieu buku suci téh? Ah, sababna alatan
kami dék ngagelarkeun carita, gelarna sanghyang siksa guru, tina ‘sanghyang
siksa’.
78sanghiang siksa guru: ajaran suci guru.
79sanghiang siksa: ajaran suci.
[Ndeh nihan sang hya trikaya madala
parisuda ngaranya Trika]
Ieu pikeun
babandingankeuneun.
Ini ma na timpalkeuneun, mulah dék
mitemen ina sang séwaka darma. Na puhun awah-awuh, tangkal ning /14v/ papa
(ka)lésa, wwit ning kaliyuga, hétu ning papa ning (na)raka. Ngara(n)na,
trimala,80 guna.
Ulah dék ngukuhan nu
kitu wahai nu ngarabdi kana darma! Tanwandé jadi sumber tina bancang pakéwuh,
sumber tina/14v/ kasangsaraan tur kahinaan, awal tina jaman burakrakan, cukang
lantaran kasangsaraan di naraka. Éta disebutna téh, trimala, (dina)
laku lampah.
80trimala: 3 kaayaan kotor, museurkeun
pangajaranana kana: ucap (sabda); lampah (ulah); jeung tékad (ambek) nu aya
dina diri manusa.
Nihan lwirnya: ika sinangguh trimala
ngaranya, kadyangganing gangsa lawan malam, tambaga lawan timah. Apa ta kangken
tambaga lawan timah?
Nya ieu wujudna téh.
Ieu nu disebut trimala, lir ibarat gangsa jeung lilin, tambaga jeung timah.
Naon nu diibaratkeun tambaga jeung timah téh?.
Ning kang tridusta:81 (sabda tan yukti), ulah tan yukti, ambek
tan yukti. Ginawayaken sabda mahala,82
ulah mahala,83 ambek mahala.84
Ieu tridusta téh: ucapan
nu teu merenah, paripolah nu henteu merenah, maksud nu teu merenah. Ngalakukeun
ucapan nu jahat, laku lampah jahat, maksud nu jahat.
81tridusta: 3 kajahatan.
82sabda mahala: ucapan jahat.
83ulah mahala: laku lampah/paripolah jahat.
84ambek mahala: maksud jahat.
Ini byaktana, ulah mahala: notok
mokol, newek meureup, ngadeudeul, no(n)jok nakétro(k), nampar na(m)pélang,
sakwéh ning lekas tangan, ya ulah mahala, nganya.
Ieu tegesna ulah
mahala: notok, nakol, newek, meureup, neunggeul, nonjok, neunggarkeun,
nampiling, jeung sakur laku lampah tina hampangna leungeun, nya éta nu disebut
ulah mahala téh.
Sabda mahala ngara(n)na: torong
gasong tanpa karana, campe(la)k sabda, numpah madahkeun, ngadudu, neluh, ngupat
guru, sakwa(é)h ning sabda tan yukti, ya sabda mahala ngaranya.
Nu disebut sabda
mahala: nuduh jeung nyarékan tanpa sabab, ngalélécé dina omongan, nyumpahan
sarta moyok, nyela, neluh, ngupat guru, katut sakur omongan nu teu pantes, nya
éta nu disebut sabda mahala téh.
Ambek mahala ma ngaranya: kira-kira,
budi-budi, ngajerum, ngagunaan, mijaheut[a]/14r/[t]an, nganeluh, ngaracun, hiri
paywagya. Ageus ma nu mupu maling papa(n)jingan[a] méda rungahadang. Sing
sawatek tan ywagya, dipitwah dipih(e)dap, ya éta ambe(k) mahala.
Nu disebut ambek
mahala: ngira-ngira, nipu, mitnah, nyihir, nganyenyeri ati, neluh, ngaracun,
hiri dengki jeung goréng sangka. Kitu deui nu ngala pepelakan batur, maling,
asup tanpa idin, napsu pikeun ngarogahala. Sakur nu henteu pantes dilakonan
sarta diniatan, nya éta nu disebut ambek mahala téh.
Yata sinangguh trimala ngaranya.
Nihan sinangguh trimala wisésa85
ngaranya. Hana ya di sang prabu, rama, resi, mwang tarahan.
Nya éta nu disebut
trimala téh. Nya ieu nu disebut trimala wisésa. Ayana di sang prabu, rama, resi
jeung tarahan.
85trimala wisésa: 3 ceda dina kakawasaan.
Ini byaktana, aya ta kajeueung nu
duka, dijual dihulunkeun, dirampas dipihehan. Yata sinangguh panca kapataka86 ngaranya, sinangguh truma(la) wisesa
ngaranya, ling sang pandita.
Ieu écésna mah: aya nu
katingali keur susah, kalah dijual dijieun budak beulian, atawa dirampas jeung
dipaéhan. Nya éta nu disebut pancakapataka, disebut ogé trimala wisésa. omongan
Sang Pandita.
86panca kapataka: 5 kasangsaraan.
***