Buuk
moal digelung deui, mun acan dikuramasan ku getih Dursasana. Moal deuk nepungan
luluhur Kuru, mun acan ngarakrak dada jeung ngajejewét baham katut nginum getih
Dursasana.
Maca
Uga Na Waruga
Sanggeus ngadegkeun karajaan
Indraprasta, Pandawa ngarasa lalugina haté. Teu gumantung kana sih piwelas
deungeun, bisa nangtung dina tangtungan tur ngadeg dina adeg-adegna.
Ngeureuyeuh nikreuh ngawangun nagri, itikurih mélaan peurih ngarah Indraprasta
boga peurah. Munasabah mun karajaan Indraprasta anu kakara ngadeg téh, mimiti
tembong nguniang boga dangiang. Tapi, nagri anu keur meujeuhna tengtrem téh,
ngadadak oyag ku karaman anu ngaganggu katingtriman. Ingon-ingon salahsaurang
brahmana, dijegud ku bapa maling. Ngadéngé béja yén banda rahayatna aya nu
ngarampog, Arjuna gilig baris nyangkalak bapa maling ku leungeunna sorangan.
Satria panengah Pandawa, gasik rék mawa gondéwa jeung jamparing pusakana. Basa
Arjuna rék nyokot gondéwa di kamar pusaka, kasampak Déwi Drupadi keur sosonoan
jeung Yudistira. Di hareupeun panto kamar pusaka, léngkah Arjuna ngarandeg.
Dirina bingung liwung, anu taya hinggana. Deuk maksakeun ngaléngkah, teu wasa
ngaganggu kabagjaan lanceukna. Lian ti ngaganggu, tangtuna ogé baris meunang
hukuman nyepi diri di leuweung salila sapuluh taun. Ari teu laju mawa pusaka,
dirina ngarasa dosa teu bisa bébéla ka rahayatna. Kajurung ku jiwa satria,
Arjuna milih meunang hukuman. Sukuna ngadadak tanagaan, léngkahna ngadadak jadi
hampang. Bari peureum ngaliwat ka hareupeun lanceukna, Arjuna laju asup ka kamar
pusaka, nyokot gondéwa jeung jamparingna. Teu lila ti dinya, gasik ngudag anu
maling ingon-ingon brahmana.
Di tapel wates karajaan, horéng aya
sababaraha ratus rampog anu keur curak-curak meuncit ingon-ingon. Jamparing
dipesat tina gondéwa Arjuna. Sakali mesat, sababaraha puluh bapa maling katiruk
jajantungna. Dina dangka anu singget, pararampog ngababatang. Gegedug rampog
serah bongkokan, sarta diasupkeun ka pangbérokan. Sanggeus mareuman karaman,
Arjuna ngadeuheus ka Yudistira seja masrahkeun diri pikeun dihukuman. Yudistira
saéstuna geus ngahampura, malah ngarasa kahutangan budi ku Arjuna anu bajuang
demi katingtriman nagri. Sanajan geus dihampura sarta leupas tina hukuman
lanceukna, Arjuna gilig rék nyingkurkeun diri ka leuweung. Arjuna tuhu kana jangji,
pageuh kana adeg-adeg satria. Rék tanggung jawab, bari sakalian meuseuh diri.
Nyaliksik diri, ku cara maca uga na waruga.
Salila nyingkurkeun diri di leuweung,
Arjuna meresihan rereged anu ngotoran kolbuna. Gindi pikir belang bayah,
diingkahkeun. Bray panon batinna ngadadak caang. Keur anteng ngaraga meneng,
ujug-ujug aya sora anu teu aya jirimna. Éta haréwos goib, méré pancén ka Arjuna
sangkan gasik nepungan Batara Krésna di nagri Darwaka –Dwaraka.
Kacaturkeun, Ajuna geus tepung jeung
Batara Krésna. Ku Krésna, Arjuna diajak ka Gunung Raiwataka pikeun nyakséni
acara hajat anu rongkah kacida. Inditna, maké karéta kancana. Arjuna diuk ngaréndéng
jeung Krésna, digigireunna aya mojang anu méncrang. Éta nyi mojang téh, adina
Kresna anu wastana: Déwi Subadra. Sapanjang jalan, Arjuna maling teuteup ka nyi
mojang. Waktu paneuteup amprok, raray Subadra tembong beureum. Aya geter rasa
anu pataréma, aya geter asih anu melentis. Krésna anu seukeut pangrasana, surti
kana geter ati Arjuna. Ceuk Krésna, anu baris pijodoeun adi kadeudeuhna téh: “satria anu utama; anu gedé wawanénna; anu
surti ngungkulan wanci; anu dalit ka sanubari; tur sakti mandraguna”. Ngadéngé
kekecapan tina galeuhna galih Krésna, Arjuna ngarasa bungangang. Dirina rék
ngabuktikeun, yén payus jadi pangaping hirupna Déwi Subadra. Arjuna ménta widi
ka Krésna, rék ngaboyong Subadra ku cara kawas bapa maling. Ku Krésna,
disaluyuan.
Waktu acara pasamoan agung geus lekasan,
Arjuna metot leungeun Subadra. Éta putri nagri Dwaraka téh ditaékkeun kana karéta,
biur Arjuna negarkeun kudana. Ningali Déwi Subadra diiwat ku Arjuna, wangsa
Yadawa –babakuna Baladéwa, lanceukna Krésna
kasundut amarahna. Batara Krésna anu apal kana watek lanceukna –anu gampang ngageutah jeruk ngahulag
Baladéwa sangkan ngabolaykeun niatna pikeun nyangkalak Arjuna. Ceuk Krésna: “anu jadi panyileukan wangsa Yadu –Yadawa nya
éta: anakna tepung jodo jeung satria utama. Kusabab geus sababaraha kali
ngabolaykeun saémbara, kiwari Arjuna némbongkeun wawanénna. Kakara ayeuna, aya
satria anu gedé kawanina. Moal nyieun laku kawas kitu, mun Arjuna lain satria
anu utama”. Ngadéngé caritaan adina, haté Baladéwa langsung léah. Baladéwa,
laju nepungan Arjuna. Kalawan diaping ku Déwi Kunti Nalibrata jeung dulur-dulur
Pandawa lianna, Arjuna mulangkeun deui Déwi Subadra. Satepina ka nagri Dwaraka,
Arjuna langsung dirapalan. Hajat rongkah tujuh poé tujuh peuting, digelar.
Sabada hajat lekasan, Arjuna ngaboyong Déwi Subadra ka Indraprasta kalayan
dijajap ku Krésna jeung Baladéwa. Kutepungjodona Arjuna ka Déwi Subadra, tali
mimitran Indraprasta jeung Dwaraka jadi leuwih weweg. Isuk jaganing géto, tina
getih Arjuna jeung Déwi Subadra, lahir: Abimanyu, anu baris ngarundaykeun
satria anu utama.
Karaton
Indraprasta
Sanggeus Abimanyu lahir, Arjuna ngajak
Krésna titirah pikeun ningtrimkeun ati ka sisi walungan Jamuna. Krésna, gasik
narima pangajak Arjuna. Keur anteng di sisi walungan Jamuna, kagareuwahkeun ku
uluk-salam aki-aki. Krésna seukeut panénjo batinna, éta aki-aki anu ngaku
brahmana téh taya lian ti Hyang Agni –Déwa
Seuneu ti Kahyangan. Si aki ménta tulung ka Krésna jeung Arjuna, pikeun
ngahuru leuweung Kandawa. Krésna jeung Arjuna rada ngahuleng basa dipinangsarayaan
ku si aki téh, sabab teu boga pusaka katut karéta kuda anu bisa lumpat ngabelesat
mun leuweung geus kahuru. Bangbaluh anu duaan, kabaca ku si aki. Si aki terus
sidakep sinuku tunggal, batinna ngagero Hyang Waruna –Baruna, Déwa Cai. Déwa Baruna mucunghul tina beungeut cai, laju
nyampeurkeun kanu tiluan. Ka Arjuna, Déwa Baruna masrahkeun pusaka gondéwa anu
dibéré ngaran: Gandéwa, lengkep jeung jamparingna. Déwa Baruna ogé masrahkeun
dua kuda bodas jeung karéta kancana ka Arjuna. Sedengkeun Krésna, dibéré pusaka
Cakra jeung Gada Sakti.
Waktu Krésna jeung Arjuna keur ngahuru
leuweung, maranéhna nempo aya danawa awéwé keur dibeberik ku raja siluman. Éta
danawa anu ngaranna Maya, lumpat kana rungkun anu teu jauh ti Krésna jeung
Arjuna. Raja siluman dicegat ku Arjuna, laju tarung patutunggalan. Arjuna gasik
mesat jamparing, ngan sakiceup, raja siluman katiir genggerongna. Danawa Maya
nganuhunkeun kana pitulung Arjuna, sarta jangji rék mangnyieunkeun karaton.
Sanggeus kedal jangji, Maya mulang deui ka nagarana.
Ningali Krésna jeung Arjuna mampuh
ngaratakeun leuweung, Hyang Indra nepungan duanana seja nepikeun kareueus pédah
geus nohonan pancén ti déwata. Arjuna diwaris pusaka ku Hyang Indra, sanggeus
kitu, Hyang Indra mulang ka Kahyangan.
Kacaturkeun danawa Maya. Kalayan dibantu
ku ratusan wadyabaladna, Maya tihothat ngawangun karaton. Dina dangka sabulan,
karaton geus ngadeg. Éndah taya bandingna, lir karaton ti Kahyangan. Yudistira
kacida bungahna, ningali karaton anu agréng. Minangka kedaling rasa tumarima ka
Gusti Nu Murbeng Alam, Yudistira rék ngayakeun upacara salametan. Puguh baé, Batara
Krésna panuju pisan. Ngan saméméh sukuran, ceuk Krésna, Pandawa kudu meruhkeun
heula raja-raja anu remen ngarampas karajaan anu lian. Kamandang ti Krésna
disatujuan ku Yudistira, sarta gasik méré pancén ka dulur-dulurna. Bima kudu
meruhkeun raja sarakah anu ngawasa di beulah Wétan; Arjuna sangkan nalukkeun
karajaan anu ngawasa beulah Kalér; Nakula nalukkeun beulah Kulon; jeung Sadéwa
kudu ngaburak-barik karajaan anu ngawasa beulah Kidul. Ku kasaktén putra-putra
Pandu Déwanata, raja-raja anu sok ngarampas nagri deungeun téh, serah
bongkokan. Atuh karajaan anu dibébaskeun ku Pandawa téh, ngarasa bungah kacida.
Minangka tanda tumarima, maranéhna sumpah satia deuk babakti sarta bumela ka
Pandawa.
Sanggeus dunya aman, sakumna nagara
diondang –kaasup Astina pikeun
sukuran karaton Indraprasta. Dina prungna salametan, kabéh tatamu olohok mata
simeuteun ningali agréng jeung éndahna karaton Indraprasta. Kitu deui Duryudana
jeung dulur-dulur Kurawa, pada hookeun.
Maén
Dadu
Samulangna ti nagara Indraprasta, Duryudana
nguyung. Dirina teu nyangka, Pandawa anu dikakaya téh bet kalahka jadi nangtung
tur nanjung. Duryudana ménta bongbolongan ka Sangkuni, pikeun ngusrukkeun
Yudistira katut dulur-dulurna. Ieu ahli waris tahta karajaan Gandara, méré
bongbolongan ka Duryudana sangkan ngajak judi ka Pandawa. Ceuk pameleng
Sangkuni, Pandawa baris ngayonan pangajak Duryudana. Hal ieu téh patali jeung
karesep Déwi Kunti Nalibrata anu nyandu kana judi, babakuna mah: maén dadu.
Bongbolangan ti Sangkuni, ditepikeun ka
bapana, nya éta: Dréstaratya. Ku Dréstaratya dihulag, teu panuju karaton Astina
dikotoran ku judi maén dadu. Dréstaratya ngageuing anakna, sangkan tong ngadéngé
papatah ti Sangkuni. Mending kénéh ngadeukeutan ka emangna –Widura, batan ka adi beuteungna –Sangkuni. Tapi lantaran pangdongsok anu
leuwih rosa, antukna Dréstaratya léah manah nyaluyuan kana niat goréng anakna.
Dréstaratya, haténa kawilang uduh. Raja anu teu boga pamadegan, gampang pisan
ngagaléongna.
Dréstaratya –sang raja Astina ngagupay Widura, sangkan ngagiringkeun Pandawa ka
pakalangan maén dadu. Widura ngajenghok, teu nyangka ka anu jadi lanceukna –anu biasana sok narima panggeuing ti dirina,
bet ngadadak robah. Caritaan Widura teu metu, kawas cai anu ragrag kana
daun bolang. Basa Widura nepikeun eusi ondangan ti raja Astina anu nangtang
ngajak maen dadu, Yudistira mungguh ngarénjag. Kusabab terus dijejeléh waé ku
Kurawa, Yudistira kacéot kana ulekan hawa napsu, ahirna narima panangtang maén
dadu.
Kacaturkeun, Pandawa geus aya di kalang
maén dadu. Sangkuni kacida bungahna, patali jeung taktik anu geus dirarancang
ku manéhna. Mimitina, anu diborehkeun téh: duit jeung emas. Dina dangka
memenitan, duit jeung emas bandana Pandawa téh: bures. Der anu jadi tarohan téh,
undak kana pakaya séjénna, kayaning: sawah; kebon; jeung ingon-ingon. Kabéh
pakaya Pandawa, ledis. Kitu deui, karaton katut eusina dijadikeun boreh. Éta ogé
karoroncodan, ledis. Banda Pandawa geus béak, taya anu bisa dijadikeun boreh. Tinggal
pakéan anu dina awak Pandawa. Antukna, pamajikan Yudistira –Déwi Drupadi katut pakéan Pandawa dijadikeun
boreh. Atuh puguh baé, Sangkuni jeung Kurawa kacida bungahna. Hayang ngakaya
Pandawa jeung ngajejeléh Praméswari raja Yudistira téh, bakal tinekanan ngabukti.
Ngadéngé Déwi Drupadi anu dijadikeun boreh dina kalang judi, Widura ngusap
birit, ngejat ninggalkeun kalang judi.
Sangkuni, sang maestro maen dadu. |
Ku nyeri-nyerina batin Déwi Drupadi,
kedal sumpah: “buukna moal digelung deui,
mun acan dikuramasan ku getih Dursasana”. Kitu deui Bima, ragrag ucap: “moal deuk nepungan luluhur Kuru, mun dirina
acan ngarakrak dada jeung ngajejewét baham katut nginum getih Dursasana”.
Waktu Déwi Drupadi jeung Bima kedal sumpah, ngadadak jagat inggeung –totondén sumpahna disakséni ku déwata.
Ningali jagat gonjang-ganjing, Widura gasik nepungan raja Astina sangkan
ngeureunkeun hukuman ka Pandawa. Dréstaratya katodél haténa, judi téh teu
diteruskeun. Kitu deui hukuman Pandawa dicabut, pakaya anu geus ledis
diborehkeun, dibalikkeun deui ka Pandawa. Pandawa bisa mulang deui ka
Indraprasta, kalayan maké pakéan sakumaha mistina.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar