Jumat, 08 Agustus 2014

Wayang 11



Paroman Arya Widura, alum. Batinna asa digerihan ku hinis, teu téga ningali nasib Pandawa anu kudu ngalaman katalangsara, kualatan dikakaya baé ku Kurawa. Dirina ngarasa dosa, teu bisa ngalaksanakeun amanat lanceukna anu kudu ngaping ngajaring Pandawa.
Maen Dadu

Maén Dadu Deui
Ningali Pandawa getihan deui, kaceuceub Duryudana jeung dulur-dulurna beuki ngandelan. Rék ngajorag teu wasa, sarta moal kauntup deuih. Anu geus écés baris bisa meruhkeun Pandawa mah, nya ngan ku cara judi deui. Ngan lebah tarohanna, ayeuna mah kudu leuwih beurat sarta bisa ngagebruskeun Pandawa kana jungkrang anu leuwih hina. Sanggeus babadamian jeung dulur-dulurna, Duryudana geuwat nepungan Sangkuni pikeun nyieun siasat anu leuwih lantip.
Sangkuni –anu ti burey kénéh geus diasuh ku duruwiksa kana urusan kariceuwan mah, memang mandahongna. Dirina geus ngararancang tarohan maén dadu, nya éta: “anu éléh dina kalang maén dadu, kudu hirup leuleuweungan salila dua welas taun sarta kudu nyumput di nu caang salila sataun. Dina taun kaopat welas, kakara bisa mulang deui ka karaton. Salila keur nandangan hukuman, teu meunang katémbong ku pihak anu meunang. Mun katohyan, hukumanna kudu dibalikan deui”.
Éta rarancang, ditepikeun ka raja Astina –Dréstaratya jeung Déwi Gandari. Ngadéngé anakna deuk ngagelar judi deui, Déwi Gandari jeung Arya Widura –adi Dréstaratya kacida teu panujuna. Kateupanujuan Déwi Gandari, ditepikeun ka carogéna –Raja Dréstaratya. Tapi, haté Dréstaratya geus lolong –sarua jeung panon lahirna. Niat jahat anakna, diayunkeun. Panggeuing ti praméswari jeung adina, teu diwaro. Atuh puguh baé tumerapna ka Duryudana mah, asa dijurung laku.
Kacaturkeun Duryudana jeung Dursasana kalawan dianteur ku Sangkuni, nepungan Yudistira –pikeun ngajak tarung deui di kalang judi. Teuing naon atuh anu eunteup dina haté Yudistira, basa ditangtang tarung maén dadu –padahal mah kungsi ngawiwirang dirina jeung dulurna, bet diayonan deui.
Gancangna carita, judi maén dadu digelar deui. Pandawa kasoran deui, daék teu daék kudu narima hukuman –nya éta: hirup di leuweung salila dua welas taun jeung nyamur sataun. Duryudana jeung Dursasana –katut dulur-dulur Kurawa lianna, surak ayeuh-ayeuhan basa Pandawa kudu ingkah ti karaton. Kecap-kecap anu matak rungseb kana haté, dikedalkeun ku Kurawa. Atuh puguh, matak ngahudang amarah Pandawa. Bima kedal ucap, baris nyacar bolang Duryudana jeung Dursasana. Arjuna baris niruk jajantung Adipati Karna, jeung Sadéwa bakal maténi Sangkuni. Sanggeus kedal sumpah, Pandawa amitan ka Dréstaratya; Bisma; Widura; katut papayung agung nagri Astina séjénna.

Leuleuweungan
Basa Pandawa jeung Déwi Kunti Nalibrata indit ti karaton, réwuan rahayat Astina ngilu ngajajap –malah réa anu rék marengan salila hirup di leuweung. Ningali kasatiaan jeung kanyaah rahayat anu sakitu ihlasna, Déwi Kunti jeung Pandawa, haténa ngarakacak teu kawawa nahan bedah cimatana.
Disatengahing jalan –di tengah-tengah alas, ujug-ujug aya haréwos goib sangkan Yudistira susuci jeung kudu mujasmédi madep ka Hyang Widi. Waktu Yudistira sidakep sinuku tunggal, geter batinna tembus ka langit ping pitu. Sang Déwa Srangéngé mancerkeun cahaya, kana dada putra cikal Pandu Déwanata ieu. Yudistira lugay, tuluy nyungkemkeun sembah ka Batara Surya. Ngabudalkeun eusi batinna, anu mataholangna museur kana kasalametan sarta eusi peujit rahayat jeung kaum brahmana anu ngilu leuleuweungan jeung Pandawa. Déwa Srangéngé ngobulkeun paménta Yudistira, kaasup bekel kadaharan salila hirup di alas bandawasa. Batara Surya méré pariuk anu eusina rupa-rupa kadaharan. Éta pariuk, mun disiuk, eusina tara korédas. Unggal disiuk, unggal nambahan.
Kacaturkeun di nagri Astina. Arya Widura, alum. Batinna asa digerihan ku hinis, teu téga ningali nasib Pandawa anu kudu ngalaman katalangsara, kualatan dikakaya baé ku Kurawa. Dirina ngarasa dosa, teu bisa ngalaksanakeun amanat lanceukna –Pandu Déwanata anu kudu ngaping ngajaring Pandawa. Kajurung ku rasa tanggung jawab sarta nyaah ka Pandawa, Arya Widura gasik nepungan lanceuk cikalna –Dréstaratya anu keur nyakrawati ngabahu denda, jadi papayung nagri Astina. Arya Widura nyicikeun eusi batinna, sangkan Pandawa jeung Kurawa, pacantél. Pakaléng-kaléng agung, hirup sauyunan. Sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan. Sabab tunggal sakokocoran, nya éta: teureuh Kuru. Ku Dréstaratya, teu diwaro. Batin sang raja Astina, geus kalimpudan ku peurahna Sangkuni. Puguh baé, Arya Widura teu wani nambalang. Inggis lanceukna, kasigeung manahna.
Dina hiji waktu, bakat ku geus ngarasa teu tahan, karérab ku niat julig Duryudana anu deuk ngabinasa Pandawa, Arya Widura nepikeun kamandangna ka Dréstaratya, sangkan Duryudana jeung Sangkuni ditamping ti nagri Astina. Ngadéngé caritaan kitu, sang raja Astina kacida murkana. Arya Widura dianggap déngdék topi, sarta boga haté goréng ka Kurawa. Anu panustrunganana, Arya Widura kudu ingkah ti karaton Astina. Arya Widura geus gilig haténa, seja nuturkeun Pandawa di alas bandawasa.
Sanajan hirup di leuweung anu sarwa walurat, Arya Widura ngarasa betah. Katambah ku ningali kaayaan paraputra Pandu, anu matak pikayungyuneun. Keur meumeujeuhna betah, jol aya utusan ti nagri Astina, mawa layang ti raja Dréstaratya anu eusina sangkan Arya Widura geuwat mulang ka Astina. Sanajan beurat kudu papisah jeung Pandawa, Arya Widura nohonan panggupay ti lanceukna.

Pépéling
Basa ningali pamanna –Arya Widura aya deui di karaton, para-Kurawa ngarasa keuheul. Ayana Arya Widura, teu weléh mageran kana karepna Kurawa. Arya Widura dianggap cucuk rungga, dianggap mérang anu mawa ateul kana kahirupan Kurawa. Komo basa ngadéngé Pandawa masih kénéh kumelendang mah, Duryudana ngarasa teu sugema. Geuwat ngayakeun gempungan di karaton, ngararancang pikeun nyieun réka perdaya deui, sangkan Pandawa paragat nyawana.
Keur guntreng badami, torojol Bagawan Wyasa –Abyasa, sesepuh nagri Astina. Bagawan Abyasa geus bisa ngobét eusi anu dipadungdengkeun ku Duryudana katut dulur-dulurna, gasik ménta sakumna Kurawa ngariung di paséban kalawan dihadiran ku sang raja Astina. Bagawan Abyasa nepikeun pépéling, sangkan Kurawa akur tur runtut-raut jeung Pandawa. Mun pajauh huma, pagirang-girang tampian, nagri Astina baris burakrakan sarta Kurawa baris tumpur. Sanggeus nepikeun pépéling, sang bagawan méré iber yén nagri Astina bakal katatamuan ku Maharesi Métreya. Sanggeus kitu, Bagawan Abyasa ngagibegkeun awakna, leungit jirimna.
Aya meureun sapanyeupahan mah, kurunyung Maharesi Métreya datang. Datangna sang maharesi dimomorékeun pisan, saurang ogé taya anu ngabagéakeun. Sang maharesi peupeujeuh, sangkan Duryudana hirup sauyunan jeung Pandawa. Naséhat sang maharesi, teu diwaro. Lian ti dimomorékeun, ucap jeung lampah Duryudana matak nyigeung mamaras sang maharesi. Sosorongot, bari nepakan pingpingna. Ningali laku lampah kitu, sang maharesi nyiuk cai tina bokor anu aya dihareupeunna, bari kedal supata: “Héy Duryudana putra Dréstaratya, anjeun geus nyacampah kami. Ngahina ka bagawan, sarta teu narima pépéling ti kami. Dina perang Baratayuda, di palagan Kuru Sétra, pingping anjeun bakal remuk ku gada Bima. Anjeun bakal tinemu jeung ajal, jadi tumbal Baratayuda”. Ngadéngé supata sang maharesi, Dréstaratya gasik nyampeurkeun bari nyuuh kana lahunan sang maharesi. Sang raja Astina ménta, sangkan maharesi nyabut supatana.

Dilayad
Warta ngeunaan Pandawa di tamping ka leuweung, geus sumebar ka sajagat pawayangan. Batara Krésna dibarengan ku Déwi Subadra jeung Dréstaketu –raja ti nagri Cedi, ngalongok Pandawa. Basa Krésna ngadéngé dongéng ngeunaan telengesna Duryudana, pudigdig bijil amarahna: “Jagat baris nyeuseup getih Duryudana; Karna; Dursasana; jeung Sangkuni. Éta mahluk, hirupna geus sasab. Kudu sagancangna leungit ti ieu jagat, kudu ku leungeun kuring ancurna”. Ceuk Krésna, satria titisan Batara Wisnu, bari téténjrag. Sanggeus leler tina amarah, Krésna ngedalkeun kahanjeluna, teu bisa mageran maén dadu. Mun seug harita dirina aya di sagédéngeun Pandawa, nasib Pandawa moal nepi ka katalangsara. Amarah Krésna nguniang deui, waktu Déwi Drupadi ngadadarkeun lalakonna basa ditaranjangan ku Duryudana jeung Dursasana. Untungna, Arjuna bisa nyiram seuneu amarah Krésna. Déwi Subadra teu kawawa nahan rasa kingkin anu gumulung dina jero kolbuna, waktu ningali kaayaan salakina –Arjuna anu awakna rangkebong begang. Arjuna gasik ngabeberah bojona, bari mangku Abimanyu, anak kadeudeuhna. Sanggeus silih nyicikeun kasono, Krésna jeung Déwi Subadra, amitan. Mulang ka nagri Dwaraka, kitu deui sobat-sobat lianna, miang ka nagara séwang-séwangan.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar