Keur
ngagugat kajadian Cimarémé, Muhammad Sanusi nerbitkeun buku “Génjlong Garut”
anu eusina nyempad tindakan pamaréntah kolonial anu dianggap biadab jeung
telenges ka urang Cimarémé. Banjir Getih di Cimarémé saterusna sok diadurényomkeun
sabagé:
Afdeling B Affair, Tjimarémé Affair,
atanapi Garoet Affair. Skandal Garut, ku dibantéyna urang Cimarémé lantaran
wangkelang kana Aturan Setopan pamaréntahan Walanda.
|
Peristiwa Cimareme 1919, Chusnul Hayati. |
Latar
tukang
Lembur Cimarémé dina mangsa taun 1919-an
aya di wewengkon Désa Cikendal, Kawadanaan Lélés –kiwari, Cimarémé asup ka Kacamatan Banyuresmi. Anggangna,
kirang-langkung 15 km ti pusat Kota Garut –30
darajat arah Timur Laut ti pusat Kota Garut. Di wewengkon ieu, geus ngadeg
tilu masjid anu sumebar di tilu kampung, nya éta: Kampung Cimarémé; Kampung
Babakan; jeung Kampung Cikadongdong. Kitu deui di Cimarémé, harita geus ngadeg
hiji pasantrén anu dipingpin ku KH Tubagus Alfani –seuweuna Ki Artanudin, putra dalem anu ngahaja ngababakan (nyieun
lembur) di wewengkon Cimarémé. Sanggeus bérés ngalap élmu agama Islam ti Syéch
Abdul Muhyi di Pamijahan Tasikmalaya, KH Hasan Arief –seuweu (putra pameget) KH Tubagus Alfani mantuan ramana ngokolakeun
pasantrén Cimarémé. KH Hasan Arief lian ti méré pangaweruh agama, ogé méré
pangaweruh ka rahayat dina widang tatanén –sangkan
bisa ngaronjatkeun hasil tatanén. Pikeun ngahontal udagan éta –ngaronjatkeun hasil tatanén, KH Hasan
Arief miwah ramana, ngahaja ngabendung ranca –rawa Cibudug. Caina dikamalirkeun ka pasawahan, atuh najan halodo
entak-entakan ogé, di lembur Cimarémé mah tara kungsi tigerat ku cai.
Kitu deui ka santri-santrina, henteu
diajar ngaji jeung maca kitab wungkul, tapi ogé diajar kana élmu béladiri
saperti maénpo –penca sarta diajar
kaahlian ngagunakeun pakarang bedog jeung pedang. Tujuanana, taya lian sangkan
rahayat lain ngan ukur seubeuh beuteung wungkul, tapina ogé, kudu boga kamampuh
jeung kakuatan pikeun ngabéla diri jeung ngabéla lemah caina. Anu matak teu héran,
upama mangsa harita, di Cimarémé geus ngadeg pakumpulan béladiri Penca Silat
“Gerak Tjepat”.
Keur patalimarga –lalu lintas balaréa, anjeunna ngahaja muka jalan antara Silalangon
jeung Cibudug –anu perenahna pahareup-hareup
jeung lembur Cimarémé. Atuh pikeun kaséhatan awak atanapi olahraga-na, di
Cimarémé diadegkeun pakumpulan sépak bola “Koempoelan Voetbal Merdéka Tani”.
Sedengkeun keur urusan pulitik mah, ping 14 Agustus 1914, KH Hasan Arief
ngadegkeun organisasi gerakan bawah tanah anu dingaranan: Tjimawaramé.
Pejahna Perang Dunya Kahiji (1914-1918),
mawa kaayaan anu harénghéng kana ékonomi dunya. Lain wungkul dirasakeun ku
nagara anu keur parerang –Perang Dunya
Kahiji kajadianna di Éropa, tapi ogé nerekab ka wewengkon lain saperti ka
Nusantara anu mangsa harita jadi jajahan Walanda. Di tengah-tengah bahaya
kalaparan anu bakal kasorang ku rahayat, dina taun 1918 pamaréntah kolonial
Walanda nerapkeun aturan “wajib jual paré”. Parapatani dipaksa ngajual paré ka
pamaréntah anu lobana opat pikul –kirang-langkung
6,5 kg, tina tiap-tiap sabau –50
tumbak atanapi 700 m2 lahanna. Mangsa harita, aturan wajib jual
paré téh kawentar ku sebutan: Aturan Setopan atanapi Pameulian Paré. Aturan Setopan
ditetepkeun ping 24 Maret 1919 jeung dimuat dina Algemeene Voedselvoorziening,
anu pelaksanaanna diserahkeun ka para Wadana. KH Hasan Arief anu ngabogaan 10
bau sawah –ngahasilkeun 250 pikul paré,
ku aturan ieu, diwajibkeun ngajual 42 pikul paré-na ka pamaréntah.
Aturan
Setopan
Balukar kadesek ku Perang Dunya téa,
pamaréntah kolonial Walanda kacida pisan pusingeunana, lantaran maranéhna béakeun
bekel. Antukna Walanda ngaluarkeun dua aturan: ngarobah kebon tiwu sangkan
dijieun sawah, jeung ngawajibkeun patani ngajual paré ka pamaréntah. Aturan pikeun
ngarobah kebon tiwu jadi sawah, teu metu –lantaran
juragan kebon tiwu anu kabéhanana urang walanda, nolak kana éta aturan.
Ahirna pamaréntah kolonial maksakeun aturan anu kadua –nya éta: ngawajibkeun patani ngajual paré ka pamaréntah, lantaran
rahayat jajahan mah leuwih gampang disingsieunan. Tina sabau, kudu dijual opat
pikul. Mending lamun dibeulina kalawan pantes, da ieu mah kacida pisan dipoponténg
pisan. Harita, numutkeun Soerabajaasch Handelsblad, harga paré di pasaran téh
nya éta f 7,50 sapikulna, tapi ku pamaréntah ukur dibeuli f 4. Aturan kitu téh
matak beurat keur patani mah, antukna loba anu narah –embung ngajual paréna. Balukarna, loba leuit patani anu diségel ku
pamaréntah kolonial –nu geus béakeun akal
pikeun ngungkulan kakurangan dahareun.
Lurah Cikendal –Wiraatmadja nepungan urang Cimarémé, pikeun ngabéwarakeun soal
aturan “tina sabau kudu ngajual opat
pikul” –anu kawentar disebut: Aturan
Setopan, téa. Ngan ku KH Hasan Arief ditolak, lantaran beurat teuing,
katurug-turug hasil panénna teu salawasna hadé. Kulantaran Aturan Setopan “teu
diwaro” ku KH Hasan Arief, pamustunganana lurah Cikendal buru-buru laporan ka
Wadana Lélés –ngeunaan sikep urang
Cimarémé kana Aturan Setopan téa.
KH Hasan Arief nyieun surat anu
ditujukeun ka Kangjeng Dalem Garut –Raden
Adipati Soeria Karta Legawa (1915-1929), anu eusina ménta karinganan tina
Aturan Setopan. Urang Cimarémé ménta sangkan éta aturan dirobah tina “opat
pikul jadi sapikul tina sabau”. Kangjeng Dalem ngutus Wadana Lélés –R. Kusumahardja sangkan nepikeun: yén
Aturan Setopan teu bisa dirobah, sarta lamun urang Cimarémé wangkelang, tanwandé
baris ditibanan hukuman.
KH Hasan Arief nyieun deui surat anu ditujukeun
ka Asistén Résidén Garut –L. van Weeldern,
ku Weeldern éta surat téh salajengna dikirimkeun ka Résiden Priangan Timur (Jhr. L Dc Steurs) di Bandung, eusina sarua:
pikeun ménta karinganan Aturan Setopan. Euweuh balesan ti Kangjeng Asistén Résidén
téh, ngan béja geus sumebar, pajah KH Hasan Arief baris di-Drél –ditibanan hukuman pati.
Organisasi
Tjimawarame
Sanggeus yakin pamaréntah teu méré ombér
kana pameredih rahayat Cimarémé, KH Hasan Arief mimiti tatahar ngayakeun
persiapan. Hasil tina babadamian kana léngkah gerakan Tjimawaramé, aya dua
kaputusan. Kahiji, di Cimarémé kudu aya kagiatan pikeun nyusun kakuatan lahir
batin ku cara ngayakeun latihan élmu béladiri. Kadua, gerakan Tjimawaramé kudu
ménta dukungan ka Sarékat Islam Affdelling B anu mibanda patékadan nu sarua
pikeun ngagulingkeun pamaréntahan Walanda.
KH Hasan Arief tuluy ngayakeun hubungan
jeung parapangurus Sarékat Islam Affdélling B, sarta ménta dukungan jeung doa,
lamun mah kudu ngalaksanakeun perang jihad. Patékadan KH Hasan Arief ngalawan
pamaréntah kolonial, geus meunang dukungan ti Sarékat Islam. Sarékat Islam rék
mantuan KH Hasan Arief, pikeun ngarubuhkeun pamaréntahan Walanda –anu harita keur nyanghareupan Perang Dunya
Kahiji. Sanggeus meunang dukungan ti Sarékat Islam kana gerakan Tjimawaramé
–aktivis Sarékat Islam ngahaja datang ti
suklakna ti siklukna ka Cimarémé, keur méré dukungan katut nambah kakuatan keur
urang Cimarémé, kakuatan KH Hasan Arief mingkin kuat jeung tohaga.
Organisasi pergerakan Tjimawaramé,
mimiti robah jadi ngaran: Tjimimitiramé –lantaran
KH Hasan Arief geus teu sieun deui ngumumkeun perang jihad ka pamaréntah
kolonial. Kaayaan Lembur Cimarémé mimiti pada ngadareugdeug, wadyabalad bala
bantuan ti luar saperti ti daerah: Cirebon; Banten; Cikampék; Tasikmalaya;
Bandung; jeung Sumedang, rabul daratang. Daratangna teu léngoh, mawa bebekelan
jeung pakarang saboga-bogana.
Rahayat Cimarémé unggal poé caringcing
pageuh kancing saringset pageuh iket, samagréng ku pakarang bari teu lésot tina
iket kaén bodas. Urang Cimarémé geus meunang béja yén pamaréntah kolonial baris
ngayakeun tindakan dina poé Juma’ah, tanggal 9 Agustus 1919.
Banjir
Getih
Lila kénéh ka bulan Agustus 1919 téh,
meneran poé Juma’ah ping 4 Juli 1919, rombongan Kangjeng Asistén Résidén;
Kangjeng Dalem Garut; Panghulu Garut; katut Wadana Lélés –bari diiringkeun ku 60 urang pasukan Marsosé atanapi Veld Politie (Pulisi
Désa), ngaronghéap ka lembur Cimarémé. Rombongan kolonial teu wudu
reuwaseun, teu nyangka yén urang Cimarémé geus siap perang. Dina ieu
kasempetan, KH Hasan Arief hayang ngayakinkeun bener henteuna sakabéh sawah
bogana, rék di béslah –di sita ku
pamaréntah, sarta mermanakeun béja yén KH Hasan Arief katut sakabéh anak incuna
baris ditibanan hukuman pati ku cara di drél.
Dijawab ku Kangjeng Asistén Résidén, yén
pamaréntah mah ngan ukur rék meuli paré lobana opat pikul tina saban-saban
sabau. Nempo kaayaan anu matak pibahayaeun ka rombongan pamaréntah, tanwandé
pihak pamarentah bakal bobor karahayuan lantaran teu mawa tentara loba. Satuluyna
Kangjeng Asistén Résidén ngarérépéh urang Cimarémé anu geus samagréng pakarang,
jeung jangji rék nedunan paménta urang Cimarémé. Sanggeus kitu mah, rombongan
pamaréntah baralik deui di iringkeun ku tentara Marsosé.
Rahayat Cimarémé teu wudu barungaheun,
lantaran teu tulus bégalan pati. Kitu deui tamu anu ngahaja datang ti luar daérah
–nu maksudna rék mantuan ka pihak
Cimarémé, nungtutan baralik ka lembur séwang-séwangan. Kaayaan lembur Cimarémé
balik deui cara sasari, rahayatna soson-soson ngagarap sawah jeung kebonna.
Pakarangna diteundeun deui di imah masing-masing, kitu deui jimat anu dijieun
tina lawon bodas dilaan tur dihijikeun, diteundeun di imah KH Hasan Arief.
Rahayat Cimarémé lalugina deui hirup di
lemburna, jongjon molah sawah sangkan hasilna nyugemakeun. Rahayat teu kudu
ngajual opat pikul tina sabau, ngan ukur ngajual sapikul tina sabau.
Pamaréntah kolonial anu méré kalonggaran
ka urang Cimarémé –dina aturan Setopan,
ukur taktik wungkul sangkan rahayat teu boga karep ngalawan. Kaping 6 Juli
1919, pamaréntah kolonial ngadatangkeun 40 urang infanteri anu dipingpin ku
Mayor van Der Bie jeung Letnan Hillen. Kitu deui, ngadatangkeun pasukan anu
jumlahna 30 urang ti Tasikmalaya pingpinan komandan Raes. Senén 7 Juli 1919,
lembur Cimarémé dijorag deui ku pihak pamaréntah bari dibarengan ku 300 urang tentara
Marsosé anu samagréng pakarang. Puguh waé rahayat Cimarémé asa didodoho, asa
dipacikeuhkeun. KH Hasan Arief kakara sadar kana tipu muslihat pihak pamaréntah,
ari geus dikepung mah rék bisa ngalawan kumaha da moal kauntup. Réngsé solat
Duha jeung ngadu’a di masjid, KH Hasan Arief tuluy asup ka imah dituturkeun ku
sakabéh anak incuna. Di jero imah, kabéhanana dititah dzikir muntang tulung ka
Alloh lantaran geus teu walakaya pikeun ngalawan.
Ti luar imah, aya anu ngagorowok nitah
pangeusi imah kalaluar, dibarung ku sora témbakan anu kerep pisan. Kaayaan jadi
beuki tagiwur, kolot budak patingjarerit lantaran tentara Marsosé terus némbakan
ka jero imah. KH Hasan Arief harita kénéh katémbak, rubuh tur guyang getih.
Barang kanyahoan KH Hasan Arief geus rubuh, tentara Marsosé ngeureunkeun témbakanana,
satuluyna nyerek sakabéh urang Cimarémé.
Anu maot aya tujuh urang –opat urang maot sapadaharita, kaasup KH
Hasan Arief, anu tatu parna aya 19 urang –saurang maot satengah jam saentasna kajadian, saurang deui maot di
rumah sakit. Ari anu salamet, harita kénéh dicangkalak jeung ditibanan
hukum –tinibanan hukuman dilaksanakeun
sanggeus pihak kulawarga KH Hasan Arief, ngusulkeun ka Gubernur Jénderal di Buitenzorg
(Bogor) sangkan tawanan diprosés sesuai hukum anu berlaku. H Godjali –minantu KH Hasan Arief, ditibanan
hukuman 15 taun panjara tur dikirim ka panjara Sawahlunto Sumatera; tuluy ka Golodog
–Glodok Batavia; ahirna dibuang ka
Pulai Ai. Atmaka; Haji Manan; Haji Manaf; katut H Hasanudin, masing-masing 5 taun
di Sawahlunto, Sumbar. Genep urang incu KH Hasan Arief ditibanan hukuman dua
taun tur dibuang ka Digul jeung ka luar Pulo Jawa. Layon KH Hasan Arief dimakamkeun
di Pasir Astana Gabus, kirang-langkung 1 km di kiduleun Kampung Cimarémé.
Kiwari, jenengan KH Hasan Arief, janten nami jalan raya anu ka Banyuresmi
Garut.
Pitenah
Kajadian di Cimarémé tanggal 7 juli 1919
ieu, nginggeungkeun pulitik Hindia Walanda –malah
tepi ka diadurényomkeun di Voolksraad (Wakil Rahayat). Éta kajadian
diadurényomkeun ngagunakeun sababaraha istilah, saperti: Afdeling
B Affair, Tjimarémé Affair, Garoet Affair, jeung sajabana. Anu nyempad kana tindakan
tentara ka urang Cimarémé, ngasongkeun pamanggihna téh lain ukur di Voolksraad
wungkul, tapi ogé ngayakeun démonstrasi di lapangan Gambir Batavia. Intina, tindakan
pamaréntah ka urang Cimarémé téh dianggap kaleuleuwihi.
Ku pamaréntah kolonial Walanda, kajadian
Cimarémé téh sasat jadi waktu anu merenah pikeun ngalemahkeun pergerakan kaom
Sarékat Islam jeung Komunis. Pamaréntah kolonial jadi boga alesan pikeun néwakan
anggota “komplotan rahasia” –kaom
pergerakan, anu dianggap rék ngaruntagkeun pamaréntahan Walanda.
Kajadian Cimarémé dipatalikeun jeung pejahna
Kongrés Sarékat Islam di Semarang –pamaréntah
kolonial ngangkat isu ayana kelompok SI bawah tanah anu make istilah: SI Affdelling
B. Mémang, dina kongrés mangsa harita, anggota Sarékat Islam loba anu pabéntar
paham. Aya anu ngusulkeun, dina merjuangkeun kamerdékaan téh kudu ngagunakeun
cara radikal –saterusna anu boga
pamadegan kitu téh disebut: Affdelling B (kelompok/cabang B). Semaun –jeung nu sahaluan radikal, ngadegkeun
Sarékat Islam Mérah –pikeun ngabédakeun jeung
Sarekat Islam Putih anu dipingpin ku HOS Tjokroaminoto. Ku pamaréntah kolonial,
unggal pasantrén jeung tokoh agama anu baruntak ka Walanda, dianggap “diseuneuan”
ku SI Affdelling B. Leuwih jauh, SI dituduh kudu tanggung jawab kana kajadian
Cimarémé. Padahal, pasualan “wajib jual paré” anu hargana dipoponténg leuwih
murah batan harga pasar, ku Walanda henteu dikahareupkeun.
Aya ogé urang Walanda anu nyempad tindakan
pamaréntah kolonial –anu ngaranna Dr. GAJ
Hazeu. Inyana nyebutkeun: naon-naon
anu ditudingkeun ku Bupati Garut ka SI téh, ukur pitenah. Tina hasil
panalungtikan Hazeu, katohyan yén Bupati Garut geus maksa bari ngancam ka
pangurus SI Cabang Garut sangkan “nga-enyakeun” sakur anu ditudingkeun ku pamaréntah.
Kukituna –lantaran teu sapaham kana
tindakan dununganana, Dr Hazeu ahirna ngundurkeun diri tina jabatan salaku
panaséhat pamaréntah urusan agama Islam. Keur ngagugat peristiwa Cimarémé,
Muhammad Sanusi nerbitkeun buku: Génjlong Garut –eusina nyempad tindakan pamaréntah kolonial.
***