Budaya,
cicirén hiji bangsa. Leungit budayana, bakal leungit ogé bangsana. Teu béda
jeung “Kulonuwun” tina budaya Jawa atanapi “Horas” ceuk urang Batak, kecap
“Sampurasun” dina budaya Sunda mibanda beuti harti: kudu silih-ajénan. Islam
jeung Sunda, diucapkeunana ogé dina tarikan napas anu sarua. Taya pagedrug
antara ajaran Islam jeung Sunda, iwal ti aya anu ngagedrugkeunana mah.
Etimologi
Kecap “sampurasun” mimitina diucapkeun
ku nu rék nyémah atawa ku anu rék natamu. Hareupeun panto, anu rék nyémah téh
sok ngucapkeun: Sampurasun !. Nu boga imah, biasana sok ngajawab: Rampés !. Ka
béh dieu-eun, kecap sampurasun dipaké bubuka dina pidato –boh basa Sunda atawa pidatona maké basa Malayu. Diucapkeunana,
sanggeus awéh salam –assalamu’alaikum
warohmatulloh wa barokatuh. Ku kituna, di Tatar Sunda, bubuka pidato téh
aya dua ucapan, nya éta: salam jeung sampurasun.
Aya anu nyebutkeun kecap “sampurasun” téh,
asalna tina kalimah: sampurna ning ingsun –hartina:
sampurnakeun diri urang. Ngan tina jihad élmu pangaweruh, éta kalimah téh
tacan kapanggih jujutanana –leuwih
deukeut kana: kirata (dikira-kira sangkan nyata). Atuh, ti mana asalna
kecap sampurasun ?
Dina Kamus Umum Basa Sunda anu
dikaluarkeun ku Lembaga Basa & Sastra Sunda, kecap sampurasun téh hartina:
punten atawa pangapunten, ucapan nu rék nyémah. Numutkeun kamus basa Jawa
Kuna-Inggris anu disusun ku Zoetmulder –Old
Javanese English Dictionary, kapanggih entri: sampura; sampuri; sinampura;
jeung sinampuri. Sedengkeun dina kamus Kawi-Indonesia susunan Prof Dr S
Wojowasito, nétélakeun yén entri “sampura” téh hartina: dimaafkan, diampuni –mun dina basa Sunda mah: dihapunten,
dihampura. Ngan di masarakat Sunda mah, kecap sampura téh ditambahan “sun”,
jadi: sampurasun. Sedengkeun “sun” atawa “ingsun” dina kamus Kawi-Indonesia,
hartina: saya –abdi; simkuring (kecap
ganti munggaran). Ku kituna, tina jihad étimologi –asal-usul kecap, sampurasun téh tina kecap: “sampura sun” atawa
“sampura ingsun” –hartina: hampura
simkuring.
Najan enya tina basa Kawi, tapi sampurasun
geus jadi salahsahiji jati diri urang Sunda. Kecap sampurasun mangrupa tanda
pangakuan, yén nu ngaranna jalma mah, teu lesot tina kaluluputan jeung
kasalahan. Ku kituna, bisi ngabaribinan pribumi atawa ngaganggu, anu rek nyemah
téh miheulaan ku: ménta dihampura. Kitu deui pribumi, sémah anu sampurasun téh
dijawab: rampés –hartina: mangga;
sami-sami ngahampura. Cindekna, silih-hampura ngaliwatan sampurasun-rampés,
nadeskeun yén budaya Sunda téh “mutiara budaya” anu euyeub ku: norma; étika;
jeung tatakrama anu luhung ajénna. Teu pabéntar jeung agama katut darigama.
Tatakrama
Kecap sampurasun, mangrupakeun banda
budaya “maha-karya” karuhun Sunda. Banda budaya, lain pusaka, tapi mangrupa
pakakas pikeun nyampurnakeun perangkat hirup lahir jeung batin. Banda budaya ogé,
lain kudu dipuja didama-dama, tapi kudu dipulasara –sabab di jerona, euyeub ku ajén-inajén luhur. Sampurasun, hiji
ungkara sangkan dina ngalaksanakeun pagawéan, leuwih ti heula kudu nyucikeun
diri jeung ngaberesihan rereged késang dunya anu nyangkaruk dina diri.
Unggal sélér bangsa, geus tangtu mibanda
budaya anu khas. Tina budaya, aya tutungkusan anu euyeub ku ajén-inajén titinggal
ti luluhur atawa karuhunna. Tutungkusan atawa tali-paranti ti karuhun Sunda ieu,
diwadahan dina waruga budaya jeung dibungkus ku silib tur siloka. Budaya
dijadikeun “pager” -na kapribadian, keur pamageuh adeg-adeg jeung jadi alat
pikeun ngalemeskeun budi. Salahsahiji dina budi pekerti, nya ilaharna sok disebut:
tatakrama.
Tatakrama rék nyemah atawa rék pidato –najan ka anu karék panggih ku ménta
dihampura heula, éta téh mangrupakeun tanda pangakuan: yén anu ngaran jalma
mah, teu lésot tina kaluluputan. Sabenerna, ménta dihampura ka sasama, perlu
rajeun dipilampah. Sangkan –boh salila
hirup, boh sabada ninggalkeun alam ramé urang Sunda, teu kabeungbeuratan ku
dosa atawa kasalahan ka papadana.
***
Nyungkeun widi, ku abdi disumebarkeun ieu elmu, ka dulur tur baraya kuring
BalasHapus