Minggu, 29 Juni 2014

Naskah Sanghyang Sasana Maha Guru



Naskah Sanghyang Sasana Maha Guru

1 – Pañcawédani1
Ndeh2 Sanghya(ng) Sasana Maha Guru ngaran sanghyang3 pustaka. Sasana4 ma ngaranya urut nu ti heula. Maha5 ma nu leuwih ti leuwih, tina dunya. Guru ma [ma] ngara(n)na puhun6 nikang rat7 kabéh.
Nya ieu pustaka suci Sanghyang Sasana Maha Guru téh. Sasana hartina titinggal ti nu ti heula. Maha hartina nu leuwih ti nu leuwih, ti (saamparan) dunia. Guru hartina sumber pikeun sakumna manusa.
1pancawedani: asal tina: panca=lima; we=cai; dani=sapu nyere. Pancawedani : lima jalan pikeun manusa enggoning mersihkeun jiwana tina rupa-rupa pangaruh goréng, nyaéta bwah, paksa, huning, temen, jeung daék.
2ndeh: ‘Tah !’ (kecap panyeluk), nihan: ‘ieu’ (kecap panuduh)
3sanghyang: suci (ditempatkeun saméméh kecap barang pikeun nuduhkeun yén éta barang téh suci).
4sasana: ajaran, doktrin, sarana.
5maha: badag, gedé, agung.
6puhun: awal, wiwitan, sumber, tangkal. Di baduy pupuhu kaagamaan disebut puun. ngandung ogé harti séjén emang’ (adi indung atawa bapa).
7rat: manusa, jalma.

Hana upadyanta8 kadya(ng)ga9 ning manik10 kanarga,11 lawan manik sawéstra.12 Yéka puhuning suka duka, hala13 hayu.14 Byaktanya15 nihan: Bwah16 paksa,17 huning18 t(e)men,19 daék mwa kapalang.
Aya jalan tindakan nu kudu dituturkeun ku anjeun, nu dipapandékeun jeung perhiasan mutiara, ogé mutiara nu moncorong. Nya éta wiwitan tina kaayaan suka jeung dukana, cilaka jeung salametna. Ieu écésna mah: hasil maksud, mikaweruh enya-enya, daék hanteu kapalang.
8upadyanta = asalna tina: upadéya –nta ‘jalan tindakan nu kudu dituturkeun –ku anjeun’.
9kadyangga = kadi + anggan: minangka, lir ibarat.
10manik: mutiara.
11kanarga = tina: ‘kana’ atawa ‘kangkana’: perhiasan dina leungeun upamana: gelang, cingcin. jeung ‘arga’: ajen, harga atawa gunung. Manik kanarga = perhiasan nu hargaan, perhiasan nu ajénan.
12sawéstra = tina: ‘sawé’= ngalayah. Manik sawéstra = manik nu ngalayah.
13hala: cilaka, mamala.
14hayu: salamet.
15byakta: écés, jéntré.
16bwah: hasil.
17paksa: tujuan, maksud, kahayang nu kuat.
18huning: mikanyaho, mikaweruh.
19temen: enyaan, enya-enya.

Kalinganya:20 bwah ma sanghya(ng) pratiwi,21 basana dipahayu, diturunkeu(n), ditaék(k)eun, dicamahan,22 dicampuran, hanteu susut23 hanteu pu(n)dung hanteu geurah24 hanteu bijah,25 keu[deu]deung deung langgeng ngawakan na kapratiwian. Iya kéh! Éta na awak(eu)neun sang séwaka darma.
Maksudna: bwah (hasil) téh bumi nu suci, nalika disalametkeun, diturunkeun, ditaékkeun, dikotoran, dicampuran, hanteu tisusut hanteu pundung hanteu motah hanteu ingkah, sakeudeung jeung salawasna ngamalkeun kapratiwian (aturan kaduniawian). Enya kitu! Éta nu kudu diamalkeun ku nu ngabdi kana darma (hukum).
20kalinganya = asal tina: ka + ling +-an + -iya. Ling, hartina ‘ucap’ kalinganya = maksud tina ucapan.
21pratiwi: bumi, sanghyang pratiwi ‘bumi nu suci’.
22dicamahan = dijieun jadi camah = dijieun jadi rujit = ‘dirurujit’.
23susut: labuh. Saperti dina kalimah: tisusut.
24geurah: gumbira, suka bungah. Dina konteks kalimah di luhur, jigana nuduhkeun harti ‘kaayaan motah’.
25bijah: motah, mijah.

Paksa ma cai, alaeunana ma, basana biji[h]l ti huluna. Téka26 bwar27 hérang tiis rasana. Geus ma28 hanteu kawurungan,29 teka30 ri31 sagara. Sa/4v/kitu na turutk(eu)neun sang séwaka darma.32
Paksa (maksud) téh nyaéta cai, alaeunana mah nalika bijil ti huluna. Karasa ngamalir hérang tur tiis. Jeungna hanteu kahalangan nepi ka sagara. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma (hukum).
26téka = asal tina: ta + ika = nya éta.
27bwar: bor. Dipikawanoh kecap balobor. Jigana parobahan tina bor + ‘rajékan dwi purwa’ bobor + infiks -al- = balobor, mangrupa kecap panganteur pagawéan pikeun nu ngamalir, upamana: cai, getih, késang, jeung saterusna.
28geus ma: anggeus mah, jeungna.
29kawurungan = asal tina: ka-+wurung+-an = hartina sarua jeung: ka+batal+an = kahalangan.
30teka: nepi ka. Ulah pahili jeung téka (tina: ta + ika) ‘nyaéta’.
31ri: di, ka (kecap pangantét).
32séwaka darma = sebutan pikeun nu ngabdi kana tugas (hukum)na di alam dunia.

Huning ma ngaran angin, alaeunana ma, basana m(e)tu ti barat, téka hir33 tiis, leuleus datangna ka awak urang. Geus ma hanteu kawurunganan, basana bijil medeng34 di bwana. Sakitu na turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma.
Huning (pangaweruh) mah nyaéta angin, alaeunana mah, basa bijil ti kulon, karasa ngahiliwir tiis, leuleus nebak awak urang. Jeungna hanteu kahalangan, nalika bijil di alam dunia. Sakitu nu kudu diturut ku nu ngabdi kana darma.
33hir: hiliwir. Kecap panganteur pikeun angin.
34medeng = asal tina: sedeng+n- anu hartina ‘meujeuhna’.

T(e)men ta ma ngaraning ka apuy35 deungeun ga(ng)gaman.36 Ti iña éta dipipakeunnakeun37 ku nu réya,38 ku geui(ng)39 na temen.
Temen (enya-enya) téh nyaéta seuneu jeung ganggaman. Nya ti dinya nu matak dimangpaatkeun ku jalma réa, ku nu pikiranna soson-soson.
35apuy: seuneu. Kalimah ‘parupuyan’ jigana mangrupa obahan tina apuy+pa-an -> paapuyan -> parupuyan.
36ganggaman: sanjata, pakarang.
37dipipakeunakeun = asal tina: dipi –+ pikeun+na+keun = ‘di(pigawé) pikeun’.
38nu réya: jalma réa.
39geuing: kasadaran, pikiran.

Daék éka ma ngaranya, Sanghyang Aditya,40 basana m(e)tu ti bwana wétan, hanteu kawurunganan, ku méga ku hujan, (ku) kukus41 ku sanghub,42 teka ri(ng) kulwan, ku geui(ng) éka laksana.
Daék (kahayang) mah nyaéta panon poé, nalika medal ti buana béh wétan, hanteu kahalangan, ku méga ku hujan, ku haseup jeung halimun, nepi ka (surup) di béh kulon, ku sabab kasadaran kana hiji lampah.
40sanghyang aditya: panon poé.
41kukus: haseup, kabut.
42sanghub: halimun.

Kitu kéh na turutk(eu)neun, ku sang séwaka darma. Mulah mwa43 iyatna-yatna44 di Sanghya(ng) Pasangkanan.45 Nihan sina(ng)guh pañcawédani46 ngaranya. Panca /5v/ ma watek lima, wé47 ma cai, dani48 ma sapu ñéré.
Sakitu nu kudu diturut, ku nu ngabdi kana darma. Mangka jeung iyatna kana Sanghyang Pasangkanan (Ajaran Awal). Nya ieu nu disebut pañcawédani téh. Panca hartina watek lima, wé hartina cai, dani hartina sapu nyéré.
43mulah mwa: kudu, ulah hanteu.
44iyatna-yatna: merhatikeun enya-enya.
45sanghyang pasangkanan: ajaran wiwitan, ajaran awal.
46pañcawédani: lima jalan pikeun mersihkeun jiwa.
47wé: cai.
48dani: jadi caang, lénglang, béngras. Dina téks di luhur mah dipapandékeun jeung sapu nyéré, nu sapopoé dipaké alat pikeun mersihkeun runtah.

2 – Siksa Kandang; Siksa Kurung; Siksa Dapur
Ini siksa ka(n)dang49 ngaranya, siksa kurung,50 siksa dapur.51
Nya ieu nu disebut siksa kandang, siksa kurung jeung siksa dapur téh.
49siksa kandang: ngatur étika antara manusa jeung papadana. Kumaha hubungan jeung tatangga, deungeun-deungeun, atawa nalika urang indit-inditan diatur dina siksa kandang.
50siksa kurung: nyaéta ngatur saréngkak saparipolah antara manusa jeung ahli agama.
51siksa dapur: nyaéta hakékat tina sagala ajaran-ajaran saméméhna. Mangrupa aci-aciningna manusa nu geus bisa meuseuh kahirupan profanna, nujul kana kahirupana nu transenden, ku baktina nu satia ka guruna, sang pandita.

Kalinganya: na siksa kandang ma ngara(n)na, sakuliling sarira. Jeujeueung ma na halwaan, halwaan si panghawanan, na ni(ng) panglu(ng)guhan, iña éta na ingetkeuneun deung urang. Maka iyatna-yatna! Sugan urang asup tepas, asup dalem, hanteu ngeunah lamun hanteu dayeuhanana. Ya siksa kandang ngara(n)na.
Maksudna, siksa kandang téh, aya disakuliling diri anjeun. Ningali rupa-rupa gogoda, gogoda dina perjalanan, atawa dina panglungguhan, nyaéta nu kudu diinget ku urang. Mangka perhatikeun sing iyatna! Sugan urang asup ka buruan, ka imah, moal ngeunah lamun urang lain nu dumuk di dinya. Éta nu disebut siksa kandang téh.

Masa urang paparan, hanteu ngeunah palar cidera ku pangeusi huma sakalih, ku pangeusi kebwan sakalih. Mangka nguni hiris meubeut ceuli, lamun kacang meubeut tarang, ngala tu(n)da ngala ka(n)tenan, nurunkeun sadapan sakalih. Hanteu ngeunah ngising di pi(ng)gir jalan, sugan kaa(m)beu ku nu bangah, bisi kasumpah kapadakeun, ambu, /5r/ ayah, pangguruan. Mulah mwa maké cangcut pangadua, sugan urang pajeueung deung gusti deung mantri, mulah mwa ngidal, pangadwakwakwa(ng)keun. Ya siksa k(an)dang ngaranya.
Mangsa urang indit-inditan, teu hadé boga niat deleka, ka batur nu boga ‘huma’, atawa batur nu boga kebon. Ku kituna, hiris meubeut ceuli lamun kacang meubeut tarang. Nyokot teuteundeunan atawa nu geus puguh nu bogana, nurunkeun sadapan batur. Teu hadé urang ngising di sisi jalan, bisi kaambeu ku nu balangah, engkéna bisi disumpahan jeung disalahkeun: ku indung, bapa, jeung paguron. Sawadina urang maké calana jangkep, bisi urang panggih jeung raja jeung mantri, urang kudu aya di kéncaeunana turta dongko. Éta nu disebut siksa kandang téh.

Siksa kurung ma, sakarma deung sang pan(di)ta. A(ng)geus ma hanteu ngeunah ngareuseuh beunang diheueum, ngarumpak sanghya(ng) siksa. Lamun a(ng)geus ñahwa diwuku-wuku dina leukeur-leukeur, dangda-dangdi sipat geuing, pangguratan, pangguritan, pangwaleran, pangwatesan. Satapak Hya(ng) Bra(h)ma Wisnu, basa ngawatesan bwana. Yata siksa kurung ngaranya.
Siksa kurung mah, saréngkak saparipolah jeung para pandita. Jeungna deui hanteu hadé ngaganggu naon nu geus disapukan babarengan, ngarempak sanghyang siksa. Lamun enggeus mikanyaho sagala buku dina gulungan-gulungan (kitab), hukuman tina arah nu geus ditangtukeun, guratna, susunanna, jawabanna, watesanana. (Hartina urang geus) nuturkeun tapak Dewa Brahma jeung Wisnu, nalika ngawatesanan alam dunia. Nyaéta nu disebut siksa kurung téh.

Na siksa dapur ma ngara(n)na, ngadapetkeun puhun, ngahusir tangkal ku geui(ng) na bakti satia, di sang pandita. Ya siksa dapur ngara(n)na. Nihan sinangguh siksa kandang, ngaranya ling maha pandita.
Ari nu disebut siksa dapur mah, ngahontal sumberna, meunangkeun inti ku kasadaran kana bakti jeung satia ka sang pandita. Nya éta nu disebut siksa dapur. Nya ieu nu yang disebut siksa kandang, piwuruk ti Maha Pandita.

3 – Dasawredi52
Niha/6r/ n kayatna-yatna sang séwaka darma, pawuitan sanghya(ng) sastra, mala murtinya nguni, katekan mangké.
Ieu nu kudu diperhatikeun ku nu ngabdi kana darma, asal usul tulisan suci, wangun cedana ti baheula, nepi ka kiwari.
52dasawredi: nyaéta sapuluh wangun tulisan dina rupa-rupa média.

Ndah ta pawuitan sanghya(ng) sastra. Nihan lwirnya: sasurup sanghya(ng) sriwar Aditya, gumenti sanghya(ng) ratri (Nskh: ratsi). Trepti treptwa pagawé wéwa laksana. Tatwa kala Batari Durgi.53
Nya ieu asal usul tulisan suci téh. Ieu sasaruaanana: sasurupna panon poé, digantikeun ku peuting. Ngarasa sugema tur bagja sabab sagala pancén bisa kalaksanakeun. Hakékat waktu (anugerah ti ) Batari Durgi.
53batari Durgi atawa Durga téh déwi satungkebing alam.

A(ng)regu ta jantra Sri Batara Gana,54 sina(m)buratkeun ri(ng) manusa madyapada, matemahan ta ya gebang lawan lwa(n)tar, tipuk diwasa pupus gebang lawan lwa(n)tar. Tinut pinada pada, lwané lawan dawané, tinitisan asta gangga wira tanu.
Hasil tina benduna Sri Batara Gana, nu nyalabarkeun manusa di madyapada. Ngajadikeun gebang jeung lontar, ngajadikeun témbong waktuna pupus, gebang katut lontar. Dituturkeun tur diturutan, rubakna katut panjangna, dititisan asta gangga wira tanu.
54Sri Batara Gana (Ganésa): tina Ganapati (gana= gajah; pati = pamingpin), ku sabab wujud sirahna mangrupa gajah.

Apa ta sinangguh (asta) gangga wira tanu? Asta ngaraning tangan, gangga ngaraning bañu, wira ta ngaraning panurat lawan panuli, tanu ngaraning mangsi.
Naon saenyana asta gangga wira tanu téh? Asta hartina leungeun, gangga hartina cai, wira hartina kalam jeung koas, tanu hartina mangsi.

Tinulis dé sa(ng) pandita, pinaca dé sang apunggung /6v/ tambah uni uningana, winaleran55 dé sang kawi.56
Ditulis ku sang pandita, dibaca ku nu bodo (sangkan) nambahan pangaweruhna, diuger ku sang kawi.
55winaleran: diwatesan, diuger.
56sang kawi: bujangga.

Nguniwéh cinaritakeun ta dasapurwa.57
Saperkara dicaritakeun dasapurwa.
57dasapurwa: 10 awal.

ONG Swaraswati58 Tarajñana Cintamanik! Katuna ma ta na bayu, pamutyan Batara Guru, batara sang sida panta titira lemah, sang sida pandata tita(h) ring langit, Kusika Garga Méstri Purusya Pata(ñ)jala, mwang bayu sabda hdap,59 nguniwéh ikang sang manwan,60 apan sang hya(ng) itung ika.
Ong swaraswati Tarajnana sang mutiara pikiran! Kakurangan ayana dina tanaga. Tempat mutiara (ayana di) Batara Guru, batara ti golongan nu sampurna utusan lemah, sang pandita nu sampurna utusan langit: Kusika, Garga, Mestri, Purusya, Patanjala; ogé bayu, sabda, jeung hedap; kitu deui Sang Manon, sabab Anjeunna nu nyieun balitungan.
58Swaraswati (Saraswati) téh déwi pangaweruh jeung kawijaksanaan dina kapercayaan Hindu. Dina kitab-kitab Purana, déwi Saraswati téh saktina (pamajikanna) déwa Brahma. Rupana déwi Saraswati téh: geulis, kulitna beresih, sipatna daréhdéh deuih. Raksukan nu dianggona sarwa bodas ngaplak bari lungguh dina kembang padma (taraté). Pananganna aya opat, masing-masing nyepengan: wina (kacapi), aksamala (tasbéh), damaru (kendang leutik) jeung pustaka (buku/koropak lontar).
59bayu sabda hdap: bayu (napas); sabda (ucap); hdap/hedap (pikiran).
60sang manwan/sang manon: Nu Maha Ningali.

4 – Dasamala
Nihan ta muwah sinangguh dasamala61 ngaranya, nihan silwakanya: “wigatah mala duken, kurwanti kusalah mahat, gawayaken sutem citem, budi hiyeum maguh narakem, Kananga taka ri kita, sami batang marakarma. /siloka 2/
Ieu ogé nu disebut dasamala. Nya ieu silokana: “Indit tina kasangsaraan, nepika jadi jalma nu suci, Milampah niat nu hadé. Budi goréng tempatna di naraka, Anjeun lir ibarat kembang kananga, (jeung) catang sami nu katalangsara. /siloka 2/
61dasamala: 10 céda atawa sapuluh kaayaan kotor dina diri manusa, nyaeta: sukta; baya; tandri; kalédra; laña; ragastri; paladarah; baksya bwajñana; jeung kutila wiwéka.

Yan datang ri kita, mara[g]karma, ngaranya: sukta, baya, tandri, kaléd[r]a, (laña), ragastri, paladarah, bak/12v/sya bwajñana, kutila, wiwéka.
Sabab geus datang ka aranjeun, paripolah jahat, nu disebut: sukta, baya, tandri, kaléda, lanya, ragastri, paladarah, bak/12v/sya bwajñana, kutila, miwédéka.

Ka: sukta62 ngaranya, beuki héés, kalipikeun mitañakeun pirampéseun, deungeun na piutamaeunnana swarangan, kalipian miguna na ngeunah tineung, deung micarék na rampés di nu réya, yata sinangguh sukta ngaranya.
Maksudna, nu disebut sukta téh, beuki héés, mopohokeun pikeun nanyakeun perkara nu mawa kahadéan, ogé dina perkara nu panghadéna pikeun dirina. Poho pikeun milampah hiji perkara kalawan pikiran nu alus, jeung ngomongkeun kahadéan ka jalma réa. Éta nu disebut sukta téh.
62sukta: poho.

Baya63 ngaranya, bwarang mitañakeun manéh, bwarang naña ja ngarasa manéh kwalwat, bwarang micarék na rampés, yata baya ngaranya.
Baya hartina, sieun tatanya ngeunaan kaayaan dirina sorangan, sieun tatanya sabab ngarasa dirina kolot, sieun nyarita perkara kahadéan, nya éta nu disebut baya téh.
63baya: sieun.

Tandri64 ngaranya, mumulan naña ja ngarasa manéh ireg, mumul miguna na ngeunah hdap deungeun micarék na rampés ka nu réya, ya tandri ngaranya.
Tandri hartina, teu daék tatanya da ngarasa dirina bodo, mumul barang gawé kalawan niat nu hadé, kitu deui mumul nyarita perkara kahadéan ka nu lian, nya éta nu disebut tandri téh.
64tandri: mumul.

Kaléda65 ngaranya, takut miguna na ngeunah tineung ka nu réya, takut mitañakeun manéh, ya kaléda ngaranya.
Kaléda hartina, sieun milampah hiji perkara kalawan pikiran nu hadé ka nu lian, sieun nanya perkara dirina sorangan, nya éta nu disebut kaléda téh.
65kaléda: asa-asa.

Laña66 ngaranya, supen naña ja ngarasa manéh ireg, supen bakti ja ngarasa manéh kwalwat, supen bakti ja ngarasa manéh beu(ng)har, /12r/ (ya)ta laña ngaranya.
Lanya hartina, hésé tatanya sabab ngarasa dirina bodo, hésé ngabakti tina rumasa dirina kolot, hésé ngabakti sabab rumasa dirina beunghar ku pakaya. Nya éta nu disebut lanya.
66lana/lanya: sulit, hésé.

Ragastri67 ngaranya, bwagwah dék suka swanita deung hayang dék beu(ng)har, ragastri ngaranya.
Ragastri hartina, kagégéloan ku wanoja, ogé upama hayang jadi jelema beunghar. Nya éta nu disebut ragastri.
67ragastri: nafsu.

Paladarah68 ngaranya, hayang di rara hulanjar, astri larangan sakalih, ya paladarah ngaranya.
Paladarah hartina, mikahayang awéwé nu geus dicangcang, pamajikan larangan batur, nya éta nu disebut paladarah téh.
68paladarah: nafsu ka awéwé.

Baksya bwa(j)ñana69 ngaranya, tan hana magaway hayu, ya bwa(j)ñana, nga, bwagwah ñatu, bwagwah nginum, deung hje(?) kéna kabeukina dituwukan na sadrasa, yata baksya bwa(j)ñana ngaranya.
Baksya bwajñana hartina, teu daék milampah kahadéan, baksya bwajñana ngaranna. Beuki dahar, beuki nginum, tina sabab kabeukina wungkul kana dahareun nu sarwa ngeunah. Nya éta nu disebut baksya bwajñana téh.
69baksya bwajnana: nafsu kana kadaharan.

Kutila wiwéka70 ngaranya, dimangké-mangké dék miguna na ngeunah hdap deungeun micarék na rampés ka nu réya.
Kutila wiwéka kasebutna, diengké-engké upama rék milampah perkara nu hadé, ogé dina nyarita nu bener ka jalma lian.
70kutila wiwéka: kaputusan licik.

Yata sinangguh dasamala ngaranya, ling sang pandita.
Nya éta nu disebut dasamala téh, ucap sang pandita.


5 – Pancaiyatna
Nihan sinangguh pañcaiyatna71 ngaranya. Ndih ya nihan silwakanya : “Akwa badwa guru suci, amara lagawame, hana pramadaswaté, na imah pari ri kita.”/siloka 3/
Nya ieu nu disebut pancaiyatna téh. Nya ieu silokana: “Akwa badwa guru suci, amara lagawame, hana pramadaswaté, na imah pari ri kita.” /siloka 3/
71pancaiyatna: 5 perkara nu kudu diperhatikeun enya-enya. Nyaéta: (1)Ulah sohor némbongkeun banda milikna di hareupeun nu kolot atawa jalma réa; (2)Henteu sura-seuri nalika ngahaturkeun sembah pangabakti; (3)Henteu dahar jeung nginum hareupeun Sang Pandita (guru); (4)Ulah api lain nalika batur ménta tulung, jeung(5)Henteu daék merhatikeun dirina sorangan ngeunaan hal nu mawa kahadéan pikeun dirina.

Ka: akwa badwa ngaranya, tan dadi ikang sang séwaka darma. Mitwannakeun kwa ba(n)danya ning hareupeun sang matuha, mangka nguni di nu réya.
Maksudna, akwa badwa téh, tacan sampurna jadi nu bakti kana hukum. Némbongkeun banda pakaya dirina hareupeun nu kolot, ogé hareupeun jalma réa.

(Am)ara lagaweg ngaranya, téka sumeuri sumarembah, hanteu ngeunah basa ñatu basa nginum, di hareupeun sang pandita.
Amara lagaweg kasebutna, nyaéta arangah-éréngéh nalika ngahaturkeun sembah. Teu hadé ogé urang barang dahar barang inum, di hareupeun sang Pandita.

Ahana premadaswaté ngaran(ya), aya ta nu dipikeun ku sakalih, kesit tungi diturutan.
Ahana Premadaswaté téh, aya nu dipikabutuh ku batur, urangna kalah gancang api lain.

Pituaheunnana, hanteu dék meunang /9v/ [minang] mitineungkeun manéh, deung hanteu dék ñ(i)yar na pirampéseunnana. Nihan sinangguh pañca-iyatna ngaranya.
Paripolahna téh, teu maliré kaayaan dirina sorangan, jeung teu daék néangan perkara nu mawa kahadéan pikeun dirina. Nya ieu nu disebut pancaiyatna téh.

6 – Dasanaraka
Nihan ta muwah sinangguh dasana(ra)ka,72 nga. Ini byaktana: ceuli, mata, irung, létah, sungut, kulit, leungeun, payu, purusa, suku.
Ieu ogé nu disebut dasanaraka. Ieu écésna: ceuli mata, irung, létah, sungut, kulit, leungeun, dubur, bobogaan, (jeung) suku.
72dasanaraka: 10 naraka. Harti dasanaraka sabenerna mah leuwih lega, nyaéta sapuluh kaayaan tina sapuluh indera (dasaindriya) anu bisa jadi cukang lantaran hiji jalma tigebrus ka naraka. Sapuluh indera nu dipiboga ku unggal jalma nyaéta: ceuli, panon, irung, létah, sungut, kulit, leungeun, dubur, purusa (bobogaan), jeung suku anu teu dimangpaatkeun dina kahadéan, tapi dipaké milampah jahat.

Ka: ceuli ngara(n)na, mulah salah déngé, téréh wangwang kapireungeu. Byaktanya: ha/11v/war, cwangé, twarék, cadang. Sakitu pipapaeunnana, dina talinga.
Maksudna: nu ngaranna ceuli, ulah salah déngé, gancang hariwang tina naon nu kadéngé. Balukarna: hawar, congé, torék, cadang. Sakitu nu matak sangsara tina ceuli téh.

Mata ngara(n)na, mulah sajeueung jeueungna, lamun ka hula(ñ)jar sakalih, astri larangan sakalih, lamun lai(n) bwaga urang. Byaktana ma: pécak, bwalwar, putikeun, céang, buta lwarongeun,73 mata kwatwakeun, bilas susuheun. Sakitu pipapaeunnana, di mata.
Panon ulah saténjo-ténjona, upama ka hulanjar batur, istri larangan batur, lamun lain milik urang. Balukarna mah: pécak, bolor, putikeun, céang, buta lorongeun, mata kotokeun, bilas susuheun. Sakitu nu ngajadikeun sangsara dina mata.
73buta lwarongeun: buta lorongeun (kiwari buta rorongeun).

Irung ma ngara(n)na, geura bwagwah saa(m)beu-a(m)beuna, lamun ngambeu [ki] ku biuk hapeuk ku biuk ku hañir, ku hangit, téka dipaké bumaresin, ngahubus. Byaktana ma, mékmék. Sakitu pipapaeunnana dina irung.
Nu disebut irung, resep dipaké saambeu-ambeuna, upamana ngambeu bau hapeuk bau hanyir, hangit, éta laju kalah bersin atawa ngahubus. Balukarna mah: mékmék. Éta nu matak sangsara dina ceuli téh.

Létah ma ngarasa, geura bwagwah sarasa-rasana, lamun ku bira ku tiis, ku bacin, ku haseum ku lada, ku pangsét, téka dipaké usuh-asahan. Byaktana ma: pireu, pétal cadél. Sakitu /11r/ pipa(pa)eunana, di létah ngara(n)na.
Létah mah ngarasa, resep sarasa-rasana, ku rasa bira atawa tiis, ku asin, haseum, ku lada, ku pangsét, éta laju dipaké asal ngasaan. Éta nu matak sangsara dina létah téh.

Sungut ma ngara(n)na, bwagwah dipaké kumapang-kapang, héngan dipaké sacarék-carékna, mangka nguni dipaké ñumpah madahkeun, ngajak ngapus ka sakalih. Byaktana ma: swa(m)béng, béngwa, deda. Sakitu pipapaeunana, di sungut.
Nu disebut sungut, sok dipaké ngomong kaleuleuwihi, ngan dipaké sacarék-carékna, ogé dipaké nyumpahan tur nuduh, atawa ngajak nipu ka batur. Balukarna mah: suing, béngo, deda. Éta nu ngajadikeun sangsara, di sungut.

Kulit ma ngara(n)na, bwagwah saprasa-prasana, lamun ku panas ku tiis, ku mérang ku ateul, dipaké gulanggaséhan. Byaktana ma: tibar, bisul, bwalwangeun, radang, kuris béang, saukar balas galigata. Sakitu pipapaeunana, di kulit.
Nu ngaranna kulit, sok dipaké asal ngarasa, upama keuna ku panas jeung tiis, ku mérang ku ateul, dipaké gulinggasahan. Balukarna mah: tibar, bisul, bolongeun, radang, kuris, béang, kaasup balas galigata. Sakitu nu nyababkeun kasangsaraan dina kulit téh.

Leungeun ma ngara(n)na, bwagwah dipaké sacokot-cokotna, manguni bwaga sakalih, ka tataneman sakalih, sañarah dipaké meureup newek, nwatwak mwakwal, nampar, ngajambak, ñiwit nga/10v/getil. Byaktana ma: kékéd ré(m)péng, bu(n)tung, kengkeng. Sakitu pipapaeunana, dina leungeun.
Nu disebut leungeun, sok dipaké sacokot-cokotna, ogé nyokot banda batur, atawa ka pepelakan batur, sumawonna dipaké meureup, newek, notok, nakol, nampiling, ngajenggut, nyiwit, nyintreuk. Balukarna mah: kékéd, rémpéng, buntung, kengkeng. Sakitu nu nyababkeun kasangsaraan dina leungeun.

Tumbung74 ngara(n)na, bwagwah sahetut-hetutna, ngising sageusan-geusanna, di pigir imah sakalih, sañarah dipaké muak. Byaktana: kabeuratan, tuju pañcar, kalingsir, uireun. Sakitu pipapaeunana, di tumbung.
Nu disebut tumbung, dipaké hitut sakarepna, ngising sangeunahna, di pipir imah batur, ogé dipaké muak. Balukarna: kabeuratan, tuju pancar, kalingsir, uireun. Sakitu picilakaeunana dina tumbung.
74tumbung: dubur.

Purusa75 ma ngara(n)na, bwagwah sakiih-kii(h)na, sañarah tu dipaké ngambah lanang wadwan, papa(ñ)jingan, kapiadi kapilañceuk, kapisuan, kapwanakan. Byaktana ma: burut pétwat, lañjwa, halang wisaya, peluh. Sakitu pipapaeunana, di (pu)rusa ngara(n)na.
Nu disebut purusa, sok dipaké sakiih-kiihna, sumawonna dipaké ngambah jajaka jeung wanoja, salingkuh, ka kapiadi, kapilanceuk, kapisuan, kapialo. Balukarna mah: burut, pétot, lanjo, halang wisaya, peluh. Sakitu picilakaeunana dina purusa.
75purusa: kelamin.

Suku ta ma ngara(n)na, bwagwah dipaké sati(ñ)cak-ti(ñ)cakna, saleumpang-leumpangna, mangka nguni lamun ngalér ngidul ngulwan ngétan, lamun titarum tipagut, tuluy /10r/ dipaké néjéh. Byaktana ma: lisuh, pateuh, añjingeun caniranan, sakitu pipapaeunana, di suku ngaranya.
Nu disebut suku, sok dipaké satincak-tincakna, leumpang sakarepna, sumawonna upama leumpang ngalér ngidul ngulon ngétan, upamana titajong, laju dipaké néjéh. Balukarna mah: lisuh, pateuh, anjingeun, caniran. Sakitu picilakaeunana dina suku.

Nihan si(n)angguh dasanaraka ngaranya, kayatnakeu(n) na sang séwaka darma, hayua pinintuhu ika.
Ieu saenyana nu disebut dasanaraka téh, nu kudu diperhatikeun ku nu ngabdi kana darma, ulah diturutan perkara anu kitu téh!.

7 – Caturpasanta
Nihan sinangguh caturpasanta76 ngaranya. Byaktanya nihan: cakrajala kuna, cakrajala paksa, cakra sabirana, cakra tarangga hahu. /20r/
Ieu saenyana nu disebut caturpasanta téh. Ieu kanyataanna: cakrajala kuna, cakrajala paksa, cakra sabirana, cakra tarangga hahu.
76caturpasanta: 4 penenang, 4 penawar.

Cakrajala kuna ma ngaranya matapwaéh,77 pamahalana ka sarira: lamur, pécak, bilas sakit mata, buta lwarongeun, mata kwatwakeun, hulag.
Cakrajala kuna nya éta matapwaéh, nu ngabalukarkeun kasangsaraan kana diri nya éta: lamur, pecak, nyeri panon, buta lorongeun, rabun ayam, rabun.
77matapwaéh: panonpoé.

Cakrajala paksa ma cai, mahalana ka sarira: gumigil panas tiris.
Cakrajala paksa nya éta cai, nu ngabalukarkeun kasangsaraan kana diri, ngadégdég panas tiris.

Cakra sabirana ma ngara(n)na angin, mahalana ma ka sarira: béang galigata, pipisisan, sing sawatek kasakit di kulit.
Cakra sabirana nya éta angin, nu ngabalukarkeun kasangsaraan kana diri: béang, kaligata, pipisisan, sakabéh jenis panyakit dina kulit.

Cakratarangga bahu ma gunung ngara(n)na, mahalana ka sarira ma: rieut hulu, neri beuteung, medu, kawayaan, sakwaéh sakit di jeba beuteung.
Cakratarangga bahu nya éta gunung, sumber kasangsaraan kana diri: rieut sirah, nyeri beuteung, kembung, kawayaan, sakabéh panyakit di jero beuteung.

Nihan sinangguh caturpasanta ngaranya, kayatnakeun sang séwaka darma, haywa ri rahasya.
Ieu saenyana nu disebut caturpasanta téh. Perhatikeun ku pengabdi darma, ulah dirahasiakeun!.

8 – Trimala
Carékna Sanghyang Tu(ng)gal: “Na naha piangeneunana, sang hya(ng) pustaka ini? Kéna karah aing dék ngab(e)jalkeun carita, metuna sanghya(ng) siksa guru,78 ti sanghya(ng) siksa.”79
Carékna Sang Hyang Tunggal: “Naon atuh lenyepaneunana, tina ieu buku suci téh? Ah, sababna alatan kami dék ngagelarkeun carita, gelarna sanghyang siksa guru, tina ‘sanghyang siksa’.
78sanghiang siksa guru: ajaran suci guru.
79sanghiang siksa: ajaran suci.

[Ndeh nihan sang hya trikaya madala parisuda ngaranya Trika]
Ieu pikeun babandingankeuneun.

Ini ma na timpalkeuneun, mulah dék mitemen ina sang séwaka darma. Na puhun awah-awuh, tangkal ning /14v/ papa (ka)lésa, wwit ning kaliyuga, hétu ning papa ning (na)raka. Ngara(n)na, trimala,80 guna.
Ulah dék ngukuhan nu kitu wahai nu ngarabdi kana darma! Tanwandé jadi sumber tina bancang pakéwuh, sumber tina/14v/ kasangsaraan tur kahinaan, awal tina jaman burakrakan, cukang lantaran kasangsaraan di naraka. Éta disebutna téh, trimala, (dina) laku lampah.
80trimala: 3 kaayaan kotor, museurkeun pangajaranana kana: ucap (sabda); lampah (ulah); jeung tékad (ambek) nu aya dina diri manusa.

Nihan lwirnya: ika sinangguh trimala ngaranya, kadyangganing gangsa lawan malam, tambaga lawan timah. Apa ta kangken tambaga lawan timah?
Nya ieu wujudna téh. Ieu nu disebut trimala, lir ibarat gangsa jeung lilin, tambaga jeung timah. Naon nu diibaratkeun tambaga jeung timah téh?.

Ning kang tridusta:81 (sabda tan yukti), ulah tan yukti, ambek tan yukti. Ginawayaken sabda mahala,82 ulah mahala,83 ambek mahala.84
Ieu tridusta téh: ucapan nu teu merenah, paripolah nu henteu merenah, maksud nu teu merenah. Ngalakukeun ucapan nu jahat, laku lampah jahat, maksud nu jahat.
81tridusta: 3 kajahatan.
82sabda mahala: ucapan jahat.
83ulah mahala: laku lampah/paripolah jahat.
84ambek mahala: maksud jahat.

Ini byaktana, ulah mahala: notok mokol, newek meureup, ngadeudeul, no(n)jok nakétro(k), nampar na(m)pélang, sakwéh ning lekas tangan, ya ulah mahala, nganya.
Ieu tegesna ulah mahala: notok, nakol, newek, meureup, neunggeul, nonjok, neunggarkeun, nampiling, jeung sakur laku lampah tina hampangna leungeun, nya éta nu disebut ulah mahala téh.


Sabda mahala ngara(n)na: torong gasong tanpa karana, campe(la)k sabda, numpah madahkeun, ngadudu, neluh, ngupat guru, sakwa(é)h ning sabda tan yukti, ya sabda mahala ngaranya.
Nu disebut sabda mahala: nuduh jeung nyarékan tanpa sabab, ngalélécé dina omongan, nyumpahan sarta moyok, nyela, neluh, ngupat guru, katut sakur omongan nu teu pantes, nya éta nu disebut sabda mahala téh.

Ambek mahala ma ngaranya: kira-kira, budi-budi, ngajerum, ngagunaan, mijaheut[a]/14r/[t]an, nganeluh, ngaracun, hiri paywagya. Ageus ma nu mupu maling papa(n)jingan[a] méda rungahadang. Sing sawatek tan ywagya, dipitwah dipih(e)dap, ya éta ambe(k) mahala.
Nu disebut ambek mahala: ngira-ngira, nipu, mitnah, nyihir, nganyenyeri ati, neluh, ngaracun, hiri dengki jeung goréng sangka. Kitu deui nu ngala pepelakan batur, maling, asup tanpa idin, napsu pikeun ngarogahala. Sakur nu henteu pantes dilakonan sarta diniatan, nya éta nu disebut ambek mahala téh.

Yata sinangguh trimala ngaranya. Nihan sinangguh trimala wisésa85 ngaranya. Hana ya di sang prabu, rama, resi, mwang tarahan.
Nya éta nu disebut trimala téh. Nya ieu nu disebut trimala wisésa. Ayana di sang prabu, rama, resi jeung tarahan.
85trimala wisésa: 3 ceda dina kakawasaan.

Ini byaktana, aya ta kajeueung nu duka, dijual dihulunkeun, dirampas dipihehan. Yata sinangguh panca kapataka86 ngaranya, sinangguh truma(la) wisesa ngaranya, ling sang pandita.
Ieu écésna mah: aya nu katingali keur susah, kalah dijual dijieun budak beulian, atawa dirampas jeung dipaéhan. Nya éta nu disebut pancakapataka, disebut ogé trimala wisésa. omongan Sang Pandita.
86panca kapataka: 5 kasangsaraan.

***

Wayang 9



Sing saha anu mampuh ngangkat gondéwa katut mentangkeun jamparing pusakana, éta anu baris jadi jodo Déwi Drupadi

Saémbara Drupadi
Ngumbarana Pandawa di nagri Ékacakara aya kana genep bulanna. Kacaturkeun Pandawa katatamuan ku brahmana. Éta brahmana ngadongéng ngeunaan Prabu Drupada anu saparo karajaanna direbut ku Resi Druna –Dorna. Prabu Drupada neuteuli ka Resi Druna, sarta hayang mulangkeun kanyeri ka sobatna anu geus ngarebut saparo wilayah nagri Pancala –Campala. Prabu Drupada hayang boga anak anu sakti mandraguna keur nyangkalak Resi Druna. Bakating ku hayang-hayangna boga turunan satria anu sakti, manéhna unggal poé teu weléh menekung neneda ka déwata. Basa Prabu Drupada keur mujasmédi, ka karaton Pancala ujug-ujug kurunyung datang Sang Brahmana. Sang Brahmana nepungan praméswari Drupada sarta cacarita sangka Prabu Drupada ngadahar sasajén mantéga. Sang Brahmana ngabeuleum mantéga kana seuneu tina parupuyan. Kacida ahéngna, tina haseup parupuyan medal hiji satria anu geus sawawa –dingaranan: Dréstajumena, anu baris megatkeun nyawa Resi Druna dina Perang Bharatayuda. Sakumna pangeusi karaton, ngarasa hélok ku ayana éta kajadian. Can ogé rerep kahélokna, tina parupuyan medal deui jabang bayi anu jirimna wanoja, geulis kawanti-wanti. Eta jabang bayi dingaranan: Déwi Drupadi –Déwi Krésna. Nurutkeun Sang Brahmana, isuk jaganing géto, éta jabang bayi bakal jadi wanoja anu utama, sarta dina perang Bharatayuda ku kasaktianna réa satria anu biluk ka Kurawa palastra di palagan yuda. Kacaturkeun Déwi Drupadi geus manjing sawawa. Prabu Drupada hayang boga minantu anu baris ngarundaykeun ahli waris karajaan. Minantu anu jadi implenganna nya éta satria anu bisa nanjeurkeun karajaan Pancala. Pikeun ngayakna, Sang Prabu ngagelar saémbara. Saha anu unggul dina saémbara, baris jadi jodona Déwi Drupadi.
Kitu dongéngna Sang Brahmana, anu natamu ka Pandawa. Sanggeus réngsé ngadongéng, Sang Brahmana mulang deui ka patapaanna.
Teu lila ti dinya, datang Bagawan Abiyasa. Sang Bagawan negeskeun ka Pandawa, sangkan ancrub ka pakalangan saémbara. Nurutkeun implengan Abiyasa, Déwi Drupadi téh hiji wanoja anu baris ngarundaykeun satria anu utama.
Isukna, Pandawa miang ka nagri Pancala rék milu saémbara. Di satengahing jalan, tepung jeung salahsaurang Gardawa –ngaranna: Citramata. Éta Gardawa méré kamandang, sangkan Pandawa saméméh ka nagri Pancala, kudu nepungan heula Bagawan Domya di patapaan Utkacakatirta. Teu diengkékeun deui, Pandawa laju ka patapaan Utkacakatirta. Yudistira anu jadi juru sabda, nepikeun maksud jeung tujuan pangna nepungan Sang Bagawan. Sang Bagawan surti sarta nyanggupan marengan Pandawa ka nagri Pancala.
Anu disaémbarakeun ku Prabu Drupada, nya éta: “Sing saha anu mampuh ngangkat gondéwa katut mentangkeun jamparing pusakana, éta anu baris jadi jodo anakna”.
Sakumna patandang saémbara, geus kumpul di alun-alun karaton Karajaan Pancala. Anu aub kana pakalangan saémbara karéréanna pararaja jeung putra mahkota, diantarana Kurawa katut Adipati Karna. Dina poé munggaran, geus aya ratusan raja jeung putra mahkota karajaan anu asup ka pakalangan, tapi can aya anu mampuh ngangkat gondéwa jeung mesat jamparing pusakana. Dina poé kadua anu kagiliran tandang nya éta Kurawa –diwakilan ku Adipati Karna, sarta asup ka pakalangan. Barang Adipati Karna rék ngangkat gondéwa, Déwi Drupadi ngagorowok dina papanggungan, ngusir Adipati Karna sangkan ingkah ti pakalangan saémbara. Nurutkeun Déwi Drupadi, yén satria ti nagri Awangga –nya éta Adipati Karna teu boga hak ngilu saémbara, sabab lain teureuh raja. Atuh Adipati Karna mundur ti pakalangan, bari nandang wiwirang di kolong catang. Atuh patandang ti Kurawa, dianggap gugur. Anu pamungkas, giliran Pandawa –anu keur nyamur jadi kaum brahmana. Arjuna tandang ka pakalangan, ngawakilan dulur-dulurna. Ningali kaum brahmana ngiluan saémbara, sakumna patandang protés –tapi ku panitia saémbara teu diwaro. Arjuna kalayan teuneung ludeung, asup ka pakalangan saémbara. Gondéwa anu beuratna réwuan kati, kaangkat ku Arjuna bangun hampangeun pisan. Kitu deui jamparingna, dina itungan kiceup ngabelesat tina gondéwa. Éta jamparing, niir manuk anu dikelat dina kurung nu digantungkeun dina leunjeuran awi di tengah alun-alun. Ger, panongton surak ayeuh-ayeuhan. Parasatria –kaasup Kurawa, hookeun ku kaparigelan sang brahmana.
Déwi Drupadi ngarasa bungah amarwatasuta basa ningali nu unggul dina saémbara téh, hiji brahmana ngora anu gagah tur hadé rupa. Déwi Drupadi geuwat mawa kembang, sarta dikangkalungkeun ka brahmana ngora –anu taya lian ti Arjuna, satria panengah Pandawa. Parasatria –kaasup Kurawa, karérab amarahna. Laju ngamuk nguwak-ngawik tempat saémbara sarta ngarogahala prajurit Pancala. Ningali parasatria jeung Kurawa jadi kembang kariweuhan, Pandawa singkil ngayonan anu keur ngamuk. Der perang campuh, parasatria jeung Kurawa kadéséh, antukna buyar katawuran.
Ningali parasatria jeung Kurawa birat, Prabu Drupada kacida bungahna. Harita kénéh ngumpulkeun pangagung seja ngaémbarakeun yén putri kadeudeuhna baris diréndéngkeun jeung brahmana ngora anu unggul dina saémbara. Ngabandungan anakna unggul di pakalangan saémbara, Déwi Kunti Nalibrata teu kawawa ngaragragkeun cimata –cimata kabungah anu taya papadana.
Waktu Prabu Drupada keur gunem catur jeung Pandawa katut Déwi Kunti pikeun jatukramina Déwi Drupadi, torojol Bagawan Abiyasa. Sang bagawan nepikeun amanat ti Hyang Tunggal, yén anu hak ngawin Déwi Drupadi téh lain ngan ukur Arjuna wungkul, tapi Pandawa. Sabab Arjuna ngawakilan opat dulurna anu lain. Hartina, anu hak jadi salakina Déwi Drupadi téh nya éta: Yudistira; Bima; Arjuna; Nakula; jeung Sadéwa.

Catetan:
Nurutkeun carita Mahabarata –anu sungapanna ti India, anu jadi salaki Déwi Drupadi téh: Pandawa Lima. Déwi Drupadi boga anak lima, ti masing-masing Pandawa. Ti Yudistira, Déwi Drupadi boga anak anu ngaranna: Srutakarma. Ti Bima, boga anak: Srutaséna. Ti Arjuna, boga anak: Pratiwindya. Ti Nakula, boga anak: Santanika. Jeung ti Sadéwa, boga anak anu ngaranna: Prasani.
Nurutkeun carita Wayang Purwa –babakuna dina padalangan Sunda, anu jadi salaki Déwi Drupadi téh ngan hiji, nya éta: Yudistira –putra cikal Pandu Déwanata ti Déwi Kunti Nalibrata. Sarta anak Déwi Drupadi ti Yudistira ogé ngan hiji deuih, anu ngaranna: Pancawala.

Indraprasta
Sanggeus Pandawa diaku kulawarga ku Prabu Drupada, keur nganjrekna diperenahkeun di lingkungan karaton. Ayana Pandawa di nagri Pancala, ngabantu pisan kana pangwangunan karajaan –babakuna mah ngeunaan kaamanan. Kaayaan nagri Pancala jadi leuwih tingtrim, sepi paling towong rampog. Dina waktu anu singget, nagri Pancala ngabelesat karaharjaanna.
Ngadéngé béja nagri Pancala jadi mekar, Duryudana ngutus telik sandi pikeun maluruh kamekaran nagri Pancala. Nurutkeun panalungtikan telik sandi, mekarna nagri Pancala téh ku yasana Pandawa. Duryudana karérab haténa, ceuk pamikirna: “Mun Pandawa diantep ngahiji jeung Pancala, Pandawa bakal weweg jeung kakuatana bakal leuwih rohaka”.
Duryudana ngumpulkeun parapapayung nagri Astina, di karaton. Kahariwang tahtana bakal dirurud ku Pandawa, ditepikeun ka sesepuh Astina. Nurutkeun pamanggih Adipati Karna, Astina kudu ngajorag Pandawa di nagri Pancala tur tarompét perang ditiup. Sedengkeun ceuk tinimbangan Bisma katut Widura jeung Resi Druna, satengah nagri Astina kudu dibikeun ka Pandawa. Usul ti tilu pini sepuh Astina, disaluyuan ku Raja Dréstaratya –bapana Duryudana. Pangeusi karaton sapuk –iwal ti Duryudana jeung dulur-dulurna, saparo karajaan jadi hakna Pandawa.
Pandawa diondang ka nagri Astina, diajak badami ku sesepuh Astina. Waktu Pandawa keur gunem catur jeung sesepuh Astina, Duryudana katut dulur-dulurna –dibarengan ku Sangkuni ngajéngkat ti pasamoan –bakat ku teu panuju kana kawijaksanaan sesepuh Astina. Bisma seukeut rasana, sangkan teu muncunghul pacogrégan, Bisma nyodorkeun kamandangna ka Dréstaratya: “Mikeun Leuweung Kandawaprasta ka Pandawa”. Haté Dréstaratya ngemplong, usul ti Bisma gasik disaluyuan. Kitu deui Duryudana jeung dulur-dulurna, barungah. Gedé pangharepan, Pandawa bakal binasa ku dedemit anu ngageugeuh éta leuweung. Ngadéngé anu rék dibikeun ka Pandawa téh leuweung geledegan, Bima medal amarahna. Tapi amarah Bima teu tepi ka ngagugudag, dipareuman ku Yudistira malar narima kana kawijakan sesepuh Astina.
Gancangna carita, Bima meunang pancén pikeun ngaratakeun leuweung. Teu réa catur, gasik ngabukbak Leuweung Kandawaprasta. Dina dangka sabulan, leuweung geledegan téh geus rata. Teu lila ti dinya, Pandawa mitembeyan ngawangun karaton. Dina dangka dua bulan, leuweung ganggong simagonggong salin jinis jadi karaton anu agréng. Éta karaton dingaranan: Indraprasta, sarta anu jadi rajana: Yudistira.



***