Jumat, 01 April 2016

Banjir Getih dina Setopan



Keur ngagugat kajadian Cimarémé, Muhammad Sanusi nerbitkeun buku “Génjlong Garut” anu eusina nyempad tindakan pamaréntah kolonial anu dianggap biadab jeung telenges ka urang Cimarémé. Banjir Getih di Cimarémé saterusna sok diadurényomkeun sabagé: Afdeling B Affair, Tjimarémé Affair, atanapi Garoet Affair. Skandal Garut, ku dibantéyna urang Cimarémé lantaran wangkelang kana Aturan Setopan pamaréntahan Walanda.
Peristiwa Cimareme 1919, Chusnul Hayati.

Latar tukang
Lembur Cimarémé dina mangsa taun 1919-an aya di wewengkon Désa Cikendal, Kawadanaan Lélés –kiwari, Cimarémé asup ka Kacamatan Banyuresmi. Anggangna, kirang-langkung 15 km ti pusat Kota Garut –30 darajat arah Timur Laut ti pusat Kota Garut. Di wewengkon ieu, geus ngadeg tilu masjid anu sumebar di tilu kampung, nya éta: Kampung Cimarémé; Kampung Babakan; jeung Kampung Cikadongdong. Kitu deui di Cimarémé, harita geus ngadeg hiji pasantrén anu dipingpin ku KH Tubagus Alfani –seuweuna Ki Artanudin, putra dalem anu ngahaja ngababakan (nyieun lembur) di wewengkon Cimarémé. Sanggeus bérés ngalap élmu agama Islam ti Syéch Abdul Muhyi di Pamijahan Tasikmalaya, KH Hasan Arief –seuweu (putra pameget) KH Tubagus Alfani mantuan ramana ngokolakeun pasantrén Cimarémé. KH Hasan Arief lian ti méré pangaweruh agama, ogé méré pangaweruh ka rahayat dina widang tatanén –sangkan bisa ngaronjatkeun hasil tatanén. Pikeun ngahontal udagan éta –ngaronjatkeun hasil tatanén, KH Hasan Arief miwah ramana, ngahaja ngabendung ranca –rawa Cibudug. Caina dikamalirkeun ka pasawahan, atuh najan halodo entak-entakan ogé, di lembur Cimarémé mah tara kungsi tigerat ku cai.
Kitu deui ka santri-santrina, henteu diajar ngaji jeung maca kitab wungkul, tapi ogé diajar kana élmu béladiri saperti maénpo –penca sarta diajar kaahlian ngagunakeun pakarang bedog jeung pedang. Tujuanana, taya lian sangkan rahayat lain ngan ukur seubeuh beuteung wungkul, tapina ogé, kudu boga kamampuh jeung kakuatan pikeun ngabéla diri jeung ngabéla lemah caina. Anu matak teu héran, upama mangsa harita, di Cimarémé geus ngadeg pakumpulan béladiri Penca Silat “Gerak Tjepat”.
Keur patalimarga –lalu lintas balaréa, anjeunna ngahaja muka jalan antara Silalangon jeung Cibudug –anu perenahna pahareup-hareup jeung lembur Cimarémé. Atuh pikeun kaséhatan awak atanapi olahraga-na, di Cimarémé diadegkeun pakumpulan sépak bola “Koempoelan Voetbal Merdéka Tani”. Sedengkeun keur urusan pulitik mah, ping 14 Agustus 1914, KH Hasan Arief ngadegkeun organisasi gerakan bawah tanah anu dingaranan: Tjimawaramé.
Pejahna Perang Dunya Kahiji (1914-1918), mawa kaayaan anu harénghéng kana ékonomi dunya. Lain wungkul dirasakeun ku nagara anu keur parerang –Perang Dunya Kahiji kajadianna di Éropa, tapi ogé nerekab ka wewengkon lain saperti ka Nusantara anu mangsa harita jadi jajahan Walanda. Di tengah-tengah bahaya kalaparan anu bakal kasorang ku rahayat, dina taun 1918 pamaréntah kolonial Walanda nerapkeun aturan “wajib jual paré”. Parapatani dipaksa ngajual paré ka pamaréntah anu lobana opat pikul –kirang-langkung 6,5 kg, tina tiap-tiap sabau –50 tumbak atanapi 700 m2 lahanna. Mangsa harita, aturan wajib jual paré téh kawentar ku sebutan: Aturan Setopan atanapi Pameulian Paré. Aturan Setopan ditetepkeun ping 24 Maret 1919 jeung dimuat dina Algemeene Voedselvoorziening, anu pelaksanaanna diserahkeun ka para Wadana. KH Hasan Arief anu ngabogaan 10 bau sawah –ngahasilkeun 250 pikul paré, ku aturan ieu, diwajibkeun ngajual 42 pikul paré-na ka pamaréntah.

Aturan Setopan
Balukar kadesek ku Perang Dunya téa, pamaréntah kolonial Walanda kacida pisan pusingeunana, lantaran maranéhna béakeun bekel. Antukna Walanda ngaluarkeun dua aturan: ngarobah kebon tiwu sangkan dijieun sawah, jeung ngawajibkeun patani ngajual paré ka pamaréntah. Aturan pikeun ngarobah kebon tiwu jadi sawah, teu metu –lantaran juragan kebon tiwu anu kabéhanana urang walanda, nolak kana éta aturan. Ahirna pamaréntah kolonial maksakeun aturan anu kadua –nya éta: ngawajibkeun patani ngajual paré ka pamaréntah, lantaran rahayat jajahan mah leuwih gampang disingsieunan. Tina sabau, kudu dijual opat pikul. Mending lamun dibeulina kalawan pantes, da ieu mah kacida pisan dipoponténg pisan. Harita, numutkeun Soerabajaasch Handelsblad, harga paré di pasaran téh nya éta f 7,50 sapikulna, tapi ku pamaréntah ukur dibeuli f 4. Aturan kitu téh matak beurat keur patani mah, antukna loba anu narah –embung ngajual paréna. Balukarna, loba leuit patani anu diségel ku pamaréntah kolonial –nu geus béakeun akal pikeun ngungkulan kakurangan dahareun.
Lurah Cikendal –Wiraatmadja nepungan urang Cimarémé, pikeun ngabéwarakeun soal aturan “tina sabau kudu ngajual opat pikul” –anu kawentar disebut: Aturan Setopan, téa. Ngan ku KH Hasan Arief ditolak, lantaran beurat teuing, katurug-turug hasil panénna teu salawasna hadé. Kulantaran Aturan Setopan “teu diwaro” ku KH Hasan Arief, pamustunganana lurah Cikendal buru-buru laporan ka Wadana Lélés –ngeunaan sikep urang Cimarémé kana Aturan Setopan téa.
KH Hasan Arief nyieun surat anu ditujukeun ka Kangjeng Dalem Garut –Raden Adipati Soeria Karta Legawa (1915-1929), anu eusina ménta karinganan tina Aturan Setopan. Urang Cimarémé ménta sangkan éta aturan dirobah tina “opat pikul jadi sapikul tina sabau”. Kangjeng Dalem ngutus Wadana Lélés –R. Kusumahardja sangkan nepikeun: yén Aturan Setopan teu bisa dirobah, sarta lamun urang Cimarémé wangkelang, tanwandé baris ditibanan hukuman.
KH Hasan Arief nyieun deui surat anu ditujukeun ka Asistén Résidén Garut –L. van Weeldern, ku Weeldern éta surat téh salajengna dikirimkeun ka Résiden Priangan Timur (Jhr. L Dc Steurs) di Bandung, eusina sarua: pikeun ménta karinganan Aturan Setopan. Euweuh balesan ti Kangjeng Asistén Résidén téh, ngan béja geus sumebar, pajah KH Hasan Arief baris di-Drél –ditibanan hukuman pati.

Organisasi Tjimawarame
Sanggeus yakin pamaréntah teu méré ombér kana pameredih rahayat Cimarémé, KH Hasan Arief mimiti tatahar ngayakeun persiapan. Hasil tina babadamian kana léngkah gerakan Tjimawaramé, aya dua kaputusan. Kahiji, di Cimarémé kudu aya kagiatan pikeun nyusun kakuatan lahir batin ku cara ngayakeun latihan élmu béladiri. Kadua, gerakan Tjimawaramé kudu ménta dukungan ka Sarékat Islam Affdelling B anu mibanda patékadan nu sarua pikeun ngagulingkeun pamaréntahan Walanda.
KH Hasan Arief tuluy ngayakeun hubungan jeung parapangurus Sarékat Islam Affdélling B, sarta ménta dukungan jeung doa, lamun mah kudu ngalaksanakeun perang jihad. Patékadan KH Hasan Arief ngalawan pamaréntah kolonial, geus meunang dukungan ti Sarékat Islam. Sarékat Islam rék mantuan KH Hasan Arief, pikeun ngarubuhkeun pamaréntahan Walanda –anu harita keur nyanghareupan Perang Dunya Kahiji. Sanggeus meunang dukungan ti Sarékat Islam kana gerakan Tjimawaramé –aktivis Sarékat Islam ngahaja datang ti suklakna ti siklukna ka Cimarémé, keur méré dukungan katut nambah kakuatan keur urang Cimarémé, kakuatan KH Hasan Arief mingkin kuat jeung tohaga.
Organisasi pergerakan Tjimawaramé, mimiti robah jadi ngaran: Tjimimitiramé –lantaran KH Hasan Arief geus teu sieun deui ngumumkeun perang jihad ka pamaréntah kolonial. Kaayaan Lembur Cimarémé mimiti pada ngadareugdeug, wadyabalad bala bantuan ti luar saperti ti daerah: Cirebon; Banten; Cikampék; Tasikmalaya; Bandung; jeung Sumedang, rabul daratang. Daratangna teu léngoh, mawa bebekelan jeung pakarang saboga-bogana.
Rahayat Cimarémé unggal poé caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket, samagréng ku pakarang bari teu lésot tina iket kaén bodas. Urang Cimarémé geus meunang béja yén pamaréntah kolonial baris ngayakeun tindakan dina poé Juma’ah, tanggal 9 Agustus 1919.

Banjir Getih
Lila kénéh ka bulan Agustus 1919 téh, meneran poé Juma’ah ping 4 Juli 1919, rombongan Kangjeng Asistén Résidén; Kangjeng Dalem Garut; Panghulu Garut; katut Wadana Lélés –bari diiringkeun ku 60 urang pasukan Marsosé atanapi Veld Politie (Pulisi Désa), ngaronghéap ka lembur Cimarémé. Rombongan kolonial teu wudu reuwaseun, teu nyangka yén urang Cimarémé geus siap perang. Dina ieu kasempetan, KH Hasan Arief hayang ngayakinkeun bener henteuna sakabéh sawah bogana, rék di béslah –di sita ku pamaréntah, sarta mermanakeun béja yén KH Hasan Arief katut sakabéh anak incuna baris ditibanan hukuman pati ku cara di drél.
Dijawab ku Kangjeng Asistén Résidén, yén pamaréntah mah ngan ukur rék meuli paré lobana opat pikul tina saban-saban sabau. Nempo kaayaan anu matak pibahayaeun ka rombongan pamaréntah, tanwandé pihak pamarentah bakal bobor karahayuan lantaran teu mawa tentara loba. Satuluyna Kangjeng Asistén Résidén ngarérépéh urang Cimarémé anu geus samagréng pakarang, jeung jangji rék nedunan paménta urang Cimarémé. Sanggeus kitu mah, rombongan pamaréntah baralik deui di iringkeun ku tentara Marsosé.
Rahayat Cimarémé teu wudu barungaheun, lantaran teu tulus bégalan pati. Kitu deui tamu anu ngahaja datang ti luar daérah –nu maksudna rék mantuan ka pihak Cimarémé, nungtutan baralik ka lembur séwang-séwangan. Kaayaan lembur Cimarémé balik deui cara sasari, rahayatna soson-soson ngagarap sawah jeung kebonna. Pakarangna diteundeun deui di imah masing-masing, kitu deui jimat anu dijieun tina lawon bodas dilaan tur dihijikeun, diteundeun di imah KH Hasan Arief.
Rahayat Cimarémé lalugina deui hirup di lemburna, jongjon molah sawah sangkan hasilna nyugemakeun. Rahayat teu kudu ngajual opat pikul tina sabau, ngan ukur ngajual sapikul tina sabau.
Pamaréntah kolonial anu méré kalonggaran ka urang Cimarémé –dina aturan Setopan, ukur taktik wungkul sangkan rahayat teu boga karep ngalawan. Kaping 6 Juli 1919, pamaréntah kolonial ngadatangkeun 40 urang infanteri anu dipingpin ku Mayor van Der Bie jeung Letnan Hillen. Kitu deui, ngadatangkeun pasukan anu jumlahna 30 urang ti Tasikmalaya pingpinan komandan Raes. Senén 7 Juli 1919, lembur Cimarémé dijorag deui ku pihak pamaréntah bari dibarengan ku 300 urang tentara Marsosé anu samagréng pakarang. Puguh waé rahayat Cimarémé asa didodoho, asa dipacikeuhkeun. KH Hasan Arief kakara sadar kana tipu muslihat pihak pamaréntah, ari geus dikepung mah rék bisa ngalawan kumaha da moal kauntup. Réngsé solat Duha jeung ngadu’a di masjid, KH Hasan Arief tuluy asup ka imah dituturkeun ku sakabéh anak incuna. Di jero imah, kabéhanana dititah dzikir muntang tulung ka Alloh lantaran geus teu walakaya pikeun ngalawan.
Ti luar imah, aya anu ngagorowok nitah pangeusi imah kalaluar, dibarung ku sora témbakan anu kerep pisan. Kaayaan jadi beuki tagiwur, kolot budak patingjarerit lantaran tentara Marsosé terus némbakan ka jero imah. KH Hasan Arief harita kénéh katémbak, rubuh tur guyang getih. Barang kanyahoan KH Hasan Arief geus rubuh, tentara Marsosé ngeureunkeun témbakanana, satuluyna nyerek sakabéh urang Cimarémé.
Anu maot aya tujuh urang –opat urang maot sapadaharita, kaasup KH Hasan Arief, anu tatu parna aya 19 urang –saurang maot satengah jam saentasna kajadian, saurang deui maot di rumah sakit. Ari anu salamet, harita kénéh dicangkalak jeung ditibanan hukum –tinibanan hukuman dilaksanakeun sanggeus pihak kulawarga KH Hasan Arief, ngusulkeun ka Gubernur Jénderal di Buitenzorg (Bogor) sangkan tawanan diprosés sesuai hukum anu berlaku. H Godjali –minantu KH Hasan Arief, ditibanan hukuman 15 taun panjara tur dikirim ka panjara Sawahlunto Sumatera; tuluy ka Golodog –Glodok Batavia; ahirna dibuang ka Pulai Ai. Atmaka; Haji Manan; Haji Manaf; katut H Hasanudin, masing-masing 5 taun di Sawahlunto, Sumbar. Genep urang incu KH Hasan Arief ditibanan hukuman dua taun tur dibuang ka Digul jeung ka luar Pulo Jawa. Layon KH Hasan Arief dimakamkeun di Pasir Astana Gabus, kirang-langkung 1 km di kiduleun Kampung Cimarémé. Kiwari, jenengan KH Hasan Arief, janten nami jalan raya anu ka Banyuresmi Garut.

Pitenah
Kajadian di Cimarémé tanggal 7 juli 1919 ieu, nginggeungkeun pulitik Hindia Walanda –malah tepi ka diadurényomkeun di Voolksraad (Wakil Rahayat). Éta kajadian diadurényomkeun ngagunakeun sababaraha istilah, saperti: Afdeling B Affair, Tjimarémé Affair, Garoet Affair, jeung sajabana. Anu nyempad kana tindakan tentara ka urang Cimarémé, ngasongkeun pamanggihna téh lain ukur di Voolksraad wungkul, tapi ogé ngayakeun démonstrasi di lapangan Gambir Batavia. Intina, tindakan pamaréntah ka urang Cimarémé téh dianggap kaleuleuwihi.
Ku pamaréntah kolonial Walanda, kajadian Cimarémé téh sasat jadi waktu anu merenah pikeun ngalemahkeun pergerakan kaom Sarékat Islam jeung Komunis. Pamaréntah kolonial jadi boga alesan pikeun néwakan anggota “komplotan rahasia” –kaom pergerakan, anu dianggap rék ngaruntagkeun pamaréntahan Walanda.
Kajadian Cimarémé dipatalikeun jeung pejahna Kongrés Sarékat Islam di Semarang –pamaréntah kolonial ngangkat isu ayana kelompok SI bawah tanah anu make istilah: SI Affdelling B. Mémang, dina kongrés mangsa harita, anggota Sarékat Islam loba anu pabéntar paham. Aya anu ngusulkeun, dina merjuangkeun kamerdékaan téh kudu ngagunakeun cara radikal –saterusna anu boga pamadegan kitu téh disebut: Affdelling B (kelompok/cabang B). Semaun –jeung nu sahaluan radikal, ngadegkeun Sarékat Islam Mérah –pikeun ngabédakeun jeung Sarekat Islam Putih anu dipingpin ku HOS Tjokroaminoto. Ku pamaréntah kolonial, unggal pasantrén jeung tokoh agama anu baruntak ka Walanda, dianggap “diseuneuan” ku SI Affdelling B. Leuwih jauh, SI dituduh kudu tanggung jawab kana kajadian Cimarémé. Padahal, pasualan “wajib jual paré” anu hargana dipoponténg leuwih murah batan harga pasar, ku Walanda henteu dikahareupkeun.
Aya ogé urang Walanda anu nyempad tindakan pamaréntah kolonial –anu ngaranna Dr. GAJ Hazeu. Inyana  nyebutkeun: naon-naon anu ditudingkeun ku Bupati Garut ka SI téh, ukur pitenah. Tina hasil panalungtikan Hazeu, katohyan yén Bupati Garut geus maksa bari ngancam ka pangurus SI Cabang Garut sangkan “nga-enyakeun” sakur anu ditudingkeun ku pamaréntah. Kukituna –lantaran teu sapaham kana tindakan dununganana, Dr Hazeu ahirna ngundurkeun diri tina jabatan salaku panaséhat pamaréntah urusan agama Islam. Keur ngagugat peristiwa Cimarémé, Muhammad Sanusi nerbitkeun buku: Génjlong Garut –eusina nyempad tindakan pamaréntah kolonial.

***

Hampura Simkuring



Budaya, cicirén hiji bangsa. Leungit budayana, bakal leungit ogé bangsana. Teu béda jeung “Kulonuwun” tina budaya Jawa atanapi “Horas” ceuk urang Batak, kecap “Sampurasun” dina budaya Sunda mibanda beuti harti: kudu silih-ajénan. Islam jeung Sunda, diucapkeunana ogé dina tarikan napas anu sarua. Taya pagedrug antara ajaran Islam jeung Sunda, iwal ti aya anu ngagedrugkeunana mah.

Etimologi
Kecap “sampurasun” mimitina diucapkeun ku nu rék nyémah atawa ku anu rék natamu. Hareupeun panto, anu rék nyémah téh sok ngucapkeun: Sampurasun !. Nu boga imah, biasana sok ngajawab: Rampés !. Ka béh dieu-eun, kecap sampurasun dipaké bubuka dina pidato –boh basa Sunda atawa pidatona maké basa Malayu. Diucapkeunana, sanggeus awéh salam –assalamu’alaikum warohmatulloh wa barokatuh. Ku kituna, di Tatar Sunda, bubuka pidato téh aya dua ucapan, nya éta: salam jeung sampurasun.
Aya anu nyebutkeun kecap “sampurasun” téh, asalna tina kalimah: sampurna ning ingsun –hartina: sampurnakeun diri urang. Ngan tina jihad élmu pangaweruh, éta kalimah téh tacan kapanggih jujutanana –leuwih deukeut kana: kirata (dikira-kira sangkan nyata). Atuh, ti mana asalna kecap sampurasun ?
Dina Kamus Umum Basa Sunda anu dikaluarkeun ku Lembaga Basa & Sastra Sunda, kecap sampurasun téh hartina: punten atawa pangapunten, ucapan nu rék nyémah. Numutkeun kamus basa Jawa Kuna-Inggris anu disusun ku Zoetmulder –Old Javanese English Dictionary, kapanggih entri: sampura; sampuri; sinampura; jeung sinampuri. Sedengkeun dina kamus Kawi-Indonesia susunan Prof Dr S Wojowasito, nétélakeun yén entri “sampura” téh hartina: dimaafkan, diampuni –mun dina basa Sunda mah: dihapunten, dihampura. Ngan di masarakat Sunda mah, kecap sampura téh ditambahan “sun”, jadi: sampurasun. Sedengkeun “sun” atawa “ingsun” dina kamus Kawi-Indonesia, hartina: saya –abdi; simkuring (kecap ganti munggaran). Ku kituna, tina jihad étimologi –asal-usul kecap, sampurasun téh tina kecap: “sampura sun” atawa “sampura ingsun” –hartina: hampura simkuring.
Najan enya tina basa Kawi, tapi sampurasun geus jadi salahsahiji jati diri urang Sunda. Kecap sampurasun mangrupa tanda pangakuan, yén nu ngaranna jalma mah, teu lesot tina kaluluputan jeung kasalahan. Ku kituna, bisi ngabaribinan pribumi atawa ngaganggu, anu rek nyemah téh miheulaan ku: ménta dihampura. Kitu deui pribumi, sémah anu sampurasun téh dijawab: rampés –hartina: mangga; sami-sami ngahampura. Cindekna, silih-hampura ngaliwatan sampurasun-rampés, nadeskeun yén budaya Sunda téh “mutiara budaya” anu euyeub ku: norma; étika; jeung tatakrama anu luhung ajénna. Teu pabéntar jeung agama katut darigama.

Tatakrama
Kecap sampurasun, mangrupakeun banda budaya “maha-karya” karuhun Sunda. Banda budaya, lain pusaka, tapi mangrupa pakakas pikeun nyampurnakeun perangkat hirup lahir jeung batin. Banda budaya ogé, lain kudu dipuja didama-dama, tapi kudu dipulasara –sabab di jerona, euyeub ku ajén-inajén luhur. Sampurasun, hiji ungkara sangkan dina ngalaksanakeun pagawéan, leuwih ti heula kudu nyucikeun diri jeung ngaberesihan rereged késang dunya anu nyangkaruk dina diri.
Unggal sélér bangsa, geus tangtu mibanda budaya anu khas. Tina budaya, aya tutungkusan anu euyeub ku ajén-inajén titinggal ti luluhur atawa karuhunna. Tutungkusan atawa tali-paranti ti karuhun Sunda ieu, diwadahan dina waruga budaya jeung dibungkus ku silib tur siloka. Budaya dijadikeun “pager” -na kapribadian, keur pamageuh adeg-adeg jeung jadi alat pikeun ngalemeskeun budi. Salahsahiji dina budi pekerti, nya ilaharna sok disebut: tatakrama.
Tatakrama rék nyemah atawa rék pidato –najan ka anu karék panggih ku ménta dihampura heula, éta téh mangrupakeun tanda pangakuan: yén anu ngaran jalma mah, teu lésot tina kaluluputan. Sabenerna, ménta dihampura ka sasama, perlu rajeun dipilampah. Sangkan –boh salila hirup, boh sabada ninggalkeun alam ramé urang Sunda, teu kabeungbeuratan ku dosa atawa kasalahan ka papadana.

***

Kamis, 09 Juli 2015

Nitenan Lirik Lagu Sunda



Upami niténan lirik atanapi rumpaka nu sok diaranggo dina lagu-lagu kawih, sanaos henteu seueur, nanging aya hal-hal anu matak “ngahudang kapanasaran”. Aya kecap atanapi ungkara, nu sesah ngahartoskeunana. Kaéndahan hiji lagu, bakal langkung karaos upami dikiatan ku lirik. Ngajiwaan lagu ogé kedah disarengan ku ngajiwaan lirik-na, margi lirik sareng lagu téh sasat teu tiasa dipisahkeun, kedah gumulung ngahiji. Dupi ngajiwaan lirik atanapi rumpaka, tangtosna ogé upami kekecapan nu aya dina lirik téh, tétés sareng teges hartosna.

Sateuacanna simkuring seja tamada, wiréh ieu pedaran téh tangtos seueur kakirang –tetebiheun tina sampurna mah. Conto kasus-na éstuning basajan pisan, kadar dipilihan tina lirik atawa rumpaka lagu nu sok kakuping sadidinten. Ambahanana rumaos heureut teuing, henteu kabujeng niténan lirik atanapi rumpaka lagu jaman kapungkur. Nya kitu deui perkawis sistematika sareng métoda-na, tebih tina nyugemakeun. Teusing nganggo métoda anu harib-harib ilmiah, mung nganggo métoda maca –sakadar kénging bucu-baca, tansah tawakupna. Nanging sok sanaos kitu, mugi-mugi ieu “pedaran goang” téh, mamanawian aya mangpaatna –sakirang-kirangna bahan émutaneun sugri anu aya patalina sareng sabudeureun lirik atanapi rumpaka lagu-lagu Sunda.

Wawacan jeung Guguritan
Sadayana sami uninga wiréh anu disebat wawacan téh, nya éta: karya sastra anu mangrupi “carios panjang anu dikarang nganggo wangunan pupuh”. Ku margi carita, atuh tangtos anu dipentingkeunana ogé nya éta perkawis “lalakon” na. Sakaterang mah, wawacan téh dikarangna ku para-ahli basa. Ku margi kitu, atuh munasabah upami basana ogé basa anu “nyakola”. Jabi ti éta, parapangarangna ogé kalintang pengkuhna kana aturan-aturan pupuh –babakuna perkawis guru-lagu sareng guru-wilangan, ngaruntuykeun ti pupuh ka pupuh. Nanging, nya kitu. Rupina mah ku pengkuh-pengkuhna kana atutan guru-lagu sareng guru-wilangan, sakapeung rajeun kapendak kecap-kecap anu “kapaksa” diteukteukan, sapertos: kecap jero jadi jro; kecap para jadi pra; kecap iatna jadi yatna; sareng kecap bupati jadi bupatos atanapi tumenggung. Hal sapertos kieu téh, kapendak ogé dina lirik –dangding lagu tembang: “na iraha rék kauntun..” (Kinanti). Kecap “na” tangtosna gé neuteuk tina kecap “naha”. Kitu deui dina: “sumiriwik kadi walik..” (Dangdanggula). Kecap “kadi” kenging neukteuk tina kecap “kadya”. Neukteukan kecap sapertos kitu téh –sapanjang henteu matak ngarobih harti kecap, ku émutan mah henteu lepat-lepat teuing. Jabi ti éta, ku anu telik niténan mah rajeun sok kapendak hal-hal anu karaos “teu patos logis”. Sapertos dina guguritan: warna-warni lauk émpang.. (Wawacan Rengganis). Cenah lauk lalawak sareng julung-julung mah, sanés jenis lauk-kukut nu sok aya di balong –émpang nanging lauk-jarah anu ilahar ayana di walungan. Rupina kitu téh, duméh pangarang ngaraos “kapaksa” kumargi nojo teuing kana aturan guru-lagu/guru-wilangan antanapi purwakanti. Dupi anu aya patalina antawis wawacan sareng lagu –babakuna tembang, kirang lakung kieu: Puluhan taun anu kalangkung, di Pasundan kantos rada haneuteun ku seni maca wawacan ku cara ditembangkeun. Ieu kasenian téh, disebatna: seni mamaca atanapi seni macapat. Ieu kasenian téh, mangrupi hiburan –ilaharna dina opatpuluh dintenna anu orokan. Hanjakal ieu kasenian téh, parantos langka pisan kakuping –rupina bareng sareng lus-lesna karya sastra wawacan tina kahirupan masarakat Sunda.
Upami wawacan mangrupi carios panjang anu winangun dangding, guguritan mah rupina tiasa dipapandékeun kana: “carios pondok anu didangdingkeun”. Teu patos seueur, dangding anu dibantun tina guguritan nu sok dianggo bahan tembangkeuneun téh. Utamina, mung genep atanapi tujuh pada –tina 22 pada Dangdanggula Guguritan “Laut Kidul”. Dupi perkawis basana –ku margi guguritan gé masih karya bujangga kénéh, rupina salangkung mah taya cawadeunana.
Perkawis kecap “lagu” –anu dina ieu pedaran kapaksa rada sering kasebat, sawatawis katerangan anu kapendak téh diantawisna, kieu: numutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBSS, anu disebat lagu téh nya éta: “turun-naékna sarta panjang-pondokna sora dina maca, nembang, ngaji jste.”. Numutkeun Kamus Istilah Karawitan Sunda (Atik Sopandi, S.Kar): “Lagu-susunan nada yang disusun sedemikian rupa sehingga indah dan enak didengar. Susunan ritme biasa juga disebut lagu”. Kanggo ukuran wangenan –définisi, katerangan perkawis kecap lagu dina éta dua kamus téh, kaétang parantos nyekapan. Dina hartos anu basajan, nembang sareng ngawih téh sami sareng “ngalagu”. Atu béh dituna, teureugeus atanapi lentong dina sasauran ogé masih kénéh mangrupi lagu. Cindekna mah, anu disebat lagu téh: “mélodi anu dikuniangkeun ku sora, boh sora mahluk atanapi sora waditra. Aya sora –sada waditra anu parantos tétés mélodina –sapertos: kacapi; suling; piano, aya ogé sora anu mangrupi “desah” –sapertos sora kendang.

Lirik Lagu
Kecap “lirik” anu dina ieu pedaran bakal sering disebat, numutkeun Kamus Istilah Sastra anu disusun ku Drs. Iskandar Wasid, M.Pd. “Asalna mah (di Yunani) lirik téh (rumpaka) lagu pikeun marengan waditra petik anu ngaranna lyre (sabangsa kacapi leutik, ditabeuhna bari diakeup). Kiwari digunakeun pikeun ngaran puisi pondok, henteu ngawujud carita; anu dihariringkeun ku saurang. Eusina mudalkeun rasaning ati, bingbangna rasa jeung pipikiran. Monolog, nyorangan, bangun jauh panineungan. Ku lantaran ngayun emosi, jadi halon wirahmana, sada nu ngahariring. Puisi lirik nya éta puisi anu kitu sipatna”.
Dina Kamus Istilah Karawitan kénging Atik Sopandi, S.Kar. henteu kapendak katerangan anu togmol nerangkeun harti kecap “lirik”. Aya ogé kecap “rumpaka”, anu kateranganana: “Sa’ir atau kata-kata dalam penyajian nyanyian, sebagai penjelasan dari tema lagu, lirik lagu”.
Lirik téh, aya dua rupi: Lirik Sandingan sareng Lirik Sanggian. Lirik Sandingan, nya éta: puisi –tiasa mangrupi dangding; sisindiran; atanapi wawangsalan anu parantos nyampak tur tiasa ditembangkeun atanapi dikawihkeun dina lagu naon baé –dina hartos, henteu matok dina hiji lagu. Dangding-dangding dina tembang, umumna mah kalebet lirik sandingan. Contona: Guguritan “Laut Kidul kabéh katingali”, tiasa ditembangkeun dina sababaraha lagu –kaya-kayaning: Bayubud; Kentar Ajun; Kentar Cisaat; jeung Mangari. Nya kitu deui wangunan sisindiran jeung wawangsalan, sering dianggo dina lagu-lagu kawih tur henteu matok dina hiji lagu. Sedengkeun anu disebat Lirik Sanggian, nya éta: puisi anu ngahaja didamel mung kanggo hiji lagu. Puisi pantun dina tembang Cianjuran, sapertos: “Burudul ménak ti kidul…” atanapi “Sampiung ngapung ka manggung…”, éta kalebet Lirik Sanggian –dina hartos, lirik atanapi rumpakana mung tiasa dikawihkeun dina lagu anu parantos tangtu, sasat teu tiasa dianggo dina lagu sanésna.
Kanggo sawatawis lagu –babakuna lagu-lagu kawih anu nganggo patokan lagu-lagu klasik sapertos Kulu-Kulu; Catrik; sareng Sénggot, ku margi lagu-laguna parantos nyampak, lirik téh anu nuturkeun lagu. Janten, cekap milarian lirik anu diluyukeun kana lagu –biasana lirik anu mangrupi sisindiran. Nanging sawangsulna, aya sawatawis juru sanggi anu ngadamel lagu-na téh ku margi parantos aya lirik-na, contona: Mang Koko ngadamel Lagu: Kembang Tanjung Panineungan; Samoja; sareng Malati di Gunung Guntur, nganggo lirik atanapi rumpaka anu parantos aya –kénging Wahyu Wibisana.
Tina paniténan anu salangkung, katingal, yén “basa sedeng” langkung seueur dianggo lirik. Sedengkeun “basa lemes”, mung dianggo dina lirik atanapi rumpaka anu ngagambarkeun “hubungan” sareng Nu Maha Agung atanapi dianggo dina lebah ngageuri ka bébéné/beubeureuh –naha ieu aya patula-patalina sareng anggapan, wiréh lalaguan tembang mah perbawana romantis?.

Panasaran
Lirik atanapi Rumpaka dina Lagu Tembang:
Salajengna, upami niténan lirik atanapi rumpaka nu sok diaranggo dina lagu-lagu tembang –sanaos henteu seueur, osok aya hal-hal anu ngahudang kapanasaran –wiréh teu acan kapendak papayanana, diantawisna:
Kecap “Narangtang”. Dina seni tembang Sunda, anu disebat narangtang téh nya éta pasieup sateuacan lagu Papantunan atanapi Jejemplangan. Ilaharna, di-vokal-an “Daweung ménak Pajajaran” –sateuacan lagu Papantunan, atanapi “Nyukcruk parung meulah bantar” –sateuacan lagu Jejemplangan. Jabi ti éta, kecap narangtang ogé kapendak dina lirik lagu Papatét Ratu sateuacan lagu Pangapungan: “Nilik langit narangtang méga, nojér ka bagal buana, bari néngkép indung suku…”. Dina ungkara ieu, kecap narangtang sapertos kecap pagawéan. Upami leres kecap pagawéan, naha asal kecapna téh: tangtang; nangtang; atanapi narangtang ?
Kecap “Sampiung”. Dina lirik lagu Pangapungan, kecap sampiung téh diréndéngkeunana sareng kecap “ngapung”: sampiung ngapung. Kecap sampiung, jiga “sahartos” sareng kecap “biur”: biur ngapung. Malihan ka ayeunakeun mah, bet sok kakuping kecap: bur sampiung.
Kecap “Papon”. Ieu kecap papon téh kapendak dina lirik lagu Balagenyat: “Pondok dipitali papon, panjang dipitali korang, dijeujeut dijieun koja…”. Sanaos ieu kecap téh mung sakadar bagian tina cangkang sisindiran –fungsina mung nyadiakeun sora atanapi purwakanti kanggo eusi, nanging dina kamus, ieu kecap téh teu aya.
Kecap “Purug”. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBBS, kecap purug téh katerangan hartosna sami sareng kecap “bangen”. Kecap purug téh kapendak dina lagu Rajamantri: “Nyucruk purug ka Cicurug, salah jalan ka Sinagar…”. Rupina, ieu ogé bagian tina cangkang sisindiran –mung hanjakal, cangkangna teu kapendak.
Kecap “Suriapati”. Duka kumaha kedah nyeratna, naha suriapati atanapi suria pati. Ieu kecap téh kapendak dina lirik nu sok dianggo ku lagu Papatét: “Nyanggakeun balungbang timur, nyanggarakeun suria pati…”. Nya kitu, ieu kecap téh teu acan kapapay naon hartosna atanapi naon maksadna.
Kecap “Sambut”. Duka naon hartosna kecap sambut dina ungkara: “Barabat sawidak deupa, rup ku sambut rap ku lemah…” (Pangapungan). Asa leuheung kénéh upami: rup “kasambut” atanapi rup ku “simbut”.
Kecap “Lentong” sareng “Lentang”. Dina lagu Pangapungan: “Lentong sagedé papatong, lentang sagedé bangbara…”. Ieu kecap téh, naha sakadar kanggo “ngudag” purwakanti atanapi aya hartosna?
Kecap “Miloko”. Dina lagu Papatét, aya lirik anu kieu: “Nya pondok meunang miloko, panjang meunang ngungang-ngungang…”. Teu kapapay naon hartosna miloko, ku margi dina sadidintenna ogé tara pisan kakuping.
Kecap “Sumawut” atanapi “Sumuwuk”. Ieu dua kecap téh, kapendak dina lagu Pangapungan: “Kadingdingan indung peuting, kahalangan kilat panjang, sumawut (sumuwuk) kadi bincarung, sumiripit kadi walik..”. Saupami sumawut asalna tina kecap “sawut” –anu hartosna: kulit ipis tina sisikian, sareng sumuwuk tina kecap “suwuk” –hartosna: tambahan menu/kadaharan sangkan téréh lintuh, atuh rada sesah kumaha ngahartoskeunana.
Jabi ti éta, aya lirik atanapi rumpaka anu basana téh sanés basa Sunda, nanging kaanggo pisan ku tukang tembang mah, sapertos dina lagu Langendria:
“Lélo-lélo wus turu wong ayu sun senggarani, balingbing uwoh widoro kang dadi ceremeng ati, kadal ijo wis mengkali, kadal alit wis mengkajang, cecak anak gigir mami, siwur tukung kawulo ambruk mring diko..”.
Duka leres duka henteu ieu téh basa Jawana, atuh ngucapkeun sareng nyeratna oge duka leres duka henteu deuih –mana komo hartosna mah, sasat poékeun.
Lirik atanapi Rumpaka dina Lagu Kawih:
Upami lalaguan kawih ka ayeunakeun, karaosna dinamis ritmis sareng komunikatif. Hal ieu téh ku margi dirojong ku lirik atanapi rumpaka anu basana rélatif gampil kahartos. Nanging sok sanaos kitu, teu kirang-kirang basa sareng ungkara anu ngahudang kapanasaran. Contona: “Lagu urang boga teuteup ngagalindeng…” (Amparan Lalakon). Ngabandingkeun “lagu” sareng “panon”, teras nu kumaha ari “teuteup ngagalindeng” téh –henteu gampil kahartosna. Terasna deui dina: “Keur reureuh ngayeuh kadeudeuh…” (Geter Panineungan). Ieu ungkara téh, tojo teuing kana purwakanti –dugi ka maksadna jadi samar-samar. Kumaha peta anu “ngayeuh kadeudeuh” téh. Teras: “Indung peuting ngahariring…” (Rundayan Dalingding Tresna). Ieu nganggo personifikasi anu teu ilahar, biasana ogé: angin ngahariring.
Mémang leres, henteu gampil malibirkeun ungkara téh. Jabi ti kedah tapis dina milih sareng ngalarapkeun kecap, tangtosna deui bari kedah luyu sareng jamanna. Basa –minangka bagian tina budaya, robih-robih sareng nambihanana ngiring kana galar-gilirna jaman. Kalayan henteu gaduh maksad ngalalangkungan para-ahli rumpaka, ieu pedaran téh mung sakadar numutkeun ukuran “penikmat” seni wungkul. Tansah tawakupna.


***