Gunung
Guntur nu mitutur... Kadé sing hadé ceuk Gunung Gedé… Cikuray nu kapiraray…
Talagabodas matak waas… Papandayan ngagupayan.... Gunung Putri anu asri...
Gunung Kutu anu bihari, Gunung Guntur anu kiwari. |
Mandala
Dipuntang
Bihari di wewengkon Garut aya hiji
karajaan kawilang gedé, ngaranna Karajaan Mandala Dipuntang. Puseur dayeuhna di
Panémbong –Bayongbong Garut. Anu jadi
raja mangsa harita, nya éta Dalem Paséhan, gelar nobatna: Sunan Permana
Dipuntang. Anjeunna téh mertuana Prabu Siliwangi, margi siwi –anak awéwé na anu jenengannana Nyimas
Ratna Inten Déwata, ditikah ku Prabu Siliwangi. Saparantos Dalem Paséhan tilar
dunya –tilem di Gunung Satria, anu
janten naléndra téh siwi na kuanjeun: Nyimas Ratna Inten Déwata, gelar nobatna:
Ratu Maraja Inten Déwata. Kumargi teu kersaeun calik di karaton, kahoyongna
midusunan baé, Ratu Maraja Inten Déwata ngangkat putrana janten raja di Mandala
Dipuntang anu jenenganna Sunan Dayeuh Manggung. Upami Maharaja Inten Déwata
nuju ngitung lembur milangan kori, anu ngiring ngiclik téh mung pangatik lalaki
saurang –anu umurna geus kolot pisan,
ngaranna Batara Rambut Putih. Gegentos Sunan Dayeuh Manggung saparantos
tilar dunya –di makamkeun di Dayeuh
Manggung Cilawu Garut, nya éta Sunan Prabu Derma Kingkin. Waktos
pamangkuaji na ku Prabu Derma Kingkin, éta karajaan téh dipindahkeun ka
wewengkon Timbanganten –deukeut Gunung
Kutu. Laju, Prabu Derma Kingkin ngagentos nami Karajaan Mandala Dipuntang
janten Karajaan Timbanganten. Ari puseur dayeuhna di Korobokan –Cipanas, deukeut Gunung Kutu/Gunung Guntur Garut
di pasir luhur bukit alit. Anu ngagentos Prabu Derma Kingkin janten Naléndra di
Karajaan Timbanganten salajengna, nya éta: Sunan Ranggalawé.
Gunung Guntur Garut, sasakala Karajaan Timbanganten. |
Gunung
Urug
Tatar Karajaan Timbanganten, ngawengku
wewengkon: Tarogong Kalér; Tarogong Kidul; Samarang; Lélés; jeung Cikembulan –Kadungora. Karajaan Timbanganten kalebet
nagri ‘madeg mandiri’ –hartina: teu
kaéréh/kajajah ku nagara deungeun. Pangupa jiwa rahayatna, ngandelkeun tina rupa-rupa tatanén. Henteu ari
medah-meduh mah, ngan tara kabéjakeun kakurangan dahareun. Anu ngabahureksa jadi
raja di Timbanganten mangsa harita téh nya éta Sunan Ranggalawé. Dipikaasih ku
rahayatna, lantaran adil paramarta jeung kacida merhatikeun kana kahirupan
sakabéh pangeusi nagri. Naon baé kahayang rahayatna –lamun éta hadé pikeun maranéhna, pasti ditedunan kalawan daria. Dina
hiji mangsa, nagara katarajang tigerat panjang –nepi ka rahayatna kakurangan cai. Tong boroning keur pepelakan, dalah
keur pangabutuh sapopoé ogé, cai téh hésé kacida. Mangkaning cai téh, pangabutuh
anu kacida pentingna keur kahirupan mahluk hirup. Pikeun ngungkulan éta
masalah, teu aya deui jalanna anu kaerong ku raja, iwal ti kudu nyieun situ.
Lain baé keur sasadiaan cai dina mangsa halodo saperti harita, tapi bisa dipaké
nyaian tempat-tempat anu angar lantaran kurang cai, nepi ka bisa dijieun sawah-sawah
anyar. Sunan Ranggalawé ngeprak paramantri jeung ponggawa, sangkan néangan
tempat pisitueun. Tempatna kudu anu hadé, anu henteu bangga –hésé ngabendungna. Sarta lamun geus jadi
situ, caina bisa dipaké ku sakuliah pangeusi nagri. Dina hiji waktu, Patih
unjukan ka Kangjeng Sunan. Ki Patih nétélakeun, yén geus manggihan tempat pisitueun.
Nya éta di hiji léngkob, anu aya di wewengkon Gunung Kutu bogana Maraja Inten
Déwata. Sunan Rangga Lawé kalintang bingahna, ngadangu piunjuk Patih kitu téh. Bungah
amar wata suta, bungah ka giri-giri. Asa ka gunturan madu, ka urugan menyan
putih. Lajeng miwarang hiji mantri pikeun ngadeuheus ka Maraja Inten Déwata, mundut
éta tempat badé ditambak dijieun situ.
Maraja Inten Déwata rada ngajenghok
waktu narima piunjuk ti mantri anu mundut-mundut tempat kanggo pisitueun. Sabab
éta wewengkon anu dipénta ku Sunan Ranggalawé téh, anu pang dipika meumeut
pisan ku anjeunna. Nya léngkob éta pisan anu di pikabetah ku Ratu Maraja Inten
Déwata téh. Salian ti éta, lamun léngkob dijieun situ, tangtu bakal ngeueum
panglinggihan anjeunna. Kumargi kitu, paménta Sunan Ranggalawé téh henteu
ditedunan. Narima laporan ti mantri kitu, Sunan Ranggalawé ahirna maréntahkeun
pikeun néangan deui tempat séjén, anu leuwih alus pikeun pisitueun. Bur-ber anu
néangan pisitueun, tapi weléh taya anu manggih. Malah lila-lila mah, jul-jol
rahayat anu ngadeuheusan sarta unjukan ka Sunan Ranggalawé, nyuhunkeun énggal
éta léngkob ditambak didamel situ.
Sunan Ranggalawé tos dua-tilu kali miwarangan
mundut éta pisitueun, tapi weléh teu dipaparinkeun baé ku Maraja Inten Déwata. Sunan
Ranggalawé henteu tiasa maksa mirusa, tina ngaraos ajrih ka Maraja Inten Déwata.
Dina hiji waktu, aya mantri pangkolotna
di éta nagara, unjukan ka Sunan Ranggalawé. Manéhna méré kamandang ka Sunan
Ranggalawé tina jihad kakawasaan. Yén anu jumeneng ratu téh sabenerna henteu
kénging dihalang-halang ku nu sanés, ku sing saha baé. Parentah ti ratu téh
estuning janten hukum anu wajib ditaatan ku sakabeh pangeusi nagri, kalebet
kedah ditaatan ku sanak-kadangna raja kuanjeun. Ngadangu piunjuk mantrina kitu,
Sunan Ranggalawé ngaraos yén enya bener sapihatur mantrina téh teu nyalahan.
Lajeng ngadawuh ka Patih pikeun ngumpulkeun abdi-abdi kabéh, sarta kudu marawa
pacul, linggis, jeung sapuratina –parabot
nu rék nyieun situ. Sarta poé éta kénéh, léngkob téh kudu di tambak. Sanggeus
meunang dawuhan ti ratu kitu, breng atuh rahayat arindit ka pisitueun. Jalma datang
ti suklakna ti siklukna, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut. Maranggul pacul,
ngajingjing linggis, katut parabot lianna keur ngali taneuh. Komo anu ngadéngé
sorangan dawuhan raja, dalah anu harita ngadéngé béjana ogé, indit nuturkeun
anu ngabrul, mapay-mapay nyatang pinang. Sunan Ranggalawé ogé angkat, diiring
ku mantri sareng paraponggawa. Barang sumping ka pisitueun téa, teras ngadamel
pasanggrahan di dinya. Margi émutanana ngadamel bendungan téh, sanés padamelan
sapoé jadi. Rahayat unggal poé digarawé ti isuk jedur nepi ka soré jedér. Keur
mah ngéstokeun timbalan raja, katambah-tambah lain keur kapentingan batur, tapi
keur kapentingan maranéhna sorangan. Teu sirikna kabéh sanagara ubyag, nyarieun
tambakan keur pisitueun. Capé gawé geus dianggap jamakna, sabab inget kana
hasilna mun situ geus réngsé.
Sanggeus aya kana puluh poéna, tambakan
téh réngsé ngalingkung léngkob. Teu sabaraha lilana deui ti harita, situ téh
geus léb-léban pinuh, caina lébér ngamprah ka lembur-lembur. Sakumna rahayat
saruka bungah. Ubyag deui digarawé poho di kacapé, nyieunan sawah-sawah anyar.
Tegal angar anu legana upluk-aplak, jaradi sawah anu teu kakurangan cai. Tapi kaayaan anu sarupa kitu téh, kanggo Maraja Inten Déwata mah matak ngenes kana manahna.
Anjeunna kagungan anggapan, yén Sunan Ranggalawé parantos metakeun kateuadilan, milampah panganggo sawenang-wenang. Ngabendung léngkob cangkingan anjeunna, bari henteu aya widi ti nu kagunganana. Manahna peurih, raos asa digerihan ku hinis. Ti dinya anjeunna lebet ka bumi, nyandak kekemben hiji, raksukan hiji, tuluy angkat ngajugjug ka gunung leutik anu sok dianggo ngarereb ku Maraja Inten Déwata –teu jauh ti Gunung Kutu disarengan ku Batara Rambut Putih. Saparantos Maraja Inten Déwata ngaso, lajeng miwarang Batara Rambut Putih mawa taneuh sakeupeul jeung nyieun jolang keur wadah cai. Keur candakeun anjeunna dék nanjak ka Gunung Kutu. Teu talangké Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang gedé sarta tuluy dieusian cai, bari mawa taneuh sakeupeul, ngiring ka Maraja Inten Déwata angkat ka Gunung Kutu. Sajajalan teu lémék teu nyarék, bingung neuleuman maksud dununganana. Sasumpingna ka puncak gunung, tuluy éta taneuh sakeupeul téh diawur-awur di luhur gunung jeung cai anu sajolang téa, dibahékeun. Sanggeus cai dibahékeun, Maraja Inten Déwata lungsur deui ti luhur Gunung Kutu ka gunung leutik pangrereban –bari Batara Rambut Putih ngiclik tukangeunana. Sapada harita kénéh aya kajadian anéh, panonpoé nu keur meujeuhna mentrang-mentring, ngadadak kawas anu leungit cahya sinarna. Tanah Timbanganten jadi poék mongkléng buta rajin. Henteu lila, kadéngé anu patingjelegur, datangna ti puncak Gunung Kutu. Seuneu muntab-muntab hurung mancur, silalatu tingbelewer ka ditu ka dieu. Gunung Kutu muncratkeun batu panas, dibarengan ku hujan lebu nu tohaga rongkahna. Lamun batu panas ninggang ka leuweung, ger atuh leuweung téh kahuruan muntab-muntab. Kitu deui mun ninggang ka pilemburan, atuh loba imah anu ancur. Jelama patulayah di sisi jalan. Malah di puseur dayeuh gur-ger kahuruan. Dayeuh Korobokan ruksakna liwat saking.
Tegal angar anu legana upluk-aplak, jaradi sawah anu teu kakurangan cai. Tapi kaayaan anu sarupa kitu téh, kanggo Maraja Inten Déwata mah matak ngenes kana manahna.
Anjeunna kagungan anggapan, yén Sunan Ranggalawé parantos metakeun kateuadilan, milampah panganggo sawenang-wenang. Ngabendung léngkob cangkingan anjeunna, bari henteu aya widi ti nu kagunganana. Manahna peurih, raos asa digerihan ku hinis. Ti dinya anjeunna lebet ka bumi, nyandak kekemben hiji, raksukan hiji, tuluy angkat ngajugjug ka gunung leutik anu sok dianggo ngarereb ku Maraja Inten Déwata –teu jauh ti Gunung Kutu disarengan ku Batara Rambut Putih. Saparantos Maraja Inten Déwata ngaso, lajeng miwarang Batara Rambut Putih mawa taneuh sakeupeul jeung nyieun jolang keur wadah cai. Keur candakeun anjeunna dék nanjak ka Gunung Kutu. Teu talangké Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang gedé sarta tuluy dieusian cai, bari mawa taneuh sakeupeul, ngiring ka Maraja Inten Déwata angkat ka Gunung Kutu. Sajajalan teu lémék teu nyarék, bingung neuleuman maksud dununganana. Sasumpingna ka puncak gunung, tuluy éta taneuh sakeupeul téh diawur-awur di luhur gunung jeung cai anu sajolang téa, dibahékeun. Sanggeus cai dibahékeun, Maraja Inten Déwata lungsur deui ti luhur Gunung Kutu ka gunung leutik pangrereban –bari Batara Rambut Putih ngiclik tukangeunana. Sapada harita kénéh aya kajadian anéh, panonpoé nu keur meujeuhna mentrang-mentring, ngadadak kawas anu leungit cahya sinarna. Tanah Timbanganten jadi poék mongkléng buta rajin. Henteu lila, kadéngé anu patingjelegur, datangna ti puncak Gunung Kutu. Seuneu muntab-muntab hurung mancur, silalatu tingbelewer ka ditu ka dieu. Gunung Kutu muncratkeun batu panas, dibarengan ku hujan lebu nu tohaga rongkahna. Lamun batu panas ninggang ka leuweung, ger atuh leuweung téh kahuruan muntab-muntab. Kitu deui mun ninggang ka pilemburan, atuh loba imah anu ancur. Jelama patulayah di sisi jalan. Malah di puseur dayeuh gur-ger kahuruan. Dayeuh Korobokan ruksakna liwat saking.
Tilas guntur/urugna Gunung Kutu, masih aya tapakna dugi ka kiwari. |
Jelema anu henteu katinggang, barirat ka
tempat anu leuwih aman –lantaran sieun
katinggang ku batu, malah dina geus
pépésna deui ogé, loba pisan anu teu baralik deui ka tempat asalna di
Korobokan, tuluy baé ngalumbara di dinya, nepi ka ngarundaykeun anak-incu. Seuneu
di Gunung Kutu muntab-muntab, batu-batu tingbelewer ka luhur, katénjona burahay
jadi seuneu nyaangan sakuliahna. Lebu hideung ngadingding sakuriling bungking,
ngeprul beurang peuting salila opat puluh poé. Sunan Ranggalawé geus ngaraos yén
pangna nagara katarajang balai anu sakitu poharana téh, tangtu pisan lantaran
ti Maraja Inten Déwata. Lajeng jengkar ti dayeuh Korobokan, kersana rék nyungsi
Maraja Inten Déwata, ngajugjug ka Gunung Kutu.
Teu lami katingali ku anjeunna, Maraja Inten Déwata keur ngadeg dina
batu. Sunan Ranggalawé gagancangan muru Maraja Inten Déwata terus ngarawu
sampéanna, sasauran bari nangis lungas-lengis, mundut dihapunten tina sagala kalelepatan
sareng kaluluputannana. Maraja Inten Déwata ngahampura kasalahan Sunan
Ranggalawé, seuneu nu keur hurung ngabéla-béla téh bet dadak sakala pes pareum.
Kitu deui sora nu patingbeledug, jep répéh. Batu nu cara hujan silantang
datangna ti gunung, les leungit kabéh, musna teu sakara-kara. Ciri Déwata nu
murbeng alam, nyakséni kana kabersihan haté Ratu Maraja Inten Déwata. Sunan
Ranggalawé matur ka Maraja Inten Déwata, ngajak mulih ka karaton sasarengan.
Nanging, Maraja Inten Déwata nyaur, moal balik deui ka karaton, deuk nurutkeun
kahayang ati na waé. Jeung amanat mun isuk jaganing geto, baring supagi, upama
ieu gunung jadi deui cara kieu petana, supados disambat baé ngaran Maraja Inten
Déwata jeung ngaran Aki Batara Rambut Putih, tanwandé salamet moal aya
kitu-kieu. Maraja Inten Déwata, kitu deui Batara Rambut Putih, sanggeus amanat
kitu, les musna ti payuneun Sunan Ranggalawé. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana
–ceuk sakaol, Ratu Maraja Inten Déwata
sareng Aki Batara Rambut Putih lajeng arangkat ka tebéh Wétan nu dituju nya éta
Gunung Talagabodas ayeuna, duanana maksad neraskeun ngasakkeun tatapana. Sarta
didinya pisan marantenna tarilem. Ti harita Gunung Kutu dilandi ngaranna, sawaréh
aya nu nyebut Gunung Agung –gunung gedé,
sawaréh deui aya nu nyebut Gunung Guntur –gunung
urug. Ari gunung anu leutik, urut Sunan Ranggalawé menta panghampura ka Maraja
Inten Déwata téa, nelah nepi ka ayeuna disebut Gunung Putri. Ari situ anu
didamel ku Sunan Ranggalawé katelah Situ Taman di Timbanganten. Ari Dayeuh
Korobokan jeung kampung-kampungna, anu kaurugan ku taneuh jeung ku batu, ayeuna
katelah: Tegal-urug. Sedengkeun karajaan Timbanganten sanggeus kajadian Gunung
Kutu bitu, nya dipindahkeun ka Tarogong Garut –rada jauh ti Gunung Kutu.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar