“Pandu…
anjeun kacida telengesna. Geus téga maténi bojo kula, anu teu tuah teu dosa.
Isuk jaganing géto, mun anjeun keur sosonoan jeung pamajikan anjeun. Anjeun
baris nutup rénghap pikeun salilana. Anjeun baris nemahan pati, dina lahunan
pamajikan anjeun !”.
Moro
Sato
Ti saprak Pandu Déwanata jeneng jadi
raja Astina, kaayaan nagri jadi tiis tingtrim ayem tengtrem. Sepi paling,
towong rampog. Anu tani, sugih mukti. Anu dagang, suka senang. Réa ketan, réa
keton. Buncir leuit, loba duit. Rahayat anggang tina berewit jeung ririwit.
Para pangagung jeung rahayat paheuyeuk-heuyeuk leungeun, paantay-antay tangan.
Ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, muru udagan anu sarua: Karaharjaan keur Balaréa.
Dina raraga ngadalitkeun tatali batin
antara pangagung jeung rahayat, Raja Pandu Déwanata sok moro sato ka leuweung.
Anu jadi udagan, nya éta: ngadeukeutkeun pangeusi nagri kana sasatoan;
tutuwuhan; lemah cai; tur sangkan bisa ngobét kahayang rahayatna.
Waktu keur di tengah leuweung, Pandu
kasengsrem ku uncal anu nyatuan di tegalan. Kijang bikang téh kacida hadé
rupana. Pandu mesat jamparingna. Dina itungan kiceup, kijang bikang katiruk
beuheungna. Éta uncal teu walakaya, kokosodan tepi ka ngaleupaskeun nyawana.
Singhoreng uncal bikang téh, pamajikan Resi Kindama anu keur nyamur jadi uncal.
Sang resi nyupata ka Pandu, yén Pandu bakal ngalaman nasib anu sarupa saperti
uncal mamalihan anu dipaéhannana.
Ngadéngé supata sang resi, Pandu
ngalumburuk tumiba lemah lir kapuk kaibunan. Dirina ngarasa hanjelu geus maéhan
uncal mamalihan. Rempag pangharepan moal bisa ngarundaykeun turunan, sabab ceuk
supata sang resi, bakal mati saméméh nyicikeun getih suci ka praméswarina.
Sajeroning di tengah leuweung, batin Pandu mungguh muyung. Leumpang rumanggieung,
asa teu napak kana lemah. Ku pangapingna dibeberah, sangkan manah sang Raja
Astina teu nguyung. Pandu digotong kana jampana, ngagotongna silibaganti.
Satepi ka karaton, bangbaluh anu
ngaheumpikan dirina dicicikeun ka dulur-dulurna katut ka sesepuh nagri Astina.
Pandu deuk ngabagawan, dina raraga nebus dosana. Tahta karajaan dipihapékeun ka
Sang Dréstaratya. Pandu muka baju kaprabuan, diganti ku pakéan anu bahanna tina
kulit tatangkalan. Seja ngabrahmana, nyucikeun diri di nu sunyi. Kalayan
dibarengan ku praméswarina Déwi Kunti Nalibrata jeung Déwi Madrim, Pandu Déwanata
miang ti karaton rék muru ka patapaan, dijajap ku hujan cimata rahayatna.
Pandawa
Sabada réngsé tatapana, Pandu gura-giru
nepungan parabojona deuk nyicikeun kasono katut nepikeun kembang harepan, nya éta:
hayang boga buah ati anu baris neruskeun tahta Karajaan Astina. Déwi Kunti
Nalibrata jeung Déwi Madrim, ngarasa bagja pacampur jeung bingung. Bagja, duméh
baris boga katurunan ti Pandu satria anu dipikacintana. Bingung, patali jeung
supata ti sang resi. Sabab mun sapatemon, Pandu baris tumiba ajalna.
Dina kaayaan anu baluweng, Déwi Kunti
inget ka mantra ti Batara Surya. Mun mantra diwiridkeun, déwata anu dipiharep méré
pitulung baris datang sarta bakal ngaijabah. Déwi Kunti mapatkeun mantra, ku
matihna jampé pamaké éta, tilu batara datang, nya éta: Batara Darma; Batara
Bayu; jeung Batara Indra. Tilu batara, nyicikeun getih sucina ka Déwi Kunti.
Tina getih Batara Darma, medal: Yudistira. Ti Batara Bayu, medal: Bimaséna.
Jeung ti Batara Indra, medal: Arjuna. Sanggeus Déwi Kunti Nalibrata
ngalahirkeun tilu satria, giliran Déwi Madrim anu mapatkeun mantra. Kersaning
Hyang Tunggal, Batara Aswin méré anugrah dua satria kembar Nakula jeung Sadéwa
anu medal tina guha garbana Déwi Madrim.
Yudistira, watekna: lungguh; jujur; ngadék
sacékna nilas saplasna. Bima, watekna: gagah; ngomongna ceplak Pahang, teu apal
kana undak-usukna basa tapi pribadina éstu lempeng; tara linyok bohong;
nangtung dina tangtungan, napak dina tatapakan agama katut darigama; tanagana
bedas pisan. Arjuna, satria anu: lungguh timpuh andelemi, tara ingkah tina
étika jeung tatakrama; kasaluhureun hormat tilawat, kasahandapeun ngajénan;
panengah Pandawa anu pangkasépna, kilang kitu éta kakasepan téh teu dijieun
pakakas pikeun ngulinkeun wanoja. Nakula jeung Sadéwa, watekna: ladak/adab
lanyap; laku lampahna taya cawadeun; najan béda indung jeung putra Pandu ti Déwi
Kunti, teu tumarumpang lir madu jeung amisna.
Kurawa
Méh sawanci jeung lahirna lima satria –Pandawa ti Déwi Kunti jeung Déwi Madrim,
pamajikan Dréstaratya anu ngaranna Déwi Gandari ogé ngalahirkeun. Anu medal
tina guha garbana Déwi Gandari téh lain orok, tapi getih anu kintel sagedé
bantal. Numutkeun pituduh ti Bagawan Wyasa, getih téh kudu diwadahan kana
gentong tur ditungguan sapuluh poé lilana. Dina poé kasapuluh, tina gentong
medal saratus orok. Anu munggaran medal, Duryudana. Dibarung ku eundeurna bumi;
angin puyuh lilimbungan; gunung bitu; jeung seuneu ngabebela ngahuru leuweung
jeung pakampungan, mungguh pikakeueungeun. Éta téh totondén, yén orok anu
kakara medal téh baris mawa sasalad. Baris jadi bibit buit berewit pikeun
nagara Astina. Sabada Duryudana, tina gentong mucunghul Dursasana sarta
salapanpuluh dalapan orok lianna. Jumlahna jejeg saratus, tuluy dingaranan
Kurawa –anu mibanda harti: katurunan raja
Kuru, nya eta tuturus Raja Hatinapura.
Jumlah orok anu sakitu lobana téh luyu
jeung kahayang Déwi Gandari, anu hayang males ka nyeri ka Pandu. Sabab manéhna
ku Pandu, kalahka dibikeun ka Dréstaratya. Ceuk gerentes haté Déwi Gandari, mun
dirina boga anak saratus, baris boga kakuatan keur ngéréd anak-anak Pandu ti Déwi
Kunti jeung Déwi Madrim.
Ti barang gubrag ogé, ku Sangkuni –paman Kurawa geus dicician ku kaceuceub
tur disiraman ku cai sirik pidik jail kaniaya. Munasabah atuh, Kurawa anggang
jeung purbatisti purbajati teu napak dina tatapakan agama katut darigama.
Hirupna tugul dirurud, catang dirémpak. Songong bedegong, adigung gedé hulu.
Sesepuh Astina –Bisma jeung Widura, ningali kalakuan Duryudana katut dulur-dulurna
anu matak sareukseuk, osok digeuing diélingan. Tapi, panggeuing teu diwaro. Méh
unggal usik, Kurawa nyieun pucuk ti girang ngalédék jeung ngahina Pandawa.
Untungna teu saruana, Yudistira jeung dulur-dulurna asak hampura. Tapi, ari
remen diganggu katingtriman mah, Pandawa ogé ahirna mah hojah. Sireum ogé ari
diganggu, sok ngégél. Bima kasundut amarahna. Basa tangkal buah meunang melak
Pandawa anu keur sumedeng gumading, diranjah ku Kurawa. Dina tangkal anu
reuteum ku Kurawa téh, dieundeukkeun sarta dirabut, laju dibuntang-banting.
Tanwandé, tanaga Bima anu diaping ku Batara Bayu, sakitu bedasna. Kurawa
racleng kapangpéngkeun, awakna taratu bari terus ngabecir lumpat tipaparétot.
Pandu
Palastra
Impian Pandu Déwanata hayang boga
turunan, tinekanan. Pandawa, anu baris neruskeun tahta nagri Astina, geus jadi
satria utama. Dina hiji waktu, Pandu lali kana temah wadi. Teu inget kana
supata Resi Kindama. Bakat ku teu kuat nahan kasono ka Déwi Madrim, ahirna Pandu
tinemu ajal, nyangsaya dina dada Déwi Madrim. Langit nu mayungan nagri Astina,
ngadadak ceudeum. Sakumna pangeusi nagri, hujan citangis.
Kusabab tilar dunyana dina lahunan Dewi
Madrim, atuh anu wajib labuh geni ku cara ancrub kana durukan waktu layon Pandu
dibeuleum téh nya Déwi Madrim. Déwi Madrim anu kudu marengan Pandu ka alam
padang poé panjang. Pandawa palid dina walungan sungkawa, komo Nakula jeung
Sadéwa mah asa disamber heulang.
Saditinggalkeun ku Pandu Déwanata jeung
Déwi Madrim, anu ngasuh Pandawa téh nya éta Déwi Kunti Nalibrata. Dina ngaping
Pandawa, Déwi Kunti teu ngawilah-wilah kanyaah. Nakula jeung Sadéwa, ditanggeuy
lir nanggeuy endog beubeureumna.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar