“Gunung
iuhan; lamping awian; darat imahan; lebak sawahan; jeung legok balongan.”
Pancawilayah
Tatar Sunda.
Caah Dengdeng ka pamukiman |
Saliwat mah, mémang alam siga anu pasrah
sumerah dikukumaha ku manusa téh. Pasir ditugaran keur nyaeur lelemah; dibobok
keur nyieun jalan; bulistir dipaké lahan tatanén. Saenyana alam teu cicingeun,
teu narima kitu waé tapi ngabalitungkeun sagala rupa nu tumiba ka dirina alatan
paripolah manusa. Balitunganana di luar kamampuh manusa, urang bisa nyaksian
kumaha balukarna urug jeung banjir. Anu ngaranna manusia, tétéla teu
manggapulia najan téknologi geus
sakitu majuna. Serah bongkokan bari kaleungitan harta; banda; jeung nyawa.
Di sagigireun éta, alam saéstuna mah
kacida pisan soméahna. Mun manusa ngamumulé; ngariksa; jeung miara alam, tinangtu
alam moal ngambek malahan bakal terus-terusan mére jalan kahirupan keur manusa.
Paraluluhur Sunda, leuwih ngarti kana
hal ieu. Leuwih-leuwih, apanan kaayaan alam di Tatar Sunda mah diwangun ku
pasir; gunung; jeung tempatna luhur. Tina kaayaan tempat dumukna anu saperti
ieu, lahir konsép-konsép dina
ngariksa alam. Géostrategis ku
luluhur Sunda geus dijalankeun, mana keur leuweung tutupan jeung leuweung
produksi; mana keur paimahan jeung lahan tatanén, diatur luyu jeung kaayaan
alamna.
Mitos-mitos keur ngajaga lingkungan ogé,
patingpucunghul. Urang Sunda geus teu anéh deui kana pamali jeung sanget,
lamun dilakonan sok aya matakna. Anu dipalar ngarah manusa henteu sakama-kama,
kaleuleuwihi ngagunasika alam keur nunjang kahirupanana.
Iklim
Ékstrim
Paraahli nuding yén pangna banjir jeung
urug di mana-mana téh –tur leuwih rongkah
batan taun-taun saméméhna, lantaran hujanna badag. Tudingan lainna deui
téh: ayana parobahan cuaca atanapi parobahan iklim, nepi ka iklim/cuaca henteu
bisa diduga jeung diperkirakeun, teu kawas baréto.
Sabenerna mah, tudingan éta téh rada
méncog. Hujan badag lain kajadian anyar ayeuna-ayeuna ieu, tapi baheula ogé
kajadian. Atuh kaayaan alam katut bentuk beungeut bumi, angger teu robah –teu béda jeung kaayaan saperti ratusan taun
ka tukang. Kitu deui jeung parobahan iklim, baheula ogé kungsi aya. Anu
jadi patalékan: “naha hujan badag kiwari ngabalukarkeun urug jeung banjir, ari bihari
bet henteu ?”
Lebah dieu, perluna ngaguar interaksi manusa jaman baheula jeung
alamna. Baheula: hujan badag jeung parobahan iklim, teu ngabalukarkeun urug
katut banjir. Perlu ditalungtik tina jihad sajarah, diantarana:
1.
Kumaha
sikep atawa kamandang manusa baheula ka alamna ?;
2.
Kumaha
manusa baheula ngajaga tur miarana lingkungan ?; jeung
3.
Papagon
naon anu dicekel ku manusa baheula dina nyusun tata ruang jeung tata wilayah nu
luyu jeung kaayaan alam ?.
Data atawa fakta sajarah kitu, bisa
dipaké patokan dina nyusun tata ruang ayeuna jeung jaga. Kajian saterusna lain
ukur tina jihad sajarah wungkul, tapi ogé perlu panalungtikan anu leuwih gemet
tina jihad géologi; géografi; jeung lingkungan. Hubungan
atanapi interaksi manusa jeung ruang
katut waktu jaman baheula anu teu ngabalukarkeun urug/banjir, perlu terus
dipertahankan –malah perlu dironjatkeun
ajénna. Mun téa mah interaksi
bieu geus henteu harmonis, atuh perlu tarékah ‘diharmoniskeun’ deui.
Pancawilayah
Tatar Sunda
Sajarah, lain ngan ukur béréndélan taun
jeung kajadianana wungkul. Tapi anu leuwih penting, kudu bisa dipaké cecekelan
keur ngigelan jaman pikeun ngaléngkah ka hareup. Sangkan bisa kitu, interaksi manusa jeung ruang katut
waktu, perlu diungkab.
Konsép ngeunaan alam
katut lingkungan hirup, asup kana bahasan géostrategis
atawa tata ruang/tata wilayah anu geus dilaksanakeun ku luluhur Sunda. Ku Carita Parahiyangan, Prabu Niskala
Wastukancana dipuji geus bisa nyaimbangkeun kahirupan jasadi jeung ruhani. Carita Parahiyangan, nyebutkeun: sanghyang apa(h); téja; bayu; akasa; sangbu;
énak-énak ngalu(ng)guh di sanghyang jagatnaka. (cai; cahaya; angin; langit
jeung bumi; ngarasa lugina ditangtayungan ku panguasa dunya). Ieu émbaran ti Carita Parahiyangan, lain hartina Prabu
Niskala Wastukancana mampuh maréntah atanapi nalukeun mahluk nu teu nyawaan.
Lebah dieu nuduhkeun yén Prabu Niskala Wastukancana mampuh ngatur tata ruang
jeung tata wilayah, sabab wewengkon Pulo Jawa beulah Kulon –Jawa Barat téh diwangun ku pasir-pasir
jeung gunung-gunung. Sumber cinyusu, leuwih loba batan wewengkon séjén. Atuh
walungan –boh nu leutik, boh nu gedé,
ogé réa. Walungan-walungan, aya anu ngamuara ka walungan anu leuwih badag. Aya
ogé anu langsung ngamuara ka laut. Prabu Niskala Wastukancana, mampuh ngatur
tata ruang katut tata wilayah anu diluyukeun jeung kaayaan alam Tatar Sunda.
Gunung anu pinuh ku kakayon tatangkalan, panyimpenan cai. |
Pangaturan tata ruang jeung tata
wilayah, ngalantarankeun pungsi lahan teu pacorok antara leuweung tutupan;
leuweung produksi; lahan tatanén;
jeung lahan keur pamukiman. Géostrategis anu dipraktékkeun ku Prabu Niskala
Wastukancana, dipikawanoh ku sebutan: Pancawilayah (gunung iuhan, lamping
awian, darat imahan, lebak sawahan, legok balongan).
1.
Gunung
Iuhan/Kaian
Gunung iuhan,
hartina: leuweung di gunung kudu héjo lémbok ku tangkal kai ngarah jadi tempat
nyimpen cai, sangkan dina usum hujan teu banjir sarta mun usum halodo teu
tigerat ku cai. Cai hujan teu langsung ngamalir ka lebak, tapi diserep ku
taneuh anu loba akar tatangkalan. Dina kaluarna deui, jadi cinyusu anu ngocorna
mayeng –kaasup dina usum halodo.
2.
Lamping/Gawir
Awian
Lamping atawa
gawir anu gurawés, kudu dipelakan awi. Tangkal awi bisa nyinglar taneuh rempag
atawa urug. Di wewengkon Tatar Sunda, curah hujanna kawilang rada badag. Curah
hujan anu badag, ngalantarankeun gancangna pelapukan
batu-batuan –anu engkéna bakal jadi
taneuh. Gancangna pelapukan
batuan, ngabalukarkeun taneuhna jadi gampang ngagolosor –uduh henteu liket. Ku tangkal awi, akarna bisa mageuhan taneuh
sangkan teu gampang urug. Salian ti éta, tangkal awi ogé sok diarah pancar-na –tangkal awi anu geus garing keur suluh.
Pon kitu
deui dina cara nuar awi, teu meunang sagawayah tapi kudu dipilih tina dapuran
awi anu pangjerona, anu umur awina geus kolot, sabab lamun nu ngorana dituaran
atuh bakal tumpur. Malahan 18 Séptémber, geus ditetepkeun ku Organisasi Awi
Sa-dunya (World Bamboo Organization/WBO) minangka “poé awi sadunya”. Maksud ditetepkeun: pikeun ningkatkeun kasadaran
masarakat kana pentingna mangpaat awi keur kahirupan
3.
Darat
Imahan
Darat atawa
lemah anu datar, keur dipaké pamukiman. Jadi, imah henteu diadegkeun di
lamping.
4.
Lebak
Sawahan
Lebak –lahan sahandapeun paimahan, keur sawah
atawa lahan tatanén.
5.
Legok
Balongan
Legok –hartina: daérah anu leuwih handap,
dipaké nyieun balong.
Panutup
Banjir jeung urug téh akibat tina tata
ruang jeung tata wilayah anu salah. Salah, sabab henteu diluyukeun jeung
kaayaan alam. Konsép tata ruang jeung
tata wilayah anu harmonis, bisa nyinglar datangna banjir jeung urug –paling henteu, bisa ngurangan banjir jeung
urug. Konsép-konsép luluhur anu teu diéstokeun atawa teu dijalankeun,
ngabalukarkeun dina usum hujan mindeng banjir.
Urang kiwari mumul wanoh kana alam,
narah wawuh jeung alam –nepi ka teu paham
kana karakter alam. Malah, urang siga anu ngénténgkeun ka alam. Pasir
dikalian ditugaran, taneuhna dipaké keur ngurugan proyék paimahan; kantor; atawa jalan.
Asa aingna manusa ogé, bisa ditengetan
di Jalan Lingkar Nagrég. Jalan dijieun ku cara mobok gunung jeung nyaeuran
lamping, henteu nurut kana kahayang alam. Béda jeung jalan jieunan urang
Walanda, jalan téh nyaluyukeun jeung alam –anu
matak, di Priangan mah, jalan téh arula-arileu, pungkal-péngkol mapay-mapay
tutugan pasir.
Lingkar Nagreg, mobok gunung. |
Dina mangsa kiwari, alam téh ti ditu ti
dieu terus-terusan ménta tumbal. Tumbalna téh: ‘Usum hujan, banjir jeung urug. Usum halogo, tigerat ku cai’.
Hadéna, urang nolih deui kana amanat luluhur. Ngarah alam, teu teterusan ménta
tumbal alatan kasalahan; kakaliruan; jeung kasombongan urang.
Gunung Kaian; Gawir Awian, Cinyusu Rumatan;
Pasir Talunan, Lebak Caian; Sampalan Kebonan; Walungan Rawatan; Legok Balongan,
Dataran Sawahan; Situ Pulasaraeun, Lembur Uruseun; Basisir Jagaeun.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar