“Mun
aturan kudu anak raja anu bisa tarung di pakalangan, muga kasakséni ku sakumna
pangagung jeung rahayat Astina, Karna dina danget ieu diistrenan ku kuring jadi
raja di Angga.”
Pitapak
Sanggeus ditilar ku Pandu Déwanata,
karajaan Astina teu mibanda raja –sabab
anu boga hak waris tahtana, nya éta: Yudistira, ngora kénéh can manjing jadi
raja. Ku kituna, keur saheulaaneun anu dipercaya mangkukaprabon téh nya
éta: Dréstaratya –lanceuk Pandu Déwanata.
Sanajan warugana teu sampurna –lolong,
kusabab taya deui getih Kuru, antukna parasesepuh Astina ngistrénan Dréstaratya
jadi papayung nagri Astina. Dibenumna Dréstaratya jadi raja Astina, kalawan
dibeungkeut ku ugeran: ‘éta tahta kudu
dipasrahkeun ka turunan Pandu Déwanata, mun putra Pandu anu cikal geus manjing
sawawa’.
Kacaturkeun, Pandawa jeung Kurawa geus
manjing rumaja. Duryudana atawa Suyudana –putra
Dréstaratya anu cikal, kacida pisan teu panujuna upama nagri Astina
diheuyeuk ku Pandawa. Anu jadi cucuk rungga keur Kurawa téh nya éta: Bima –anu katotol bedas tanagana. Duryudana,
salawasna ngintip-ngintip bongohna Bima jeung putra Pandu anu séjénna. Waktu
Pandawa keur ngayakeun salametan di walungan Gangga, Duryudana nyieun réka pérdaya
sangkan putra Pandu palastra. Duryudana diharéwosan ku Sangkuni –pamanna, sangkan ngaracun Bima. Bima teu
ngarasa curiga, waktu datangna Kurawa kana acara salametan bari mawa kadaharan.
Bima keuna pitapak Kurawa, ngadahar pasakan anu geus dipurulukan racun. Ku
matihna racun, tepi ka Bima kapidara teu inget di bumi alam. Dina kaayaan teu
walakaya, Duryudana maréntah ka adi-adina sangkan ngaborogod Bima sarta
dikunclungkeun ka walungan Gangga. Awak Bima tikerelep kana dasar walungan,
palid angkleung-angkleungan tepi ka tengah sagara.
Gancaning carita, waruga Bima anu dibakutet
ku akar hoé, asup ka karaton karajaan naga di tengah sagara. Salasaurang
patihna –anu ngaranna: Rajanaga,
ngarasa kaganggu ku datangna Bima. Teu tata pasini, awak Bima langsung dipacok.
Kersaning déwata, peurah oray téh jadi ubar. Racun anu aya dina awak Bima
ngadadak leungit, sarta nambahan kana tanaga Bima. Areuy hoé anu ngabakutet
Bima, ngadadak udar. Atuh puguh baé, Rajanaga ngarasa hookeun. Biasana anu
dipacok ku dirina, tara lila sok palastra. Kari-kari anu dipacokna, jadi
walagri. Bima anu kakara lugay, ku Rajanaga rék dipacok deui sarta rék
dibeulit. Saterusna Bima jeung Rajanaga bitotama, Rajanaga kasoran ngabecir
asup ka karaton mangadu ka rajana –anu
ngaranna: Hyang Wasuki.
Basa Rajanaga mangadu ka Hyang Wasuki,
Rajanaga ngarasa hémeng –duméh sang raja
ngajawabna ngan ukur ku seuri. Komo basa Bima anjog ka karaton mah,
Rajanaga leuwih hémeng –sabab rajana
kalah ka ngarangkul Bima. Sanggeus ngadéngé paguneman rajana jeung Bima,
Rajanaga kakara apal, horéng anu dipacok ku dirina téh lain satria manéa, tapi:
‘titisan déwa’. Bima ku Hyang Wasuki
dibéré cai kahuripan, anu maunatna: sanggeus nginum éta cai, baris jadi satria
anu sakti mandraguna. Salian ti dibéré nginum cai kahuripan, Bima salila
dalapan poé diatik élmu kanuragan. Sanggeus dianggap lébér élmu kanuragan, Bima
dijurung mulang ka nagara Astina.
Élmu
Sajatining Hurip
Lalakon diracun ku Kurawa jeung
lalampahan di tengah sagara, ku Bima dicaritakeun ka Bisma katut ka Widura –sesepuh Astina. Kitu deui, dicaritakeun
ka dulur-dulurna. Laku lampah Kurawa cara kitu, ku Yudistira jeung sesepuh
Astina, disidem –teu ditepikeun ka
Dréstaratya. Ningali Pandawa teu témbong deuk males pati, Duryudana ngarasa
boga tanaga deui pikeun nyieun pitapak anu séjénna. Bisma –anu seukeut panénjo batinna, ngarasa hariwang upama Pandawa kajiret
deui ku pitapak Kurawa. Salasahiji caru anu baris nyalametkeun Pandawa, nya
éta: ngiangkeun paraputra Pandu ka padépokan anu rada anggang ti karaton.
Pandawa dijurung sina nimba élmu kasampurnaan hirup, ka Krépa jeung Krépi di
éta padépokan. Sagala élmu anu dipibanda ku Krépa jeung Krépi, diketrukeun ka
paraputra Pandu. Sanggeus dianggap ngawasa ‘élmu
sajatining hurip’, paraputra Pandu dibéré pancén pikeun guguru ka hiji
pandita ahli stratégi perang –ngarah jadi
satria anu utama.
Sajeroning Pandawa guguru ka Krépa jeung
Krépi, Kurawa ogé –kalawan rerencepan
maguron ka éta dua bagawan dina waktu anu béda. Pandawa jeung Kurawa, hatam
guguru kasantikaanna. Pikeun ngundakeun élmu kasantikaan, sesepuh Astina
ngondang Dorna –taya lian ti adi
beuteungna Krépa, salakina Krépi. Dorna téh sabenerna, guru anu disodorkeun
ku Pandawa jeung Kurawa pikeun ngatik maranéhna. Sabab saméméhna, Pandawa jeung
Kurawa kataji ku pangabisana Dorna waktu nyokot bal dina jero sumur. Harita,
paraputra Pandu jeung paraputra Dréstaratya keur ulin ‘Jor’ –kaulinan kawas kasti anu balna dijieun tina
lawon. Arulinna ngadadak eureun, alatan balna asup ka jero sumur. Taya
saurang ogé anu bisa nyokot bal ti jero sumur, ngan ukur raronghok dina
beungeut sumur. Kabeneran, Dorna keur nengetan kaayaan nagara Astina –bari lalajo anu keur ulin Jor. Teu
talangké, Dorna nyabut jukut eurih. Éta jukut dipentangkeun kana bal, teu lila,
bal geus aya dina leungeun Dorna. Pandawa jeung Kurawa, ngembang kadu. Olohok
jeung hookeun ku kasaktén Dorna, sarta samulangna ka karaton dicaritakeun ka
Bisma. Sanajan acan kungsi tepung jeung Dorna, Bisma geus apal kana élmu anu
dipibanda ku éta putra Resi Baradwaja téh. Patali jeung éta, Dorna payus tur
pantes deuih mun dibéré kalungguhan jadi mahaguru di nagri Astina.
Dorna teu ujug-ujug kitu baé, narima
pancén ti Bisma. Dirina nyodorkeun tanjakan, minangka sarat anu kudu ditedunan
ku satria Astina. Anapon saratna, nya éta: ‘teu
meunang mungpang mun dina hiji waktu dibutuhkeun tanagana ku Dorna’. Ahirna
Bisma nalék ka Pandawa jeung Kurawa, pikeun ngajawab anu disodorkeun ku Dorna.
Kabéh nyaranggupan kana paménta Dorna, pangpangna mah: Arjuna.
Mahaguru
Resi Dorna ngarasa bungah waktu dibéré
pancén pikeun ngatik parasatria Astina, komo basa Pandawa jeung Kurawa kedal
ucap baris béla pati ka dirina. Cara ngatikna, diluyukeun reujeung watek katut
kamampuh anu dipibanda ku parasatria. Ku cara kitu, unggal satria ngabogaan
kapunjulan séwang-séwangan. Bima, mahér ngulinkeun gada. Nakula jeung Sadéwa,
tapis metakeun pedang. Yudistira, nyongcolang sarta parigel perang dina luhur
karéta. Arjuna, pangnyongcolangna dina bab manah.
Keur ngukur kamampuh parasatria, Dorna
ngagelar ujian kaparigelan –kalayan
disakséni ku pangagung katut sesepuh Astina. Anu pangheulana mintonkeun,
nya éta: Bima jeung Duryudana. Sanajan ukur tatarungan, dina émprona mah,
siligitik jeung neunggeul ku gadana téh maké tanaga satakerna. Anu nyakséni
tatarungan jantungna seseblakan, inggis aya nu tatu parna. Saméméh aya nu jadi
korban, Resi Dorna geuwat misah sarta ngeureunkeun anu tatarungan. Giliran
kadua, mintonkeun kaparigelan manah. Arjuna tapis manah manuk anu dikencarkeun
tina kurungan. Ningali kaparigelan kitu, Karna kalentab haténa. Terus
ngagajleng asup ka pakalangan, mesat jamparing nurutan Arjuna bari manah manuk
anu dikencarkeun. Hasilna, gedeg. Pada-pada jago. Teu sugema cara kitu, Karna
nangtang tarung ka Arjuna. Ningali peta Karna anu teu luyu jeung papagon
satria, Krépa asup ka pakalangan, ngahulag Karna sangkan ka luar ti pakalangan
–sabab lain putra raja. Nempo
kajadian kitu, Duryudana –putra cikal
raja Astina, asup ka pakalangan deui, bari ngagorowok: “mun aturan kudu anak raja anu bisa tarung di
pakalangan, muga kasakséni ku sakumna pangagung jeung rahayat Astina, Karna
dina danget ieu diistrenan ku kuring jadi raja di Angga !”. Karna ngarasa
bungah sarta kajait wiwirangna, dina haténa jangji yén dirina baris bébéla ka
Duryudana katut Kurawa. Bima ngagedig muru ka anu keur pabéntar paham, kalayan
nyebutkeun teu merenah anak kusir ancrub kana pakalangan. Dina kaayaan keur harénghéng,
ujug-ujug aya anu asup ka pakalangan. Éta aki-aki téh taya lian ti Adirata –kusir karéta karajaan, bapa kukutna Karna.
Adirata ngagabrug Karna, nangkeup satria ti nagri Angga. Meper napsu anak
kukutna, sangkan kaluar ti pakalangan. Kawas munding anu diténdok, Karna ngejat
ti pakalangan.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar