Ku
urang Garut, KF Holle disebut Tuan Hola. Salian ti ngokolakeun perkebunan entéh
Waspada di Cikajang, ogé méré conto anu hadé keur kamajuan rahayat. Tug ka
kiwari, suuk Holle masih kénéh dipelak ku rahayat di Kacamatan Cikajang;
Cisurupan; jeung Cilawu. Taun 1885, anjeunna nampa panghargaan bintang jasa
Offeecerkruis van de Oranje Nassau ti pamaréntah Hindia Walanda.
Karel Frederik Holle |
Abad ka-19 dianggap jaman kajayaan Kabupatén
Garut, malahan jadi daérah pangmajuna jeung pangmakmurna sa-Tatar Priangan.
Kamajuan Garut teu leupas tina jasa dwi
tungal KF Holle jeung Moehammad Moesa (Hoofdpanghulu
Garut) nu naratas modérnisasi urang Garut dina widang tatanén; ingon-ingon;
jeung atikan nu mampu ngaronjatkeun karaharjaan kaum pribumi. KF Holle, lian ti
ngokolakeun perkebunan entéh Waspada di Cikajang, ogé méré conto anu
hadé keur kamajuan masarakat. Tug ka kiwari, suuk Holle masih kénéh dipelak ku masarakat di Kacamatan Cikajang;
Cisurupan; jeung Cilawu.
Ku urang Garut KF Holle disebut Tuan
Hola, lahir di Amsterdam taun 1829. Kulawarga Holle taun 1845 pindah ka pulo
Jawa, bapana digawé di perkebunan Bolang. Ngan teu lila kulawargana maraot di perkebunan,
Holle dititipkeun ka Gubernur Jenderal Hindia Walanda nu ngantor di Istana
Bogor. Nepi ka umur 18 taun dididik didinya, tuluy jadi sékrétaris di kantor
pamaréntah. Sabada dibéré modal ku dulurna, Holle muka perkebunan éntéh Waspada
di Cikajang. Lain ukur dipelakan éntéh wungkul, tapi ogé dipaké percobaan
ngabudidayakeun tutuwuhan jeung sasatoan. Ti barang datang ogé Holle tepung
jeung terus nyobat jeung Moehammad Moesa kepala panghulu di kabupaten Garut.
Pikeun ngamajukeun bangsa pribumi, Holle usaha:
1.
Naratas
muka sakola Éropa (Bizondere Europeesche
School) jeung sakola Guru di Bandung.
2.
Nerbitkeun
majalah Mitra Noe Tani jeung brosur
dina basa Sunda taun 1866, sanajan majalah pertanian tapi eusina ngamuat ogé
puisi jeung dongéng atawa carita babad keur ngaronjatkeun minat baca masarakat.
3.
Nerbitkeun
buku Tjarita Koera-koera djeung Monjet
(1851)
4.
Meunang
tugas ti pamaréntah Hindia Walanda pikeun nyusun buku bacaan jeung palajaran
basa Sunda. Pikeun proyék ieu, Holle dibantu ku Moehammad Moesa; Adi Widjaja
(Patih Limbangan); jeung Brata Widjaja (manten Patih Galuh, kabupaten
Sukapura). Buku-buku nu diterbitkeun tina ieu proyék:
a.
Katrangan
tina Perkawis Mijara Laoek Tjai (Moehammad Oemar);
b.
Wawatjan
Djaka Miskin (Wira Tanu Baija);
c.
Wawatjan
Woelang Poetra (Adi Widjaja);
d.
Wawatjan
Woelang Krama (Moehammad Moesa);
e.
Wawatjan
Radja Darma (Danoe Koesoema)
Holle kungsi ditawaran jeneng Résiden
Priangan, tapi ditolak. Tapi waktu ditawaran jadi penaséhat pamaréntah Hindia
Walanda urusan Masyarakat Pribumi, Holle narima.
Taun 1885, nampa panghargaan bintang
jasa Offeecerkruis van de Oranje Nassau.
Tilar dunya 3 Mei 1896 di Tanah Abang Jakarta.
Pikeun pangéling-éling yasana, kaping 29
Oktober 1989 di buruan Kantor Karésidenan Priangan (alun-alun Garut) diadegkeun
Monumén KF Holle (ancur ku tentara
Jepang). Di kampung Barukai Kacamatan Cigedug, aya prasasti anu maké aksara
Sunda meunang Holle minangka ucapan selamat datang keur van Der Toek anu datang
ka Garut.
Monumen Karel Frederik Holle di Alun-alun Garut, taun 1901. |
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar