“Anaking
Duryudana, nurutkeun wangsit déwata, mun hidep hayang hirup kalayan hurip anu
waluya di jagat pawayangan, kudu akur jeung Pandawa. Kudu pakaléng-kaléng agung
jeung paraputra Pandu Déwanata. Sabalikna mun hidep pajauh huma jeung jail
kaniaya ka Pandawa, lain baé hidep anu baris cilaka, tapi katurunan Kuru baris
tumpur”.
Panggeuing
Dewi Gandari ka putra kakasihna, Duryudana.
Ngajorag
Pancala
Resi Dorna kacida bungahna, ningali
murid-muridna geus ngawasa élmu kasantikaan. Ceuk gerentes haténa: “geus cunduk waktuna, pikeun males kanyeri ka
Drupada”. Sang resi ngumpulkeun para muridna, nagih jangji ménta bukti
sumpah satria anu dikedalkeun ku Pandawa jeung Kurawa. Resi Dorna méré pancén
ngarurug nagri Pancala –Campala,
nyerek Drupada anu geus nyacampah dirina.
Anu pangheulana ngajorag nya éta Kurawa,
diluluguan ku Duryudana bari marawa pakarang kayaning: gobang; tumbak;
jamparing; jeung rupa-rupa pakarang lianna, anu geus meunang ngasah tur dibalur
ku racun. Ti mimiti indit, surak ayeuh-ayeuhan kawas nu rék moro sato kalayan
ngarasa nguntup baris meruhkeun prajurit nagri Pancala sarta ngarasa yakin
baris bisa nyangkalak raja Drupada. Sangkala ditiup di tapel wates; tambur
ditabeuh; bendé ditakol, tangara nangtang perang.
Ngadéngé sora sangkala, prajurit nagri
Pancala anu diluluguan ku Patih Gandamanah, maju jurit. Di palagan yuda,
prajurit Kurawa jeung wadya balad Pancala, perang campuh. Silihgitik;
silihteunggeul; silihtumbak; silihpanah, réa prajurit Kurawa jeung Pancala anu
taratu. Beuki lila, perang beuki ngageder. Kurawa katétér jajatén, kadéséh.
Duryudana jeung Dursasana, kasoran éléh wewesén ku Gandamanah. Duryudana jeung
Dursasana ahirna ngejat, lumpat ti palagan yuda. Prajurit Kurawa, kabur ti médan
perang.
Ningali Kurawa kaéréd, Pandawa maju
jurit. Bima –gajahna Pandawa,
nguwak-ngawik prajurit Pancala. Ngabubat-babét gada, lir anu nyacaran bolang.
Arjuna mesat jamparingna, ratusan jamparingna tingbelesur bari mawa sora anu
ngaguruh matak sawan prajurit Pancala. Éta jamparing taya nu nyasab, teu bisa
dihalangan ku taméng atawa pakakas lianna. Tembus, nanceb kana: leungeun; suku;
taktak; awak; beuheung; atawa kana sirah. Réa prajurit Pancala anu taratu,
malah teu saeutik anu ngababatang jadi tumbal jamparingna satria panengah
Pandawa.
Prajurit Pancala tambah kawalahan, waktu
Nakula jeung Sadéwa maju ka palagan yuda. Ku pedang paraputra Déwi Madrim ieu,
méh ampir saparapatna prajurit Pancala, mandi getih. Komo basa Yudistira
negarkeun karéta perangna, wadya balad Pancala buyar katawuran. Anu masih kénéh
ngajega di palagan yuda, nya éta: patih Gandamanah jeung raja Drupada.
Bima méré tangara ka sakumna prajurit Astina,
sangkan teu ngahurup patih jeung raja Pancala. Bima baris ngayonan Gandamanah
ku cara satria, adu jajatén hiji lawan hiji. Ku gada ‘Rujak Polo’ Bima, sang
patih Pancala ngarumpuyuk lir kapuk kaibunan. Kitu deui raja Drupada, teu
walakaya nyanghareupan kadigjayaan Bima, anu antukna serah bongkokan.
Ningali Drupada kawas bueuk meunang
mabuk, resi Dorna kacida bungahna. Sugema bisa mulangkeun kanyeri kapeurih, ka
sobatna anu geus ngakaya dirina. Minangka panebus dosa, nagri Pancala saparo
dipasrahkeun ka Dorna, kalawan watesna: Walungan Gangga.
Tahta
Astina
Prabu Dréstratya –Déstarata kataji tur ngarasa reueus ku paraputra Pandu Dewanata
suwargi, anu geus nembongkeun babakti ka nagri Astina sarta laku lampahna taya
cawadeun. Anggang tina bedang, jauh tina adigung. Éstu napak dina tatapakan
agama katut darigama, nangtung dina tangtungan jeung ngadeg panceg dina
adeg-adegan kahirupan. Kanyaah Dréstratya beuki ngandelan basa Pandawa bisa
ngarurug nagri Pancala, sarta sabada unggul ti médan perang teu nembongkeun
boga jasa. Ceuk gerentes haté Dréstratya: “anu
pantes tur payus jadi papayung nagri Astina sarta luyu jeung katangtuan purbatisti-purbajati,
nya éta: Yudistira, putra cikal Pandu Déwanata”. Basa gerentes batinna
ditepikeun ka pinisepuh Astina, kabéhanana samiuk nyaluyuan yén anu bakal
neruskeun tahta nagri Astina téh: Yudistira.
Ngadéngé Yudistira rék dijenengkeun jadi
raja Astina, Duryudana –putra cikal Dréstratya,
ngarénjag. Teu panuju kana karep ramana katut sesepuh Astina, anu rék ngistrénan
Yudistira jadi raja Astina. Nurutkeun Duryudana jeung dulur-dulurna, anu pantes
jadi raja Astina téh nya éta dirina. Haténa mungguh panas ngahéab
nguntab-nguntab, seuneu napsu Duryudana tambah ngabebela waktu disundutan ku
Aria Sangkuni.
Karep hayang ngalindih Yudistira,
ditepikeun ku Duryudana ka Dréstratya jeung ka indungna: Déwi Gandari. Sanajan
ka anakna pituin, Dréstratya teu mikeun mun nagri Astina dirajaan ku Duryudana,
sabab lain hakna. Kitu deui Déwi Gandari, teu panuju mun anakna ngarebut tahta
Yudistira.
Papatah ti Déwi Gandari, teu diwaro.
Duryudana geus karacunan ku peurah létahna Aria Sangkuni, maksa ka bapana
sangkan tahta nagri Astina ragrag ka dirina. Atuh puguh baé, prabu Dréstratya
bingung ku dua ku tilu. Lir nangtung di biwir jungkrang, mun dirina nyatujuan
kana karep anakna, baris meunang bebendon ti déwata. Sabalikna, mun teu
nyatujuan, inggis anakna baruntak. Alatan terus-terusan didongsok ku Duryudana
jeung Sangkuni, lila-lila haté prabu Dréstratya léah. Dréstratya satuju,
ngawariskeun tahta nagri Astina ka Duryudana. Pangeusi karaton, sahéng. Kitu
deui di luar karaton, rahayat patingkecewis teu panuju kana karep prabu Dréstratya
anu rék ngistrénan Duryudana jadi raja Astina. Komo Bima mah, tepi ka susumbar
rék ngancurkeun katurunan Kuru. Bisma jeung Widura meper napsu Bima katut
paraputra Pandu lianna, sarta ngélingan Dréstratya sangkan ngabolaykeun ngistrénan
Duryudana.
Prabu Dréstratya tetep kana
kaputusannana, teu bisa dionggét-onggét. Atuh puguh baé, sakumna pinisepuh
Astina ngarasa kuciwa sarta ragrag ucap “moal
milu ilubiung mun isuk jaganing géto, seuneu perang ngabebela anu bakal
numpurkeun katurunan Kurawa”.
Anu kapeupeuh mamaras, nya éta: Déwi
Gandari. Dirina lir disisit ati, disasaak manah. Karémpan baris ka alaman
katurunannana ‘tumpur’, geus teu bisa disingkahan deui.
Dina waktu diistrénan, raja-raja anu aya
di jagat pawayangan diondang. Dina derna upacara ngistrénan, rupa-rupa
tatabeuhan ngageder. Sajeroning ubyagna hajat kariaan badag, Duryudana anu geus
resmi jeneng jadi raja Astina, ngutus Sangkuni ngararancang pikeun
ngabinasakeun Pandawa. Sangkuni méré pancén ka Purcaya ngadegkeun pasangrahan Wanamarta
anu diancokeun keur pasangrahan Pandawa, dina waktu upacara Hajat Surya.
Saéstuna, Yudistira katut dulur-dulurna
geus curiga ka Sangkuni. Kilang kitu, teu ieuh mungpang. Keur nyingkahan
rencana jahat anu bakal ngabahyakeun kana kasalametan Pandawa, Yudistira
ngararancang taktik pikeun nyalametkeun kulawarga Pandawa. Basa pasangrahan
diwangun, Yudistira ngali taneuh keur liang torowongan satangtung jalma.
Dina wanci janari leutik, Purcaya jeung
balad-baladna keketeyepan ngadeukeutan pasangrahan Pandawa. Purcaya boga
kayakinan, yén Pandawa keur talibra diayun-ambing ku jemplingna peuting.
Pasangrahan diduruk, béak ku gangasna seuneu anu ngabebela. Basa seuneu geus
mimiti pareum, tembong sababaraha puluh babatang sinatria anu géhéng.
Ngadéngé pasangrahan Pandawa geus
diduruk tur aya sababaraha sinatria ngababatang kabeuleum ku seuneu jeung
katindihan ku ruhak, Duryudana kacida bungahna. Papadaning kitu, Duryudana teu
nembongkeun kabungahna. Api-api nguyung kolbu, sungkawa manah supaya teu
katohyan rencana jahatna. Béda jeung Kurawa, sesepuh Astina katut rahayat,
ngaruyung hujan cimata, sungkawa ku nasib Pandawa.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar