Ieu
tulisan, sabenerna mah ngan keur ngagampilkeun nangkep gambaran luarna. Sok
sanajan kitu, muga-muga baé naon anu dipidangkeun bisa méré babandingan
ngeunaan panulisan anu teu sajalan jeung kanyataan. Malah mandar bisa
dijadikeun pikeun ayana panalungtikan ulang, keur manggihkeun bebeneran.
National Geographic Indonesia, edisi September 2012. |
Interpretasi
Kaleuleuwihi
Mr. Mohammad Yamin dina “Sumpah
Indonesia Raya”, ngécéskeun: yén ka-Nusantaraan ieu téh ngawujud mangrupa
produk tina sumpah anu tilu: KAHIJI, Sumpah Bukit Siguntang, taun 683, ngalahirkeun
Karajaan Buddha Seriwijaya anu umurna nepi ka abad ka-13. Karajaan ieu téh
kuat, bari jaya. KADUA, Sumpah Bukit Pananggungan, taun 1331, ku Patih Gajah
Mada, ngalahirkeun Karajaan Hindu Majapait anu umurna nepi ka taun 1525. Sinar
Karajaan Hindu Majapait, sumirat ka sakuliah Nusantara. KATILU, Sumpah
Indonesia Raya, 28 Oktober 1928 di Jakarta, ngalahirkeun Negara Proklamasi 17
Agustus 1945, nurutkeun harepan jeung purwarasa, Republik Indonesia baris
kekal-abadi.
Di luhur tadi, Mr. Moh. Yamin méré
interpretasi anu kaleuleuwihi kana situasi jaman Karajaan Buddha Seriwijaya
katut Karajaan Hindu Majapait. Seriwijaya, dipuji-puji salaku karajaan anu kuat
jeung jaya. Kitu deui Majapait, sinarna sumirat ka sakuliah Nusantara. Atuh
dina buku-buku palajaran di sakola, ditulisna: mangsa Seriwijaya disebut Negara
Nasional Indonesia I; mangsa Majapait disebut Negara Nasional Indonesia II;
jeung mangsa Proklamasi 17 Agustus 1945 disebut Negara Nasional Indonesia III.
Sakolébat pisan –lamun ku urang diimpleng mah, gedé pisan kasalahan analisis Mr.
Moh. Yamin téh. Anéh pisan ogé deuih, lamun Candi Buddha Borobudur di Jawa
Tengah anu “nyata”, bet kajadianana téh henteu ku lantaran ayana sumpah. Tapi,
Seriwijaya –anu masih jadi paguneman
catur kénéh titinggalna, diajén “kongkrit” ku Moh. Yamin mah. Seriwijaya
anu teu puguh juntrunganana, leuwih écés batan sugrining paninggalan sajarah
anu lainna.
Kitu deui sanggeus ilang-sirnana
Karajaan Hindu Majapait taun 1478 –ku
Moh. Yamin dituliskeun 1525, anjeunna leuwih mampuh mireungeuh titinggal
kaca-kacana –gapura Karajaan Hindu Majapait,
anu ngan hiji-hijina, bari teu sampurna, salaku monumén agung jeung diajén
nga-Nusantara.
Kapuloan Sunda Besar: Jawa, Sumatra, Kalimantan. |
Mitos
Karajaan Buddha Seriwijaya jeung
Karajaan Hindu Majapait, leuwih kaangkat sajarahna batan karajaan jeung
kamekaran sajarah séjénna di Jawa Barat. Ditembongkeun dina wangun analisisna,
yén Sunda mah: “teu kungsi nga-Nusantara”.
Sacara jujur, lamun téa mah Karajaan
Buddha Seriwijaya jeung Karajaan Hindu Majapait “kungsi” nga-Nusantara, pasti
aya urutna –boh ngaran supitan (selat), sagara
(laut), teluk, atawa nu séjénna deui. Kanyataanana, di sakurilingeun éta
anu dua karajaan téh, teu aya urut ngaran-ngaranna acan. Sakadar conto, di
Sumatra teu aya selat anu dibéré ngaran Seriwijaya. Mana komo deuih kapastian
kadudukan Seriwijaya di Palembang mah, masih kénéh mangrupa “hipotesa”. Naha
bener, Seriwijaya nga-Nusantara ?. Kitu deui di Jawa Timur, apanan teu aya
ngaran Selat Majapait. Boh antara Banyuwangi (Jatim) jeung Gilimanuk (Bali),
disebutna téh: Selat Bali. Antara Surabaya (Jatim) jeung Kamal (Madura),
disebut: Selat Madura. Lamun kanyataanana kitu, kawasna mah bener anu
dicaritakeun ku Prof.Dr. Sukmono, yén Karajaan Hindu Majapait téh
nga-Nusantara, ngan ukur mitos –lantaran
pangaruhna sa Jawa Timur waé, teu kungsi nepi ka sisi-sisi basisirna. Méh
sanada jeung Sukmono, Hasan Djafar –ahli
arkéologi; épigrafi; jeung sajarah kuno nyebutkeun yén wilayah Majapait mah
di Pulo Jawa –éta ogé ngan saukur di Jawa
Timur jeung Jawa Tengah wungkul.
Sabalikna, Sunda. Sacara écés-témbrés,
jadi ngaran sakumna kapuloan Indonesia –Sunda
Besar jeung Sunda Kecil. Sunda Besar ngawengku kapuloan anu baradag di
Indonesia, kaya-kayaning: Pulo Jawa; Sumatra; jeung Pulo Kalimantan –nepi ka dasar lautna ogé maké ngaran Sunda,
nya éta: Paparan/Dangkalan Sunda. Kitu deui Sunda Kecil, ngawengku kapuloan
anu laleutik di Indonesia –Pulo Bali;
Kapuloan Nusa Tenggara Barat; jeung Kapuloan Nusa Tenggara Timur. Ngaran
selat ogé, nepi ka kiwari masih aya. Laut leutik antara Pulo Jawa jeung Pulo
Sumatra, di ngaranan: Selat Sunda. Ngaran-ngaran éta téh dituturkeun deui ku
ngaran “ujung” –sabagé ngaran ti Sunda,
saperti: Ujung Kulon (Banten); Ujung Galuh (Surabaya Jatim); jeung Ujung
Pandang (Makassar Sulsel).
Ku naon sanggeus ayana bukti-bukti ieu,
Sunda teu disebut nga-Nusatara ? Panulisan anu disebut di luhur tadi, mangrupa
salahsahiji tina sakitu lobana tulisan sajarah, anu teu luyu jeung kanyataan
fakta sajarahna.
Mitreka
Satata
Numutkeun Nagarakertagama –Kakawin Nagarakrtagama, Karajaan
Hindu Majapait ngabogaan tradisi ngayakeun hajat rongkah unggal taun. Sakabéh
panguasa karajaan Nusantara diondang, kalayan sok aya anu méré hadiah ka raja
Majapait. Tapi, hadiah-hadiah anu dibikeun ka raja Majapait téh lain upeti –lain tanda taluk saolah-olah jadi karajaan
jajahan Majapait. Hadiah-hadiah ti panguasa Nusantara, ngan saukur timbang
kadeudeuh ti mitréka satata –mitra anu
sajajar jeung Majapait. Jadi, Nusantara –kaasup Majapait, mangrupa “koalisi” antara karajaan-karajaan anu
gawé bareng kalayan rancagé keur kapentingan maranehanana dina urusan
perdagangan jeung kaamanan. Maranehanana gawé bareng, jadi Mitréka Satata –mitra satata. Munasabah atuh lamun
salahsahiji mitra satata ieu ngabogaan hajat, anu lainna méré hadiah. Nanging
dugi ka danget ieu, masih aya tafsir yén karajaan-karajaan Nusantara, tiap
taunna “méré upeti” ka Majapait. Naha atuh bet kitu ?
Bisa jadi, kagémbang ku Moh. Yamin anu
ngagunakeun “Gagasan Nusantara”, sabagé bentuk Negara Kesatuan Republik
Indonesia. Tulisan Moh. Yamin dina buku “Gajah Mada, Pahlawan Persatuan
Nusantara” –diterbitkeun taun 1945 jeung
dicetak ulang welasan kali, ngagambarkeun épos kapahlawanan Gajah Mada
salaku Mahapatih Majapahit. Dina buku ieu ogé, Moh. Yamin mintonkeun foto térakota
anu ngagambarkeun wujud lalaki anu pipina kembu jeung biwirna kandel. Di
handapeun foto, Moh. Yamin kalayan kayakinan élmu firasatna, nulis: “Gajah Mada… rupanya penuh dengan kegiatan
yang maha tangkas dan air mukanya menyinarkan keberanian seorang ahli politik
yang berpandangan jauh”. Buku Moh. Yamin ieu –kalayan teu sadar, geus jadi panutan ti mimiti sakola-sakola dasar
di Indonesia nepi ka lembaga pamaréntah. Kiwari, patung lalaki anu awakna
gempal jeung beungeutna jiga dina buku Moh. Yamin, ngajengléng di buruan Markas
Besar Kepolisian Republik Indonesia (Kebayoran Baru). Hal ieu, ceuk Hasan
Djafar, mangrupakeun: “skandal ilmiah
dina sajarah”. Dina lampiran buku na, Moh. Yamin, aya peta wilayah
Indonesia –ngawengku: ti Sabang nepi ka
Merauké, ti Timor nepi ka Talaud, kalayan maké judul peta: Daerah Nusantara
dalam Keradjaan Madjapahit.
Kakawin
Pujasastra
Nagarakertagama anu ditulis dina taun
1365, mimiti dipanggihkeun deui ku Dr.J.L.A. Brandes –élmuwan Walanda waktu marengan ékspédisi KNIL di Lombok taun 1894.
Nya inyana pisan anu nyalametkeun eusi perpustakaan Raja Lombok di Cakranagara –ratusan naskah lontar, saméméh karaton
sang raja rék diduruk ku tentara KNIL. Ngaran Nagarakertagama, justru euweuh réngkolna
dina ieu kakawin téh. Ngaranna kapanggih dina kolofon terbitan Dr. JLA.
Brandes, anu nuliskeun: “Iti
Nagarakretagama Samapta”. Nagarakertagama disalin kalayan maké hurup Bali
di Kancana, dina bulan Aswina taun Saka 1287 (bulan Séptémber-Oktober 1365 Maséhi).
Anu nulisna maké sandiasma –ngaran
samaran, Prapanca. Sandiasma ieu dipaké pikeun nyamunikeun jati diri anu
sabenerna, ti bujangga anu ngarang ieu sastra. Dina hasil panalungtikan
kasajarahan, kapanggih yén anu nulisna téh: Dang Acarya Nadendra –dugi ka danget kiwari, umumna anu dikanyahokeun
téh bujangga Mpu Prapanca anu nulis Nagarakertagama téh. Ieu kakawin téh
sipatna “pujasastra”, anu hartina: karya sastra anu nga-agung-agung Raja
Majapait –Hayam Wuruk, katut miagul
kawibawaan Karajaan Majapait. Hal-hal anu jadi panyawadan tur dianggap “kurang
hadé” kana kawibawaan raja katut karajaan, teu ditulis. Éta sababna, kajadian “Pasundan
Bubat” teu disebut-sebut dina Nagarakertagama. Kulantaran Pasundan Bubat, ngajaheutkeun
manah Hayam Wuruk –dianggap bakal
ngurangan kawibawaan raja katut karajaan. Kusabab sipatna pujasastra téa,
Nagarakertagama ku sababaraha kalangan dianggap “henteu nétral”.
Nagarakretagama –nagara kalayan tradisi/agama anu suci, disimpen di Perpustakaan Universitas
Leiden Walanda jeung dibéré nomer kode: L Or 5.023. Basa Ratu Juliana datang ka
Indonesia dina taun 1973, naskah ieu dipasrahkeun ka pamaréntahan Républik
Indonesia. Kiwari, naskah Kakawin Nagarakrtagama disimpen di Perpustakaan
Nasional RI kalayan dibéré kode: NB 9.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar