Wawacan, asal kecapna tina “waca”, hartina: maca. Niténan kana asal
kecapna, bisa dicindekkeun yén wawacan téh gelarna tangtu sanggeus masarakat
Sunda “barisaeun maca”.
Wawacan nya
éta karangan panjang dina wangun ugeran, anu kauger ku patokan pupuh –guru wilangan jeung guru lagu. Ku lantaran kitu, dina macakeunnana ogé kudu “ditembangkeun” saperti urang nembangkeun pupuh. Hiji
wawacan anu ditembangkeun, disebutna: beluk.
Eusi wawacan mangrupa hiji carita anu panjang, jalan caritana loba bagian-bagiannana. Kitu deui palaku jeung tempat
ngalalakonna loba pisan. Aya
eusi anu nyaritakeun carita Nabi –Wawacan
Nabi Paras, Wawacan Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW, Wawacan Sajarah Ambiya,
Wawacan Layang Syékh jeung sajabana, aya eusina babad –Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Timbanganten, Babad Dogdog, jeung
sajabana, nepikeun wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar ogé aya –sabab leuwih bisa dibaca ku masarakat ti
batan ditulis dina wangun prosa lancaran. Tapi umumna, dina carita wawacan téh sok loba hal-hal anu pamohalan –mustahil, mirip saperti dongéng.
Umpamana baé, palakuna sarakti, osok aya palaku jin, siluman, buta, déwa jeung
sajabana. Malah unsur-unsur carita nu aya dina wawacan ogé sarua jeung nu aya
dina dongéng, saperti: téma; galur; palaku; latar; jeung amanat.
Wawacan téh
kauger ku patokan pupuh. Sedengkeun,
pupuh téh asalna tina kasusastraan Jawa –pangpangna mah: Mataram anu asup kana sastra Sunda kira-kira dina abad ka-17.
Nyebarna wawacan di urang téh, utamana ngaliwatan
para ménak jeung kaom ulama di lingkungan pasantrén. Kulantaran kitu, loba di antarana, wawacan anu
ditulisna dina basa Arab, sarta teu saeutik wawacan anu mangrupa rékaan –karangan tina carita-carita –taréh Islam.
Salian ti wawacan Purnama Alam anu geus kawentar, aya deui wawacan lain anu
teu
bireuk deui ku urang Sunda mah, nyaéta: wawacan Rengganis –karangan H. Abdussalam, salinan tina sastra
Jawa, jeung wawacan Panji Wulung. Wawacan séjénna anu geus
gumelar dina sastra Sunda di antarana:
1.
Wawacan Kidung
Sunda, Lénggang Kencana, karangan Tubagus
Djayadilaga;
2.
Wawacan Batara Rama, karangan R.A.A. Martanagara, salinan tina sastra India;
3.
Wawacan Ogin,
Rangga Wulung, Surianingrat, Amir Hamzah, Nabi Yusuf (anonim);
4.
Wawacan Lutung
Kasarung, Nyai Sumur Bandung, karangan
Engawidjaja, salinan tina carita pantun, jst.
Bacaan di handap
ieu, mangrupa sempalan –potongan tina wawacan Purnama Alam karangan R. Suriadireja anu kacida panjangna.
PURNAMA
ALAM
(Asmarandana)
Karya: R. Suriadireja
………………………….
Dangding Sunda
sakajudi, titisan ti pupuhunan, beubeunangan
soson-soson, kekel kana tatarosan, ti bangsa nu budiman,
prabujangga juru lagu, nu paham kadongkarian.
Ari ieu nu
digurit, lampah ménak jaman kuna, masih kaom buhun kénéh, wantu alam kadéwaan,
sumembah ka sangiang, munjungna ka sang rumuhun, nyambat ka para batara.
Beunang nungtik
ti leuleutik, nyutat nyatet ti bubudak, tataros ti kolot kahot, juru dongéng
alam kuna, ayeuna ditukilna, disusurup kana lagu, ditulad dijieun babad.
Manawi baé
ngajadi, ku sadaya dimaranah, didamel conto lalakon, kana geusan kamulusan,
jalan kasalametan, satungtung nyandangan hirup, rumingkang
di pawenangan.
Di dieu babad
teu sepi, anu murka anu satia, kabéh watekna katangén, sarta leuwih-leuwih
nista, ngeunahna tugenahna, ganjaran nu mulus laku, naraka ku lampah murka.
Wiwitan anu
digurit, aya sahiji nagara, gedé sarta leuwih ramé, ngaran nagara Riskomar,
dina jaman harita, kamashur ku tina unggul, ti saban nagara
lian.
Kereta sartana
mukti, henteu aya kakurangan, sumembor ka nagri séjén, tina kamulyaanana,
sagala hahasilan, samalah enggeus kasebut, huluwotan dayeuh lian.
Ari anu jadi
narpati, ratu di nagri Riskomar, Sri Maha Déwa Pramayon, kongas adil
palamarta, pinter sugih tur gagah, loba ratu anu taluk, jadi bawah
paréntahna.
Kagungan putra
sahiji, Sang Ratu ti praméswari, pameget kalangkung kasép, dina jaman harita
mah, kongas ka sabuana, kakasihna nu kamashur, Pangéran Purnama Alam.
Istu kasép
katambah lantip, netepan kasatriaan, taya bubudéning goréng, wantu bener
kusumahna, nyekel karaspatian, lungguh pancuh wuwuh ampuh, nyegah sakur lampah
salah.
Ngan aya ku
saperkawis, pasangaran salirana, nu narik kana cocogéh,
lantaran leuwih kasépna, loba nu kaédanan, asal kapincut
kairut, istri-istri sadayana.
Najan nu boga
salaki, ngadadak ménta ditalak, hayang ka Pangéran Anom,
tapi arambon sorangan, taya du dilawanan, kantun
ngaberung napsu, murudul abrul-abrulan.
Tatapi Sang
Putra tigin, henteu bingbang teu kagémbang, ku istri anu tarémbong, nutup
anjeun di kaputran, lenggah di pagulingan, buku anu digugulung, nalék sakur
kitab-kitab.
Sabab anu
dipigalih, gampang lampah kalacuran, hésé mun ngalap pangartos, bagbagan
kasasmitaan, margi langkung kekelna, nyurupkeun ka jero kalbu, nyangsangkeun
kana pangrasa.
RATNA SUMINAR NEPANGAN DÉWI PRAMANIK
(Kinanti)
.............................
Ratna Suminar kacatur, sareng Patih Mandrawati, ngalayang di awang-awang,
ngarandeg dina wiati, marga aya nu katingal, ku Sang Ajeng Ratna Putri.
Lapat-lapat puncak gunung, sidik aya taman sari, jeung gumebyar cahayana,
tingburinyay tingkaretip, tur aya bandéra bodas, di tengah banjaransari
Ratna Suminar seug nyaur, ka Nyi Patih Mandrawati, Bibi tempat naon éta,
mana leuwih teuing rasmi, kaya karang kalangenan, tempat pelesir narpati.
Mandrawati seug ngawangsul, bilih teu acan tingali, enya éta nu kasebat,
patapan Déwi Pramanik, masjid Binarum Kania, nu cahyana tingkaretip.
Gamparan sumangga atuh, di dieu tong lami-lami, énggal ngabujeng ka dinya,
Ratna Suminar ngalahir, ah kula mah moal waka, turun norojol teu pamit.
Kula di dieu rék tunggu, Bibi anu kudu gasik, ngadeuheus unjuk uninga, ka
kersa Déwi Pramanik, unjukan aya kaula, jin ti nagri Puserbumi.
Badé hatur sembah sujud, ka kersa pangkonan Déwi, pék ayeuna geuwat-geuwat,
Mandrawati hanteu lami, saenggeus nampa timbalan, terus turun ti Wiati.
Ngajugjug ka lawang kidul, Nyai Patih Mandrawati, tapi henteu asup kebat,
dina lawang baé cicing, deku tedak kahormatan, jeung déhém malar ka kuping.
Gancangna anu kacatur, harita Déwi Pramanik, di belah kalér lenggahna,
ngadéngé nu déhém tarik, sada-sada batuk kuda, teu lami Déwi Pramanik.
Seug angkat ka lawang kidul, barang ditingali sidik, buta Mandrawati téa,
nu basa neda lalandih, imut Pramanik ngandika, éh haturan bibi patih.
Kumaha ngaran téh nimu, coba putra neda warti, Mandrawati wawangsulan, aya
hibaring Sang Déwi, kénging miwah salametna, nu mawi dumeuheus deui.
Nyaéta badé miunjuk, wiréhing parantos kénging, anu kacatet Nurjaman, tina
lambey Sang Putri Jin, keur matamon di Riskomar, Putri Ratu Puserbumi.
Malah ayeuna di luhur, sasarengan sareng Bibi, wiréhing aya kersana, badé
nepangan Sang Déwi, lenggahna di jumantara, margi ngantosan paidin.
Sang Déwi Pramanik nyaur, coba atuh sina linggih, ku putra téh diantosan,
Mandrawati henteu lami, belesat ka Jumantara, ngemban dawuhan Sang Dewi.
Ari Sang Pramanik terus, lebet ka jero masigit, tina badé katamuan, neda
sih Gusti Yang Widi, tina sagala teu aya, baris ngahormat nu sumping.
Teu lami putri ngadangu, soara tan katingali, montong jadi kasusahan, baris
ngahormat Putri Jin, duméh sagala teu aya, ayeuna ku Nyai gasik.
Éta jimat Putra Sunu, Nursajati baé perih, kebutkeun bari péntaan, naon
sakahayang Nyai, nu pantes pikeun ngahormat, tangtu baé bisa jadi.
Déwi Pramanik ngadangu, piwurukna sora tadi, Nursajati seug diudar,
dikebutkeun diperedih, bari disebat ngaranna, aéh jimat Nursajati.
Coba kami ménta tulung, réh rék nampi tamu putri, sémah ti dasaring lemah,
ménta suguh sing utami, ulah aya kakurangan, tuangeun jeung prabot calik.
Kulambu jeung tempat tidur, eukeur kulemna Sang Putri, sing cukup kuma
biasa, pangangken ka tamu istri, harita dadak sakala, keur pangangken geus
sayagi.
Nyi Mandrawati kacatur, geus tepang jeung Ratu Putri, dina kalang méga bodas,
Ratna Suminar teu lami, ka patih buta mariksa, coba kula ménta warti.
Kumaha geus aya saur, éta Sang Déwi Pramanik, Mandrawati ngawangsulan, ka
Sang Ratna Ayu Putri, gamparan sumangga lenggah, saurna Déwi Pramanik.
Ratna Suminar kalangkung, ngaraos bingah nya galih, henteu aya papadana,
dumugi raosing Putri, ngalantung di pawenangan, ngalinjing di alam lahir.
Nembé mendak bingah kitu, lir catur nimat sawargi, ku asal nampi panyambat,
angkiran Déwi Pramanik, bawaning ku lintang bingah, teu kendat gumuyu manis.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar