Mangsa
jaman penjajahan Walanda di Nusantara, Jawa Barat téh mangrupa provinsi anu
pangmimitina diadegkeun. Provincie Wést Java dibentuk kaping 1 Januari 1926, di-undang-keun
dina Staatsblad Nomer 378 ping 14 Agustus 1925. Puseur dayeuh –ibukota provinsi na, di Batavia –Jakarta. Ngawengku: 5 karesidénan; 18 kabupatén;
jeung 6 stadsgemeente –kotapraja.
Pamaréntahanna dilaksanakeun ku Provincialeraad –Dewan Provinsi, anu dipingpin ku gubernur kalayan dibantu
ku College Gedeputeerden –Badan Pemerintah Harian.
Dumasar pakta sajarah, aya tilu
titimangsa diadegkeunana Provinsi Jawa Barat. Nya éta: mangsa penjajahan
Walanda, kaping 1 Januari 1926; mangsa awal kamerdékaan, kaping 19 Agustus
1945; jeung mangsa Démokrasi Liberal, kaping 14 Juli 1950.
Saméméh taun 1925, digunakeun istilah:
Soendalanden –Tatar Soenda/Pasoendan,
keur nyebutkeun bagéan Pulo Jawa di Kuloneun Walungan Cilosari jeung Citanduy
sarta padumukna lolobana ngagunakeun basa Sunda –sabagé basa indung.
Tatapakan anu digunakeun ku pamaréntah
Hindia Walanda pikeun ngabentuk provinsi di Nusantara, dumasar kana: Wet
Houdende Decentralisatie van Het Bestuur in Nederlands-Indie –disingget: Decentralisatie Wet, anu
mangrupa undang-undang ngeunaan desentralisasi atanapi otonomi daérah jaman
Walanda. Decentralisatie Wet diundangkeun ping 23 Juli 1903 –dipublikasikeun ngaliwatan Nederlandsche
Staatsblad No. 329, mangrupa amandemen ti Regeringsreglement 1854 –RR 1854. Nga-amandemen
Regeringsreglement 1854 téh, kucara nambahkeun tilu pasal anyar anu disisipkeun
diantara pasal 68 jeung pasal 69 RR 1854 –nya
éta: Pasal 68a; 68b; jeung Pasal 68c. Ku ayana tilu pasal anyar éta,
diharepkeun réorganisasi pamaréntahan keur ngawujudkeun desentralisasi
administratif di daérah-daérah, bakal bisa dilaksanakeun.
Provincie
Wést Java
Pamaréntah Hindia Walanda henteu kitu waé
ngadegkeun Provincie Wést Java –Provinsi
Jawa Barat téh, tapi dirarancang heula anu leuwih gemet tur taliti. Ti taun
1903, ngabentuk heula Lokcale Raden –Déwan
Lokal. Laju dina taun 1922, pamaréntah Walanda ngaluarkeun Besttuur
shervormingswet –Undang-Undang Perubahan
Pemerintahan. Kitu deui keur ngatur ngeunaan dibagi-bagina daerah otonom,
nya dina taun 1924, ngaluarkeun deui Regentschap Ordonnantie. Ari keur sistim
pamaréntahanana –pamaréntah otonom,
dikaluarkeun Stadsgementee Ordonnantie taun 1926.
Dumasar titincakanana undang-undang
jeung peraturan anu di luhur éta, di Pulo Jawa, Pamaréntah Hindia Walanda
ngabentuk: 3 provinsi; 72 kabupatén; jeung 19 kotapraja. Anu munggaran dibentuk,
nya éta: Provincie Wést Java dina kaping 1
Januari 1926. Provinsi ieu mangrupakeun hasil ngaleburna opat karesidénan
heubeul, nya éta: Karesidénan Bantam –Banten;
Karesidénan Batavia –Jakarta;
Karesidénan Préanger –Priangan; jeung
Karesidénan Cheribon –Cirebon. Anu
saterusna, ngabawahan 9 nieuwe afdelingen –ogé
sering disebat: residentie nieuwe stijl kalayan 18 otonome ontvoogde
regentschappen. Tilu taun satutas ngabentuk Provincie Wést Java, Provincie Oost
Java –Provinsi Jawa Timur resmi
diadegkeun ping 1 Januari 1929. Heuleut sataun ti dinya, Provincie Midden Java
–Provinsi Jawa Tengah diadegkeun ping
1 Januari 1930. Dibentukna tilu provinsi ieu, henteu leupas ti yasana: de Graff
–Direktur Binnenlandsch Bestuur di
Batavia.
Gubernur munggaran Provincie West Java
jaman Walanda, dicangking ku: WP. Hillen. Waktu Nusantara dicekel ku Jepang –mimiti 9 Maret 1942, kalungguhan gubernur
munggaran Jawa Barat jaman Jepang dicangking ku: Kolonel Matsui. Wakil
Gubernurna, dicangking ku: Pandu Suryaningrat –jaman Jepang dibentuk pos anyar, nya éta: pembantu wakil gubernur,
dicangking ku: Atik Suardi.
Proklamasi
Kakawasaan Jepang di Nusantara, ngan
saukur tilu satengah taun. Kaping 15 Agustus 1945, Jepang serah-bongkokkan ka
Sekutu. Dumasar dongsokan ti parapamuda, Soekarno-Hatta ngaproklamasikeun
Indonesia jadi nagara merdéka, ping 17 Agustus 1945 –poé Juma’ah, meneran bulan Puasa. Isukna –18 Agustus 1945, Panitia Persiapan Kemerdékaan Indonesia ngayakeun sidang
munggaran, anu hasil netepkeun: Undang-Undang Dasar 1945 jadi UUD nagara RI;
Ir. Soekarno – Drs. Moh. Hatta diangkat jadi présidén jeung wakil présidén;
jeung ngabentuk Panitia Kecil anu diketuaan ku R. Oto Iskandar Dinata pikeun
nyusun rarancang ngeunaan “naon waé anu
perlu gancang-gancang dipilampah ku nagara RI”.
Dina sidang PPKI anu kadua –19
Agustus 1945, keur ngajalankeun pamaréntahan di daérah, PPKI ngabentuk
8 provinsi, nya éta: Provinsi Jawa Barat; Jawa Tengah; Jawa Timur; Sumatera;
Bornéo –Kalimantan; Sulawesi; Maluku;
jeung Provinsi Sunda Kecil –anu ngawengku
Pulo Bali jeung Kapuloan Nusa Tenggara.
Kalungguhan Gubernur Jawa Barat
munggaran, mangsa awal kamerdékaan, dicangking ku: Mr. R. Sutardjo
Kartohadikusumo –anu mangsa jaman Jepang,
anjeunna jadi Residén Jakarta. Puseur dayeuh Provinsi Jawa Barat, di
Jakarta. Tapi, ti mimiti bulan Séptémber 1945, puseur dayeuhna dipindahkeun ka
Bandung –Jakarta, angger jadi
karesidénan, mangrupa bagéan ti Provinsi Jawa Barat. Kituna téh kulantaran
lalampahan nagara urang, henteu bisa lungsur-langsar. Walanda –bari ngamangpaatkeun tentara Sekutu,
hayang deui ngawasa Nusantara.
Démokrasi
Liberal
Kaping 10 Fébruari 1946, dina gempungan
antara Walanda jeung pihak RI, Wakil Gubernur Jéndral Walanda –Dr. HJ. van Mook ngasongkeun pamikiran
“dibentukna nagara federal”. Indonésia kudu dijadikeun nagara persemakmuran anu
bentukna federasi, kalayan sistim pamaréntahanana dikadalian ku Karajaan
Walanda. Atuh Provinsi Jawa Barat ngajanggélék jadi: Nagara Pasundan, anu
diproklamasikeun ku Suria Kartalegawa dina kaping 11 Novémber 1946 –ngan ditentang ku sakumna masarakat Jawa
Barat, nepi ka pamaréntahanana bubar. Pikeun ngabentuk deui pamaréntahan di
Jawa Barat, lumangsung “Konférénsi Jawa Barat” di Bandung. Tilu kali
diayakeunna, nya éta: kaping 13 dugi ka 18 Oktober 1947; ping 16 dugi ka 20 Désémber
1947; jeung ping 26 Fébruari 1948. Hasilna: kaping 2 Maret 1948, dibentuk: Nagara Pasundan –asalna mah, ngaranna: Nagara Jawa Barat.
Sanggeus Pamaréntahan Walanda
ngalaksanakeun “penyerahan kedaulatan” ka Républik Indonésia Serikat kaping 27
Désémber 1949, mimiti karasa yén nagara federal téh teu sesuai jeung bangsa
Indonésia. Antukna, dina sidang parlemen Nagara Pasundan –kaping 8 Maret 1950, tur diluuhan ku 159 utusan ti kabupatén-kabupatén
anu aya di Jawa Barat, kalayan sapuk-samiuk, Nagara Pasundan asup deui
ngalebur ka wilayah Républik Indonésia. Éta putusan parlemen Nagara Pasundan,
disaluyuan ku pamaréntah RIS ngaliwatan SK. Nomer 113, kaping 11 Maret 1950.
Ahirna, RIS bubar dina kaping 17 Agustus 1950 –jadi: Negara Kesatuan Républik Indonésia.
Bubarna Nagara Pasundan jeung Républik
Indonésia Serikat, ngalantarankeun perluna ngadegkeun deui Provinsi Jawa Barat.
Pamaréntah pusat ngaliwatan UU Nomer 11 taun 1950, kaping 14 Juli 1950, ngabentuk Provinsi Jawa Barat –dikuatkeun ku Peraturan Pemerintah Nomor 31 Tahun 1950. Ieu
undang-undang jeung peraturan pamaréntah téh, mimiti dipaké –berlaku ti ngawitan kaping 15 Agustus
1950.
Kiwari, Provinsi Jawa Barat téh
wewengkonna ngaheureutan –tinggal urut
karesidénan Cirebon jeung Priangan, anu ngawengku 17 kabupatén jeung 9 kota.
Jakarta jeung Banten, geus misah ti Provinsi Jawa Barat. Malah mun disaluyuan
mah, bakal kacocéng deui ku Cirebon.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar