Gedong Bioskop Majestic anu perenahna di Jalan Braga
Bandung, katelahna: Blikken Trammel Bioscoop, hartina: Bioskop Kaléng Timah
atawa Bioskop Kaléng Biskuit, kulantaran ciri has wangunanna anu siga kaléng
biskuit. Majestic jeung Elita téh jadi saksi bisu minangka bioskop anu
midangkeun pilem munggaran karya pribumi di ahir taun 1926, nya éta: pilem
Loetoeng Kasaroeng.
Pilem Loetoeng Kasaroeng, teu leupas ti
yasana RAA. Wiranatakoesoemah V (Dalem
Haji). Munasabah atuh upami anjeunna
téh, jadi: Perintis Film Cerita Pertama Indonesia. Kaping 30 Maret 1950, H. Usmar Ismail
ngadegkeun NV Perfini. Ti mimiti pausahaan pilem; waragad produksi pilem; nepi
ka anu ngagarap pilem, kabéh ogé urang pribumi. Antukna, Présidén BJ. Habibie, ngaluarkeun SK Présidén Nomer 25
tanggal 29 Maret 1999, anu netepkeun tanggal 30 Maret, jadi: Hari Film
Nasional.
Bioskop Kaleng Timah - Kaleng Biskuit |
Concordia Bioscoop
Kawasan Braga
anu jadi puseur pertokoan élit Éropa mangsa taun 1920-an, beuki tambah
dipasieup deui ku ngadegna Concordia Bioscoop –Bioskop Majestic taun 1925. Harita, bioskop téh jadi tempat hiburan
anu populér di kalangan menéér-menéér Walanda. Ieu bioskop meunang yasana arsiték
CP. Wolff Schoemaker –ti biro arsiték
Technisch Bureau Soenda, ngagunakeun gaya Indo Europeeschen Architectuur
Stijl –gaya anu ngadumaniskeun élémén-élémén
arsitéktur tradisional jeung téhnik konstruksi modern. Katémbong dina seni
ukiran katut ornamén barong, anu aya di hareup. Bentuk wangunan diwengku ku
garis-garis vértikal tur horizontal anu sarérétan mah, bentukna téh bet siga
kaléng biskuit.
Mangsa harita,
pilem anu dipidangkeun téh mangrupa pilem-pilem pégo –film bisu. Promosi pilem dilakonan ku cara tumpak délman,
mapay-mapay sabudeureun kota –bari mamawa
poster pilem jeung ngabagikeun pamflet. Anu arék lalajo, kudu maké pakéan
rapih. Tempat diukna ogé diatur, lalaki jeung awéwé dipisah dina jajaran nu béda.
Pihak bioskop sok midangkeun orkés mini katut komentator, keur marengan
pilem-pilem pégo jeung pireu mangsa harita. Pilem anu ngageunjleungkeun
“Loetoeng Kasaroeng”, diputer munggaran di Concordia Bioscoop –Bragaweg jeung Elita Bioscoop –Alun-alun Bandung, saminggu campleng –ti 31 Désémber 1926 tepi ka 6 Januari 1927.
Anu nongton, teu weléh ngantri.
Ngaran
bioskop, geus sababaraha kali ganti. Munggaran mah: Concordia Bioscoop, tuluy:
Oriéntal Bioscoop; Bioskop Déwi; jeung Bioskop Majestic. Ieu bioskop ngalaman
kajayaan tepi ka mangsa kamerdékaan, mingkin ngetop dina taun 1970-an –luyu jeung mekarna dunya pilem Indonesia.
Ngan dina taun 1980-an, dangiang Majestic beuki nyirorot –alatan ngadegna sinepleks atawa bioskop modern. Taun 2002, Majestic
dirévitalisasi jadi gedong pertemuan –ngaranna
robah, jadi: Asia Afrika Cultural Centre. Ahirna, ti taun 2010, ngaranna
jadi: New Majestic tur dikokolakeun ku Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa
Barat.
Elita Bioscoop di Alun-alun Bandung. |
Pamflet Pilem Loetoeng Kasaroeng |
Lutung Kasarung |
Loetoeng Kasaroeng, Pilem
Munggaran Indonesia
G. Krugers, 1928. |
Bandung, boga
peran anu kacida pentingna dina “marajian” jeung mekarkeun pilem Indonesia. Pilem
carita di Indonesia téh, medal munggaran di Bandung taun 1926. Carita anu
diangkatna ogé dumasar kana carita rayat Sunda: Loetoeng Kasaroeng –Lutung Kasarung, The Mystical
Monkey. Parapamaénna, urang pribumi. Diproduksina di
Bandung ku Java Film Company –pingpinan
G. Krugers jeung L. Heuveldorf. Disutradaraan ku urang Walanda: G. Krugers
jeung L. Heuveldorf. Anu ngawaragadan –ogé
kapeto jadi sinématograf jeung éditorna: RAA. Wiranatakoesoemah V. Sanggeus
milemkeun Loetoeng Kasaroeng, tuluy dina taun 1927 JFC ogé ngangkat novel Sunda
“Eulis Atjih” –yasana Joehana jadi
pilem. Laju taun 1930, sanggeus G. Krugers ngadegkeun pilem sorangan –anu dingaranan: Krugers Filmbedriff,
inyana ogé milemkeun novel Sunda yasana Joehana jeung Soekria, nya éta: Karnadi
Anemer Bangkong –Karnadi
the Frog Contractor. Laju, dina taun 1932, milemkeun: Njai Dasima. G. Krugers téh Indo-Walanda asal Bandung anu
jadi adi mantuna “raja bioskop Bandung” Buse. Sedengkeun L. Heuveldorf, saméméhna
geus pangalaman dina widang penyutradaraan di Amérika.
Anu mokalan
pikeun ngagarap Loetoeng Kasaroeng, taya lian ti Bupati Bandung mangsa harita,
nya éta: RAA. Wiranatakoesoemah V –anu
katelah: Dalem Haji. Ti keur jeneng kénéh jadi bupati di Cianjur –taun 1912 dugi 1920, anjeunna mikalandep
tur mikareureus kana seni budaya Sunda –utamana:
tembang Sunda Cianjuran. Atuh basa dileler jadi dalem di Bandung, Cianjuran
téh diwariskeun ka urang Bandung. Kitu deui kana kasenian Sunda lianna, ku
Dalem Haji dijeujeuhkeun pisan. Lain ngan sakadar dina widang kasenian wungkul,
dalah dina pamaréntahan ogé peran Dalem Haji téh diaku nepi ka tingkat nasional
–hanjakal, lantaran patula-patalina jeung
ngadegna Nagara Pasundan mangsa harita, jenengan RAA. Wiranatakoesoemah V, jadi
kalimpudan ku ‘halimun’ sajarah, anu tacan pati jéntré. Saméméh diangkat
jadi pilem, taun 1921, Dalem Haji magelarkeun drama modern Sunda dina lalakon:
Toonel Loetoeng Kasaroeng. Drama anu di sutradaraan ku RTA Soenarja téh –dipagelarkeun dina Kongres Java Instituut,
digarap kalayan kolosal dina panggung raksasa hareupeun pendopo kabupatén tur dilalajoan
ku rébuan jalma. Teu saukur kitu, waktu Krugers jeung Heuveldorf boga rarancang
rék ngagarap pilem Loetoeng Kasaroeng, Dalem Haji sadia pikeun ngawaragadanna.
Sakabéh pamaénna, warga pribumi –parapriyayi,
utamana dulur-dulur jeung paraputra Dalem Haji ku anjeun. Anu dipercaya
pikeun milih pamaén jeung ngalatih gerak katut aktingna, nya éta: Radén
Kartabrata –guru kapala. Ketak RAA.
Wiranatakoesoemah V –Dalem Haji kawas
kitu, jadi kareueus balaréa. Munasabah atuh upami anjeunna téh, jadi: Perintis
Film Cerita Pertama Indonesia.
Loetoeng
Kasaroeng téh mangrupa carita pantun Sunda anu kacida populérna –malah ku sawatara pihak mah dianggap sakral,
lain ngan sakadar carita biasa. Ieu carita ngalalakonkeun Guruminda –urang Kahiyangan anu salin rupa jadi Lutung,
turun ka bumi pikeun néangan pipamajikaneun. Tuluy ngajodo jeung Purbasari,
wanoja urang Pasirbatang anu keur nandangan tunggara lantaran dikaniaya ku
lanceuk-lanceukna. Carita pantun Sunda Loetoeng Kasaroeng dina abad ka-19
kungsi dicatet ku Argasasmita –Mantri
Kundang Kopi Kawunglarang, anu saterusna dipublikasikeun ku CM. Pleijte
dina VBG LVIII taun 1910.
Koran De
Locomotief, pedalan Agustus 1926, ngungkabkeun: “Pemain-pemain pribumi dipilih dengan seksama dari golongan priayi yang
berpendidikan. Pengambilan film dilakukan disuatu tempat yang dipilih dengan
cermat, kira-kira dua kilometer sebelah Barat Kota Padalarang”. Kitu deui
dina édisi Séptémber 1926, nulis: “Inilah
film yang merupakan tonggak pertama dalam industri sinema Hindia sendiri, patut
disambut dengan penuh perhatian”.
H. Usmar Ismail syuting "Moch. Toha Pahlawan Bandung Selatan", di Stasion KA Garut - th 1962. |
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar