Kamis, 01 Januari 2015

Derenten Tamansari Bandung



Derenten Bandung, mibanda udagan jadi média: atikan; hiburan; rékréasi; ogé mikawanoh rupa-rupaning sasatoan. Salian ti éta, aya sarana pagelaran pintonan seni budaya. Anu dipiharep tina ieu pintonan, bisa numuwuhkeun kasadaran jeung rasa micinta lemah cai ngaliwatan budayana. Di ieu tempat, rupa-rupa tutuwuhan –flora jeung sasatoan –fauna, dimekarkeun jeung dipiara. Ngadumanis jeung udagan pikeun ngajaga kabeungharan tur kasaimbangan alam.

Bandoengsche Zoological Park
R. Ema Bratakoesoema
Derenten –Kebon Binatang Bandung, ditaratas taun 1930. Ngaran derenten, sabenerna mah serapan tina basa Walanda, nya éta: dierentuin –hartina: taman héwan. Ieu tempat anu perenahna di Jalan Tamansari Bandung, dikokojoan ku Bandoengsche Zoological Park (BZP) –nya éta, kumpulan warga anu sok miara tur mikaresep satwa. Dipokalan ku urang Walanda, Hoogland –Direktur Bank Dennis katut R. Ema Bratakoesoema –urang Sunda pituin, saterusna diresmikeun kalayan SK. Nomer 32 ku Gubernur Jénderal Hindia Belanda dina kaping 12 April 1933.
Ieu derenten anu legana 14 hektar téh, minangka gabungan tina dua derenten –anu aya di Cimindi jeung Dago Atas. Kalayan dirarancang ku Dr.W. Treffers, digabungna éta dua derenten téh pikeun nampung koléksi sasatoan anu mingkin nambahan. Dibarung ku pangwangunan sarana séjénna, ngadegna derenten Bandung mibanda udagan pikeun: mikawanoh sasatoan; rékréasi; hiburan; jeung jadi média atikan.
Dina mangsa Jepang datang ka Indonesia –taun 1942, kungsi teu kapalire. Hoogland sorangan, mulang ka nagri na –Walanda. Atuh, kantun R. Ema Bratakoesoema kuanjeun anu ngokolakeun derenten ieu. Kakara dibebenah deui tur jadi tempat tujuan wisata, dina taun 1948.  Dina awal taun 1957, Hoogland ngarongheap deui ka Indonesia –tapi manéhna geus teu aya minat deui pikeun ngokolakeun derenten. Inyana peupeujeuh ka R. Ema Bratakoesoema sangkan nuluykeun ngokolakeun ieu derenten, jeung ménta duit –urut kongsi ngadegkeun Taman Héwan. Paménta duit ti Hoogland, satékah-polah ditedunan ku R. Ema Bratakoesoema. Saréngséna nyumponan duit bagéan Hoogland, BZP dibubarkeun ku R. Ema Bratakoesoema –derenten jadi murni milik R. Ema Bratakoesoema, laju digénti jadi Yayasan Marga Satwa Tamansari –Bandung Zoological Garden, kaping 20 Fébruari 1957. Kalayan akta pendirian nomer 44 –sabagé Badan Hukum ti Notaris Tan Eng Kiam, katut diterbitkeun dina Lembaran Negara No. 96 tanggal 9 Novémber 1963, antukna ieu derenten téh ngaranna jadi: Kebun Binatang Tamansari Bandung.
Taun 1984, R. Ema Bratakoesoema, tilar dunya. Anjeunna amanat ka kulawarga, supaya seni “ketuk tilu”, kedah teras tampil tiap minggu-na di ieu derenten. Tangtu na gé, disagigireun keur mupusti jeung ngalestarikeun budaya Sunda, ogé pikeun ngahibur ka sakur anu ngadeugdeug ka ieu derenten.
Kiwari derenten Bandung –Kebun Binatang Bandung, nawarkeun ogé “mini botanical garden” anu ngagampar di lebakeun walungan Cikapundung. Pintonan seni budaya; koléksi sasatoan jeung tutuwuhan; didukung ku patempatan saperti lebak-lebak nyarangkédong, jadi pangirutan balaréa anu ti suklakna ti siklukna pikeun ngadareugdeug ieu derenten.
Kasenian Ketuk Tilu
Villa Mei Ling

Jubileum Park
Mangsa taun 20-an nepi ka médio 40-an, Kota Bandung dikenal ku sebutan: Kota Taman. Lain waé kusabab loba taman, tapi lantaran tata kotana ngacu kana konsép: Garden City –kota taman anu loba dianut ku nagara-nagara di Éropa. Taman-taman anu diadegkeun mangsa harita, diantara waé: Pieter Sijthoff Park; Izjerman Park; Molukken Park; Insulinde Park; Tjitaroem Plein; Oranje Nassau Plein; Tjilak Plein; Tjiboenjing Plantsoen; Tegallega; Lebak Gede; Alun-Alun; jeung Jubileum Park.
Villa Mei Ling di mumunggang Lebak Gede
Awalna, derenten ieu téh mangrupa “taman botani” di Kota Bandung, anu disebut: Jubileum Park –Taman Ulang Taun. Tempatna di sapanjang bagéan Kulon –Barat Huygensweg –Jalan Tamansari, nepi ka Wétaneun –Timur walungan Cikapundung. Juru simpang segi tilu, antara: Tjihampelaslaand –anu kiwari jadi lokasi derenten; Huygensweg –di Kiduleun derenten; jeung Lebak Gedé Barat –di Kalereun derenten, jadi wates aréal Jubileum Park. Lebak Gedé téh mangrupa lahan terbuka diantara: Dr. deGrootweg –Jalan Siliwangi; Huygenweg; jeung walungan Cikapundung –di tebéh Kulonna. Ikon panorama Lebak Gedé mangsa harita, nya éta: Villa Méi Ling –yasana arsiték FW. Brinkmann, taun1930. Villa Méi Ling anu di Lammingaweg –Jalan Sangkuriang téh, bogana Ang Eng Kan –juragan béas, kalayan maké gaya arsitéktur Art Deco.
Taman botani, diresmikeun dina taun 1923 keur memperingati Jubileum –jubilee: ulang tahun Ratu Walanda: Wilhelmina, anu ka 43 taun –Wilhelmina Helena Pauline Marie van Orange-Nassau; lahir 31 Agustus 1880 – tilar dunya 28 Novémber 1962 dina yuswa 82 tahun. Mangrupa hadiah ulang taun ti Pamaréntah Hindia Belanda, ka Ratu Wilhelmina. Kukituna, ieu taman botani téh dibéré ngaran: Jubileum Park. Prasasti Jubileum Park, diadegkeun ngajungkiring di juru segi tilu –Kiduleun taman botani. Prasasti ieu masih bisa kabireungeuh dibagian tukang kebon pembibitan tanaman hias dugi ka taun 1950-an mah, tapi kiwari, ieu prasasti téh ngahiang duka ka mana.
Rarancang awal Jubileum Park, nya éta: sabagé taman botani anu ngahimpun saniskara tanaman keras jeung tanaman hias. Tapi dina taun 1933, bagéan Kidul Jubileum Park dijadikeun  pikeun miara sato héwan. Hal ieu, anu nyababkeun fungsina robah jadi taman hewan. Di Jubileum Park anu robah jadi derenten téa, sasatoan koléksina téh kaya-kayaning: gajah Sumatra; badak Sumatra; harimau Sumatra; harimau Benggal; banteng; onta; saniskara oray; uncal; biruang; saniskara sato mamalia jeung sato manuk. Henteu kurang ti 6.000 jenis sasatoan –sato anu dilindungi atawa anu henteu dilindungi, jadi koléksi derenten. Ku sabab awalna tina taman botani téa, atuh koléksi tutuwuhan –hususna, asli tanah Jawa, saperti: meranti; ki hiur; kamper; cau kipas; jeung tutuwuhan lainna, masih tetep jadi koléksi derenten. Tahun 1950-an, pamaréntah RI ngaganti ngaran Jubileum Park, jadi ngaran: Tamansari –nyoko kana ngaran anu geus biasa osok digunakeun dina jaman karajaan. Dina mangsa éta, pamaréntah keur gencar-gencarna nga-nasionalisasi-keun ngaran-ngaran anu tina basa asing.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar