Minggu, 02 Februari 2014

Agama Selam jeung Rakryan Sancang



Satemenna, urang Sunda mangsa bihari, teu pati resep nulis –ari lain dijieun pagawéan anu husus mah. Catetan lolobana ditalar jeung diapalkeun, terus wé turun-tumurun kitu. Anu pang ahirna, réa anu méngpar jeung dipabeulitkeun ku gésékan pakumbuhan; sosial jeung budaya anu ngindung ka waktu ngabapa ka jaman. Upama manggihan catetan tinulis –geus bisa dipaparah jumlahna ngawates, ayana di kalangan ménak. Mun ragrag ka somah, éta naskah atanapi catetan kacida dipusti-pustina dijieun jimat –bari anu ngukutna téh teu nyaho kana eusina. Rajeun nyaho, ukur dongéng cenah anu dicenahkeun deui.

Ceput Sawal
Cakrawarman –adina Purnawarman kungsi baruntak ka alona, anu ngarana: Wisnuwarman (Raja Tarumanagara ka-4, 434-455 M, anakna Purnawarman). Mangsa Tarumanagara dicekel ku Purnawarman, Cakrawarman dibenum jadi Mahamantri jeung Panglima Perang Tarumanagara. Ningali Cakrawarman kasambut ku panah tentara Wirabanyu (pimpinan koalisi Tarumanagara) di wewengkon Manukrawa –Cimanuk, Ceput Sawal minangka Puragabaya Turangga ti tentara pemberontak Cakrawarman, bisa ngaloloskeun diri tina pangepung tentara koalisi Tarumanagara. Ceput Sawal terus kabur ka pakidulan nepi ka wewengkon basisir, saterusna bumén-bumén di éta pileuweungan –Sancang. Nya ti Ceput Sawal, ngarundaykeun turunan nepi ka Cakradiwangsa –anu ceuk urang kampung adat Dukuh Cikelét mah: Candradiwangsa ti Karajaan Manukrawa.
Balad-baladna Ceput Sawal ti pasukan pemberontak, kaburna téh aya nu mangprét ka Wétan jeung aya nu ka Kulon. Nu ka Wétan, nyumput di Galunggung. Nu ka Kulon, labas ka Gunung Kolot –Banten. Anak turunanana, ngababakan nyarieun kampung adat.

Rakryan Sancang
Mangsa Prabu Kretawarman –Raja Tarumanagara ka-8, Tarumanagara geunjleung pédah sang prabu ngawin awéwé ti golongan sudra. Setyawati dikawin ku Kretawarman téh lain awéwé teureuh ménak, tapi ti cacah kuricakan. Tapi kusabab sagala kalakuan raja mah geus jadi hukum nagara, wenang sakumaha karepna, antukna kajadian ieu disidem teu dibarubahkeun. Ngan dina hiji mangsa, Setyawati api-api ngaku reuneuh. Padahal pangeusi Tarumanagara geus apal cenah, yén Kretawarman téh dianggap mandul. Pikeun ngaleungitkeun skandal ieu, antukna Kretawarman ngangkat anak anu ngaranna: Brajagiri. Manuver Kretawarman saperti kitu téh teu bisa ngabalukarkeun suasana karajaan jadi kondusif, tetep waé harénghéng. Najan kitu, Kretawarman tetep ngabahureksa jadi Raja Tarumanagara tepi ka tamat teu aya anu wani ngagunasika. Pikeun nyingkahan harénghéngna suasana di karaton, Kretawarman kungsi bubujeng ka daérah pakidulan –pernahna di wewengkon Sancang Garut. Ti dinya, dihiji tempat, tepung jeung Nyi Arumhonjé –siwina Cakradiwangsa, anu gawéna disagédéngeun pangebon ogé pamayang, tampolana mah jadi tukang ngala suluh ka leuweung. Kretawarman ka jamparing ati ka panah rasa, ningali kageulisan Nyi Arumhonjé. Teu ku hanteu maké silih kelétan sagala jeung Nyi Arumhonjé –tempat silih kelétanana, kiwari nelah: Cikelét. Nyi Arumhonjé terus baé dikawin, tapi dicampuran ngan ukur salapan poé –da Raja kudu mulang, ngurus nagri ngolah nagara. Nyi Arumhonjé, ditinggalkeun –lantaran embungeun dibawa ku Raja ka karaton. Sanajan kitu, dipipanumbasnamas kawin ti raja mah mangrupa pakéan jeung perhiasan, disérénkeun ka Nyi Arumhonjé. Kitu deui lilingga anu dijieun tina gading dilapis emas minangka tanda kahormatan, dipasrahkeun ka Nyi Arumhonjé –bisi jaga hayang nepungan raja ka nagara.
Sabada ditinggalkeun ku Kretawarman, Nyi Arumhonjé terus kakandungan –dina Naskah Pangéran Wangsakerta, Prabu Kretawarman téh disebutkeun teu bogaeun anak atawa mandul. Keun baé, da Naskah Pangéran Wangsakerta ogé masih disebut wadul alias disangka teu ilmiah. Basa keur nyiramna, pikawatireun. Miraga tineung ka nu jadi carogé. Rara hulanjarwanoja anu dikantun ku panutan, antukna mah gering. Nepi ka mangsana ngajuru, Nyi Arumhonjé terus puranémaot. Untung orokna mah salamet anu saterusna dirorok ku nini akina, bari kituna téh teu wasaeun méré ngaran –ukur nyebut: Jalu’ tampolana osok disebut ‘Rakryan’ (anak raja) dina ngébréhkeun kadeudeuhna téh.
Budak anu disusuan ku citajén, tampolana mah ku susu embé –ingon-ingon Aki Cakradiwangsa téh katingalina séhat. Gedé saeutik, geus bisa ngorondang. Sapopoéna, dibéré dahar lauk laut jeung beubeutian. Ti keur orok beureum kénéh ogé osok dikojaykeun di laut, dina karang anu ngampar supaya teu kabawa ku lambak. Sanggeus bisa leumpang, osok mimilu ka akina ngala suluh ka leuweung atawa dibawa nguseup ka tengah laut. Ku akina diwarah ngojay jeung milebuhteuleum. Rada gedé saeutik, jadi budak jarambah. Karesepna taya lian ti ulin di Leuweung Sancang atawa ngangkleung di sagara dina luhur bahétraparahu. Nepi ka mangsa rumaja, basisir Kidul mah geus jadi pangulinan Rakryan –ti Pananjung nepi ka Panaitan. Salian ti kitu, Rakryan Sancang resep ngulik élmu kabedasan. Méh sakabéh anu weduk, didatangan diajak madwandwa yuddhangalaga, gelut paduhareupan. Mun éléh osok terus diguruan, mun meunang osok terus dipisobat. Tara pinejahanmaéhan ka musuh, ari lain kapaksa mah. Bayu sasanga kakuatan anu aya dina diri manusa, diulik kalayan daria. Ti harita, ngaranna jadi sohor: Rakryan ti Sancang.

Tanah Arab
Sanggeus sawawa, Rakryan Sancang hayang panggih jeung anu jadi bapana. Ku akina diterangkeun sacéréwéléna teu di dingdingkelir sindangsiloka, yén bapana téh Maharaja Tarumanagara: Prabu Kretawarman. Ku akina dibahanan lilinggaciri atawa tanda kulawarga raja, supaya di ditu teu disaha-saha. Geus kitu mah, Rakryan Sancang nyieun bahétra. Sabada parahuna siap, laju ngangkleung ka kulonkeun di Sagara Kidul. Di Palabuhan Tanjung Lada –Banten, reureuh heula saméméh neruskeun lampahna. Ti dinya papanggih jeung sudagar Arab anu ngabéwarakeun yén di tanah Arab aya agama anyar anu nyebarkeunana téh, jago pilih tanding tur sakti, ngaranna: Ali bin Abi Thalib. Kataji ku éta jago, Rakryan Sancang henteu tulus nepungan bapana di Tarumanagara. Ongkoh deui ngadéngé béja yén bapana geus muksamaot, diganti ku pamanna: Rajaresi Suddhawarman. Rakryan Sancang mutuskeun milu ka sudagar maké kapal gedé, nuju ka tanah Arab. Di satengahing balayar, Rakryan Sancang diajar paranusabasa anu dipaké di nagara-nagara deungeun.
Tepung jeung Ali bin Abi Thalib, Rakryan Sancang katétér jajatén. Geus kitu mah, Ali bin Abi Thalib dipiguru ku Rakryan Sancang. Saterusna jadi catriksantri, diajar agama Islam di Arab.

Agama Selam
Mangsa harita di tanah Arab, khalifah Abu Bakar di ganti ku Umar bin Khatab. Rakryan Sancang diajar agama Islam ku cara ditalar langsung ti Ali bin Abi Thalib, tacan aya buku Qur’an jeung buku Hadist –aya ogé mushaf Al Qur’an di Siti Hafshah, istri Nabi SAW.
Mulang deui ka Sunda, Rakryan Sancang népakeun élmu agama Islam ka sobat-sobatna (abad ka-7). Pangpangna di lingkungan kaum Sudrakaum somah anu ajénna panghandapna. Pangikutna loba, bari terus nambahan. Kusabab basa Arab susah dihartikeunana, Rakryan Sancang ngajarkeun akidah Islam téh maké basa Sunda Kuna. Asmaulhusnangaran-ngaran Alloh anu ku basa Sunda disebut Hyang, ditataan nepi ka 99 (para Hyang). Nya Asmaulhusna ieu anu disebut: Parahyangantempat sumerah diri (Islam). Kawasna baé ti harita, wewengkon Sunda sok disebut Parahyangan tug ka kiwari –malah robah vocal, osok nyebut: Priangan. Ku parapangikutna, agama Islam téh disebutna: agama Selam. Agama urang Sunda anu wiwitanmimiti.
Dina agama Sunda Wiwitan, aya anu unina kieu:
Nya inyana anu muhung di ayana; aya tanpa rupa; aya tanpa waruga; hanteu ka ambeu-ambeu acan; tapi wasa maha kawasa di sagala karep inyana. (nya mantenna anu Maha Agung di ayana; aya tanpa rupa; aya tanpa wujud; henteu ka ambeu-ambeu acan; tapi kawasa maha kakawasaanana di sagala karep-Na).
Hyang tunggal tatwa panganjali; ngawandawa di jagat kabéh alam sakabéh; halanggiya di saniskara; hung tatiya ahung. (hyang tunggal anu Maha Luhung; satemenna tujuan utama manusa ‘sembahyang’/sembah Hyang; henteu boga anak henteu boga dulur; boga baraya jeung batur ogé henteu di jagat jeung ieu alam; anu pang-unggulna dina sagala rupa hal; hung, tah éta téh nu ngagem bebeneran sajati, ahung).
Upama ditengetan, apan éta harti kalimah téh sarua jeung surat Al Ikhlas –anu béda, ukur basana.
Al Ikhlas

Lawang Sanghyang
Rakryan Sancang terus muka pasantrén di Lawang Sanghyang –lawang ka Gusti Alloh (maksudna mah meureun: masjid). Wewengkon Lawang Sanghyang di Nangkaruka, kiwari katelah jadi: Pakénjéng –wancahan tina: pakéna élmu ajengan. Mimitina mah santrina téh ukur hiji dua urang, sobat-sobatna anu baheula kungsi ditalukeun ogé terus anut jadi santrina. Masjidna anu mangrupa wawangunan badawang saratwangunan anu maké hiasan lauk, dijadikeun tempat meuseuh élmu agama Islam. Tihangna dijieun tina kai kalapa, ukuranana 7 x 9 méter, mangrupa wangunan panggung, hateupna ku injuk. Rohanganana ngagemblang, aya kamar leutik lebah Kulon 2 x 2,5 méter. Di tengah-tengahna kosong, aya paimbaran –tempat imam mingpin ibadah. Terus aya wangunan pawondapur, jeung pagencayanwangunan tempat nutu paré. Leuittempat nyimpen paré, rada anggang ti dinya. Aya pancuran tujuh Cikahuripan, keur dipaké susuci. Para wasisantri méméh arasup ka wangunan badawang sarat, wajib beberesih heula di pancuran tujuh Cikahuripan. Ja mandi junub/ hana ti sarira/ santi ku ti katuhu/ santi ku ti kényca/ sungut nirmala nyarék/ ceuli nirmala ngadéngé (mandi jeung adus; beberesih awak; beresih ku ti katuhu; beresih ku ti kénca; sungut suci tina nyarita; ceuli suci tina pangdéngé). Rohangan utamana disebut Hinten Managgay, nyaéta tempat pikeun muja parahyang –asmaulhusna téa. Loba citrik byaparikaom terpelajar anu daratang ka dinya ngadon cacahanngobrol, gotrasawaladiskusi, jeung tolabul ilmi –nyuprih élmu.
Ceuk angkeuhan urang Hindu anu aya di Tarumanagara mangsa harita (638-639 Masehi), Rakryan Sancang dianggap geus nyebarkeun agama ‘kotor’. Agama anu mahiwal disebut ‘agama Sunda nu mimiti’ téh, salawasna ngabebegigan ka urang Hindu. Atuh meredih ka Rajaresi Suddhawarman –Raja Tarumanagara ka-9 (paman Rakryan Sancang), sangkan ngahukuman Rakryan Sancang. Perang campuh Rajaresi Suddhawarman jeung Rakryan Sancang, dimeunangkeun ku Rakryan Sancang. Rajaresi Suddhawarman kasoran ngejat ti pakalangan –bari terus diudag-udag ku alona (Rakryan Sancang), lamun teu dihalangan ku senapati Brajagiri –anak kukutna Kretawarman (Kretawarman téh bapana Rakryan Sancang) mah tinangtu Suddhawarman baris kasambut ku wewesén Rakryan Sancang. Brajagiri nyadarkeun duanana, yén masih aya hubungan alo-paman. Taun 639 Rajaresi Suddhawarman terus maot. Tahta Tarumanagara ragrag ka Déwamertyatma Hariwangsawarman –jadi Raja Tarumanagara ka-10 anakna Suddhawarman, tapi teu lila jadi rajana (639-640 M), ukur bubulanan. Kaburu dipaéhan ku Brajagiri. Raja Tarumanagara ka-11 tungtungna ragrag ka minantuna Hariwangsawarman, anu ngarana: Nagajayawarman. Satemenna, Hariwangsawarman téh anakna Suddhawarman ti putri karajaan Pallawa India. Hariwangsawarman digedékeun di Pallawa, kalayan meunang atikan anu keras dina urusan kasta. Waktu ngaganti bapana jadi Raja Tarumanagara di Tatar Sunda, Hariwangsawarman ngonclah Brajagiri tina kadudukan senapati karajaan jadi penjaga gerbang karaton. Ku angkeuhan Prabu Hawiwangsawarman, Brajagiri diturunkeun pangkatna téh pédah lain ti golongan ménak karajaan. Brajagiri anu diangkat anak ku Kretawarman téh, ti golongan sudra. Nya pédah diturunkeun pangkatna tina senapati Tarumanagara jadi penjaga gerbang karaton ieu, anu ngabalukarkeun Brajagiri kolu téga maéhan Hariwangsawarman.
Sanggeus réngsé perang campuh jeung pamanna, Rakryan Sancang indit deui ka Mekkah (antara taun 640 M) rék neuleuman élmu agama, rada ngampleng di dituna. Ngampleng sotéh, ngilu jihad heula di Iraq; Mesir; Syria; terus ka Jerusalem jeung pasukan Islam. Mulang deui ka Tatar Sunda maké kapal sudagar Arab, malahan sababaraha urang Arab anu geus asup Islam ogé marilu. Di Palabuhan Sumatera Kalér, kapal téh balabuh heula. Ngakut barang dagangan, kayaning: kapol jeung pedes, saméméh diteruskeun ka Palabuhan Banten. Kusabab angin jeung lambak laut kacida motahna, atuh rada lila cicing di Acéh na téh. Malahan sawaréh mah aya anu karawin ka urang dinya, anu saterusna jaradi urang Acéh. Ti harita, hubungan urang Arab jeung Acéh jadi raket. Sanggeus angin jeung lambak teu motah teuing, kapal dagang Arab rék neruskeun deui lalampahan ka Tatar Sunda. Tapi, teu ku hanteu. Di tengah laut, angin jeung laut motah deui. Kapal kapaksa kudu balabuh di Sumatera Kulon –Minangkabau. Tina kajadian éta, hubungan: Acéh; Minang; jeung Sunda (Rakryan Sancang) jadi kacida raketna. Samalah loba urang Acéh jeung Minang, anu milu tolabul ilmi di Pasantrén Lawang Sanghyang –Pakénjéng Garut. Urang Acéh jeung Minang daratangna ka tempat éta, ngaliwatan laut anu saterusna nonggoh ka kalérkeun ti Darmaga Rancabuaya.
Samulangna di Tatar Sunda, Rakryan Sancang ngadegkeun pertahanan di Gunung Nagara –Cisompet, Garut Kidul. Bari nyebarkeun agama Selam –Islam hasil talaran ti Ali bin Abi Thalib anu lolobana Akidah jeung Tauhid. Pertahanan di Gunung Nagara, katelahna: kadatuan Suramandiri. Kacida wedel jeung kuatna, pikeun nyingkahan  tina panarajang musuh ti luar.
Nalika ngadéngé béja Ali bin Abi Thalib dibacok mastakana waktu keur sholat di Masjid Kuffah, Rakryan Sancang angkat deui ka tanah Arab. Miangna Rakryan Sancang ka tanah Arab, pikeun Nagajayawarman mah jadi boga kasempetan keur ngarurug umat agama Sunda nu mimiti. Tentara Tarumanagara diasupkeun jadi telik sandimata-mata bari pura-pura asup agama Selam. Atuh waktu pasukan Nagajayawarman ngagempur Gunung Nagara téh, harita kénéh burak teu manggapulia. Pertahanan Gunung Nagara, bangkar. Nu anut ka Rakryan Sancang, mancawura. Mulang ti tanah Arab, Rakryan Sancang kacida prihatinna. Ningali Gunung Nagara jadi kuburan masal. Ti dinya, terus indit ka Kalér. Lebah Cihideung, kungsi ngajejentul lila naker. Nyawang pasir anu tingrunggunuk, mulan-malen nyaksrak leuweung di eta patempatan –wewengkon Cisompét nepi ka Pakénjéng. Sugan tepung jeung umatna anu birat, tapi lebeng. Pasukan Nagajayawarman ogé teu kapanggih saurang-urang acan. Terus ngalér deui, nepi ka Pasir Tujuhpuluh (Cikajang). Leuweung geledegan, batuna baradag sagedé pasir. Di dinya nyawang ngalér ngidul, kabeneran halimun keur nyingray. Bréh Laut Kidul, asa hayang balik deui ka Sancang. Laju, turun mapay-mapay Cikaéngan. Sakur pasir anu diperhatikeun ku Rakryan Sancang, biwirna ngucapkeun: Subhanalloh. Di Sancang ogé, suwung. Taya saurang ogé umatna, atawa musuh nu nyampak. Basisir anu upluk-aplak, pinuh ku kikisik anu tingborélak. Biwirna, deui-deui ngucapkeun: Subhanalloh, bari ngeclakkeun cimata. Di Sancang, asup ka hiji guha –ngadon tirakat. Meunang sababaraha minggu, jengkar ti guha terus indit ka Kalér –ka tempat panyawangan. Belecet deui ka Kulon, mapay-mapay pasir jeung leuweung. Lebah Gunung Kolot, ngarandeg heula. Sanggeus ngarandeg, ku sabab panasaran, Rakryan Sancang nuluykeun lalampahanana ngembat ngalér terus ngétan nuju ka Tarumanagara. Anjog di puseur dayeuh Tarumanagara, Rakryan Sancang ngelendep asup ka karaton –rék nyieun karaman di dinya. Tapi kaburu sadar, yén kitu peta téh teu matut jeung teu dipirido ku Hyang Tunggal tatwa panganjaliAlloh SWT. Atuh niat nyieun kakacowan téh, bolay.
Geus wareg aya di wilayah karajaan bapana, Rakryan Sancang balik deui ka Kidul. Mapay-mapay walungan Cimanuk, anjog deui ka Pasir Tujuhpuluh. Di Pasir Tujuhpuluh, Rakryan Sancang ngababakan nyieun padépokan nepi ka maotna. Méméh dipundut ku nu Maha Kawasa, nyieun lalayang wasiat. Ditulisna dina kulit uncal, meunang moro di éta pileuweungan. Eusina nyebutkeun ‘kakayaan urang Sunda nu ngahaja nyumput di pakidulan’ jeung wasiat pangwawadi, sakur ka anu bisa maca éta lalayang –anu ditulis ku aksara Arab, ‘kudu nyebarkeun agama Islam’. Éta wasiat bakal kabaca ku turunan Raja Sunda, kurang tujuh abad anu bakal datang. Jeung tujuh abad deui, pakaya Sunda baris kagali. Wallohu’alam…

Panutup
Ceuk urang Sancang jaman baheula: “Kami mah ngan kabagéan syahadatna wungkul, henteu kabagéan solatna”.

Syahadat Sancang
Asyahadu syahadat Sunda;
Jaman Allah ngan sorangan;
Kaduana Gusti Rasul;
Katilu Nabi Muhammad;
Kaopat umat Muhammad;
Nu cicing di bumi anggaricing;
Nu calik di alam keueung;
Ngacacang di alam mokaha;
Salamet umat Muhammad.
Satemenna mah, karajaan Islam anu munggaran téh ayana di wewengkon basisir Kidul Pulo Jawa –Tatar Sunda. Gunung Nagara, tapi éta téh mung ukur karajaan leutik anu kaéréh ku Tarumanagara. Karatonna nelah: Suramandiri. Tatar Sunda mangsa harita, disebut: Parahyangan.
Wallohu ‘alam…



***

Wayang 5



“Mun aturan kudu anak raja anu bisa tarung di pakalangan, muga kasakséni ku sakumna pangagung jeung rahayat Astina, Karna dina danget ieu diistrenan ku kuring jadi raja di Angga.”

Pitapak
Sanggeus ditilar ku Pandu Déwanata, karajaan Astina teu mibanda raja –sabab anu boga hak waris tahtana, nya éta: Yudistira, ngora kénéh can manjing jadi raja. Ku kituna, keur saheulaaneun anu dipercaya mangkukaprabon téh nya éta: Dréstaratya –lanceuk Pandu Déwanata. Sanajan warugana teu sampurna –lolong, kusabab taya deui getih Kuru, antukna parasesepuh Astina ngistrénan Dréstaratya jadi papayung nagri Astina. Dibenumna Dréstaratya jadi raja Astina, kalawan dibeungkeut ku ugeran: ‘éta tahta kudu dipasrahkeun ka turunan Pandu Déwanata, mun putra Pandu anu cikal geus manjing sawawa’.
Kacaturkeun, Pandawa jeung Kurawa geus manjing rumaja. Duryudana atawa Suyudana –putra Dréstaratya anu cikal, kacida pisan teu panujuna upama nagri Astina diheuyeuk ku Pandawa. Anu jadi cucuk rungga keur Kurawa téh nya éta: Bima –anu katotol bedas tanagana. Duryudana, salawasna ngintip-ngintip bongohna Bima jeung putra Pandu anu séjénna. Waktu Pandawa keur ngayakeun salametan di walungan Gangga, Duryudana nyieun réka pérdaya sangkan putra Pandu palastra. Duryudana diharéwosan ku Sangkuni –pamanna, sangkan ngaracun Bima. Bima teu ngarasa curiga, waktu datangna Kurawa kana acara salametan bari mawa kadaharan. Bima keuna pitapak Kurawa, ngadahar pasakan anu geus dipurulukan racun. Ku matihna racun, tepi ka Bima kapidara teu inget di bumi alam. Dina kaayaan teu walakaya, Duryudana maréntah ka adi-adina sangkan ngaborogod Bima sarta dikunclungkeun ka walungan Gangga. Awak Bima tikerelep kana dasar walungan, palid angkleung-angkleungan tepi ka tengah sagara.
Gancaning carita, waruga Bima anu dibakutet ku akar hoé, asup ka karaton karajaan naga di tengah sagara. Salasaurang patihna –anu ngaranna: Rajanaga, ngarasa kaganggu ku datangna Bima. Teu tata pasini, awak Bima langsung dipacok. Kersaning déwata, peurah oray téh jadi ubar. Racun anu aya dina awak Bima ngadadak leungit, sarta nambahan kana tanaga Bima. Areuy hoé anu ngabakutet Bima, ngadadak udar. Atuh puguh baé, Rajanaga ngarasa hookeun. Biasana anu dipacok ku dirina, tara lila sok palastra. Kari-kari anu dipacokna, jadi walagri. Bima anu kakara lugay, ku Rajanaga rék dipacok deui sarta rék dibeulit. Saterusna Bima jeung Rajanaga bitotama, Rajanaga kasoran ngabecir asup ka karaton mangadu ka rajana –anu ngaranna: Hyang Wasuki.
Basa Rajanaga mangadu ka Hyang Wasuki, Rajanaga ngarasa hémeng –duméh sang raja ngajawabna ngan ukur ku seuri. Komo basa Bima anjog ka karaton mah, Rajanaga leuwih hémeng –sabab rajana kalah ka ngarangkul Bima. Sanggeus ngadéngé paguneman rajana jeung Bima, Rajanaga kakara apal, horéng anu dipacok ku dirina téh lain satria manéa, tapi: ‘titisan déwa’. Bima ku Hyang Wasuki dibéré cai kahuripan, anu maunatna: sanggeus nginum éta cai, baris jadi satria anu sakti mandraguna. Salian ti dibéré nginum cai kahuripan, Bima salila dalapan poé diatik élmu kanuragan. Sanggeus dianggap lébér élmu kanuragan, Bima dijurung mulang ka nagara Astina.

Élmu Sajatining Hurip
Lalakon diracun ku Kurawa jeung lalampahan di tengah sagara, ku Bima dicaritakeun ka Bisma katut ka Widura –sesepuh Astina. Kitu deui, dicaritakeun ka dulur-dulurna. Laku lampah Kurawa cara kitu, ku Yudistira jeung sesepuh Astina, disidem –teu ditepikeun ka Dréstaratya. Ningali Pandawa teu témbong deuk males pati, Duryudana ngarasa boga tanaga deui pikeun nyieun pitapak anu séjénna. Bisma –anu seukeut panénjo batinna, ngarasa hariwang upama Pandawa kajiret deui ku pitapak Kurawa. Salasahiji caru anu baris nyalametkeun Pandawa, nya éta: ngiangkeun paraputra Pandu ka padépokan anu rada anggang ti karaton. Pandawa dijurung sina nimba élmu kasampurnaan hirup, ka Krépa jeung Krépi di éta padépokan. Sagala élmu anu dipibanda ku Krépa jeung Krépi, diketrukeun ka paraputra Pandu. Sanggeus dianggap ngawasa ‘élmu sajatining hurip’, paraputra Pandu dibéré pancén pikeun guguru ka hiji pandita ahli stratégi perang –ngarah jadi satria anu utama.
Sajeroning Pandawa guguru ka Krépa jeung Krépi, Kurawa ogé –kalawan rerencepan maguron ka éta dua bagawan dina waktu anu béda. Pandawa jeung Kurawa, hatam guguru kasantikaanna. Pikeun ngundakeun élmu kasantikaan, sesepuh Astina ngondang Dorna –taya lian ti adi beuteungna Krépa, salakina Krépi. Dorna téh sabenerna, guru anu disodorkeun ku Pandawa jeung Kurawa pikeun ngatik maranéhna. Sabab saméméhna, Pandawa jeung Kurawa kataji ku pangabisana Dorna waktu nyokot bal dina jero sumur. Harita, paraputra Pandu jeung paraputra Dréstaratya keur ulin ‘Jor’ –kaulinan kawas kasti anu balna dijieun tina lawon. Arulinna ngadadak eureun, alatan balna asup ka jero sumur. Taya saurang ogé anu bisa nyokot bal ti jero sumur, ngan ukur raronghok dina beungeut sumur. Kabeneran, Dorna keur nengetan kaayaan nagara Astina –bari lalajo anu keur ulin Jor. Teu talangké, Dorna nyabut jukut eurih. Éta jukut dipentangkeun kana bal, teu lila, bal geus aya dina leungeun Dorna. Pandawa jeung Kurawa, ngembang kadu. Olohok jeung hookeun ku kasaktén Dorna, sarta samulangna ka karaton dicaritakeun ka Bisma. Sanajan acan kungsi tepung jeung Dorna, Bisma geus apal kana élmu anu dipibanda ku éta putra Resi Baradwaja téh. Patali jeung éta, Dorna payus tur pantes deuih mun dibéré kalungguhan jadi mahaguru di nagri Astina.
Dorna teu ujug-ujug kitu baé, narima pancén ti Bisma. Dirina nyodorkeun tanjakan, minangka sarat anu kudu ditedunan ku satria Astina. Anapon saratna, nya éta: ‘teu meunang mungpang mun dina hiji waktu dibutuhkeun tanagana ku Dorna’. Ahirna Bisma nalék ka Pandawa jeung Kurawa, pikeun ngajawab anu disodorkeun ku Dorna. Kabéh nyaranggupan kana paménta Dorna, pangpangna mah: Arjuna.

Mahaguru
Resi Dorna ngarasa bungah waktu dibéré pancén pikeun ngatik parasatria Astina, komo basa Pandawa jeung Kurawa kedal ucap baris béla pati ka dirina. Cara ngatikna, diluyukeun reujeung watek katut kamampuh anu dipibanda ku parasatria. Ku cara kitu, unggal satria ngabogaan kapunjulan séwang-séwangan. Bima, mahér ngulinkeun gada. Nakula jeung Sadéwa, tapis metakeun pedang. Yudistira, nyongcolang sarta parigel perang dina luhur karéta. Arjuna, pangnyongcolangna dina bab manah.
Keur ngukur kamampuh parasatria, Dorna ngagelar ujian kaparigelan –kalayan disakséni ku pangagung katut sesepuh Astina. Anu pangheulana mintonkeun, nya éta: Bima jeung Duryudana. Sanajan ukur tatarungan, dina émprona mah, siligitik jeung neunggeul ku gadana téh maké tanaga satakerna. Anu nyakséni tatarungan jantungna seseblakan, inggis aya nu tatu parna. Saméméh aya nu jadi korban, Resi Dorna geuwat misah sarta ngeureunkeun anu tatarungan. Giliran kadua, mintonkeun kaparigelan manah. Arjuna tapis manah manuk anu dikencarkeun tina kurungan. Ningali kaparigelan kitu, Karna kalentab haténa. Terus ngagajleng asup ka pakalangan, mesat jamparing nurutan Arjuna bari manah manuk anu dikencarkeun. Hasilna, gedeg. Pada-pada jago. Teu sugema cara kitu, Karna nangtang tarung ka Arjuna. Ningali peta Karna anu teu luyu jeung papagon satria, Krépa asup ka pakalangan, ngahulag Karna sangkan ka luar ti pakalangan –sabab lain putra raja. Nempo kajadian kitu, Duryudana –putra cikal raja Astina, asup ka pakalangan deui, bari ngagorowok: “mun aturan kudu anak raja anu bisa tarung di pakalangan, muga kasakséni ku sakumna pangagung jeung rahayat Astina, Karna dina danget ieu diistrenan ku kuring jadi raja di Angga !”. Karna ngarasa bungah sarta kajait wiwirangna, dina haténa jangji yén dirina baris bébéla ka Duryudana katut Kurawa. Bima ngagedig muru ka anu keur pabéntar paham, kalayan nyebutkeun teu merenah anak kusir ancrub kana pakalangan. Dina kaayaan keur harénghéng, ujug-ujug aya anu asup ka pakalangan. Éta aki-aki téh taya lian ti Adirata –kusir karéta karajaan, bapa kukutna Karna. Adirata ngagabrug Karna, nangkeup satria ti nagri Angga. Meper napsu anak kukutna, sangkan kaluar ti pakalangan. Kawas munding anu diténdok, Karna ngejat ti pakalangan.




***