Senin, 08 Desember 2014

Wawacan



Wawacan, asal kecapna tina waca, hartina: maca. Niténan kana asal kecapna, bisa dicindekkeun yén wawacan téh gelarna tangtu sanggeus masarakat Sunda barisaeun maca.

Wawacan nya éta karangan panjang dina wangun ugeran, anu kauger ku patokan pupuh guru wilangan jeung guru lagu. Ku lantaran kitu, dina macakeunnana ogé kudu ditembangkeun saperti urang nembangkeun pupuh. Hiji wawacan anu ditembangkeun, disebutna: beluk.
Eusi wawacan mangrupa hiji carita anu panjang, jalan caritana loba bagian-bagiannana. Kitu deui palaku jeung tempat ngalalakonna loba pisan. Aya eusi anu nyaritakeun carita Nabi –Wawacan Nabi Paras, Wawacan Mi'raj Kangjeng Nabi Muhammad SAW, Wawacan Sajarah Ambiya, Wawacan Layang Syékh jeung sajabana, aya eusina babad –Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Timbanganten, Babad Dogdog, jeung sajabana, nepikeun wawacan anu eusina ngeunaan tatanén jeung ubar ogé aya –sabab leuwih bisa dibaca ku masarakat ti batan ditulis dina wangun prosa lancaran. Tapi umumna, dina carita wawacan téh sok loba hal-hal anu pamohalan mustahil, mirip saperti dongéng. Umpamana baé, palakuna sarakti, osok aya palaku jin, siluman, buta, déwa jeung sajabana. Malah unsur-unsur carita nu aya dina wawacan ogé sarua jeung nu aya dina dongéng, saperti: téma; galur; palaku; latar; jeung amanat.
Wawacan téh kauger ku patokan pupuh. Sedengkeun, pupuh téh asalna tina kasusastraan Jawapangpangna mah: Mataram anu asup kana sastra Sunda kira-kira dina abad ka-17. Nyebarna wawacan di urang téh, utamana ngaliwatan para ménak jeung kaom ulama di lingkungan pasantrén. Kulantaran kitu, loba di antarana, wawacan anu ditulisna dina basa Arab, sarta teu saeutik wawacan anu mangrupa rékaan karangan tina carita-carita taréh Islam.
Salian ti wawacan Purnama Alam anu geus kawentar, aya deui wawacan lain anu teu bireuk deui ku urang Sunda mah, nyaéta: wawacan Rengganis karangan H. Abdussalam, salinan tina sastra Jawa, jeung wawacan Panji Wulung. Wawacan séjénna anu geus gumelar dina sastra Sunda di antarana:
1.    Wawacan Kidung Sunda, Lénggang Kencana, karangan Tubagus Djayadilaga;
2.    Wawacan Batara Rama, karangan R.A.A. Martanagara, salinan tina sastra India;
3.    Wawacan Ogin, Rangga Wulung, Surianingrat, Amir Hamzah, Nabi Yusuf (anonim);
4.    Wawacan Lutung Kasarung, Nyai Sumur Bandung, karangan Engawidjaja, salinan tina carita pantun, jst.
Bacaan di handap ieu, mangrupa sempalan potongan tina wawacan Purnama Alam karangan R. Suriadireja anu kacida panjangna.

PURNAMA ALAM
(Asmarandana)
Karya: R. Suriadireja
………………………….
Dangding Sunda sakajudi, titisan ti pupuhunan, beubeunangan soson-soson, kekel kana tatarosan, ti bangsa nu budiman, prabujangga juru lagu, nu paham kadongkarian.
Ari ieu nu digurit, lampah ménak jaman kuna, masih kaom buhun kénéh, wantu alam kadéwaan, sumembah ka sangiang, munjungna ka sang rumuhun, nyambat ka para batara.
Beunang nungtik ti leuleutik, nyutat nyatet ti bubudak, tataros ti kolot kahot, juru dongéng alam kuna, ayeuna ditukilna, disusurup kana lagu, ditulad dijieun babad.
Manawi baé ngajadi, ku sadaya dimaranah, didamel conto lalakon, kana geusan kamulusan,  jalan kasalametan, satungtung nyandangan hirup, rumingkang di pawenangan.
Di dieu babad teu sepi, anu murka anu satia, kabéh watekna katangén, sarta leuwih-leuwih nista, ngeunahna tugenahna, ganjaran nu mulus laku, naraka ku lampah murka.
Wiwitan anu digurit, aya sahiji nagara, gedé sarta leuwih ramé, ngaran nagara Riskomar, dina  jaman harita, kamashur ku tina unggul, ti saban nagara lian.
Kereta sartana mukti, henteu aya kakurangan, sumembor ka nagri séjén, tina kamulyaanana, sagala hahasilan, samalah enggeus kasebut, huluwotan dayeuh lian.
Ari anu jadi narpati, ratu di nagri Riskomar, Sri Maha Déwa Pramayon, kongas adil  palamarta, pinter sugih tur gagah, loba ratu anu taluk, jadi bawah paréntahna.
Kagungan putra sahiji, Sang Ratu ti praméswari, pameget kalangkung kasép, dina jaman harita mah, kongas ka sabuana, kakasihna nu kamashur, Pangéran Purnama Alam.
Istu kasép katambah lantip, netepan kasatriaan, taya bubudéning goréng, wantu bener kusumahna, nyekel karaspatian, lungguh pancuh wuwuh ampuh, nyegah sakur lampah salah.  
Ngan aya ku saperkawis, pasangaran salirana, nu narik kana cocogéh, lantaran leuwih kasépna, loba nu kaédanan, asal kapincut kairut, istri-istri sadayana.  
Najan nu boga salaki, ngadadak ménta ditalak, hayang ka Pangéran Anom, tapi arambon sorangan, taya du dilawanan, kantun ngaberung napsu, murudul abrul-abrulan.
Tatapi Sang Putra tigin, henteu bingbang teu kagémbang, ku istri anu tarémbong, nutup anjeun di kaputran, lenggah di pagulingan, buku anu digugulung, nalék sakur kitab-kitab.
Sabab anu dipigalih, gampang lampah kalacuran, hésé mun ngalap pangartos, bagbagan kasasmitaan, margi langkung kekelna, nyurupkeun ka jero kalbu, nyangsangkeun kana  pangrasa.

RATNA SUMINAR NEPANGAN DÉWI PRAMANIK
(Kinanti)
.............................
Ratna Suminar kacatur, sareng Patih Mandrawati, ngalayang di awang-awang, ngarandeg dina wiati, marga aya nu katingal, ku Sang Ajeng Ratna Putri.
Lapat-lapat puncak gunung, sidik aya taman sari, jeung gumebyar cahayana, tingburinyay tingkaretip, tur aya bandéra bodas, di tengah banjaransari
Ratna Suminar seug nyaur, ka Nyi Patih Mandrawati, Bibi tempat naon éta, mana leuwih teuing rasmi, kaya karang kalangenan, tempat pelesir narpati.
Mandrawati seug ngawangsul, bilih teu acan tingali, enya éta nu kasebat, patapan Déwi Pramanik, masjid Binarum Kania, nu cahyana tingkaretip.
Gamparan sumangga atuh, di dieu tong lami-lami, énggal ngabujeng ka dinya, Ratna Suminar ngalahir, ah kula mah moal waka, turun norojol teu pamit.
Kula di dieu rék tunggu, Bibi anu kudu gasik, ngadeuheus unjuk uninga, ka kersa Déwi Pramanik, unjukan aya kaula, jin ti nagri Puserbumi.
Badé hatur sembah sujud, ka kersa pangkonan Déwi, pék ayeuna geuwat-geuwat, Mandrawati hanteu lami, saenggeus nampa timbalan, terus turun ti Wiati.
Ngajugjug ka lawang kidul, Nyai Patih Mandrawati, tapi henteu asup kebat, dina lawang baé cicing, deku tedak kahormatan, jeung déhém malar ka kuping.
Gancangna anu kacatur, harita Déwi Pramanik, di belah kalér lenggahna, ngadéngé nu déhém tarik, sada-sada batuk kuda, teu lami Déwi Pramanik.
Seug angkat ka lawang kidul, barang ditingali sidik, buta Mandrawati téa, nu basa neda lalandih, imut Pramanik ngandika, éh haturan bibi patih.
Kumaha ngaran téh nimu, coba putra neda warti, Mandrawati wawangsulan, aya hibaring Sang Déwi, kénging miwah salametna, nu mawi dumeuheus deui.
Nyaéta badé miunjuk, wiréhing parantos kénging, anu kacatet Nurjaman, tina lambey Sang Putri Jin, keur matamon di Riskomar, Putri Ratu Puserbumi.
Malah ayeuna di luhur, sasarengan sareng Bibi, wiréhing aya kersana, badé nepangan Sang Déwi, lenggahna di jumantara, margi ngantosan paidin.
Sang Déwi Pramanik nyaur, coba atuh sina linggih, ku putra téh diantosan, Mandrawati henteu lami, belesat ka Jumantara, ngemban dawuhan Sang Dewi.
Ari Sang Pramanik terus, lebet ka jero masigit, tina badé katamuan, neda sih Gusti Yang Widi, tina sagala teu aya, baris ngahormat nu sumping.
Teu lami putri ngadangu, soara tan katingali, montong jadi kasusahan, baris ngahormat Putri Jin, duméh sagala teu aya, ayeuna ku Nyai gasik.
Éta jimat Putra Sunu, Nursajati baé perih, kebutkeun bari péntaan, naon sakahayang Nyai, nu pantes pikeun ngahormat, tangtu baé bisa jadi.
Déwi Pramanik ngadangu, piwurukna sora tadi, Nursajati seug diudar, dikebutkeun diperedih, bari disebat ngaranna, aéh jimat Nursajati.
Coba kami ménta tulung, réh rék nampi tamu putri, sémah ti dasaring lemah, ménta suguh sing utami, ulah aya kakurangan, tuangeun jeung prabot calik.
Kulambu jeung tempat tidur, eukeur kulemna Sang Putri, sing cukup kuma biasa, pangangken ka tamu istri, harita dadak sakala, keur pangangken geus sayagi.
Nyi Mandrawati kacatur, geus tepang jeung Ratu Putri, dina kalang méga bodas, Ratna Suminar teu lami, ka patih buta mariksa, coba kula ménta warti.
Kumaha geus aya saur, éta Sang Déwi Pramanik, Mandrawati ngawangsulan, ka Sang Ratna Ayu Putri, gamparan sumangga lenggah, saurna Déwi Pramanik.
Ratna Suminar kalangkung, ngaraos bingah nya galih, henteu aya papadana, dumugi raosing Putri, ngalantung di pawenangan, ngalinjing di alam lahir.
Nembé mendak bingah kitu, lir catur nimat sawargi, ku asal nampi panyambat, angkiran Déwi Pramanik, bawaning ku lintang bingah, teu kendat gumuyu manis.


***

Minggu, 23 November 2014

Kawin Cai di Situgede Garut



Kawin Cai téh simbul, ngelingan sangkan urang Sunda nolih deui kana budayana anu ngamumulé sumber cai. Cai téh mangrupa pangabutuh utama manusa anu kawilang penting. Urang Sunda teu bisa dipisahkeun jeung cai. Ngaran-ngaran wewengkon atanapi patempatan di Tatar Sunda ogé loba anu ngandung harti: Cai.
Nyaneut di Palabuhan Bulan, Situgede Garut.

Ritual Kawin Cai
Poé Rebo ping 29 Oktober 2014, tabuh salapan isuk-isuk, geus cunduk rombongan gegedén pamaréntah kabupaten Garut ka lapangan Situgedé di Lembur Situgedé; Desa Situgedé; Kecamatan Cigedug; Kabupaten Garut; Provinsi Jawa Barat. Tamu agung dipapag ku upacara adat, dibagéakeun ku cara dikalungan kembang. Geus kitu, diiring ku tari-tarian tradisional. Rombongan pajabat téh dianteurkeun sina asup ka ténda kahormatan anu geus disadiakeun. Prosési mapag gegedén lilana kurang leuwih saparapat jam, dipirig ku gamelan Sunda.
Nyandak Lodong
Ritual Kawin Cai anu dingaranan: “Féstival Seni, Garoet Mooi, Nyaneut di Palabuhan Bulan” diiluan ku salapan Kampung Adat jeung Komunitas Adat –Komdat anu aya di Kabupaten Garut. Cai anu dikawinkeunana –dihijikeun, ti salapan cinyusu anu aya di Komdat Garut, saperti: Kampung Pulo –Cangkuang Lélés; Kampung Dukuh –Cikelét; Kampung Cigedug –Cigedug; Kampung Dangiang –Banjarwangi; Kampung Godog –Karangpawitan; Kampung Cinunuk –Wanaraja; Kampung Ciéla –Bayongbong; Kampung Ciburuy –Bayongbong; jeung Kampung Cipancar –Balubur Limbangan.
Kasenian Tutunggalan ti Komdat Dangiang, Banjarwangi.
Féstival dibuka ku kasenian Tutunggulan ti Désa Dangiang, Kecamatan Banjarwangi. Sanggeus réngsé upacara adat Mapag Tamu, dituluykeun ku Rajah Siliwangi –lilana saparapat jam. Saréngséna paratamu; inohong; jeung pajabat disina unggah kapanggung, dilajengkeun kana biantara-biantara sérémonial.
Bérés acara biantara, laju hélaran anu diiluan ku salapan Komdat. Salah saurang warga Komdat anu milu hélaran, mawa lodong anu geus dieusian ku cai kahuripan –meunang ngala ti cinyusu anu aya di lemburna séwang-séwangan. Kira-kira tabuh satengah dua welas beurang, karék dilaksanakeun “Kawin Cai”.
Ngawinkeun - Ngahijikeun Cai
Bari dipirig ku tembang Sunda “Cianjuran”, cai tina lodong téh dihijikeun dina gentong gedé –bari saméméhna diparancahan heula. Cai anu tas “dikawinkeun” téh saterusna dibawa deui, pikeun diawurkeun di masing-masing Komdat.
Bérés cai dikawinkeun, sabada kaselang ku Solat Lohor, dipagelarkeun kasenian tradisional ti Komdat. Karinding Celempungan –ti Komdat Ciburuy; Terebangan Salawatan –ti Komdat Cigedug, Komdat Cipancar, jeung Komdat Cinunuk; Terebangan Beluk –ti Komdat Kampung Pulo; Terebangan Cikahuripan –ti Komdat Ciéla jeung Komdat Kampung Dukuh; Rudat –ti Komdat Godog jeung Komdat Kampung Pulo. Barudak leutik, mariluan lomba permainan tradisional jeung lomba ngawarnaan gambar.
Soréna, bada Asar, lumangsung aprésiasi seni jeung sastra Sunda. Komdat Cigedug –minangka pribumi, mintonkeun rupa-rupa kasenian, kaya-kayaning: réog; dogdog; dugkol –bedug kohkol; penca; jeung ibing jaipongan.
Peutingna, sabada Magrib, dituluykeun ku pawéy obor –kurang leuwih genep ratusan obor lobana. Ruteu pawéy oborna, ti Lapang Situgedé tepi ka Areng Parungkuda Kecamatan Cikajang –kurang leuwih sakilometer ti Situgedé. Balikna deui ka Situgedé, anu tas milu pawéy obor, dibagéakeun ku diseungeutna pepetasan; kembang api; jeung rupa-rupa tatabeuhan.
Warga Komdat ngagotong jampana

Nyaneut di Palabuhan Bulan
Ti tabuh salapan peuting, acara dituluykeun ku “Nyaneut” bari nyaksian pintonan wayang golék nepi ka tabuh sapuluh peuting. Nyaneut téh mangrupa istilah masarakat Sunda bihari upama keur reureuh ti beurang saentasna digawé ti isuk-isuk, nginum entéh anu “haneut” bari barangdahar. Dina “nyaneut” biasana tara dahar sangu, tapi dahar lalawuh anu henteu matak wareg, saperti: buras; urab jagong; urab sampeu; seupan sampeu; kulub suuk; kulub hui boléd; anu amis-amis; jeung sajabana, ngan saukur “ngahaneutan” padaharan/beuteung wungkul. Hususna warga di handapeun suku Gunung Cikuray Garut, miboga kabiasaan nginum entéh dina waktu peuting –pikeun ngahaneutan awakna tina tiris.
Dina tradisi nyaneut, cai dipasak dina luhur anglo –tungku taneuh liat anu bahan bakarna mangrupa areng. Cai panas tuluy dieusikeun kana jero poci –anu dijieun tina taneuh liat ogé. Dina nyaneut biasana maké entéh asli ti Garut, nya éta: entéh “Kejek”. Ieu entéh, asalna ti Cigedug Garut –geus ti bihari kénéh entéh Kejek téh kasohor. Ngaranna ogé entéh Kejek, nya dijieuna pasti di Kejek –dijejek/ditincakan ngarah leungit geutah dina daun entéhna. Sanggeus kitu, tuluy di sangray jeung di poé.
Di Situgedé aya dua sumur anu ‘dikaramatkeun”, anu dingaranan: Labuhan Bulan –Palabuhan Bulan. Anu ngageugeuhna –ceuk sakaol, belut putih –belut bodas. Masing halodo entak-entakan ogé, caina tara saat. Kitu sababna, acara téh dingaranan: Nyaneut di Palabuhan Bulan.


***

Sabtu, 22 November 2014

Diaku Oge



Ngaran Linggajati nepi ka kiwari, masih jadi padungdengan. Lantaran, aya ogé anu nyebut: Linggarjati. Malahan, masarakat umum mah leuwih kénéh mikawanoh ngaran Linggarjati batan Linggajati. Tapi upama nyokot kana naskah perjanjian resmina, ditulisna téh: Linggajati. Kitu deui ngaran désa anu dijadikeun tempat perundingannana, nya éta: Désa Linggajati.
Gedong Museum Perundingan Linggajati, Kuningan - Jawa Barat.

Nagara Féderal
Gumelarna Negara Kesatuan Républik Indonésia anu diproklamasikeun dina kaping 17 Agustus 1945, geus ngondang réaksi ti Walanda anu masih kénéh hayang ngawasa Nusantara. Dina bulan Séptémber 1945, pasukan Walanda badarat di Pulo Jawa marengan tentara sekutu –tentara Inggris pingpinan Létjén Christison. Pasukan Walanda anu ngadompléng tentara sekutu téh, nya éta: Nederland Indishe Civiel Administratie –NICA anu dipingpin ku Ch. O. van der Plas. Inyana ngawakilan Dr. HJ. Van Mook –Wakil Gubernur Jénderal Hindia Belanda.
Datangna NICA, ngalantarankeun bangsa urang jadi leuwih harénghéng –komo sanggeus katohyan mah yén pihak Inggris kadon meleg-meleg ngabantuan Walanda anu rék ngajajah deui Nusantara. Nya ahirna mah ping 10 Pébruari 1946, diayakeun riungan antara Indonésia jeung Walanda kalayan anu jadi juru panengahna: Sir Archibald Clark Kerr ti Inggris –satuluyna mah diganti ku Lord Killearn. Dina ieu riungan, van Mook nepikeun “pernyataan politik” anu patukang tonggong jeung ma’na Proklamasi Kemerdékaan RI 17 Agustus 1945. Hal ieu diprotés ku pihak Indonesia, ngaliwatan pernyataan balesan. Saéstuna mah, van Mook téh geus asak ngararancang pikeun nyieun nagara bonéka –nagara féderal anu dikadalikeun ku Walanda. Keur ngamuluskeun jalanna, pihak Walanda geus ngayakeun riungan jeung parapejabat pamaréntah di daérah-daérah anu dikawasa ku Walanda. Kitu deui jeung pihak Republik Indonesia, geus sababaraha kali lumangsung gempungan di Jakarta. Samalah gempungan di Hooge Veluwe –nagri Walanda ogé dilakonan pikeun meruhkeun RI, tapi perundingan ieu ogé teu mawa hasil –sabab paménta Indonésia supaya Walanda ngaku heula nagara RI, teu dicumponan.
Tarékah Inggris pikeun nepungkeun deui Indonesia jeung Walanda, terus dilakonan. Ping 7 Oktober 1946, Lord Killearn –anu ngaganti Sir Archibal Clark Kerr, hasil nepungkeun deui Indonesia jeung Walanda. Gempungan lumangsung di imah anu dicicingan ku Konsul Jénderal Inggris di Jakarta, bari diluuhan ku wawakil masing-masing nagara. Pasualan anu dibahas, ngeunaan: gencatan senjata –14 Oktober 1946; jeung nasib ka hareupna nagara Indonésia.
Delegasi Walanda –commisie general, husus datang ti nagri Walanda: Prof. Dr. Schermerhorn (Ketua); Dr. HJ. van Mook; Mr. van Pool; F. de Boor; Mr. Maasen; jeung Dr. Samkalden. Sedengkeun delegasi Indonesia: PM. Sutan Syahrir (Ketua); Mr. Ali Budiharjo (Sékjén); Mr. Moh. Roem; Mr. Soesanto Tirtoprodjo; Dr. AK. Gani; Dr. Leimena; Dr. Soedarsono; Mr. Amir Syarifudin; jeung Mr. Pringgodigdo. Lord Killearn, jadi médiator perundingan. Hasil perundingan, diantarana: gencatan senjata antara dua pihak; sarta perundingan baris dituluykeun di Linggajati dina ping 10 – 15 Novémbér 1946. Linggajati dipilih pikeun tempat babadamian, sabab ti mimiti 4 Januari 1946, ibukota RI geus pindah ka Yogyakarta. Linggajati dianggap “di tengah-tengah” antara  Jakarta jeung Yogyakarta.
Gedong Perundingan Linggajati, Kuningan - Jawa Barat.

Perundingan Linggajati
Linggajati téh ngaran hiji désa anu aya di wewengkon Kecamatan Cilimus, Kabupatén Kuningan. Perenahna di tutugan Gunung Ceremé, 400 meter tina beungeut laut. Ti Cirebon, anggangna kurang leuwih: 20 kilometer.
Pikeun kapentingan babadamian, di Désa Linggajati geus disadiakeun tilu imah bogana Kwee –padagang asal ti Tiongkok. Kaping 10 Novémbér 1946, delegasi Indonesia jeung juru panengah –Lord Killern geus aya di Kuningan. Delegasi Walanda ping 11 Novémbér 1946 geus datang ka perairan Cirebon, numpak Catalina –kapal perang amfibi. Anu satuluyna pindah kana Banckert –kapal perang torpedo anu saméméhna geus ngajugrug di laut deukeut Cirebon. Banckert ngahaja disadiakeun, pikeun tempat panginepan delegasi Walanda.
Kaping 11 Novémbér 1946, di Cirebon diayakeun riungan antara Ir. Soekarno jeung Prof. Dr. Schermerhorn. Pikeun ngajemput delegasi Walanda, pamaréntah RI ngirimkeun hiji kapal laut ALRI Gajah Mada, tapi komandan kapal perang Banckert nolak sapajodogan. Sabada diayakeun gempungan, tungtungna mah disaluyuan, yén delegasi Walanda rék diangkut maké parahu patroli tina kapal Banckert bari dikawal ku parahu patroli ALRI nepi ka anjog ka basisir Cirebon.
Delegasi Walanda telat anjogna di Linggajati téh, tabuh 11.00. Gempungan poé munggaran ogé, ngan saukur lumangsung tilu jam satengah –lantaran delegasi Walanda kudu geuwat balik deui ka kapal Banckert tabuh 16.30. Anu teu ngilu balik téh, ngan ukur Schermerhorn –anu ngilu meuting di Linggajati pikeun nyumponan ondangan jamuan makan malam ti Présiden Soekarno. Pikeun ngareuah-reuah jamuan, dipintonkeun angklung garapan Daéng Sutigna di Pendopo Kabupatén Kuningan.
Babadamian di Linggajati –anu réngsé ping 15 Novémbér 1946, hasil nyusun rumusan rancangan “naskah persetujuan” anu sipatna saheulaananeun. Di imah anu dicicingan ku Sutan Syahrir, naskah persetujuan, diparap ku dua pihakanana pikeun meunang kasaluyuan ti pamaréntah masing-masing. Sutan Syahrir ngawakilan Indonesia, jeung Schermerhorn ngawakilan Walanda.
PM Sutan Syahrir jeung Prof.Dr. Schermerhorn, nandatangan.
Eusi poko Perundingan Linggajati, diantarana: Walanda ngaku kakawasaan RI sacara defacto anu ngawengku: Pulo Jawa; Pulo Madura; jeung Pulo Sumatera, satuluyna rék dibentuk nagara Républik Indonesia Serikat –RIS, jeung rék dibentuk UNI Indonesia-Belanda anu netepkeun Ratu Walanda jadi Kepala UNI. Kaping 25 Maret 1947, Perundingan Linggajati ditandatangan di Jakarta. Anu nandatangana: Sutan Syahrir –ngawakilan pamaréntah Indonésia; jeung Schermerhorn –ngawakilan pamaréntah Walanda.
Kasapukan antawis Schermerhorn (Walanda) jeung Sutan Syahrir (Indonesia), disaksian ku Lord Killearn (Inggris).
Masing kumaha ogé, Perundingan Linggajati téh saéstuna mah mangrupa awal “pangakuan” Walanda kana “kamerdékaan” Républik Indonesia –najan sacara defacto ukur ngaku Jawa; Madura; jeung Sumatera. Kukituna, Perundingan Linggajati, jadi modal dina perjoangan diplomasi Indonésia saterasna dina nyanghareupan Walanda.
Eusi Poko Perundingan Linggajati



***