Minggu, 05 Juli 2015

Ciri Sabumi Cara Sadesa



Tanah, mangrupa masalah poko dina kahirupan désa. Paéh-hirupna masarakat désa, gumantung kana tanah. Keur mangsa lumangsungna ngahuma mah, di masarakat Sunda, taya istilah “hak milik” pribadi kana tanah. Tanah téh, geus dianggap milik saréréa. Ayana kakawasaan ngamilik tanah ku sawatara jalma, dibalukarkeun ku masih kénéh kuatna “méntal ngahuma” di kalangan urang Sunda. Ahirna, tanah ku anu barogana sok dijual atawa digadékeun. Ieu téh lantaran anu geus bariasa ngahuma mah, taya tradisi pikeun nga-hak-milik tanah.
Desa Cipari, Wanaraja - Garut.

Desa  
Asal-muasalna mah, sistim tatanén dina masarakat Sunda téh nya éta: sistim ngahuma. Ari sistim nyawah, dipikawanoh sacara enya-enya mah kira-kira pertengahan abad ka-19. Bédana éta dua sistim tatanén téh, mangaruhan “corak kahirupan” –béh dituna, kana corak kabudayaan masarakatna. Sistim ngahuma –anu pipindahan, mawa balukar kana kahirupan anu “henteu tetep renggenek” –sedengkeun sisstim nyawah mah, kana kahirupan masarakatna “henteu incah balilahan”. Kahirupan ngahuma, bisa dititénan dina kahirupan masarakat Kanékés –Baduy, di wewengkon Banten Kidul anu dianggap minangka warisan masarakat Sunda buhun.
Di masarakat Sunda, ngawujudna désa téh dumasar kana kasaluyuan adat –nu sok disebut: désa adat. Hal ieu, kagambar dina babasan: “ciri sabumi, cara sadésa” –nu ngandung harti: unggal désa téh mangrupa lembaga otonom, anu ngatur sorangan tur nyumponan pangabutuh sorangan. Désa téh mangrupa beungkeutan pamaréntahan; sosial; hukum; jeung ékonomi. Cindekna mah: mangrupa “beungkeutan kabudayaan”.
Ditilik tina hambalan bagian kolompok masarakat, ngawujudna désa téh aya sababaraha prosés pembentukan, nya éta: Somahan –kulawarga nu nyicingan hiji imah kalawan dikuriling ku: buruan, pager, leuit, balong, jeung sajabana; Umbulan –kumpulan hiji imah nepi ka tilu imah; Babakan –kumpulan opat nepi ka sapuluh imah; Lembur/Kampung –kumpulan puluhan imah; sarta Désa –nu mangrupa kumpulan tina sababaraha Lembur/Kampung.
Keur mangsa lumangsungna ngahuma mah, di masarakat Sunda, taya istilah “hak milik” pribadi kana tanah. Tanah téh, dianggap milik saréréa. Unggal kulawarga, ngabogaan hak pikeun ngokolakeun tanah –luyu jeung kamampuhna séwang-séwangan. Mun geus teu digarap deui, kulawarga séjén meunang ngagarap. Ditilik tina kagunaanana, tanah di lingkungan désa téh bisa dipasing-pasing deui jadi: huma; sawah; kebon; pakarangan; jeung balong atawa émpang.
Status hak milik pribadi tanah di Jawa Kulon, mimiti lumaku sanggeus dikaluarkeunana Agrarischewet 1870 –Undang-Undang Agraria, taun 1870. Pelaksanaan éta undang-undang téh, béda-béda –hal ieu, mawa pangaruh ogé kana kahirupan masarakatna. Saperti di Cirebon, aya tanah kasikepan, nya éta tanah milik balaréa anu kawilang lega tur dipasrahkeun ka masarakat luyu jeung sistim hak maké sarta sabagian deui keur ngagajih pamong désa –béngkok. Di wilayah Priangan mah, tanah anu saperti kitu téh geus ngurangan pisan. Sedengkeun di wilayah Banten mah, masih kénéh aya tanah anu “status” na huma –nu katelah: huma geblogan. Kiwari, tanah-tanah hak milik balaréa di désa-désa téh, geus euweuh dikieuna –diganti ku hak milik pribadi.
Minangka lembaga nu ngatur sorangan, désa téh ngabogaan aparat pamaréntahan anu maneuh –nu katelah: pamong désa; parabot désa; atawa pangkat désa. Dina susunanana, pamong désa téh diwangun ku: Kapala Désa –kuwu, lurah, jaro, anu dipilih ku ra’yat; sababaraha urang Kapala Kampung –tua kampung, kokolot, punduh; saurang atawa sababaraha urang Juru Tulis –carik anu purah ngurus administrasi désa; saurang Ulu-ulu –raksabumi anu purah ngurus cai; saurang Kulisi Désa –jagakersa/pancalong anu purah ngurus kaamanan; Amil –lebé/ketib anu purah ngurus sual kaagamaan; jeung Pangiwa –kabayan/jugul anu purah nepikeun surat, béwara, atawa paréntah.
Urang Sunda boga anggapan, yén désa téh mangrupa “hiji kulawarga” sarta Kapala Désana mangrupa “kolot” na –sakumaha kagambar dina babasan yén Kapala Désa téh kudu jadi “indung lembur, bapa désa”. Kapala Desa, nyekel kakawasaan dina pamarentahan jeung kahirupan sapopoe. Kitu deui, nalingakeun kaayaan kahirupan masarakat désa; ngaréngsékeun pacéngkadan di masarakat; sarta ngalaksanakeun kawajiban pikeun mayungan jeung mertahankeun adat istiadat katut lembaga adat nu lumaku di wilayah kakawasaanna.
Dina waktu-waktu anu geus tangtu –paling henteu sataun sakali, sok diayakeun musawarah désa –mangrupa wadah dimusawarahkeunana sakabéh pasualan di désa. Ieu musawarah désa téh, disebut: rat désa atawa rapat désa. Jalma-jalma anu dianggap terkemuka –sesepuh di Priangan; kokolot di Banten; tua-tua di Cirebon, nyekel peranan nu penting dina ieu musawarah.
Penduduk désa di Tatar Sunda, bisa dipasing-pasing dumasar kana: pangabogana tanah; atikan; kalungguhan dina pamaréntahan désa; jeung agama. Keur mangsa baheula mah, penduduk désa téh aya nu disebut: Pribumi/Jalma Bumi/Cacah –nya éta: katurunan kulawarga anu ngadegkeun désa sarta miboga tanahna geus lila tur kagolong penduduk inti désa; Bayubud/Batur/Manumpang –nya éta: penduduk désa anu ukur ngabogaan imah katut pakaranganana; jeung Bujang/Nyusup –nya éta: penduduk désa anu ngabogaan imah, tapi imahna aya dina tanah batur. Hiji “sacah”, miboga hak pikeun ngagarap tanah sarta nyokot hasilna –tapi kudu bari nyumponan kawajiban ka ménak jeung pamong désa. Di sagigireun éta, hiji “cacah” bisa jadi hiji “manumpang” atawa sabalikna –gumantung kana kasanggupanana babakti ka ménak. Cacah jeung Manumpang, dileungitkeun ku Kompeni dina abad ka-18 kalawan statusna dihijikeun jadi: Somah.
Dipasing-pasingna masarakat désa anu dumasar kana bobogaan tanah, ka béhdieunakeun mah jadi: Sikep –nya éta: penduduk désa nu miboga hak ngagarap tanah désa, saperti: tanah kanomeran, kasikepan, tanah kacacahan; jeung Kuren atawa Tangkong –nya éta: penduduk désa nu boga tanah jeung pakarangan tapi teu ngabogaan kasikepan. Jadi, “sikep” ngabogaan hak pikeun ngagarap tanah –tanah kasikepan tur nyokot hasilna dina dangka waktu nu tangtu kalawan bisa diwariskeun –tapi kudu nyumponan kawajiban komunal salaku warga désa ku mangrupa: ngalaksanakeun pancén jeung masrahkeun hasil tanah ka désa. Sedengkeun “tangkong” mah teu miboga hak pikeun ngagarap tanah kasikepan, tapi bébas tina kawajiban komunal. Hal ieu ngandung harti: yén “sikep” téh leuwih luhur status sosialna, batan “tangkong”.
Antara lapisan-lapisan sosial di désa, sok dipatalikeun waé jeung pangabogana garapan tanah. Di kalangan “tuan tanah” geus karuhan boga tanah garapeun, sedengkeun ari di kalangan “buruh tani” nyampak tanaga. Ku kituna, antara dua pihakanana osok ngayakeun gawé bareng kalawan maké sistim anu tangtu –biasa disebut: maparon; mertelu; atawa marapat. Hubungan antara parapatani nu ngagarap tanah, dijalankeun babarengan kalawan giliran –cara saperti kieu téh, ilahar disebut: liliuran atawa hirasan, anu dianggap minangka wujud tina sistim gotong royong.
Kampung Papandak, Wanaraja - Garut.

Kota
Numutkeun data prasajarah jeung data sajarah, pola kahirupan masarakat Sunda téh awalna mah ti désa. Sacara historis mah –paling henteu, ti mimiti Karajaan Sunda, di masarakat Sunda geus dipikawanoh tatanan masarakat désa jeung masarakat kota. Prasasti Kawali jeung béja ti Portugis, nyebutkeun istilah: dayeuh –nu hartina: kota. Pakuan Pajajaran salaku puseur dayeuh Karajaan Sunda, dikuriling ku bénténg pasir buatan anu dijieun tina gundukan tanah. Karaton tempat linggihna raja katut kulawargana téh, dingaranan: Sri Bima; Untarayana; Madura; jeung Suradipati. Dina abad-abad ka béhdieunakeun, kota-kota di basisir Kalér Jawa Kulon –Banten; Jakarta; Cirebon jeung kota-kota anu aya di pedalaman –Rangkasbitung; Sérang; Bogor; Sukabumi; Cianjur; Bandung; Sumedang; Garut; Tasikmalaya; Ciamis, ngalaman “pasang surud”. Kamekaran kota-kota nu aya di basisir ieu téh, dilantarankeun ku ayana kagiatan dagang –kituna téh sanggeus aya hubungan langsung jeung urang Éropa. Sedengkeun kota-kota nu aya di pedalaman mah, kamekaranana téh sanggeus “mahabu” na usaha tatanén keur ékspor –kopi; entéh; karét; kina; tiwu anu ditaratas ku urang Walanda. Kitu deui ku dibukana “jalan raya pos” –mimiti taun 1810 jeung jalan-jalan sabudeureun kota, sarta diwangunna jalan karéta api tur mingkin hadéna sistim pamaréntahan, ngabalukarkeun ngaronjatna kamekaran kota-kota di pedalaman Tatar Sunda tadi. Satemenna, kota téh mangrupa puseurna pamaréntahan; puseur kagiatan agama; jeung tempatna palabuan.
Dina awalna mah, sumber kahirupan para-ménak téh tina hasil pamasrahan ra’yat di désa-désa –nu mangrupa: tanaga; upeti hasil tatanén; jeung pajeg dagang. Di kota-kota palabuan, nyokot kauntungan tina pamungutan béa cukéy. Lian ti éta, kauntunganana téh tina usaha ngalakukeun dagang ku cara nyéwakeun: modal; kapal; jeung barang dagangan. Saterusna, aya kaom ménak anu jadi pagawé pamaréntahan kolonial tur unggal bulanna meunang gajih.
Bupati –salaku kapala pamaréntahan pribumi, dianggap ménak pangluhurna di tingkat kabupatén. Ka handapna aya parapajabat, saperti: patih; jaksa; panghulu besar; mantri kabupatén; juru tulis kabupatén; wadana; jeung camat –ieu sakabéhna téh kagolong ménak, golongan élit, najan darajatna leuwih handap ti bupati. Loba diantarana anu masih kénéh dulur bupati, malahan putra bupati pisan.
Ditilik tina jumlah pendudukna, corak kahirupan kota mingkin dieu téh mingkin naék baé. Kahirupan di kota, jadi perhatian urang désa. Loba urang désa anu kataji ku sieupna wajah kota, anu ngabalukarkeun ayana urbanisasi. Sedengkeun kahirupan di désa, cenderung monoton jeung homogin –ngan lumangsung sabudeureun tatanén.


***

Sabtu, 04 Juli 2015

Somah jeung Sadudulur



Kulawarga dina masarakat Sunda, ngandung dua maksud, nya éta: kulawarga dina harti heureut (somah) jeung kulawarga dina harti nu jembar (sadudulur atawa kulawarga gedé). Sistim kabarayaan urang Sunda, ngawengku hubungan ka luhur jeung ka handap nepi ka tujuh tingkatan. Sok sanajan kitu, hubungan kulawarga nu deukeut tur dalit mah, ukur tepi ka tingkatan katilu. Ku lantaran, aranglangkana hiji jalma anu nyaksian katurunan nepi ka tingkatan kaopat atawa leuwih. Dina ayana ogé, lolobana mah geus papencar padumukanana.
Kulawarga Batih, Indung Bapa jeung Anak.

Somah  
Saenyana mah, kulawarga dina masarakat Sunda ngandung dua maksud, nya éta: kulawarga dina harti heureut jeung kulawarga dina harti nu jembar. Kulawarga dina harti heureut, nya éta: “somah” téa –biasana disebut kulawarga batih atawa kulawarga inti. Somah ieu, mangrupa bagian pangleutikna dina masarakat Sunda. Somah téh istilah basa Sunda nu mangrupa wangunan kecap tina unsur-unsur: “sa” jeung “imah” –nu ngandung harti: saimah, nuduhkeun harti sakulawarga. Dina basa Sunda aya kecap: sabondoroyot jeung sakulawedet, éta kecap anu nuduhkeun kulawarga inti. Kulawarga inti, ngawengku: indung; bapa; jeung anak. Malahan mah, sering ditambah ku: nini; aki; jeung minantu. Tur aya kalana deuih, ditambah ku dulur nu deukeut, saperti: adi; adi beuteung; jeung suan. Di kulawarga ménak atawa jalma nu beunghar mah, ditambahan deui ku saurang atawa ku sababaraha urang. Saupama hiji kulawarga teu ngabogaeun anak, aya kalana sok ngangkat saurang atawa sababaraha urang “anak angkat” –nu umumna, sok dicokot ti kulawarga anu masih kénéh deukeut.
Sistim kabarayaan urang Sunda, miboga sipat parental –urang Sunda mah merhatikeun katurunanana dumasar gurat ti bapa jeung ti indung. Kalungguhan salaki-pamajikan dina perkawinan, sarua sadarajatna. Indung bapa, ngabogaan kakawasaan ka anak-anakna. Saupama kajadian papirak –pipisahan, éta hak kawasa téh bisa dipasrahkeun –boh ka bapana boh ka indungna. Cara miara budak pahatu-lalis –yatim piatu, dilaksanakeun ku kadang warga –dulur ti gurat katurunan bapa jeung indung. Hukum waris –ngeunaan rajakaya, dilaksanakeun ku dua pihakanana jeung nu dua gurat katurunan. Lebah hal-hal nu tangtu –daérah nu tangtu di Tatar Sunda, pihak awéwé atawa pihak lalaki miboga kakawasaan anu leuwih lega.
Umumna, kapala kulawarga aya di pihak lalaki. Ku sabab kitu, pihak lalaki –kolotna atawa saha baé ti pihak lalaki kacida talitina enggoning néangan piminantueun atawa pibojoeun –anu engkéna, bojo téh dibawa ngahiji saimah di imah salaki. Rada béda jeung di daérah Banten. Di Banten aya kabiasaan, yén kolotna awéwé anu néangan minantu téh. Engkéna, salaki téh cicing di imah kulawarga pamajikanana. Éta hal téh, luyu jeung tradisi anu nyebutkeun, yén: “banténg anuting sapi” –hartina: salaki ngilu ka pamajikan.
Kulawarga –keur urang Sunda mah, lain ukur mangrupa panglawungan antara salaki jeung pamajikan baé. Tapina ogé, mangrupa panglawungan antara kulawarga pihak salaki jeung kulawarga pihak pamajikan. Tah, nu kitu téh disebut: kulawarga gedé. Hubunganana, alatan aya hubungan getih –nu biasa disebut: sakocoran, jeung ayana iketan perkawinan. Dina mangsa Karajaan Sunda –abad ka-16, istilah kabarayaan téh masih dikenal nepi ka salapan tingkat, nya éta: anak; incu; umpi; cicit; muning; anggasantana; kulasantana; prétisantana; jeung witwekas.
Saupama saurang bujang kawin ka lanjang, nya bakal ngawujud hiji kulawarga inti anu anyar –ngawengku salaki-pamajikan. Kolot-kolotna –indung bapa, sarta ka luhurna deui –aki/éyang pameget jeung nini/éyang istri; buyut; bao; janggawaréng; udeg-udeg; jeung gantung/kait siwur ti pihak salaki, bakal jadi kulawargana pihak pamajikan –kitu deui sabalikna. Kolotna salaki atawa pamajikan, disebut: mitoha. Hubungan kolotna salaki jeung kolotna pamajikan, disebut: bésan. Adi salaki atawa adi pamajikan, disebut: adi beuteung. Lanceuk salaki atawa lanceuk pamajikan, disebut: dahuan.
Anapon hubungan ka handap, anak adi disebut: suan. Sedengkeun, anak lanceuk disebut: alo. Hubungan anak adi jeung anak lanceuk –atawa sabalikna, disebut: dulur sabrayna atawa dulur misan. Hubungan incu adi jeung incu lanceuk –atawa sabalikna, disebut: dulur sabrayna mindo atawa dulur misan mindo.

Miara Babarayaan
Dina émprona, cara miara hubungan kabarayaan di masarakat padésaan leuwih dalit tur daria batan di pakotaan. Dalitna kabarayaan di padésaan téh, aya kalana tina ilubiung dina upacara tradisional, saperti: tingkeban; muput; sunatan; pertikahan; atawa kapapaténan. Lian ti kitu, dalitna téh ku ngaliwatan kagiatan gotong royong –nyieun imah atawa migawé sawah/kebon.
Di kalangan ménak kota, ngalakukeun pangbinaan hubungan kabarayaan téh, remen ku cara perkawinan –dikawinkeun jeung sasama kulawarga atawa jeung kulawarga ménak séjénna jeung ngawangun organisasi –ngadegkeun pakumpulan-pakumpulan.
Tingkatan sosial, mibanda pangaruh anu kuat dina hal néangan pijodoeun. Umumna, dina néangan pijodoeun téh, urang Sunda mah milih anu sadarajat –sababad, sawaja, boh tingkatan sosialna boh turunanana. Upama pertikahan lumangsung jeung anu henteu sadarajat tingkatan sosialna atawa turunanana, bakal nimbulkeun masalah –keur nu ngalakonanana, kulawargana, jeung lingkungan sabudeureunana. Ku kituna, urang Sunda miboga angen-angen ngawinkeun anggota kulawarga téh jeung sasama anggota kulawarga –nu disebut: gulangkep. Tujuanna, taya deui ngarah leuwih ngaraketkeun hubungan kulawarga tur ngajaga sangkan harta warisan angger aya di lingkungan kulawargana. Ku kituna deui, teu anéh, mun dihiji désa ampir sakabéh pangeusina masih ngabogaan iketan baraya.
Hiji jalma –di masarakat Sunda, bakal dianggap salaku anggota masarakat nu gembleng tur sampurna, saupama éta jalma téh –boh lalaki boh awéwé geus ngawangun kulawarga –geus nikah. Salahsahiji tujuan ngawangun kulawarga téh, nya éta: ngabogaan turunan –anak. Ku lantaran anak téh, ngabogaan sababaraha pungsi, nya éta: pikeun ngiket iketan perkawinan kolotna; nambahan tanaga gawé; ngajembaran hubungan sosial; jaminan keur mangsa nu bakal datang keur kolotna; tur narima warisan ti kolotna. Dumasar kana éta pungsi téa, aya kacenderungan urang Sunda mah hayang ngabogaan anak loba. Sakumaha kagambar dina babasan: “loba anak, loba rejeki”. Sabalikna, hiji jalma nu henteu ngabogaan anak, digambarkeun salaku jalma nu henteu meunang untung. Ahir-ahir ieu, éta anggapan téh ngalaman “parobahan”. Hal éta téh, ku ayana pamaredih pamaréntah ngaliwatan kampanyeu program Kulawarga Berencana (KB).


***

Kapamingpinan Masarakat Sunda



Saupama nilik kana sajarah, yén sistim kapamingpinan di masarakat Sunda téh dibagi  jadi dua, nya éta: Kapamingpinan Kaagamaan jeung Kapamingpinan Kanagaraan. Kapamingpinan Kaagamaan mangrupa kapamingpinan anu ngawujud dumasar kana: nyangkemna élmu agama tur miboga prilaku nu luyu jeung norma katut ajén-inajén kaagamaan. Sedengkeun Kapamingpinan Kanagaraan mangrupa kapamimpinan anu ngawujud dumasar kana: pancén; kawajiban; katut wewenang ngokolakeun nagara atawa kolompok masarakat nu tangtu. Dua kapamingpinan ieu téh, luyu jeung papasingan kapamingpinan formal jeung informal jaman kiwari.
Calon Pamingpin kudu gede kawani, ulah eraan.

Pamingpin
Kamekaran masarakat jeung nyerepna konsep kapamingpinan ti luar Tatar Sunda –Hindu/Budha; Islam; Barat, ngabalukarkeun mucunghulna dua kapamingpinan saperti anu ditulis di luhur. Dina kamekaran saterusna, timbul kapamingpinan anu séjénna. Lian ti éta, henteu nutup kamungkinan saurang pamingpin agama, bisa ngamekarkeun kapamingpinanana ngarangkep jadi pamingpin nagara. Sabalikna, saurang pamingpin nagara bisa ngamekarkeun kapamingpinanana ngarangkep jadi pamingpin agama.
Di masarakat Sunda, kapamingpinan kaagamaan dicekel ku tokoh-tokoh agama nu ngawasa élmuning agama sarta ngalaksanakeunnana kalawan taat tur daria. Biasana mah, disebut: Brahmana atawa Pandita –keur pamingpin agama Hindu/Budha, jeung Ajengan atawa Kiai –pikeun pamingpin ulama Islam. Éta pamingpin agama téh, umumna, ngabogaan murid tur mingpin lembaga atikan agama, nya éta: Mandala –lembaga mangsa Hindu/Budha, jeung Pondok atawa Pasantrén –mangsa Islam. Pamingpin agama, biasana, sok dipénta: naséhat; pamadegan; tur do’ana ku pamingpin nagara. Lian ti éta ogé, pamingpin agama téh sok mingpin upacara-upacara kaagamaan tur mingpin do’a dina upacara-upacara anu sipatna kanagaraan. Malahan mah, diantara pamingpin agama téh aya nu jadi “pembantu tetep” na pamingpin nagara. Sistim kapamingpinan kaagamaan mangsa saméméh Islam anu masih kénéh lumaku nepi ka kiwari, bisa kapaluruh dina kahirupan di masarakat Baduy. Ayana “Puun” salaku pamingpin agama, miboga martabat jeung kalungguhan anu luhur –ku lantaran, baheulana masarakat Kanékés téh mangrupa hiji mandala.
Sedengkeun kapamingpinan kanagaraan di masarakat Sunda, bisa kahontal ku cara kapeloporan tur kapinunjulan individual. Biasana mah, disebut: Raja –mangsa pangaruh kabudayaan Hindu/Budha, abad ka-5 nepi ka-16; jeung Sultan –dina mangsa pangaruh Islam, abad ka-15 nepi ka-19. Lian ti éta, aya ogé sesebutan pamingpin séjénna, saperti: Bupati –ti mimiti abad ka-17 di Priangan jeung abad ka-19 di Banten katut Cirebon. Ari pamingpin anu panghandapna, dicekel ku Kapala Désa –Lurah di Priangan; Jaro di Banten; Kuwu di Cirebon. Éta sakabéhna téh, mangrupa pamingpin di tempatna séwang-séwangan anu purah ngatur kahirupan nagara; masarakat; jeung kahirupan séjénna. Dina kahirupan sapopoé, éta parapamingpin téh miboga kakawasaan anu lega. Ari dina ngalaksanakeun pancénna, boga tempat anu husus, saperti: Karaton –keur raja jeung sultan; Pendopo –keur bupati; Balé Désa –keur kapala désa. Salian ti éta, parapamingpin ogé ngabogaan: pakéan dines; perlengkapan dines; simbol; jeung sajumlahing pembantu anu disebut ménak. Kapamingpinan kanagaraan mangsa Islam anu masih kénéh lumaku nepi ka kiwari, bisa kapaluruh dina kahirupan di karaton Cirebon –karaton Kasepuhan; Kanoman; jeung karaton Kacirebonan. Najan geus teu ngabogaan kakawasaan pamaréntahan, tapi dina hal-hal anu tangtu mah, Sultan Cirebon téh tetep dianggap salaku pamingpin.

Pasaratan Pamingpin
Di masarakat tradisional, kapamingpinan téh nyuméndér kana struktur sosial, dumasar kana: kalahiran; rajakaya; jeung status. Dina mangsa kabaheulakeun mah, calon pamingpin téh salian ti ngabogaan pangaweruh; pangalaman; jeung kamampuh lahir batin; ogé kudu miboga kakayaan –rajakaya anu onjoy ti batur. Kitu deui jadi pamingpin téh, bisa dihontal ku cara kapeloporan tur kapinunjulan individual. Saperti: jadi raja/sultan atawa jadi pamingpin pasantrén –kalahiran/turunan, jadi ketua –kapeloporan, jeung sajabana.
Sunan Gunung Jati nu mangkuk di Cirebon, anjeunna ngabahudenda jadi pamingpin agama katut pamingpin nagara –jadi raja pandita. Anjeunna, ngabogaan pangaruh nu gedé di wilayah Jawa Barat –mangsa abad ka-15 nepi ka danget ieu. Hal éta téh, mangrupa hasil jembarna “élmu pangaweruh” anjeunna ngeunaan agama, sakaligus anjeunna ogé jadi “panaratas” panyebaran agama Islam di wilayah Jawa Barat. Sedengkeun ari nu jadi sultan-sultan di Cirebon jeung Banten mah, jadi pamingpinna téh mangrupa buah “katurunan” Sunan Gunung Jati.
Nurutkeun urang Sunda, aya sababaraha hiji kriteria anu nangtukeun salahsaurang jadi pamingpin nu idéal. Dina mangsa Karajaan Sunda, kriteria anu dipimaksud téh nya éta:
1.    Henteu resep bantrok tur henteu ngagurat batu –pamingpin kudu sauyunan pikeun ngahontal tujuan bari migawé kamulyaan ku: tindakan, ucapan, tur itikad;
2.    Henteu marebutkeun hal anu bener –pamingpin kudu lempeng tur jujur, ngajaga kasampurnaan agama tur henteu leupas tina ajaran karuhunna;
3.    Henteu ngarampas hak bogana batur jeung tara ngajaheutkeun anu teu boga kasalahan –pamingpin kudu jembar kautamaan;
4.    Henteu silih curiga jeung tara gampang kapangaruhan –pamingpin kudu imeut tur taliti;
5.    Henteu babari kasigeung jeung tara gampang kukulutus –pamingpin kudu wijaksana, ngéléhan, daréhdéh, tur jembar haté;
6.    Henteu lénglé, ngedul, jeung tara remen ngarasula –pamingpin kudu parigel, kesit, tur gedé sumanget;
7.    Henteu éraan –pamingpin kudu tatag dina ngomongna tur gedé kawani.
Saurang pamingpin Sunda, sawadina nyonto élmu paré –agamaning paré nu teu weleh tungkul, sarta nyonto sipat cai –patanjala nu ngocor ka muara. Beuti hartina: pamingpin Sunda, ulah ngarasa dirina geus jembar.
Nurutkeun pajamanan nu oriéntasina kana Islam –sakumaha anu kaunggel dina Babad Cirebon, yén pasaratan jadi pamingpin téh harita mah, kurang leuwih kieu:
1.    Ditakdirkeun ku Gusti –Alloh SWT;
2.    Aya kadaék;
3.    Ngawasa élmu pangaweruh –hususna élmu agama Islam;
4.    Ngabogaan wewenang atawa hak –diantarana, ku paktor turunan;
5.    Pribadina sampurna, boh jasmani boh rohani atawa cita-citana –insan kamil.
Kapinunjulan kitu téh, dibarung deui ku miboga pakakas-pakakas anu husus –ngabogaan kakuatan gaib saperti: kujang; keris; batu; piagem/bisluit; naskah/kitab; pakéan; payung; makuta; jeung gamelan.
Dina mangsa kolonial jeung féodal –ti mimiti abad ka-18, anu jadi kriteria pamingpin nu idéal téh, nya éta:
1.    Turunan –ieu paktor anu pangutamana;
2.    Miboga tabéat anu linuhung (nyaah ka nu leuwih handap, adil, wijaksana) –henteu sombong jeung hentu épés-méér;
3.    Ngajungjung kautamaan –tartib, henteu kadorong ku napsu;
4.    Panceg haténa –percaya diri jeung ajeg pamadegan;
5.    Miboga kawani –henteu borangan, lali rabi téga pati dina ngabéla atawa mertahankeun hiji hal;
6.    Boga uteuk nu éncér –pangaweruh jeung kaparigelan lahir jeung batin.
Sanggeus nicak abad ka-20 –utamana mah, sanggeus proklamasi kamerdékaan, éta kriteria-kriteria téh ditambahan ku: “miboga sikep démokratis”. Sedengkeun unsur katurunan, mingkin ditinggalkeun.


***