Tanah,
mangrupa masalah poko dina kahirupan désa. Paéh-hirupna masarakat désa,
gumantung kana tanah. Keur mangsa lumangsungna ngahuma mah, di masarakat Sunda,
taya istilah “hak milik” pribadi kana tanah. Tanah téh, geus dianggap milik saréréa.
Ayana kakawasaan ngamilik tanah ku sawatara jalma, dibalukarkeun ku masih kénéh
kuatna “méntal ngahuma” di kalangan urang Sunda. Ahirna, tanah ku anu barogana
sok dijual atawa digadékeun. Ieu téh lantaran anu geus bariasa ngahuma mah,
taya tradisi pikeun nga-hak-milik tanah.
Desa Cipari, Wanaraja - Garut. |
Desa
Asal-muasalna mah, sistim tatanén dina
masarakat Sunda téh nya éta: sistim ngahuma. Ari sistim nyawah, dipikawanoh
sacara enya-enya mah kira-kira pertengahan abad ka-19. Bédana éta dua sistim
tatanén téh, mangaruhan “corak kahirupan” –béh
dituna, kana corak kabudayaan masarakatna. Sistim ngahuma –anu pipindahan, mawa balukar kana
kahirupan anu “henteu tetep renggenek” –sedengkeun
sisstim nyawah mah, kana kahirupan masarakatna “henteu incah balilahan”.
Kahirupan ngahuma, bisa dititénan dina kahirupan masarakat Kanékés –Baduy, di wewengkon Banten Kidul anu
dianggap minangka warisan masarakat Sunda buhun.
Di masarakat Sunda, ngawujudna désa téh
dumasar kana kasaluyuan adat –nu sok
disebut: désa adat. Hal ieu, kagambar dina babasan: “ciri sabumi, cara sadésa”
–nu ngandung harti: unggal désa téh
mangrupa lembaga otonom, anu ngatur sorangan tur nyumponan pangabutuh sorangan.
Désa téh mangrupa beungkeutan pamaréntahan; sosial; hukum; jeung ékonomi.
Cindekna mah: mangrupa “beungkeutan kabudayaan”.
Ditilik tina hambalan bagian kolompok
masarakat, ngawujudna désa téh aya sababaraha prosés pembentukan, nya éta:
Somahan –kulawarga nu nyicingan hiji imah
kalawan dikuriling ku: buruan, pager, leuit, balong, jeung sajabana;
Umbulan –kumpulan hiji imah nepi ka tilu
imah; Babakan –kumpulan opat nepi ka
sapuluh imah; Lembur/Kampung –kumpulan
puluhan imah; sarta Désa –nu mangrupa
kumpulan tina sababaraha Lembur/Kampung.
Keur mangsa lumangsungna ngahuma mah, di
masarakat Sunda, taya istilah “hak milik” pribadi kana tanah. Tanah téh,
dianggap milik saréréa. Unggal kulawarga, ngabogaan hak pikeun ngokolakeun
tanah –luyu jeung kamampuhna
séwang-séwangan. Mun geus teu digarap deui, kulawarga séjén meunang
ngagarap. Ditilik tina kagunaanana, tanah di lingkungan désa téh bisa
dipasing-pasing deui jadi: huma; sawah; kebon; pakarangan; jeung balong atawa
émpang.
Status hak milik pribadi tanah di Jawa
Kulon, mimiti lumaku sanggeus dikaluarkeunana Agrarischewet 1870 –Undang-Undang Agraria, taun 1870.
Pelaksanaan éta undang-undang téh, béda-béda –hal ieu, mawa pangaruh ogé kana kahirupan masarakatna. Saperti di
Cirebon, aya tanah kasikepan, nya éta tanah milik balaréa anu kawilang lega tur
dipasrahkeun ka masarakat luyu jeung sistim hak maké sarta sabagian deui keur
ngagajih pamong désa –béngkok. Di
wilayah Priangan mah, tanah anu saperti kitu téh geus ngurangan pisan.
Sedengkeun di wilayah Banten mah, masih kénéh aya tanah anu “status” na huma –nu katelah: huma geblogan. Kiwari, tanah-tanah
hak milik balaréa di désa-désa téh, geus euweuh dikieuna –diganti ku hak milik pribadi.
Minangka lembaga nu ngatur sorangan, désa
téh ngabogaan aparat pamaréntahan anu maneuh –nu katelah: pamong désa; parabot désa; atawa pangkat désa. Dina susunanana,
pamong désa téh diwangun ku: Kapala Désa –kuwu,
lurah, jaro, anu dipilih ku ra’yat; sababaraha urang Kapala Kampung –tua kampung, kokolot, punduh; saurang
atawa sababaraha urang Juru Tulis –carik
anu purah ngurus administrasi désa; saurang Ulu-ulu –raksabumi anu purah ngurus cai; saurang Kulisi Désa –jagakersa/pancalong anu purah ngurus
kaamanan; Amil –lebé/ketib anu purah
ngurus sual kaagamaan; jeung Pangiwa –kabayan/jugul
anu purah nepikeun surat, béwara, atawa paréntah.
Urang Sunda boga anggapan, yén désa téh
mangrupa “hiji kulawarga” sarta Kapala Désana mangrupa “kolot” na –sakumaha kagambar dina babasan yén Kapala
Désa téh kudu jadi “indung lembur, bapa désa”. Kapala Desa, nyekel
kakawasaan dina pamarentahan jeung kahirupan sapopoe. Kitu deui, nalingakeun
kaayaan kahirupan masarakat désa; ngaréngsékeun pacéngkadan di masarakat; sarta
ngalaksanakeun kawajiban pikeun mayungan jeung mertahankeun adat istiadat katut
lembaga adat nu lumaku di wilayah kakawasaanna.
Dina waktu-waktu anu geus tangtu –paling henteu sataun sakali, sok
diayakeun musawarah désa –mangrupa wadah
dimusawarahkeunana sakabéh pasualan di désa. Ieu musawarah désa téh,
disebut: rat désa atawa rapat désa. Jalma-jalma anu dianggap terkemuka –sesepuh di Priangan; kokolot di Banten; tua-tua
di Cirebon, nyekel peranan nu penting dina ieu musawarah.
Penduduk désa di Tatar Sunda, bisa
dipasing-pasing dumasar kana: pangabogana tanah; atikan; kalungguhan dina
pamaréntahan désa; jeung agama. Keur mangsa baheula mah, penduduk désa téh aya
nu disebut: Pribumi/Jalma Bumi/Cacah –nya
éta: katurunan kulawarga anu ngadegkeun désa sarta miboga tanahna geus lila tur
kagolong penduduk inti désa; Bayubud/Batur/Manumpang –nya éta: penduduk désa anu ukur ngabogaan imah katut pakaranganana;
jeung Bujang/Nyusup –nya éta: penduduk
désa anu ngabogaan imah, tapi imahna aya dina tanah batur. Hiji “sacah”,
miboga hak pikeun ngagarap tanah sarta nyokot hasilna –tapi kudu bari nyumponan kawajiban ka ménak jeung pamong désa. Di
sagigireun éta, hiji “cacah” bisa jadi hiji “manumpang” atawa sabalikna –gumantung kana kasanggupanana babakti ka
ménak. Cacah jeung Manumpang, dileungitkeun ku Kompeni dina abad ka-18
kalawan statusna dihijikeun jadi: Somah.
Dipasing-pasingna masarakat désa anu
dumasar kana bobogaan tanah, ka béhdieunakeun mah jadi: Sikep –nya éta: penduduk désa nu miboga hak
ngagarap tanah désa, saperti: tanah kanomeran, kasikepan, tanah kacacahan;
jeung Kuren atawa Tangkong –nya éta:
penduduk désa nu boga tanah jeung pakarangan tapi teu ngabogaan kasikepan.
Jadi, “sikep” ngabogaan hak pikeun ngagarap tanah –tanah kasikepan tur nyokot hasilna dina dangka waktu nu tangtu
kalawan bisa diwariskeun –tapi kudu
nyumponan kawajiban komunal salaku warga désa ku mangrupa: ngalaksanakeun
pancén jeung masrahkeun hasil tanah ka désa. Sedengkeun “tangkong” mah teu
miboga hak pikeun ngagarap tanah kasikepan, tapi bébas tina kawajiban komunal.
Hal ieu ngandung harti: yén “sikep” téh leuwih luhur status sosialna, batan
“tangkong”.
Antara lapisan-lapisan sosial di désa,
sok dipatalikeun waé jeung pangabogana garapan tanah. Di kalangan “tuan tanah”
geus karuhan boga tanah garapeun, sedengkeun ari di kalangan “buruh tani”
nyampak tanaga. Ku kituna, antara dua pihakanana osok ngayakeun gawé bareng
kalawan maké sistim anu tangtu –biasa
disebut: maparon; mertelu; atawa marapat. Hubungan antara parapatani nu
ngagarap tanah, dijalankeun babarengan kalawan giliran –cara saperti kieu téh, ilahar disebut: liliuran atawa hirasan, anu
dianggap minangka wujud tina sistim gotong royong.
Kampung Papandak, Wanaraja - Garut. |
Kota
Numutkeun data prasajarah jeung data
sajarah, pola kahirupan masarakat Sunda téh awalna mah ti désa. Sacara historis
mah –paling henteu, ti mimiti Karajaan
Sunda, di masarakat Sunda geus dipikawanoh tatanan masarakat désa jeung
masarakat kota. Prasasti Kawali jeung béja ti Portugis, nyebutkeun istilah:
dayeuh –nu hartina: kota. Pakuan
Pajajaran salaku puseur dayeuh Karajaan Sunda, dikuriling ku bénténg pasir
buatan anu dijieun tina gundukan tanah. Karaton tempat linggihna raja katut
kulawargana téh, dingaranan: Sri Bima; Untarayana; Madura; jeung Suradipati. Dina
abad-abad ka béhdieunakeun, kota-kota di basisir Kalér Jawa Kulon –Banten; Jakarta; Cirebon jeung kota-kota
anu aya di pedalaman –Rangkasbitung; Sérang;
Bogor; Sukabumi; Cianjur; Bandung; Sumedang; Garut; Tasikmalaya; Ciamis,
ngalaman “pasang surud”. Kamekaran kota-kota nu aya di basisir ieu téh,
dilantarankeun ku ayana kagiatan dagang –kituna
téh sanggeus aya hubungan langsung jeung urang Éropa. Sedengkeun kota-kota
nu aya di pedalaman mah, kamekaranana téh sanggeus “mahabu” na usaha tatanén
keur ékspor –kopi; entéh; karét; kina;
tiwu anu ditaratas ku urang Walanda. Kitu deui ku dibukana “jalan raya pos”
–mimiti taun 1810 jeung jalan-jalan
sabudeureun kota, sarta diwangunna jalan karéta api tur mingkin hadéna sistim
pamaréntahan, ngabalukarkeun ngaronjatna kamekaran kota-kota di pedalaman Tatar
Sunda tadi. Satemenna, kota téh mangrupa puseurna pamaréntahan; puseur kagiatan
agama; jeung tempatna palabuan.
Dina awalna mah, sumber kahirupan
para-ménak téh tina hasil pamasrahan ra’yat di désa-désa –nu mangrupa: tanaga; upeti hasil tatanén; jeung pajeg dagang. Di
kota-kota palabuan, nyokot kauntungan tina pamungutan béa cukéy. Lian ti éta,
kauntunganana téh tina usaha ngalakukeun dagang ku cara nyéwakeun: modal;
kapal; jeung barang dagangan. Saterusna, aya kaom ménak anu jadi pagawé
pamaréntahan kolonial tur unggal bulanna meunang gajih.
Bupati –salaku kapala pamaréntahan pribumi, dianggap ménak pangluhurna di
tingkat kabupatén. Ka handapna aya parapajabat, saperti: patih; jaksa; panghulu
besar; mantri kabupatén; juru tulis kabupatén; wadana; jeung camat –ieu sakabéhna téh kagolong ménak, golongan
élit, najan darajatna leuwih handap ti bupati. Loba diantarana anu masih
kénéh dulur bupati, malahan putra bupati pisan.
Ditilik tina jumlah pendudukna, corak
kahirupan kota mingkin dieu téh mingkin naék baé. Kahirupan di kota, jadi
perhatian urang désa. Loba urang désa anu kataji ku sieupna wajah kota, anu
ngabalukarkeun ayana urbanisasi. Sedengkeun kahirupan di désa, cenderung
monoton jeung homogin –ngan lumangsung
sabudeureun tatanén.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar