Kulawarga
dina masarakat Sunda, ngandung dua maksud, nya éta: kulawarga dina harti
heureut (somah) jeung kulawarga dina harti nu jembar (sadudulur atawa kulawarga
gedé). Sistim kabarayaan urang Sunda, ngawengku hubungan ka luhur jeung ka
handap nepi ka tujuh tingkatan. Sok sanajan kitu, hubungan kulawarga nu deukeut
tur dalit mah, ukur tepi ka tingkatan katilu. Ku lantaran, aranglangkana hiji
jalma anu nyaksian katurunan nepi ka tingkatan kaopat atawa leuwih. Dina ayana
ogé, lolobana mah geus papencar padumukanana.
Kulawarga Batih, Indung Bapa jeung Anak. |
Somah
Saenyana mah, kulawarga dina masarakat
Sunda ngandung dua maksud, nya éta: kulawarga dina harti heureut jeung
kulawarga dina harti nu jembar. Kulawarga dina harti heureut, nya éta: “somah”
téa –biasana disebut kulawarga batih
atawa kulawarga inti. Somah ieu, mangrupa bagian pangleutikna dina
masarakat Sunda. Somah téh istilah basa Sunda nu mangrupa wangunan kecap tina
unsur-unsur: “sa” jeung “imah” –nu
ngandung harti: saimah, nuduhkeun harti sakulawarga. Dina basa Sunda aya
kecap: sabondoroyot jeung sakulawedet, éta kecap anu nuduhkeun kulawarga inti.
Kulawarga inti, ngawengku: indung; bapa; jeung anak. Malahan mah, sering
ditambah ku: nini; aki; jeung minantu. Tur aya kalana deuih, ditambah ku dulur
nu deukeut, saperti: adi; adi beuteung; jeung suan. Di kulawarga ménak atawa
jalma nu beunghar mah, ditambahan deui ku saurang atawa ku sababaraha urang.
Saupama hiji kulawarga teu ngabogaeun anak, aya kalana sok ngangkat saurang
atawa sababaraha urang “anak angkat” –nu
umumna, sok dicokot ti kulawarga anu masih kénéh deukeut.
Sistim kabarayaan urang Sunda, miboga
sipat parental –urang Sunda mah
merhatikeun katurunanana dumasar gurat ti bapa jeung ti indung. Kalungguhan
salaki-pamajikan dina perkawinan, sarua sadarajatna. Indung bapa, ngabogaan
kakawasaan ka anak-anakna. Saupama kajadian papirak –pipisahan, éta hak kawasa téh bisa dipasrahkeun –boh ka bapana boh ka indungna. Cara
miara budak pahatu-lalis –yatim piatu,
dilaksanakeun ku kadang warga –dulur ti
gurat katurunan bapa jeung indung. Hukum waris –ngeunaan rajakaya, dilaksanakeun ku dua pihakanana jeung nu dua
gurat katurunan. Lebah hal-hal nu tangtu –daérah
nu tangtu di Tatar Sunda, pihak awéwé atawa pihak lalaki miboga kakawasaan
anu leuwih lega.
Umumna, kapala kulawarga aya di pihak
lalaki. Ku sabab kitu, pihak lalaki –kolotna
atawa saha baé ti pihak lalaki kacida talitina enggoning néangan
piminantueun atawa pibojoeun –anu engkéna,
bojo téh dibawa ngahiji saimah di imah salaki. Rada béda jeung di daérah
Banten. Di Banten aya kabiasaan, yén kolotna awéwé anu néangan minantu téh.
Engkéna, salaki téh cicing di imah kulawarga pamajikanana. Éta hal téh, luyu
jeung tradisi anu nyebutkeun, yén: “banténg anuting sapi” –hartina: salaki ngilu ka pamajikan.
Kulawarga –keur urang Sunda mah, lain ukur mangrupa panglawungan antara salaki
jeung pamajikan baé. Tapina ogé, mangrupa panglawungan antara kulawarga pihak
salaki jeung kulawarga pihak pamajikan. Tah, nu kitu téh disebut: kulawarga gedé.
Hubunganana, alatan aya hubungan getih –nu
biasa disebut: sakocoran, jeung ayana iketan perkawinan. Dina mangsa
Karajaan Sunda –abad ka-16, istilah
kabarayaan téh masih dikenal nepi ka salapan tingkat, nya éta: anak; incu;
umpi; cicit; muning; anggasantana; kulasantana; prétisantana; jeung witwekas.
Saupama saurang bujang kawin ka lanjang,
nya bakal ngawujud hiji kulawarga inti anu anyar –ngawengku salaki-pamajikan. Kolot-kolotna –indung bapa, sarta ka luhurna deui –aki/éyang pameget jeung nini/éyang istri; buyut; bao; janggawaréng;
udeg-udeg; jeung gantung/kait siwur ti pihak salaki, bakal jadi kulawargana
pihak pamajikan –kitu deui sabalikna.
Kolotna salaki atawa pamajikan, disebut: mitoha. Hubungan kolotna salaki jeung
kolotna pamajikan, disebut: bésan. Adi salaki atawa adi pamajikan, disebut: adi
beuteung. Lanceuk salaki atawa lanceuk pamajikan, disebut: dahuan.
Anapon hubungan ka handap, anak adi
disebut: suan. Sedengkeun, anak lanceuk disebut: alo. Hubungan anak adi jeung
anak lanceuk –atawa sabalikna,
disebut: dulur sabrayna atawa dulur misan. Hubungan incu adi jeung incu lanceuk
–atawa sabalikna, disebut: dulur
sabrayna mindo atawa dulur misan mindo.
Miara
Babarayaan
Dina émprona, cara miara hubungan
kabarayaan di masarakat padésaan leuwih dalit tur daria batan di pakotaan. Dalitna
kabarayaan di padésaan téh, aya kalana tina ilubiung dina upacara tradisional,
saperti: tingkeban; muput; sunatan; pertikahan; atawa kapapaténan. Lian ti
kitu, dalitna téh ku ngaliwatan kagiatan gotong royong –nyieun imah atawa migawé sawah/kebon.
Di kalangan ménak kota, ngalakukeun
pangbinaan hubungan kabarayaan téh, remen ku cara perkawinan –dikawinkeun jeung sasama kulawarga atawa
jeung kulawarga ménak séjénna jeung ngawangun organisasi –ngadegkeun pakumpulan-pakumpulan.
Tingkatan sosial, mibanda pangaruh anu
kuat dina hal néangan pijodoeun. Umumna, dina néangan pijodoeun téh, urang
Sunda mah milih anu sadarajat –sababad,
sawaja, boh tingkatan sosialna boh turunanana. Upama pertikahan lumangsung jeung
anu henteu sadarajat tingkatan sosialna atawa turunanana, bakal nimbulkeun
masalah –keur nu ngalakonanana,
kulawargana, jeung lingkungan sabudeureunana. Ku kituna, urang Sunda miboga
angen-angen ngawinkeun anggota kulawarga téh jeung sasama anggota kulawarga –nu disebut: gulangkep. Tujuanna, taya
deui ngarah leuwih ngaraketkeun hubungan kulawarga tur ngajaga sangkan harta
warisan angger aya di lingkungan kulawargana. Ku kituna deui, teu anéh, mun
dihiji désa ampir sakabéh pangeusina masih ngabogaan iketan baraya.
Hiji jalma –di masarakat Sunda, bakal dianggap salaku anggota masarakat nu
gembleng tur sampurna, saupama éta jalma téh –boh lalaki boh awéwé geus ngawangun kulawarga –geus nikah. Salahsahiji tujuan ngawangun kulawarga téh, nya éta:
ngabogaan turunan –anak. Ku lantaran
anak téh, ngabogaan sababaraha pungsi, nya éta: pikeun ngiket iketan perkawinan
kolotna; nambahan tanaga gawé; ngajembaran hubungan sosial; jaminan keur mangsa
nu bakal datang keur kolotna; tur narima warisan ti kolotna. Dumasar kana éta
pungsi téa, aya kacenderungan urang Sunda mah hayang ngabogaan anak loba.
Sakumaha kagambar dina babasan: “loba anak, loba rejeki”. Sabalikna, hiji jalma
nu henteu ngabogaan anak, digambarkeun salaku jalma nu henteu meunang untung.
Ahir-ahir ieu, éta anggapan téh ngalaman “parobahan”. Hal éta téh, ku ayana
pamaredih pamaréntah ngaliwatan kampanyeu program Kulawarga Berencana (KB).
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar