Dina
kaping 15 Agustus 1945, nyebar haréwos bojong yén Jepang serah bongkokan ka
sekutu. Keur ngajéntrékeun éta béja, Soekarno katut Mohammad Hatta, nepungan
Ahmad Soebardjo di Kantor Cabang Departemén Riset. Ku lantaran Soebardjo sarua teu nyaho, tiluanana muru kantor Laksamana Muda Tadashi Maeda. Atuh harita téh aya riungan
antara: Soekarno; Hatta; Soebardjo; jeung Laksamana Muda Tadashi Maéda. Ceuk
Nishijima Shigetada, éta riungan téh mangrupa salahsahiji faktor anu
nyambungkeun Proklamasi Indonésia jeung Angkatan Laut Jepang. Ku lantaran kitu,
ceuk Nishijima Shigetada kénéh, Angkatan Laut Jepang kudu meunang tempat
terhormat dina sajarah Indonésia-Jepang.
Naskah Klad "Rarancang" Proklamasi |
Geus loba anu ngalalakonkeun kumaha
kaayaan dina nataharkeun jeung diémbarkeunana Proklamasi Kamerdékaan Indonésia,
ping 17 Agustus 1945. Kabéhanana, ditulis ku urang Indonésia sorangan.
Nishijima Shigetada, hiji perwira Angkatan Laut Jepang anu raket pakaitna jeung
parapamingpin Indonésia mangsa harita, sarta kaasup ka anu ngarojong kana
perjoangan kamerdékaan Indonésia, nyieun téstimoni. Ngaliwatan buku anu
ditulisna, dijudulan: The Japanese Experience in Indonesia: Selected Memories
of 1942-1945, terbitan Ohio University (1986), Nishijima Shigetada ngaguar
pangalaman anu karandapan ku dirina.
Béja
Talukna Jepang
Soekarno jeung Hatta, nyoba-nyoba pikeun
néangan katerangan ngeunaan serah-bongkokan Jepang téh langsung ti Guiseikan
Mayjen Yamamoto Moichiro. Tapi, éta dua pamingpin Indonésia téh gagal meunang
idin nepungan Yamamoto, alesanana cenah Yamamoto keur hadir dina hiji rapat –Nishijima sorangan teu nyaho naha enya Yamamoto
téh aya di kantorna, atawa memang keur ngayakeun rapat. Ku sabab teu
panggih, anu duaan téh saterusna nyoba pikeun meunang katerangan ti Angkatan
Laut. Ku lantaran kitu, Soekarno-Hatta nepungan Ahmad Soebardjo di Kantor
Cabang Departemén Riset. Laju dina ping 15 Agustus harita kénéh –pasosoré antara jam 4 atawa 5, tiluanana
nepungan Laksamana Muda Tadashi Maéda di kantor Bukanfu –dihareupeun
Lapangan Gambir. Nishijima, dipénta ku Maéda pikeun jadi juru basana.
Soekarno anu tiheula ngécéskeun tujuan kadatanganana téh, pokna ka Maéda: “Nguping yén Jepang nyerah, kuring datang ka
kantor militer pikeun meunang kapastian éta béja, tapi teu tepung jeung sasaha.
Jadi, kuring saréréa datang ka dieu hayang nyaho, naha éta laporan téh bener
atawa henteu ?”. Jawab Maéda: “Kuring
teu bisa ngajawab kalawan pasti, lantaran can aya laporan resmi ka dieu. Dina
dasarna mah, kuring teu percaya Jepang maké jeung serah-bongkokan. Kadé, kudu
ati-ati narima berita, lantaran loba béja anu katembongna jiga subversif. Lamun
kuring geus meunang informasi resmi, tangtu aranjeun dibéjaan”.
Maéda teu cacarita panjang lebar,
jawabanana singget pisan. Tapi sikepna jeung suasana anu karasa ku Nishijima
harita, écés mawa gambaran nyerahna Jepang. Nada tarjamahan ti Nishijima ogé bisa
jadi geus méré hiji tangara kapastian ka dua pamingpin Indonésia, yén Jepang
serah-bongkokan. Waktu maranéhanana naringgalkeun kantor, salahsaurang –bisa jadi Soebardjo, nyarita kieu: “Teu penting naha Jepang enya nyerah atawa
henteu, urang kudu terus bajuang pikeun kamerdékaan !”.
Ngadeukeutan kana peutingna tanggal 15
Agustus, Soebardjo datang deui ka Nishijima di Jalan Kebon Sirih Nomer 80
Jakarta, sakali deui hayang mastikeun béja talukna Jepang téa. Padumukan
Nishijima téh, ngabogaan fungsi salaku tempat tepung-lawungna urang Indonésia
anu aya hubunganana jeung Angkatan Laut Jepang. Poé harita ogé geus aya
sababaraha urang Indonésia anu karumpul, saméméh Soebardjo datang. Ku lantaran
teu meunang hasil anu dipiharepna, Soebardjo miang deui ka tempat Soekarno di
Pegangsaan Timur Nomer 56 babarengan jeung Hatta, maksudna deuk ngabadamikeun
masalah-masalah anu rék dibahas dina riungan Komite Persiapan Kamerdékaan keur
poé isuk. Kasampak téh Soekarno keur ragot debat jeung sababaraha urang pamuda,
diantarana waé: Présidén Dokuritsu Juku –Asrama
Indonésia Merdéka; Wikana; jeung Darwis.
Dina tanggal 16 –jam 8 isuk-isuk Soebardjo mireungeuh béja yén Soekarno-Hatta,
leungit. Soediro –sékrétaris Soebardjo,
anu méré béja téh. Ku lantaran saméméhna geus lumangsung paréa-réa omong nu
rongkah antara Soekarno jeung parapamuda, Soediro jeung Soebardjo ujug-ujug teg
boga sangkaan yén parapamuda éta jigana anu nyulik Soekarno-Hatta téh. Tapi,
maranéhna teu meunang katerangan ti parapamuda, dimana Soekarno jeung Hatta
ayana. Soebardjo ogé boga curiga ka Angkatan Darat Jepang, anu nyulik
Soekarno-Hatta téh. Soebardjo saterusna ngusahakeun ménta bantuan ti Angkatan
Laut, pikeun nyalametkeun éta dua pamingpin –da memang, lamun waé Angkatan Darat anu nahan éta dua pamingpin téh, euweuh
deui jalanna iwal ti kudu ménta bantuan ka Angkatan Laut. Soebardjo nelepon
ka Nishijima –anu harita aya di Bukanfu,
nétélakeun yén Soekarno-Hatta ngiles, bari nambahkeun: “Bisa jadi maranéhanana aya dina “genggeman” Angkatan Darat !”. Nya
kitu deui Nishijima ogé boga sangkaan, yén parapamuda mah moal wanieun
ngalakukeun pagawéan nyulik kawas kitu. Kacurigaan téh, diteumbleuhkeun ka
Angkatan Darat anu jadi uteukna.
Saterusna, Soebardjo gura-giru datang ka
Maéda. Nya kitu deui Nishijima, gancang lapor ka Maéda. Maéda indit ka
Gunseikanbu nyorangan, pikeun néangan raratan. Yamamoto –Gunseikan jeung Nishimura –Kapala
Urusan, nemonan Maéda kalawan rareuwaseun ngadéngé béja leungitna
Soekarno-Hatta téh. Tapi pokna téh: “Saenyana
mah, lamun maranéhna leungit enyaan, keur urang mah matak ngarasa bungangang,
lantaran hartina bakal ngurangan kasulitan engké ka hareup !”. Nishijima
ngarasa, yén Angkatan Darat mah nyapélékeun kana ieu kajadian anu saenyana
pikahariwangeun téh. Sok sanajan kitu, Angkatan Darat ogé cenah rék ngilu néangan,
ngagunakeun Kempetai jeung Beppan anu ngawasa intelején.
Maéda geuwat maréntahkeun ka Nishijima:
“Baris timbul situasi anu gawat, lamun
komunikasi antara pamingpin pangluhurna bangsa Indonésia jeung Angkatan Darat
Jepang dipegatkeun dina tahap kritis kawas kieu. Urang saréréa kudu miara
komunikasi, téangan éta dua jelema. Gancang !”. Paréntah Maéda éta
nyadarkeun Nishijima, kumaha wijaksanana Maéda. Kakara pisan rék jung indit,
kadéngé deui sora Maéda: “Urang geus
miara sarta ngadidik manéh tepi ka ayeuna, sangkan manéh bisa digunakeun dina
kaayaan saperti kieu !”.
Ceuk itungan Nishijima, pasti kolompok
pamuda anu ngalakukeun pangculikan téh. Angkatan Laut Jepang, memang boga
hubungan anu raket jeung kolompok pamuda. Sakapeung, maranéhanana osok marénta
tulung pikeun nyalametkeun babaturanana anu ditahan ku Kempetai. Sacara
naluriah, Nishijima ngarasa yén Wikana bisa jadi kasangkut kana pangculikan
ieu. Ku lantaran kitu, Nishijima ngadeukeutan Wikana di Dokuritsu Juku di
Bungur Besar. Nishijima inget kénéh basa tipoporoséna ngolo sangkan bisa
ngobrol, tapi Wikana teu daék betus.
Nishijima teu éleh géléng, terus ngolo
Wikana: “Anjeun geus apal pisan, kumaha kuring geus tihothat pikeun kahadéan
Indonésia. Kuring geus ngusahakeun yén kuring téh jadi cukang antara Jepang
jeung Indonésia, sageuy atuh anjeun ngantep kuring dina masalah ieu. Pamohalan,
lamun kuring hianat ka anjeun. Kuring meredih, sangkan anjeun nyérénkeun
Soekarno-Hatta ka kuring sababaturan !”, ceuk Nishijima. Nishijima poho deui
sababaraha kalina ngolo Wikana, bari teu weléh malikan deui-malikan deui arguméntasi
anu geus disebutkeun ti heula. Tungtungna mah Wikana kaluar sorana: “Henteu, moal bisa. Lantaran kuring jeung
babaturan saperjoangan geus jangji. Kuring sababaturan hayang ngabéwarakeun
kamerdékaan ka sakuliah dunya, kajeun teuing ngan sakeudeung geus ditumpes deui
ogé. Kuring saréréa teu paduli, sok asal pernyataan éta téh tetep mangrupa hiji
peristiwa sajarah. Kuring saréréa geus tandon paéh !”.
Ngadéngé jawaban Wikana, Nishijima sadar
yén teu lila deui bakal lumangsung hiji kajadian anu gawat. Soebardjo anu
langsung dibéjaan ogé, ngupayakeun ngabaladah Wikana, tapi teu hasil. Ku
ngira-ngira tina ucapan Wikana –yén maranéhanana
geus nyindekkeun pikeun ngamankeun Soekarno-Hatta ka luar Jakarta, Nishijima
boga kacindekkan yén Soekarno-Hatta téh ditahanna moal jauh ti kota.
Wikana mimiti nguliat, terus nepungan
dua kurir ti kolompok pamuda. Kawasna waé, rék nepikeun béja ka paraanggotana
di ditu, yén Nishijima saparakanca moal rék ngahalang-halang kana rencana maranéhanana
anu rék ngayakeun proklamasi kamerdékaan. Ku lantaran salahsaurang kurir téh sakanyaho
Nishijima mah mangrupa anggota ti Kyodo Boeigun –Pembéla Tanah Air anu ngaranna Jusuf Kunto, pamikir Nishijima jelas
yén Gyugun kasangkut kana ieu peristiwa.
Jusuf Kunto, ahirna mah ngajak Soebardjo
ka tempat panyumputan Soekarno-Hatta –sanggeus
saméméhna, Maéda dipentés jangjina sangkan ulah nangkep hiji pamuda ogé anu
kasangkut kana ieu peristiwa sarta ngajamin Soekarno-Hatta dina kasalametanana.
Waktu Soebardjo deuk mangkat ka tempat panyumputan, Nishijima nawarkeun manéh rék
milu marengan, tapi Soebardjo nolak.
Harita téh kira-kira pukul 4 soré,
Soebardjo jeung Soediro ninggalkeun Jakarta muru ka Reungasdengklok. Tepi ka
tempat tujuan pukul 6 soré, lantaran ayana sababaraha gangguan –ban mobil bocor di tengah jalan.
Soebardjo henteu gasik ditarima ku parapamuda, malah sabagéan mah neundeun
curiga –lantaran datangna téh bet diutus
ku Angkatan Laut. Saterusna, Soebardjo katut sékrétarisna ngayakeun négosiasi
jeung Supeno –hiji shodancho (komandan
peleton) Gyugun.
Supeno: “Naha bisa déklarasi kamerdékaan dikaluarkeun tengah peuting?”
Soebardjo: “Moal bisa, lantaran bakal ménta waktu. Mimiti, ngayakeun pertemuan
jeung Komite, terus nyiapkeun déklarasi. Pikeun hal éta, bisa-bisa perelu waktu
sapeuting jeput !”.
Supeno: “Naon anu baris kajadian, saupama éta rencana téh gagal ?”
Soebardjo: “Lamun sagalana gagal, kuring anu tanggung jawab sagemblengna. Bung
malah bisa némbak kuring, lamun nepi ka éta kahariwang téh kajadian !”
Kakara, sanggeus Soebardjo nyarita kitu
mah, karék diidinan pikeun papanggih jeung Soekarno-Hatta. Soebardjo gura-giru
ngajak éta dua pamingpin kana mobil, sarta biur waé arindit ngajugjug Jakarta.
Gotrasawala
Bari nyabar-nyabar manéh, Nishijima
ngahero ngadagoan datangna Soebardjo di padumukan Maéda. Peuting geus jam 11,
hiji perwira Jepang keur ngadékan tangkal kaliki ku samurai na –jigana ngalubarkeun kakeuheul jeung kakuciwaan
ku talukna Jepang. Saurang deui Kempetai nangtung di handapeun tangkal,
ngajaga ieu patempatan bisi aya huru-hara. Nishijima ogé ngadéngé, yén Nakatami
Yoshio –panarjamah Angkatan Darat
milu ogé ngajaga ieu imah téh.
Teu lila, kurunyung Soebardjo jeung
rombongan datang. Di perjalanan, Sukarni ngaganti pakéan saragem Giyugun-na ku
pakéan biasa. Nishijima ngahaturanan Soekarno-Hatta sina arasup sarta
dicaralikkeun. Soebardjo ngajak Nishijima ka luar kamar, pokna: “Sakedap, Tuan Nishijima !”. Tuluy
nyaritakeun sacara singget, naon anu kakara kajadian tadi.
Sajeroning kitu, boh Yoshizumi boh
paraanggota Komite Persiapan Kemerdékaan Indonesia geus pada daratang.
Paraanggota kolompok pamuda, karumpul di rohangan tamu. Maéda turun ti lanté
luhur, terus méré pépéling panjang lébar yén kamerdékaan téh teu meunang
direbut bari jeung kudu banjir getih sagala –tangtu waé keur anu hadir bari jeung pinuh ku sumanget mah, hamo daék
ngadéngé pépéling anu alim kawas kitu. Saterusna mah, anu hadir ragot debat
pada ngaluarkeun hojah.
Di tengah-tengah anu keur debat,
Soekarno ujug-ujug nanya ka Sukarni: “Naha
bener, ieu téh kabéhanana geus bérés ?”. Sukarni bari bangun nu reuwas,
nangtung tuluy ngajawab: “Ieu baris mawa
bahaya !”. Manéhna saterusna ngécéskeun, yén aya rencana pemberontakan kaom
muda anu waktuna moal lila deui. Éta rencana téh, ceuk sukarni, geus meunang
kasaluyuan dina tanggal 16 isuk-isuk. Éta pemberontakan téh arék dijalankeun
pangpangna ku urut anggota Giyugun; Héiho; jeung parapelajar, dilaksanakeunna
dina pukul 10 isuk-isuk, tanggal 17. Sukarni saterusna kaluar, dituturkeun ku Nishijima
jeung Sayuti Mélik.
Nishijima tiluan ngajugjug ka imah Hatta
–rék nyokot pakéan Sukarni, di dinya
Sukarni salin deui pakéanana ku saragem militér –lengkep maké péstol jeung samurai. Ti dinya, mobil neruskeun
perjalanan. Nya anjog ka hareupeun asrama mahasiswa kadokteran –di Prapatan, sanggeus ngaliwatan Ménténg,
ieu asrama téh jadi “markas besar” kolompok pamuda. Sukarni jeung Sayuti Mélik
arasup duaan, ari Nishijima mah ngadagoan dina mobil. Bari cicing, Nishijima
nangenan serdadu-serdadu urut Giyugun dina treuk –kabéhanana marawa senjata bari katémbongna téh semu tegang. Teu
lila, Sukarni jeung Sayuti Mélik daratang deui. Bisa jadi maranéhanana téh tas
ngabéjaan babaturanana, yén pemberontakan diputuskeun “ditunda” sapeuting.
Mobil anu ditumpakan ku Nishijima
tiluan, muru ka Koningsplein, anu ahirna cunduk ka stasion pamancar nu dijaga
samagréng ku pulisi militér. Ku lantaran parapamuda téh geus ngabuleudkeun tékadna
rék mroklamasikeun kamerdékaan Indonésia ka sakuliah dunya, ku Nishijima
kajudi, yén rencana pangbarontakan téh kaasup ogé “ngarebut” stasion pamancar.
Jadi, teu matak héran upama téa mah Kempetai –paling henteu geus nyahoeun kana éta rencana téh.
Kawasna mah geus aya babadamian antara
urang Indonésia anu aya di jero stasion jeung Sukarni –yén maranéhanana deuk ngamimitian ngayakeun kagiatan, lamun geus
meunang aba-aba ti Sukarni, Sukarni ujug-ujug ngagorowok: “Rencana dibatalkeun peuting ieu…!”,
pokna. Ngadéngé sora nu ngagorowok, Kempetai gasik muru ka lebah Nishijima. Sabenerna
mah, Sukarni téh geus sababaraha kali ditangkep ku Kempetai –nya kitu deui Nishijima kungsi sakali aya
dina pangawasan. Nu matak harita, Nishijima jeung Sukarni téh langsung rék ditahan.
Nishijima meredih, sangkan anu nahan téh nelepon heula ka Maéda –sanggeus Nishijima ngécéskeun, yén manéhna duaan
téh keur ngajalankeun tugas penting pisan. Kempetai gancang nelepon ka Maéda,
nu dijawab langsung ku paréntah: “Leupaskeun
gancang ! ieu téh dina kaayaan walurat !”. Nya duaanana, dileupaskeun.
Waktu Nishijima keur aya di luar imah
Maéda, Maéda geus ménta ka Gunseikan Yamamoto ti Angkatan Darat sangkan datang
ka imahna. Tapi, éta paménta téh ditolak. Maéda ménta kitu téh lantaran hayang
aya salahsaurang wawakil ti Angkatan Darat, ngarah babarengan langsung badami
jeung parapamingpin Indonésia. Ku lantaran paméntana ditolak ku Yamamoto, Maéda
indit ka Kapala Urusan Umum Gunseikanbu –Mayjén
Nishimura. Soekarno; Hatta; Maéda; Yoshizumi; jeung Nishijima, bring
arindit ka imahna Nishimura –waktu harita
téh geus liwat pukul 1 janari, tanggal 17. Nakatami geus dipanggil salaku
panarjamah. Sanajan Nishimura henteu meleg-meleg nolak, tapi sikepna téh
“dingin”. Soekarno jeung Hatta, ngadesek Nishimura sangkan ngidinan kamerdékaan
sagancang-gancangna sarta ménta diayakeun riungan jeung Komite Persiapan Kemerdékaan
Indonésia sapoé leuwih cepet ti nu geus direncanakeun. Maéda milu ngarojong,
tapi Nishimura henteu daékeun ngidinan –malah
bangun narékahan sangkan neruskeun kawijaksanaan mertahankeun “status quo”.
Yoshizumi; Saito Shizuo; jeung Nishijima, araya di ruang tamu. Nishijima
ngarasa keuheul nyanghareupan jalan buntu kieu téh, Saito mah malah nuduh ka Nishijima,
bari pok bangun napsu: “Naon anu ku
anjeun dipigawé, jelas-jelas némbongkeun ka-teusatia-an ka Kaisar. Kaisar téh
geus ngumumkeun, yén sagala rupana geus lekasan. Lamun anjeun ngajalankeun
tindakan ngadukung kamerdékaan, akibatna bakal malindes kana status Kaisar !”.
Sanajan ingetan Nishijima geus rada loba
pohona, ceuk ingetan Nishijima mah Saito téh malah ngagunakeun kecap:
“kokuzoku” –anu hartina: penghianat,
nu ditujulkeun ka Maéda. Nepi ka Nishijima sorangan ngarasa ambek ngagugudug,
ngadéngé omongan saperti kitu téh. Teu asup akal, Saito nyarita saperti kitu téh.
Cenah Perang Asia Timur Raya téh tujuanana deuk ngabébaskeun Asia, cenah tujuan
utama perang téh rék mawa Jepang sangkan leuwih raket jeung Asia.
Téks
Proklamasi
Geus pukul 2 leuwih –janari, waktu rapat dibuka deui di
imahna Maéda. Soekarno; Hatta; Soebardjo; Maéda; Yoshizumi; jeung Nishijima,
dariuk ngurilingan méja bunder di kamar makan. Paraanggota kolompok pamuda
jeung Komite Persiapan Kemerdékaan Indonésia, nempatan rohangan resépsi jeung
rohangan tunggu. Méméh prung rapat dimimitian, Maéda nyarita kieu: “Urang kudu ménta hadir ti Angkatan Darat”.
Maéda gap kana telepon nyalukan Saito sangkan datang, tapi Saito nolak datang –lantaran keur sibuk ku pagawéan, pokna téh.
Saterusna, Maéda nelepon Miyoshi, ménta datang, lantaran geus loba anu karumpul
di imahna. Manéhna mah, daékeun datang. Miyoshi téh jalma anu gampang dina
gaul, katambah-tambah manéhna mah shiseikan –pajabat sipil. Sok sanajan kitu, Miyoshi téh dianggap ngawakilan
Angkatan Darat –peryogi diuninga,
Angkatan Darat téh mangrupa panguasa kahiji di Jawa. Da ari Angkatan Laut mah,
jadi panguasa kadua. Anu ngariung téh, jadi katambahan ku Miyoshi.
Di imahna Maéda, parapamuda ngunakeun
tekenan ka rapat –ti kamar gigireun.
Maranéhanana, teu bisa narima upama nyieun rarancang déklarasi, dina méja anu “babarengan”
jeung urang Jepang. Maranéhanana ogé, teu bisa narima kana saran-saran anu
“berbau” Jepang. Upamana waé, waktu Soekarno-Hatta ngusulkeun pikeun
nandatangan jeung macakeunana dokumén kamerdékaan dina tanggal 17 téh ku Komite
Persiapan Kemerdékaan Indonésia, Sukarni jeung Chairul Saléh nolak sapajodogan.
Ceuk maranéhanana: “Euweuh gunana maké
Komite sagala, anu geus écés jéntré ngabogaan hubungan jeung Jepang !”.
Terus, waktu Soekarno ngusulkeun diayakeunana konsultasi jeung parapajabat
tinggi Jepang –saméméh nyieun déklarasi.
Parapamuda kalawan tandes ngiritik, alesanana: “Kamerdékaan ieu samata-mata kapentingan murni rahayat Indonésia, bari
euweuh sangkut-pautna jeung pihak Jepang”. Nu ahirna mah buleud pamanggih
saréréa, yén: Kamerdékaan baris didéklarasikeun,
leupas tina satuju-teu satujuna Jepang.
Rarancang déklarasi, disusun ku Soekarno
–sanggeus ngaliwatan tukeur pamanggih.
Rarancang kahiji unina:
“Rakyat Indonesia
dengan ini menyatakan Kemerdekaan.
Badan-badan organisasi
yang ada, harus disita oleh Rakyat dari orang asing yang kini menguasainya.”
Dina éta téks, masalah nu badag nya éta:
dipakéna kecap “sita”. Lamun Indonésia kudu “nyita” kakawasan ti Angkatan
Bersenjata Jepang maké kekerasan, hal ieu bisa jadi ngajéngkélkeun ka urang
Jepang, anu bisa ngajurus kana “bentrokan” tragis. Sok sanajan geus “nyerah”, sabenerna
mah Angkatan Bersenjata Jepang téh masih kénéh beleger.
Diskusi pikeun ngarumuskeun deui déklarasi,
lumangsung rada lila ogé. Ahirna, kecap “sita” diganti ku “pemindahan”.
Saterusna, dina kalimah: “pemindahan
kekuasaan dan selanjutnya, harus diusahakan dengan cara cermat dan
secepat-cepatnya”. Kecap “diusahakan” diganti ku “dilaksanakan”. Ieu téks téh,
ditulis ku Soekarno sorangan dina keretas anu aya di imahna Maéda. Kalawan écés,
urang bisa niténan koréksi dina dokumén éta. Rarancang déklarasi téh, ahirna
mah réngsé. Unina:
“Kami bangsa Indonesia dengan ini menyatakan kemerdekaan
Indonesia.
Hal-hal yang mengenai pemindahan kekuasaan dan lain-lain,
diselenggarakan dengan cara saksama dan dalam tempo yang sesingkat-singkatnya”.
Miyoshi diperedih pikeun nepikeun ka
Angkatan Darat, yén istilah “kekuasaan” dina déklarasi téh ngandung harti:
“kekuasaan administratif”. Ku kituna, moal matak nimbulkeun panolakan ti
Angkatan Darat.
Rancangan anu pamungkas, satuluyna diketik
ku Sayuti Mélik. Ahirna, cunduk waktuna Soekarno pikeun maca téks téa, di
hareupeun paraanggota Komite anu geus narunggu di kamar gigireun. Nishijima
ngadéngé sora Rajiman, nu nanya: “Naha
ieu téh geus disatujuan ku Gunseikan ?”. Nishijima rada katodél mamaras,
ceuk pikirna: “Bodo téh katotoloyo, ku
naon anu kitu waé masih kénéh ditanyakeun dina tahap saperti kieu ?”. Ku
Nishijima ogé kadéngé sora-sora séjén, anu nanya: “Saha anu deuk nandatangan ?”, jeung nu nanya: “Saha nu deuk macana ?”. Sukarni, deui-deui teu panuju kana eusi
rarancang déklarasi téh. Lantaran, cenah, henteu révolusionér jeung lemah dina
eusi katut jiwana. Lantaran kritik Sukarni dirojong ku kaom muda, atuh
perdebatan téh timbul deui. Tapi, anggota Komite nolak kana oposisi éta sarta
mutuskeun nyatujuan kana éta rarancang.
Saenyana mah éta rarancang déklarasi téh,
kaasup “luar biasa”. Mindeng pada nyebutkeun, yén Soekarno-Hatta téh:
“ngawakilan ra’yat”. Tapi, saenyana mah teu aya tandatangan ngeunaan éta nu
duaan téh dina dokumén. Rarancang kamerdékaan saperti kieu, bisa jadi, langka
dimana waé ogé. Boa, di saalam dunya.
Terus, sok aya nu nanya: “Naha harita téh, aya urang Jepang nu hadir ?”.
Bener, aya sababaraha urang Jepang –kaasup
Nishijima sorangan nu aya di rohangan tempat draff téa ditulis. Malah
Nishijima sababaturan téh, milu ogé ngaluarkeun pamanggihna. Tapi Nishijima
sababaturan mah, teu milu hadir dina waktu maca déklarasi basa di hareupeun
anggota Komite mah. Mohammad Hatta dina catetanana, dina bukuna: Sekitar
Proklamasi (Jakarta, 1970), nyebutkeun: “yén
Maéda ninggalkeun rohangan, naék ka lanté luhur waktu nu limaan anggota Komite
ngararancang proklamasi téh. Ari Miyoshi mah tetep di dinya, tapi teu nyarita
naon-naon…”. Ceuk Nishijima, jigana waé Hatta rada kacalétot –nya kitu deui nu séjénna anu sapamanggih
jeung Hatta, ngeunaan tempat nulis rarancang proklamasi.
Tah kitu salahsahiji babak awal dina
drama kamerdékaan nu geus bisa diréngsékeun, anu mangrupa hiji tugas anu pohara
beuratna. Anu meres pikiran katut tanaga, sarta kasadiaan kompromi ti
kolompok-kolompok pamuda; parapamingpin; jeung urang Jepang anu harita milu
hadir.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar