Mangsa
bihari mah, upama lalaki hayang jumeneng jadi gegeden atawa pangagung,
salahsahiji saratna nya éta: kudu bisa ngibing. Ku lantaran kitu, loba anu
ngiluan ibing keurseus nya éta latihan ngibing Sunda anu diayakeun di Pendopo
anu lolobana diiluan ku kaom ménak; bangsawan; atawa kaom priyayi. Kitu deui
keur wanoja, mangsa bihari mah pahayang-hayang jadi ronggéng. Sabab, hiji
wanoja nu kapilih jadi ronggéng, saratna kudu nyekel tilu katangtuan atawa
pakem, nya éta: winara rékaswara; winara rékaningceta; jeung winara rékawacana.
Wanoja anu geus diaku ronggéng, hartina éta wanoja geus boga kahormatan anu
luhur.
Bupati Garut RAA Soeria Kartalegawa (palih tengen, acuk bodas), nuju ngibing tayuban. |
Ibing
Keurseus
Nitenan ibing Sunda di wewengkon Jawa
Kulon, kaitung réa jeung euyeubna. Henteu matak hélok, mun sakumna urang Sunda
mikareueus turta mikaresep kana kabeungharan ibing di Tatar Sunda. Ku kacida
beungharna seni ibing Sunda, ku para-inohong sok diwilah-wilah jadi génré tari
saperti: ibing tayub; ibing penca silat; ibing keurseus/kursus; ibing wayang;
ibing topéng; ibing ra’yat (ketuk tilu, bangréng, bajidoran, jeung sajabana);
ibing karya R. Tjétjé Somantri; ibing karya R. Nugraha Sudireja; ibing karya R.
Enoch Atmadibrata; tug nepi ka kiwari aya nu disebut ibing jaipongan yasana
Gugum Gumbira.
Ibing Keurseus, mangrupa basa injeuman
ti Walanda nu asal kecapna tina: “cursus” –palatihan
atawa pangajaran. Duka teuing kumaha mimitina, éta kecap cursus téh bisa
jadi: keurseus. Meureun, salah déngé atawa hésé ngucapkeunana. Anéhna téh, éta
kecap keurseus geus jadi milik basa urang Sunda nu baku. Mangsa jaman Walanda
harita, lamun karuhun urang ditanya: “Badé
angkat kamana.. ?”. Jawabna, cukup ku nyebut: “Badé keurseus.. !” bari nuduhkeun ku jempol. Kabéh jalma, pasti
geus surti yén maksudna téh nya éta: “rék ngibing”.
Ibing keurseus téh nya éta latihan
ngibing Sunda anu diayakeun di pendopo nu lolobana diiluan ku kaom ménak;
bangsawan; jeung kaom priyayi Priangan jaman Walanda. Ibing keurseus mangrupa
salahsahiji ibingan kamonésan kaom priyayi nu diayakeun di pendopo. Perelu diingetkeun,
yén saméméh ibing keurseus gumelar téh aya anu disebut ibing tayub –tayub asal tina kecap “guyub”, anu hartina:
ngibing bareng. Bisa jadi, kasangtukangna ibing keurseus téh taya lian tina
ibing tayub. Sabab, ibing tayub mangsa harita, mangrupa ibingan “kalangenan”
paraménak. Dina waktu luang atawa nyalsé, kaom ménak Priangan téh osok
ngabandungan mangrupa-rupa kasenian Sunda –tangtuna
ogé, kaasup ibing tayuban anu diayakeun di pendopo. Mangsa harita, upama hayang
jumeneng jadi gegedén atawa jadi pangagung, saratna euweuh deui: kudu bisa
ngibing.
Anu dianggap palopor ibing keurseus, nya
éta: R. Gandakoesoemah –Aom Doyot, Camat
Leuwiliang Bogor mangsa harita. Anjeunna ningali, yén ibing tayub anu keur
dipikalandep mangsa harita, kalan-kalan osok “kaleuleuwihi” jeung méngpar tina
kasusilaan. Tayuban anu mangrupa hiji bentuk ibing pasangan, nu sipatna hiburan
pikeun kaom lalaki, dina prak-prakanana teu wudu ogé aya inuman keras –arak. Munasabah atuh, sanajan inuman téh
diparake keur “ngahaneutan awak” –mun
peuting ngarasa tiris antukna osok aya nu mabok leupas kontrol. Malahan,
gerak ibingna ogé jadi teu pararuguh –sok
disebut ngibing saka (saka-inget, meureun). Teu matak hélok, mun ronggéng
anu jadi sasaran. Aya kalana ngasupkeun duit pamasak téh, punten, kana dada
atawa kutang ronggéng. Ku lantaran kitu, R. Gandakoesoemah ngarintis ibing
tayub anu tartib jeung sopan. Ahirna, janggélék wéh jadi ibing keurseus. Susunan
jeung patokan ibing keurseus, laju ditingkatkeun deui ku R. Sambas
Wirakoesoemah –Lurah Rancaékék mangsa
harita sangkan leuwih gampang disebarluaskeun. Ieu ibingan, ku anjeunna
diajarkeun di cursusan Pakumpulan Tari Wirahma Sari –Rancaékék Bandung jeung di sakola pangréh praja –ménak/priyayi Priangan.
Nempo kana gerak-gerak anu dipaké atawa
dipidangkeun ku pangibing, éstu basajan pisan, da tujuanana ogé keur hiburan.
Teu kawengku ku pola baku, gumantung kana karesepna masing-masing. Najan kitu,
ampir sakabéh pangibing bisa dipastikeun aya anu midangkeun gerak-gerak:
bukaan; adeg-adeg; jangkung ilo; mincid; keupat; éngké gigir; galayar; sila
mando; baplang; gedig; tindak tilu; léngkah opat; sembahan; selut; jeung gerak
baksarai.
Ibing keurseus ogé ngabogaan tingkatan
embat atawa témpo masing-masing, saperti: lelenyepan atawa lenyepan –témpona lambat sarta ngabogaan watek lungguh;
monggawa –témpona sedeng sarta ngabogaan
watek gagah; jeung nyatria –témpona gancang
sarta ngabogaan watek lanyap. Tingkatan ieu, gumantung kana wirahma
kawih sindén –ronggéng atawa waditra anu dipaénkeun ku nayaga. Keur lenyepan,
biasana ngagunakeun gending: Sulanjana; Udanmas; jeung Banjarsinom. Keur
monggawa, biasana ngagunakeun gending Bendrong jeung Panglima. Keur nyatria,
biasana ngagunakeun gending Gawil jeung Kakacangan. Gamelan anu dipaénkeun, nya
éta: laras pélog atawa saléndro. Sedengkeun pakéan pangibing, umumna sarua
jeung pakéan dina ibing tayub. Mangrupa pakéan ménak modél takwa tutup, atawa
modél parangwadana –jas buka. Sinjang
anu dipakéna, ngagunakeun motip kaén batik Priangan atawa Cirebonan. Keris,
biasana mah diselipkeun dina cangkéng ditukangeun sodér –karémbong. Sodér ieu, panglobana digunakeun dina gerak sépak sodér.
Sedengkeun keur tutup sirahna, maké iket lohen –polontosan atawa bendo citak anu dihiasan ku bros.
Ronggéng
Kecap ronggéng, sabenerna mah lain kecap
anyar. Ti baheula mula –cenah mah saméméh
karajaan Pajajaran aya ogé, ronggéng mah geus dipikawanoh. Propési ronggéng,
lain propési anu “samanéa”. Teu sagawayah, jeung teu sabongbrong jadi ronggéng.
Teu kucup ku rupa geulis, atawa pangawakanna kudu hadé wungkul. Cara ngahormat,
cukup ku neueulkeun leungeun kana dada –jadi,
ngalarapkeun aturan-aturan anu ngalarang ayana kontak pisik langsung antara
ronggéng jeung nu ngigelanana. Aturan ieu téh diayakeun, sangkan teu aya
anggapan masarakat yén ronggéng idéntik jeung “awéwé purah ngagoda lalaki”. Hiji
wanoja anu milih atawa kapilih jadi ronggéng, kudu nyekel tilu pakem/katangtuan,
nya éta: Winara Rékaswara –kudu percéka
dina ngolah sora, naha ngawih naha mamaos; Winara Rékaningceta –kudu percéka dina ngolah gerak awak atawa
ibing; jeung Winara Rékawacana –kudu
wijaksana dina cacarita jeung dina nyusun ungkara basa, ulah teu sopan
(jajauheun tina centil mah). Upama alus sora; alus ngibing; jeung sapopoéna
andalemi tur boga tata-titi duduga peryoga, nya lulus jadi ronggéng. Hartina,
anu katarima jadi ronggéng mah nya éta anu lulus dina kamampuh ngajalankeun anu
tilu pasaratan téa. Ku lantaran kitu, wanoja baheula mah pahayang-hayang jadi
ronggéng téh. Sabab, lamun aya wanoja anu geus diaku ronggéng, hartina éta
wanoja geus boga kahormatan anu ajénna luhur.
Numutkeun buku “Déskripsi Seni Daérah”
anu disusun ku H. Djadja Sukardja S, méré gambaran kumaha beuratna jadi
ronggéng:
“Calon
ronggéng kudu kuat méntal jeung pisik sajero diajar nu lilana bisa nepi ka tilu
bulan, diwulang tembang jeung diajar ngibing. Kudu kuat daya ingetna sabab guru
tara ngajarkeun wawangsalan katut lagu oron ti dua-tilu peuting, cukup
sapeuting kudu geus apal. Tahan kurang saré kurang dahar. Malah dina
"hataman" mah ukur dibéré sangu dua huap, sagedé indung suku nu
dijerona geus dicampuran ramuan, diantarana tujuh siki pedes. Sangkan sorana
lepas, tina liang irung nepi ka tikoro diasupan bari digera ku akar antanan.
Mun palakiah panjang napas, calon ronggéng kudu latihan teuleum di sungapan
atawa walungan nu aya curugna. Malah aya katangtuan nu baku, yén salila jadi
ronggéng teu meunang boga salaki atawa heureuy jeung lalaki”.
***
How To Make Money On Sports Betting
BalasHapusOnline dental implants sports betting หารายได้เสริม is available for a whole https://deccasino.com/review/merit-casino/ host of US and kadangpintar European sports betting markets. Some US gri-go.com states, like Louisiana and New Jersey, allow