Moal
sieun béakeun pipamajikaneun, salila masih kénéh trang-tring-trung lisung mah. Bujang jeung lanjang di saung lisung, tarutunggulan
ngagondang bari garogonjakan sempal guyon. Silih
simbeuh ku kadeudeuh, karakawihan bari nepungkeun jodo.
Kasenian Tutunggulan ti Desa Dangiang, Kacamatan Banjarwangi-Garut. |
Saung
Lisung
Nutu Pare di Saung Lisung |
Saung lisung, lain baé tempat nutu paré
tapi jadi tempat ngaraketkeun tali mimitran wargana. Saung lisung ogé
mangrupakeun tempat hirup-kumbuh papada warga kampung, ngobrol bari jeung silih
pikawanoh. Obrolan di saung lisung, leuwih nyoko kana obrolan dunya awéwé. Kalan-kalan,
boh lanjang –parawan boh anu geus
kulawargaan, sok nyaritakeun gosip-gosip sakampung anu gampang nerekab. Kalan-kalan
deui, jadi tempat papanggihna mojang anu keur séngsérang panon –kakara begér, gogonjakan bari jeung
silih kelétan jeung bujang –jajaka
anu ngahajakeun datang. Nu matak, sok aya kacapangan: “Moal sieun béakeun pipamajikaneun, salila masih kénéh trang-tring-trung
lisung mah”. Tempat saung lisung, biasana mah: di sisi kampung; di sisi
sawah; atawa di sisi balong. Nu bogana, lain sosoranganan tapi masarakat
kampung. Ku sabab kitu, unggal warga kampung, kabéhanana bisa maké éta lisung.
Lobana saung lisung, gumantung kana legana kampung jeung lobana anu dumuk di
dinya. Ngujurna saung lisung, euweuh patokanana. Kamana waé nyangirahna,
disaluyukeun jeung patempatanana. Sok sanajan kitu, di masarakat Baduy, saung
lisung ngujurna ngétan-ngulon –sabab di
kiduleunana aya anu disebut Arca Domas, tempat nu dianggap karamat tur suci.
Tujuanana, bisa jadi, pikeun anu nutu kudu nyanghareup ka Kidul. Upama nutu
nyanghareup Kalér, hartina nukangan ka beulah Kidul –hal ieu dipahing pisan, ulah nepi ka nukangan tempat karamat.
Anu nutu biasana awéwé, teu kahalangan
sok sanajan bari ngais budak atawa sakalian mawa ulin budak anu laleutik kénéh.
Saung lisung ogé osok jadi tempat pangulinan barudak. Biasana, barudak anu geus
hideng tapi acan rumaja. Arulin, bari nyieun cocooan tina bahan anu aya di
sabudeuranana –utamana tina tangkal paré,
sésa dibuat, dijieun empét-empétan.
Prosési
Nutu
Nutu Pare bari Ngais Budak |
Lisung téh hiji alat pikeun nutu paré,
sangkan éngkéna robah jadi béas –lamun
huutna geus kapiceun. Mangrupa alat anu pang-ahirna tina “siklus” hadirna
paré, sanggeus ngaliwatan lalakon panjang anu dimimitian ti: tebar binih di
pabinihan; melak paré –nyawah-ngahuma;
tandur; ngarambét; tunggu; dibuat; nepi ka nyimpen paré dina leuit atawa dina peti
di goah.
Lisung, dijieunna tina tangkal kai gedé
anu kuat –umumna tina kai nangka. nu rampés”. Naptu poé nu hadé keur nuar tangkal pilisungeun, nya éta
dina: naptu lima; dalapan; jeung sawelas. Tujuh kali ngaclékkeun bedog, kudu
bari nahan napas. Karék dituar kalayan ati-ati. Saterusna, dipapras méh ampir
jadi masagi tur manjang. Tuluy, dijieun hiji rohang pikeun tempat paré ditutu.
Mun di tilik-tilik mah, wangunna siga parahu. Ukuran panjangna, teu tangtu –aya nu nepi ka dua méter satengah.
Rubakna, kurang leuwih opat puluh sénti. Sakapeung, dina tungtung lisung osok
aya paranti nyosoh béas –liangna, méh
siga aseupan. Dina tungtung lisung, aya ogé anu sok dihias ku gegelungan.
Sésa kai anu nyésa –urut nyieun lisung,
osok dijieun jubleg. Di Kampung Adat Kuta Ciamis mah, saméméh lisung dipaké
osok dibeungkeut ku gagantal heula.
Panglay; jaringao; bawang bodas; roko; duit; jeung seureuh, ditalian ngantay ku
benang kasur. Gagantal mangrupa sarat keur lisung nu anyar di jieun, tarékah
sangkan lisung jeung Sripohaci ngahiji –tanda
amitan kanu cicing di saung lisung di padung halu, jeung dina hulu lisung.
Hakékatna mah: syukuran tina panén wekasan, jeung paré pageuh nu rék ditutu téh,
sing nyari jadi diri nu hirup-hurip babakti ka nu Maha Suci. é daun nu tangtu, poé
Nutu Pare dina Jubleg |
Lisung, sok dipapasangankeun jeung halu.
Paré anu rék dijieun béas téh, ditutu ku halu. Di sababaraha tempat, kagiatan
ieu téh sok disebut Gendréh –nya éta
sesebutan kana kagiatan nutu dina lisung. Dina prosési ngalaksanakeun nutu
atawa nyosoh, alatna, lain baé ngan sakadar lisung jeung halu. Aya nyiru,
pikeun napi –misahkeun antara huut jeung
béas; pikeun ngésoh/ngagésoh –misahkeun
sérah (mangrupa paré kénéh) jeung béas; jeung pikeun nyikcrik –misahkeun beunyeur (béas anu bubuk akibat
ditutu) jeung béas. Sakali nutu, tara loba, paling ogé keur nyadiakeun béas
supaya kapaké nyangu sapoé atawa dua poé. Komo lamun sangu tina paré gedé jeung
tina paré huma mah, najan saeutik matak ngawaregkeun. Prosési nutu leuwih
didominasi ku awéwé, hal ieu teu leupas tina sikep primodialna urang Sunda anu nganggap
paré téh janggélékna Nyi Pohaci Sanghyang Asri –Déwi Sri. Nu matak, sakabéh prakprakan ti mimiti melak paré nepi ka
nyimpen paré, teu leupas tina upacara panghormatan ka Déwi Sri anu dianggap déwi
paré. Geura wé urang tataan ngaran Pohaci anu ngaping dina mangsa paré keur
dipelak:
Pohaci
Terus Rarang, nu ngaping paré keur sumihung;
Pohaci
Rambat Rarang, nu ngaping paré keur bijil akar;
Pohaci
Léncop Hérang, nu ngaping paré keur jumarum;
Pohaci
Lénggang Hérang, nu ngaping paré keur cumanggah;
Pohaci
Pencar Hurip, nu ngaping paré méméh reuneuh;
Pohaci
Jayang Gini, nu ngaping paré keur tungkul ngeusi;
Pohaci
Ténjo Maya, nu ngaping paré keur beuneur héjo;
Pohaci
Lénggok Kuning, nu ngaping paré keur konéngna.
Nutu jeung Napi, taun 1920-an. |
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar