Sabtu, 20 Juni 2015

Seni Ibing Sunda



Saméméh Jaipongan dipikawanoh ku masarakat Sunda, seni ibing dina pintonan rahayat téh katelahna: Ketuk Tilu. Taun 1978-an, Gugum Gumbira ngawanohkeun seni ibing wanda anyar, nya éta: Ketuk Tilu Perkembangan. Ketuk Tilu Perkembangan, robah ngaranna, jadi: Bojongan. Saterusna taun 1980-an, robah deui jadi: Jaipongan. Ku kituna, Ketuk Tilu jadi inspirasi lahirna seni ibing anu katelahna: Jaipongan.
Waditra: Goong jeung Ketuk.

Ketuk Tilu
Saperti kasenian rahayat lianna anu hirup di kalangan somah, ngaran kasenian osok dipatalikeun jeung: pakakas jeung kaayaan tempat atawa kaayaan alam. Kasenian Ketuk Tilu ogé –cenah, nyoko kana salahsahiji waditra pamirigna, nya éta: Ketuk anu jumlahna Tilu. Ketuk téh sarimbag jeung penclon bonang/koromong atawa rincik, bentukna buleud kawas rantang –ngan bagéan luhurna kawas susu sapi anu keur bareuh. Dina sumber nu sejen, istilah Ketuk Tilu téh asalna tina waditra Ketuk anu ditakol Tilu kali –minangka isarat pikeun waditra séjénna (rebab; kendang; goong) pikeun mitembeyan maénkeun hiji lagu atawa ngan saukur instruméntalia waé.
Nepi ka taun 1980-an mah, aya sésébréd anu sok remen dipaké bahan ngabodor ku: bodor réog; bodor calung; jeung bodor dina sandiwara. Sésébrédna uni na, kieu: “Ketuk tilu kendang dua, érloji diputer deui. Huntu tilu punglak dua, nu hiji geus ungger deui”. Mucunghulna sésébréd saperti kitu, méré gambaran, yén Ketuk Tilu “pernah” jadi kacapangan balaréa –Ketuk Tilu, diperkirakeun kasohor di taun 1916. Sok sanajan Ketuk Tilu geus “teu pati” dipikawanoh deui, tapi, kasenianna mah teu ieuh tumpur. Buktina: masih aya kénéh pintonan Ketuk Tilu di Derenten –kebon binatang Bandung jeung di Kampung Seni & Wisata Cibolérang –Kampung Cibolérang; Desa Cinunuk; Kacamatan Cileunyi – Kabupaten Bandung. Sabenerna mah di wewengkon Garut; Karawang; jeung Kuningan ogé, masih aya anu mintonkeun kasenian Ketuk Tilu téh –ngan hanjakal, jumlahna pohara saeutikna, éta ogé ngan dipikaresep ku “generasi kolot”.
Lamun didéfinisikeun, anu dimaksud kasenian Ketuk Tilu téh, nya éta: wangun kasenian kalangenan anu aya ronggéngan atawa dogér, kalawan pamirigna: ketuk –tilu siki; kendang; kulantér –kendang leutik, dua siki; rebab/tarompét; kempul; kecrék; jeung goong. Dina kamekaran saterusna, pirigan Ketuk Tilu di sawatara wewengkon di Tatar Sunda téh, jadi bagian tina pintonan téater. Contona: Ronggéng Gunung –di wewengkon Ciamis; Banjét –di wewengkon Karawang jeung Subang, Topéng Betawi –utamana di wewengkon Jabodetabék, kaasup seni Ubrug di Banten. Cenah mah, Ketuk Tilu mibanda gaya ibing anu khas –luyu jeung ciri khas wewengkonna. Gaya ibing anu mandiri ieu, ditandaan ku ngaran-ngaran kawihna, saperti: Torondol; Angin-Angin; Dépok; Oray-orayan; Bajing Luncat; Sorongan; Balik Bandung; Ban Karét; Léngkah Tilu; Léngkah Opat; sarta Cantél. Kawih Kidung jeung Érang-Érang dina pagelaran Ketuk Tilu, biasana mah mangrupakeun kawih wajib. Kawih séjénna, saperti: Émprak atawa Émprak Kagok; Polos –anu ngembang jadi “Polos Tomo”, sarta sakapeung-sakapeung disambung kalawan naék Géboy; Berenuk Mundur; Kaji-kaji; Gorong; Tunggul Kawung; Gondang; Sorong Dayung; Cikeruhan; Prang-prang Tarik; Rénggong Buyut; Awi Ngarambat; Bangkét Solontongan; Palérédan; Géséh; Kembang Beureum; Sonteng; Ombak Banyu; Gaya Éngko; Mainang; Karawangan Barlen; Soloyong; jeung sajabana.
Numutkeun sababaraha sumber, kasenian Ketuk Tilu, asal muasalna tina upacara tatanén. Ku kituna, kalungguhan “ronggéng” lain ngan saukur jadi juru kawih atawa juru ibing wungkul, tapi sabagé: Shaman. Oyagna imbit ronggéng –dina konteks upacara tatanén, lain ditujulkeun keur ngondang birahi, tapi hurmatan ka Nyi Pohaci –Déwi Kasuburan.
Ku lajuna mangsa, Ketuk Tilu ngalaman parobahan. Tina nu sipatna “ritual”, robah kana “kalangenan” –hiburan. Kalungguhan ronggéng, geus jadi “penari bayaran”. Ronggéng dibéré: jabana –di sawér duit. Tapi mun ditilik tina jihad ékonomi mah, gambaran gawé profésional téh geuningan geus aya ti béh ditu mula –ku geus dipakéna seni, jadi lahan usaha keur pangupa jiwa.
Sanajan geus ngagésér jadi seni kalangenan, tata cara pintonanna mah masih ngagunakeun padika heubeul. Tempat pintonan, cukup dicaangan ku oncor –obor. Ayana oncor di tengah pakalangan, lain ngan ukur keur nyaangan wungkul, tapi mibanda harti nu mandiri. Oncor téh lambang Mandala, nya éta: pancerna buana atawa puseurna dunya. Pagelaranna teu maké panggung anu diundakkeun, tapi, panggung ngupuk –keur nayaga anu nabeuh jeung ngigel.
Pamaén Ketuk Tilu, diwangun ku: lurah kongsi –pupuhu rombongan; ronggéng; jeung nayaga –tukang kendang, tukang kecrék, rebab/tarompét, ketuk, jeung tukang goong. Waktu magelarannana, dimimitian ba’da Isya nepi ka wayah Janari –aya kalana nepi ka sapeuting jeput. Runtuyan pintonanna, biasana dimimitian ku tatalu; ronggéng ngawih Kidung atawa ngawih Kembang Gadung; laju kana ibing ronggéng Wawayangan –ibing Wawayangan mangrupa ibingan keur némbongkeun kaparigelan ngawih jeung ngibing nyi ronggéng. Dina ibing Wawayangan ieu, ronggéng lulugu –ronggéng utama; ronggéng pangbarep –ronggéng pangméncrangna; jeung ronggéng lianna, ngadu kaparigelan ngawih jeung ngibing. Saréngséna ngibing, ronggéng ngajajar hareupeun nayaga. Saterusna, ka tengah pakalangan, asup Pamogoran –lalaki atawa jawara anu mika-gandrung kana ibing Ketuk Tilu. Pamogoran biasana sok langsung ménta lagu, tapi aya kalana osok némbongkeun heula momonés –pamér ngibing jeung némbongkeun kakuatan jurus ibing. Aya ogé Pamogoran téh anu osok langsung milih ronggéng, terus ngigel jeung ronggéng anu dipilihna. Réngsé ngigel, manehna méré pamasak atawa duit sawér ka nyi ronggéng. Mun pagelaran Ketuk Tilu parantos lekasan, aya kalana Pamogoran téh osok “mogor” di imah nyi ronggéng.
Upama ditilik tina jihad pintonan, runtuyan anu geus didadarkeun di luhur bieu, kabagi jadi tilu adegan, nya éta: Babak Tatalu; Babak Erang; Babak Pasakan. Wincikana, saperti kieu:
ADEGAN KAHIJI (Babak Tatalu)
Dina adegan kahiji, waditra nu mirig téh ditabeuh dina iringan “tatalu” –gunana pikeun ngumpulkeun nu lalajo jeung parapamilon. Pamilon –calon nu rék ngibing jeung anu lalajo, caricing di sabudeureun pakalangan –biasana mah bari nangtung, nagog, atawa diuk. Sanggeus balaréa daratang jeung ngumpul, dimimitian ku pararonggéng asup ka jero pakalangan, ngibing babarengan ngurilingan lampu oncor. Gerakan ibingna disebut Jajangkungan jeung Wawayangan, sarta gerakanna geus diatur saméméhna ku wirahma anu anca. Bagian saterusna, nya éta: Wawayangan. Di ibingkeun ku ronggéng, kalawan posisi satengah bunderan atawa tapal kuda. Biasana, maranéhanana ngibing bari ngawih Kidung.
Saterusna, lurah kongsi ngaduruk menyan dina parupuyan kalawan pangradinan –sasajén. Laju mapatkeun jangjawokan, ménta kasalametan salila magelaran sarta ménta rizki anu réa. Sajaba ti éta, dibacakan ogé –bari lalaunan “asihan” sangkan pararonggéngna dipikaresep ku parapanongton. Anu dipiharep, sangkan parapanongton jembar haté pikeun mikeun duit. Réngsé Wawayangan, pararonggéng ngajajar ka gigireun tur nyanghareupan panjak –paranayaga. Lamun di luhur panggung, mangka posisi barisannana nukangan anu lalajo.
Salila Babak Tatalu ieu, gamelan tetep ngangkleung dina kawih Kidung. Réngsé kawih Kidung, ronggéng nyieun posisi ngawangun bulan sabit, nyinghareup ka arah panongton, dituluykeun dina Babak Érang.
ADEGAN KADUA (Babak Érang)
Sanggeus ibing bubuka dipilampah ku pararonggéng, dituluykeun ku ngibing babarengan –pararonggéng jeung panongton lalaki/pamogoran. Ronggéng, ngibing ku léngkah-léngkah anu pondok jeung ngayunkeun leungeunna wungkul. Sedengkeun pamogoran, ngibing ku rupa-rupa gerakan –lolobana mah tina gerakan penca. Minangka selingan, dina ngibing babarengan téh biasana dipintonkeun ibing Tongtonan ku panjak –salah sahiji nayaga atawa ti anu nongton –lamun aya nu ménta ku gerakan anu baku –luyu jeung gendingna. Dina ieu adegan selingan téh, geus aya pola wirahma anu tangtu tur baku jeung gendingna –dumasar kahayang nu ngibing.
Dina babak ieu, ronggéng ngibing babarengan sacara bébas dipirig ku kawih Érang-Érang. Panongton, bébas ngibing tanpa kudu mayar duit pasakan –duit bokingan. Babak ieu dipidangkeun husus pikeun panongton anu resep ngibing, minangka pamanasan sakaligus “bonus”, alatan henteu kudu mayar.
ADEGAN KATILU (Babak Pasakan/Parebut Ronggéng)
Réngsé Babak Érang, kakara saterusna dituluykeun dina Babak Pasakan. Parapamogoran anu ngibing jeung ronggéng, kudu mikeun duit paseuk ka ronggéng atawa panjak.
Dina acara puncak, geus biasa aya adegan parebut ronggéng. Pamogoran, silih rebut ronggéng pikeun ngibing jeung ronggéng “primadonana”. Dina milih ronggéng –minangka pasangan ngibing, mindeng lumangsung kaributan, ku kituna babak ieu dingaranan Parebut Ronggéng. Ku alatan éta, Ketuk Tilu kungsi dilarang ku pamaréntah dumasar alesan demi kaamanan sarta katartiban umum. Tapi dina émprona mah, Ketuk Tilu téh teu ieuh leungit, tetep lumangsung di kahirupan balaréa.
Kalakuan Pamogoran mangsa bihari –baheula, teu pati jauh jeung kalakuan kaom Bajidor dina kasenian Bajidoran –Kiliningan Jaipongan mangsa kiwari. Asup ka pakalangan téh, lain sagemblengna keur nyicikeun “éksprési seni”. Karéréaanna mah ka jurung ku gitek; kelét; jeung rindat nyi ronggéng.

Jaipongan
Gurilapna ibing Jaipongan, gedé pakaitna jeung anu marajianna: Gugum Gumbira Tirasonjaya. Ieu seniman seuweu –putra pameget ti pasangan H. Suhari jeung Hj. Oyoh téh, taun 1980-an ngageunjleungkeun jagat panggung seni Tatar Sunda, Nusantara, jeung Mancanagara, ku karyana anu dingaranan: Jaipongan.
Gugum ti burey kénéh, béda karesepna jeung dulur-dulurna. Lain anyang-anyangan, Gugum mah kadon resep diajar maénpo atawa penca ka bapana. Nincak mangsa rumaja, mimiti diajar Ketuk Tilu. Manjing sawawa, kukurusukan ka wewengkon Karawang jeung Subang –ngundeur luang tina seni Topéng Banjét, Kiliningan Bajidoran, jeung seni séjénna. Gerak “bukaan”; “pencugan”; “nibakeun”; jeung sababaraha ragem gerak “mincidtina sababaraha ibing Ketuk Tilu; Topeng Banjét; jeung Kiliningan Bajidoran, nga-inspirasi Gugum keur ngamekarkeun ibing atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka Jaipongan. Sababaraha gerak dasar ibing Jaipongan –lian ti Ketuk Tilu, Bajidoran sarta Topéng Banjét, ku Gugum dieuyeuban maké gerakan seni nu séjénna, saperti: Tayuban jeung Penca Silat.
Resep kana kasenian, kaanteur ku geureuha –pamajikan na, nya éta: Euis Komariah –maéstro seni kawih jeung tembang. Anu jadi obsési Gugum, nya éta: sangkan ibing ra’yat jadi ibingan anu bisa unggah ka tengah pakalangan. Ku ayana rojongan ti “patih goah” –bojo, sumanget Gugum pikeun matéakeun seni Sunda, leuwih ngagedur.
Taun 1974, Gugum ngadegkeun grup kasenian anu dingaranan: Jugala. Taun 1978, ngilu aub kana féstival kasenian ra’yat tingkat Jawa Barat di Gedong Merdeka Bandung. Taun éta kénéh, ku Propinsi Jawa Barat dipercaya ngawakilan Jawa Barat dina féstival tari ra’yat tingkat internasional di Hongkong. Di Hongkong harita, Gugum midangkeun ibingan anu dingaranan: Ketuk Tilu Perkembangan atawa Ketuk Tilu Kamekaran –terus diganti jadi: ibing Bojongan. Taun 1980-an, ibing Bojongan diganti deui jadi: Jaipongan. Ketuk Tilu Kamekaran –sabab dasar ibing éta mangrupakeun “kamekaran” tina Ketuk Tilu, mangrupa karya munggaran Gugum Gumbira anu kacida kentel kénéh ku “kelir” ibing Ketuk Tilu –boh tina segi koréografi atawa pirigannana.
Waktu mimiti medal, Jaipongan kungsi jadi bahan catur balaréa –patali jeung anu jadi papayung Jawa Barat, teu pati panuju kana tilu G: géol; gitek; jeung goyang. Ibing Jaipongan, dianggap érotis tur vulgar. Ku ayana pro jeung kontra kana ibing Jaipongan, sabenerna mah gedé pisan mangpa’atna keur Gugum mah. Karya na, jadi pada mikawanoh –malahan dipigandrung ku balaréa. Komo deui sanggeus ibing Jaipongan dipintonkeun dina TVRI stasiun puseur Jakarta, taun 1980. Jaipongan, beuki kasohor. Lian ti éta, pola tepak kendangna eunteup kana seni séjénna –dangdut; wayang golék; seni pop; katut seni tradisi. Ku seni Jaiponganana, Gugum Gumbira geus bisa ngejatkeun seni ra’yat kana panggung anu leuwih gedé ambahanna. Tina leungeun kréatipna, medal sababaraha ibing Jaipongan dina wangun tunggal; pasangan; jeung rampak, di antarana: Daun Pulus Késér Bojong; Réndéng Bojong; Rawayan; Sétra Sari; Banda Urang; Rampayak; Sonteng; Toka-Toka; Kawung Anten; Oray Welang; Pencug jeung Jalak Ngejat.
Gumelarna Jaipongan di jagat seni Indonesia, sabenerna mah méré “kontribusi” anu cukup badag ka paraseniman tari, pikeun leuwih aktip matéakeun deui jenis tarian ra’yat anu saméméhna kurang perhatian. Jaipongan, dimangpaatkeun ku paraseniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus tari Jaipongan. Kitu deui, dimangpaatkeun ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah. Sacara teu langsung, usaha sarupa kieu, apanan minangka usaha “pemberdayaan ékonomi kreatip” ngaliwatan ibing Jaipongan.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar