Di
Batukarut, upama rék hajat atawa kariaan téh, ngondang ka balaréana maké udud.
Nu diondang, dicirian ku lobana udud. Ondangan ku udud sabungkus, disebutna:
diajir. Demi anu ondangan ku udud sabatang, disebutna: ngokoh. Lain wewengkon,
lain deui tradisina. Paingan aya babasan: “jawadah tutung biritna”,
sacarana-sacarana.
Anu olah-olah teh, lain ngan anu kariaan bae, tapi dulur-dularna oge. |
Ajir
jeung Ngokoh
Lembur Batukarut téh perenahna di Désa
Talagasari, Kacamatan Sagalahérang –bawahan
Kabupatén Subang. Kaayaan patempatanana mah, kaasup lumrah pilemburan baé –ngan loba batu. Éta sugan pédah kitu, nu
matak dingaranan lembur “Batukarut” ogé. Lumrahna di urang, nu rék hajat atawa
kariaan –boh sunatan boh kawinan, ari
ngondang téh sok ku surat ondangan baé –ka
nu lian jeung ka nu anggang mah. Atuh, cukup ku lisan –lamun ka dulur atawa baraya, kitu deui ka tatangga deukeut mah.
Tapi, di lembur Batukarut mah lain deui. Ondangan téh, ku udud alias roko.
Ududna, naon baé anu jajartengah –teu
murah teuing, teu mahal teuing. Ngan, rada unik. Nu diondang,
dipasing-pasing deui jadi dua “kelas” –anu
dicirian ku lobana udud. Kelas hiji, diondangna ku udud sabungkus –nu kitu, disebutna: diajir. Sedengkeun
anu kelas dua, diondangna ku udud sabatang –nu
kieu mah, disebut: ngokoh. Sok sanajan kitu, anu diondang téh sabenerna mah
ngabogaan “hak pilih” –naha rék narima
ajiran atawa rék narimah ondangan ngokoh baé. Jadi, sanajan ku nu rék hajat
téh, “si Dadap” kapilih jadi kelas hiji –dibéré
udud sabungkus téa, tapi lamun “si Dadap” ngan milih narima udud sabatang –kelas dua, bisa baé. Kaayaan kitu téh,
biasana, upama si anu diondang ngarasa “henteu kauntup” nyumponan “andilan”
dina waktuna.
Anu “diajir” –nya éta, nu meunang udud sabungkus téa, boga “kawajiban mutlak”
pikeun nyambungan. Disebut kawajiban mutlak téh, pédah éta lamun manéhna henteu
nyambungan, konsékwénsi-na téh: “bakal ditagih ku pihak nu boga hajat” –teu béda ti anu boga hutang baé. Ari nu
“ngokoh” –nya éta, nu narima ondangan
udud sabatang téa, rék nyambungan atawa rék henteu nyambungan, teu boga
kawajiban mutlak alias mangsa bodo –najan
dina émprona mah, kacida ngéstokeunana anu diarondang téh.
Gedéna duit panyambungan pikeun nu
diajir, geus ditetepkeun “wates minimum” na –disebutna téh: andilan. Demi mikeunna duit andilan téa, lain ka anu
boga hajat, tapi ka “panitia hajat”. Di dinya, panitia hajat geus boga “daptar
ajiran”. Jadi, singsaha baé anu diajir datang –bari masrahkeun duit andilanana, panitia kari nyatetkeun baé. Ku
lantaran kitu, duit keur nyambungan –andilan
téa, tara ieuh diamplopan atawa dibungkus dibuni-buni –cara ilaharna di tempat séjén, ieu mah “ditembrakkeun” baé. Tah
lamun geus kitu, anu hajat –nu ngondang téa
sasat malik jadi boga hutang ka saban nu méré andilan. Konsékwénsi-na téh, manéhna
wajib nyambungan –mulangkeun deui sajumlah
nu ku manéhna geus katarima ti singsaha anu méré andilan téa samangsa isuk-jaganing-géto,
anu andilan ngayakeun hajat sarta ngondang manéhna.
Ceuyah
Ondangan –boh ajiran, boh ondangan ngokoh, resmina mah ditujulkeun ka kapala kulawarga
–salakina. Tapi, ari dina émprona mah
pamajikanana ogé milu “nyambungan mandiri” –ku
béas jeung duit. Ku kituna, anu tas hajat téh éstu mucekil kacida –duit merekis, béas ngalayah. Jaba éta téh
can ngitung panyambungan ti dulur atawa barayana –sabab dulur jeung baraya mah lain deui nyambunganana téh. Dulur
atawa baraya mah nyambunganana –lian ti
duit jeung béas téh, ditambah ku kuéh-kuéh jeung cau deuih. Ari nu disebut
kuéh-kuéh di dieu mah, sabangsaning kaolahan tina ketan, kaya-kayaning: opak; rangginang;
kolontong; wajit; ulén; jeung sajabana. Atuh lamun aya anu rék hajat atawa
kariaan téh, anu pak-pik-pek olah-olah téh, lain ngan anu rék boga hajat baé –dulur-dulurna ogé, ngilu obyag nyarieun kuéh
keur nyambungan téa.
Biasana –sabubarna hajat, béas anu medah-meduh ngalayah ampir teu kawadahan
téh, osok dijual atawa dieclokkeun –diinjeumkeun
ka saha baé anu butuheun. Ari kuéh-kuéh jeung cau mah, keur dipaké pamulang ka
pamajikan-pamajikan anu nyambungan ku béas jeung duit téa –nyambungan mandiri. Sabab, pamajikan anu nyambung mandiri mah, tara
disuguhan dahar –ukur disuguhan ngopi.
Sedengkeun anu andilan jeung nu ngokoh –salakina
mah, disuguhan dahar.
Ari lebah nyuguhan dahar ka anu
nyarambungan téa, éstuning basajan pisan –pangpangna,
lebah deungeunna. Mun kudu diijir mah, kira-kira saperlima-na tina pangaji
andilan téh. Nu matak, hajat téh méh sarua jeung muka céngcéléngan –keur nu ngayakeun hajat mah.
Kalan-kalan, pangasilan tina hajat téh bisa diandelkeun keur “nambahan moda”l
leuleutikan atawa keur nyieun imah leutik-leutik baé mah.
Kumaha atuh upama ninggang di anu teu
boga sunataneun atawa kawinkeuneun? Tegesna, anu teu boga alesan pikeun
ngayakeun hajat, padahal manéhna téh geus loba neundeun andilan di nu séjén. Keur
anu kitu, biasana mah sok néangan “pihajateun”. Naha nyalametkeun orok opat
puluh poéna, atawa nyalametkeun pindah imah téa. Upama teu boga budak sunataneun,
bisa baé nginjeum budak dulur atawa budak tatangga nu teu mampuh. Pokona mah,
sangkan bisa hajat.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar