Seni
tari téh mangrupa média komunikasi, anu ditembrakkeun ngaliwatan gerak ku jalan
ngandelkeun waruga manusa minangka alatna. Ari asal-muasalna mah, manusa téh
perelu ngayakeun komunikasi jeung kakuatan goib di saluareun dirina, demi keur
nyalaraskeun dirina jeung lingkunganana dina raraga mertahankeun hirupna. Arwah
karuhun jeung kakuatan goib anu matuh dina: batu; kayu; huluwotan cai (kaabus
sasatoan), anu bisa dipaké cukang pikeun komunikasi ngaliwatan tari. Ibing
Sunda anu ngandung ajén-inajén karamat (ibing ritual), kiwari ngésér kana ibing
nu ngandung anjén-inajén pergaulan atawa tongtonan (ibing sosial). Ajén-inajén
ibing karamat dina upacara-upacara adat karuhun, ngésér kana ibing hiburan dina
pésta hahajatan. Ku kituna, ibing nu asalna diigelkeun keur ngabeberah anu
ngibingna sorangan téh, atuh ari brasna mah, jadi diréka-réka pikeun
pintonkeuneun di hareupeun balaréa. Ibing
Sunda anu asalna tumuwuh di padésaan téh, kiwari mah mekar di pakotaan téh keur
lalajoaneun.
Ibing
Ritual
Di Tatar Sunda kiwari masih bisa
kasaksian –di sagigireun tari Sunda anu
ngabogaan ajén-inajén tongtonan jeung hiburan téh, aya tari anu masih kénéh
ngandung ajén-inajén karamat –sakral.
Diantarana, anu ilahar dipilampah dina “Upacara Ngaseuk” di kalangan masarakat
Kanékés –nu ku balaréa mah leuwih dikenal
salaku masarakat Baduy. Maranéhanana ngayakeun komunikasi ka Dangdayung
Trusnawati atawa Déwi Sri –minangka nu
ngawasa paré katut pepelakan séjénna, maké média “komunikasi” anu wujuding:
Tari Ngalage –dipirig ku angklung,
dibarung ku kawih. Ngibing bari ngurilingan Pupuhunan ieu téh, ditujulkeun
ka Nyai Sri. Kitu deui di wewengkon Priangan –saperti di Rancakalong Sumedang, masih kénéh kapanggih tari Sunda
keur ngareuah-reuah upacara-upacara penting –acara: Sérén Taun, Mitembeyan Panén, Ngaruat, Rebo Wekasan, jeung
sajabana. Éta tarian téh dibéré rupa-rupa jujuluk, aya nu nyebut: Tari
Sampiung –pédah aya lagu pangiring nu
ngaranna Sampiung, aya ogé anu nyebut: Ibing Ngékngék –pédah waditra pangiringna ku Tarawangsa anu ku maranéhna disebut Ngékngék.
Kitu deui di pakidulan Ciamis, aya Ibing Ronggéng. Nyai Ronggéng téh minangka
janggélékna personifikasi Putri Samboja anu mingpin sabubuhan lalaki dina
raraga nyusun kakuatan pikeun males pati pédah salakina aya nu maténi, jeung
keur mertahankeun wewengkonna tina serbuan bajo –bajag laut. Ieu ibing téh, tungtungna mekar jadi Ketuk Tilu –minangka ibing pergaulan.
Lebah dieu, urang Sunda téh meujeuhna
nganuhunkeun ka paraluluhur, patali jeung geus ngarundaykeun seni anu ka
dieunakeun jadi bibit buit tradisi kahirupan urang Sunda.
Ronggeng Gunung |
Ibing
Sosial
Sagala rupa gé di ieu dunya téh teu aya
nu cicing, tapi salawasna teu weléh bagerak. Ku kituna, tradisi ogé teu weléh
mekar. Atuh dina kaitan “komunikasi” na ogé, nya kitu deui ngilu mekar. Kamekaran
–atawa sebut waé: pergéséran
ajén-inajén ibing karamat dina upacara-upacara adat karuhun, ngésér kana ibing
hiburan dina pésta hahajatan. Cindekna mah, ibing nu tadina jadi média
komunikasi jeung nu goib, ngajanggélék jadi média komunikasi antarmanusa. Salin
jinisna ibing ritual kana ibing sosial téh, aya patula-patalina jeung
modernisasi. Sarat-sarat keur mepekan ajén-inajén sangkan leuwih punjul,
nungtut dilarapkeun sangkan leuwih sampurna. Ti mimiti gerak jeung papakéan –kaabus masieup anu ngaribingkeunana.
Dina hal ieu, teu carang anu lalajo ogé milu meunteun jeung milu méré saran
pikeun nyampurnakeun.
Tari Wayang, disangling deui ku
perwatekan anu diluyukeun kana perwatekan carita wayang. Antukna, lahir Ibing
Wayang jeung Ibing Topéng. Atuh kabeungharan gerakna beuki euyeub, luyu jeung
perwatekan nu jadi kasangtukangna. Bréh baé wujud gerak jeung sikep ibing anu
mandiri, dibarung ku: wanda; sari; katut alur, binarung jeung kaparigelanana.
Kitu deui, dituturkeun ku panyalarasan gending iringanana katut anggoan jeung
sagala rupaning pancarakenna.
Ibing Topéng, minangkana mah
pangnyongcolangna diantara Tari Wayang. Di sagigireun kitu –saperti Ibing Topéng Babakan ti Cirebon
upamana, teu weléh jadi pamatri dina saban upacara hahajatan –di sagigireun nanggap wayang kulit. Kitu
deui, sok dipaké mirig upacara Ngunjung di makam luluhur. Keur anu ngaleukeunan
ngulik mah, aya nu boga anggapan yén éta ibing téh ngandung ajén-inajén
perlambang “siklus kahirupan” –dina saban
perwatekan Ibing Topéng Babakan. Ari perlambang nu kakandung dina Ibing Topéng
Babakan ieu téh, kaunggel dina: Tari Panji; Pamindo; Tumenggung; jeung Ibing
Kalana, tur mancer kana cabang Ibing Keurseus ti Priangan ngaliwatan Ibing
Lenyepan; Ibing Nyatria; Ibing Monggawa; jeung Ibing Ngalana. Ibing Keurseus
téh, mangrupa hiji conto pamekaran ibing Sunda kana tahap anu leuwih hadé.
Atawa beunang ogé disebut ngangsrod ka hareup, lain ngésér ka gigir. Dina
mangsa kajayaanana –sabudeureun taun
1930-an, Ibing Keurseus téh geus ngalantarankeun ibing pria di Tatar Sunda
leuwih daria –kajurung ku ayana ibing
pasanggiri anu harita leuwih sohor disebut: Kongkurs Ngibing. Ngaliwatan
éta pasanggiri, geus dibakukeun kriteria pameunteunan anu diwangun ku: Bisa;
Wanda; Wirahma; Sari; jeung Alus –anu
nyakup: kaparigelan, wirahma, panghayatan, katut kasalarasan sagemblengna.
Cabang séjeéna anu nyumber kana Ibing
Wayang, nya éta ibing padikana R. Tjétjé Somantri –anu muncul taun 1950-an. Dicikalan ku Ibing Puja; Ibing Déwi; Ibing
Anjasmara; Ibing Graéni; jeung Ibing Koncaran, anu nepi ka kiwari masih kénéh
mangrupakeun “ibing poko” keur kalangan putri. Ari ibing keur kalangan putra, éta
mah dimimitian tina: Ibing Samba; Ibing Panji; jeung Ibing Pamindo. Teu bisa
dipungkir, yén R. Tjétjé Somantri téh geus mangrupa panyambung keur
kalumangsungan ibing Sunda. Iwal ti kitu téh deuih, karyana geus ngalahirkeun “idiom-idiom”
gerak minangka upaya keur ngarekahkeun, anu beuki dieu beuki pada naluturkeun –kaabus ogé lebah pirigan ibingna, anu geus
ngalantarankeun daya tarik luar biasa.
Panutup
Sagala rupaning kamekaran katut ngagésérna
ajén-inajén, geus karandapan. Nepi ka danget ieu mah kakarék nepi ka lebah jadi
média komunikasi anu gumebyar pikeun ngahibur wungkul –acan nepi kana tujuan keur ngahudang pangalaman éstétik parapangajén.
Sok sanajan anu disebut parapangajén sarupa kitu téh, can aya di kalangan
masarakat.
Yén ibing Sunda mibanda asal-usul
mandiri tur tumuwuh di tengah masarakat –lain
ti golongan éksklusif, bisa ditinggal tina sababaraha istilah gerakan –anu teu sabaraha géséh tina hirup kumbuhna
sapopoé. Upamana baé, aya gerakan anu disebut: du’um peuteuy; mesék roay; lélé
ngosér jeung lélé nenggak; mujaér mundur; peucang kaanginan; gebés pacul; hayam
kabuhulan; jeung réa-réa deui.
Sacara umum, teu aya gerakan anu
ngagentak ngagunakeun tanaga nu kaleuleuwihi. Éstu basajan waé, tur walatra.
Teu aya pamusatan di salah sahiji anggota badan, teu aya sikep anu nonggérak,
teu aya réngkak anu tipepereket atawa mereketengteng –iwal ti dina Ibing Penca-na mah. Cindekna, teu aya nu méngpar tina
gerakan sapopoé anu salawasna wajar teu dijieun-jieun.
Sok sanajan urang acan nepi kana tingkat
kahirupan modern, teu aya salahna nataharkeun diri ka lebah dinya. Teu aya
salahna deuih, upama urang mikirkeun ngadeudeukeutkeun tina kahirupan tradisi –sakumna anu geus diwariskeun ku karuhun
ka alam modern anu kudu dihontal. Paréndéné kitu, teu kudu gurunggusuh rurat-rérét
kana bahan-bahan pikeun ngotéktak téh ti paluaran. Tradisi tari Sunda ogé
apanan acan mantep, loba kénéh lolongkrang pikeun henteu tipoporosé nyieun
karya anyar anu justru ngabalukarkeun “ngarabut akar-jangkarna”. Akar katut
bahan bakuna, geus nyampak. Anu rék ngagulang-gapér ibing, masih ngabogaan
lolongkrang anu jembar kénéh pikeun ngedalkeun keretegna anu Nyunda.
***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar