Upami
niténan lirik atanapi rumpaka nu sok diaranggo dina lagu-lagu kawih, sanaos
henteu seueur, nanging aya hal-hal anu matak “ngahudang kapanasaran”. Aya kecap
atanapi ungkara, nu sesah ngahartoskeunana. Kaéndahan hiji lagu, bakal langkung
karaos upami dikiatan ku lirik. Ngajiwaan lagu ogé kedah disarengan ku
ngajiwaan lirik-na, margi lirik sareng lagu téh sasat teu tiasa dipisahkeun,
kedah gumulung ngahiji. Dupi ngajiwaan lirik atanapi rumpaka, tangtosna ogé
upami kekecapan nu aya dina lirik téh, tétés sareng teges hartosna.
Sateuacanna simkuring seja tamada, wiréh
ieu pedaran téh tangtos seueur kakirang –tetebiheun
tina sampurna mah. Conto kasus-na éstuning basajan pisan, kadar dipilihan
tina lirik atawa rumpaka lagu nu sok kakuping sadidinten. Ambahanana rumaos
heureut teuing, henteu kabujeng niténan lirik atanapi rumpaka lagu jaman
kapungkur. Nya kitu deui perkawis sistematika sareng métoda-na, tebih tina
nyugemakeun. Teusing nganggo métoda anu harib-harib ilmiah, mung nganggo métoda
maca –sakadar kénging bucu-baca, tansah
tawakupna. Nanging sok sanaos kitu, mugi-mugi ieu “pedaran goang” téh,
mamanawian aya mangpaatna –sakirang-kirangna
bahan émutaneun sugri anu aya patalina sareng sabudeureun lirik atanapi rumpaka
lagu-lagu Sunda.
Wawacan
jeung Guguritan
Sadayana sami uninga wiréh anu disebat
wawacan téh, nya éta: karya sastra anu mangrupi “carios panjang anu dikarang
nganggo wangunan pupuh”. Ku margi carita, atuh tangtos anu dipentingkeunana ogé
nya éta perkawis “lalakon” na. Sakaterang mah, wawacan téh dikarangna ku
para-ahli basa. Ku margi kitu, atuh munasabah upami basana ogé basa anu
“nyakola”. Jabi ti éta, parapangarangna ogé kalintang pengkuhna kana
aturan-aturan pupuh –babakuna perkawis
guru-lagu sareng guru-wilangan, ngaruntuykeun ti pupuh ka pupuh. Nanging,
nya kitu. Rupina mah ku pengkuh-pengkuhna kana atutan guru-lagu sareng
guru-wilangan, sakapeung rajeun kapendak kecap-kecap anu “kapaksa”
diteukteukan, sapertos: kecap jero jadi jro; kecap para jadi pra; kecap iatna
jadi yatna; sareng kecap bupati jadi bupatos atanapi tumenggung. Hal sapertos
kieu téh, kapendak ogé dina lirik –dangding
lagu tembang: “na iraha rék kauntun..” (Kinanti). Kecap “na” tangtosna gé
neuteuk tina kecap “naha”. Kitu deui dina: “sumiriwik kadi walik..”
(Dangdanggula). Kecap “kadi” kenging neukteuk tina kecap “kadya”. Neukteukan
kecap sapertos kitu téh –sapanjang henteu
matak ngarobih harti kecap, ku émutan mah henteu lepat-lepat teuing. Jabi
ti éta, ku anu telik niténan mah rajeun sok kapendak hal-hal anu karaos “teu
patos logis”. Sapertos dina guguritan: warna-warni lauk émpang.. (Wawacan
Rengganis). Cenah lauk lalawak sareng julung-julung mah, sanés jenis lauk-kukut
nu sok aya di balong –émpang nanging
lauk-jarah anu ilahar ayana di walungan. Rupina kitu téh, duméh pangarang
ngaraos “kapaksa” kumargi nojo teuing kana aturan guru-lagu/guru-wilangan
antanapi purwakanti. Dupi anu aya patalina antawis wawacan sareng lagu –babakuna tembang, kirang lakung kieu:
Puluhan taun anu kalangkung, di Pasundan kantos rada haneuteun ku seni maca
wawacan ku cara ditembangkeun. Ieu kasenian téh, disebatna: seni mamaca atanapi
seni macapat. Ieu kasenian téh, mangrupi hiburan –ilaharna dina opatpuluh dintenna anu orokan. Hanjakal ieu kasenian
téh, parantos langka pisan kakuping –rupina
bareng sareng lus-lesna karya sastra wawacan tina kahirupan masarakat Sunda.
Upami wawacan mangrupi carios panjang
anu winangun dangding, guguritan mah rupina tiasa dipapandékeun kana: “carios
pondok anu didangdingkeun”. Teu patos seueur, dangding anu dibantun tina
guguritan nu sok dianggo bahan tembangkeuneun téh. Utamina, mung genep atanapi
tujuh pada –tina 22 pada Dangdanggula
Guguritan “Laut Kidul”. Dupi perkawis basana –ku margi guguritan gé masih karya bujangga kénéh, rupina salangkung
mah taya cawadeunana.
Perkawis kecap “lagu” –anu dina ieu pedaran kapaksa rada sering
kasebat, sawatawis katerangan anu kapendak téh diantawisna, kieu: numutkeun
Kamus Umum Basa Sunda LBSS, anu disebat lagu téh nya éta: “turun-naékna sarta
panjang-pondokna sora dina maca, nembang, ngaji jste.”. Numutkeun Kamus Istilah
Karawitan Sunda (Atik Sopandi, S.Kar): “Lagu-susunan nada yang disusun
sedemikian rupa sehingga indah dan enak didengar. Susunan ritme biasa juga
disebut lagu”. Kanggo ukuran wangenan –définisi,
katerangan perkawis kecap lagu dina éta dua kamus téh, kaétang parantos
nyekapan. Dina hartos anu basajan, nembang sareng ngawih téh sami sareng
“ngalagu”. Atu béh dituna, teureugeus atanapi lentong dina sasauran ogé masih
kénéh mangrupi lagu. Cindekna mah, anu disebat lagu téh: “mélodi anu
dikuniangkeun ku sora, boh sora mahluk atanapi sora waditra. Aya sora –sada waditra anu parantos tétés mélodina
–sapertos: kacapi; suling; piano, aya
ogé sora anu mangrupi “desah” –sapertos
sora kendang.
Lirik
Lagu
Kecap “lirik” anu dina ieu pedaran bakal
sering disebat, numutkeun Kamus Istilah Sastra anu disusun ku Drs. Iskandar
Wasid, M.Pd. “Asalna mah (di Yunani) lirik
téh (rumpaka) lagu pikeun marengan waditra petik anu ngaranna lyre (sabangsa kacapi leutik, ditabeuhna
bari diakeup). Kiwari digunakeun pikeun ngaran puisi pondok, henteu ngawujud carita; anu dihariringkeun ku
saurang. Eusina mudalkeun rasaning ati, bingbangna rasa jeung pipikiran. Monolog, nyorangan, bangun jauh panineungan.
Ku lantaran ngayun emosi, jadi halon
wirahmana, sada nu ngahariring. Puisi
lirik nya éta puisi anu kitu
sipatna”.
Dina Kamus Istilah Karawitan kénging
Atik Sopandi, S.Kar. henteu kapendak katerangan anu togmol nerangkeun harti
kecap “lirik”. Aya ogé kecap “rumpaka”, anu kateranganana: “Sa’ir atau kata-kata dalam penyajian
nyanyian, sebagai penjelasan dari tema lagu, lirik lagu”.
Lirik téh, aya dua rupi: Lirik Sandingan
sareng Lirik Sanggian. Lirik Sandingan, nya éta: puisi –tiasa mangrupi dangding; sisindiran; atanapi wawangsalan anu
parantos nyampak tur tiasa ditembangkeun atanapi dikawihkeun dina lagu naon baé
–dina hartos, henteu matok dina hiji lagu.
Dangding-dangding dina tembang, umumna mah kalebet lirik sandingan. Contona:
Guguritan “Laut Kidul kabéh katingali”, tiasa ditembangkeun dina sababaraha
lagu –kaya-kayaning: Bayubud; Kentar
Ajun; Kentar Cisaat; jeung Mangari. Nya kitu deui wangunan sisindiran jeung
wawangsalan, sering dianggo dina lagu-lagu kawih tur henteu matok dina hiji
lagu. Sedengkeun anu disebat Lirik Sanggian, nya éta: puisi anu ngahaja didamel
mung kanggo hiji lagu. Puisi pantun dina tembang Cianjuran, sapertos: “Burudul
ménak ti kidul…” atanapi “Sampiung ngapung ka manggung…”, éta kalebet Lirik
Sanggian –dina hartos, lirik atanapi
rumpakana mung tiasa dikawihkeun dina lagu anu parantos tangtu, sasat teu tiasa
dianggo dina lagu sanésna.
Kanggo sawatawis lagu –babakuna lagu-lagu kawih anu nganggo patokan
lagu-lagu klasik sapertos Kulu-Kulu; Catrik; sareng Sénggot, ku margi lagu-laguna
parantos nyampak, lirik téh anu nuturkeun lagu. Janten, cekap milarian lirik
anu diluyukeun kana lagu –biasana lirik
anu mangrupi sisindiran. Nanging sawangsulna, aya sawatawis juru sanggi anu
ngadamel lagu-na téh ku margi parantos aya lirik-na, contona: Mang Koko
ngadamel Lagu: Kembang Tanjung Panineungan; Samoja; sareng Malati di Gunung
Guntur, nganggo lirik atanapi rumpaka anu parantos aya –kénging Wahyu Wibisana.
Tina paniténan anu salangkung, katingal,
yén “basa sedeng” langkung seueur dianggo lirik. Sedengkeun “basa lemes”, mung
dianggo dina lirik atanapi rumpaka anu ngagambarkeun “hubungan” sareng Nu Maha
Agung atanapi dianggo dina lebah ngageuri ka bébéné/beubeureuh –naha ieu aya patula-patalina sareng
anggapan, wiréh lalaguan tembang mah perbawana romantis?.
Panasaran
Lirik
atanapi Rumpaka dina Lagu Tembang:
Salajengna, upami niténan lirik atanapi
rumpaka nu sok diaranggo dina lagu-lagu tembang –sanaos henteu seueur, osok aya hal-hal anu ngahudang kapanasaran –wiréh teu acan kapendak papayanana,
diantawisna:
Kecap “Narangtang”. Dina seni tembang
Sunda, anu disebat narangtang téh nya éta pasieup sateuacan lagu Papantunan
atanapi Jejemplangan. Ilaharna, di-vokal-an “Daweung ménak Pajajaran” –sateuacan lagu Papantunan, atanapi
“Nyukcruk parung meulah bantar” –sateuacan
lagu Jejemplangan. Jabi ti éta, kecap narangtang ogé kapendak dina lirik
lagu Papatét Ratu sateuacan lagu Pangapungan: “Nilik langit narangtang méga,
nojér ka bagal buana, bari néngkép indung suku…”. Dina ungkara ieu, kecap narangtang
sapertos kecap pagawéan. Upami leres kecap pagawéan, naha asal kecapna téh:
tangtang; nangtang; atanapi narangtang ?
Kecap “Sampiung”. Dina lirik lagu
Pangapungan, kecap sampiung téh diréndéngkeunana sareng kecap “ngapung”:
sampiung ngapung. Kecap sampiung, jiga “sahartos” sareng kecap “biur”: biur
ngapung. Malihan ka ayeunakeun mah, bet sok kakuping kecap: bur sampiung.
Kecap “Papon”. Ieu kecap papon téh
kapendak dina lirik lagu Balagenyat: “Pondok dipitali papon, panjang dipitali
korang, dijeujeut dijieun koja…”. Sanaos ieu kecap téh mung sakadar bagian tina
cangkang sisindiran –fungsina mung
nyadiakeun sora atanapi purwakanti kanggo eusi, nanging dina kamus, ieu
kecap téh teu aya.
Kecap “Purug”. Dina Kamus Umum Basa
Sunda LBBS, kecap purug téh katerangan hartosna sami sareng kecap “bangen”.
Kecap purug téh kapendak dina lagu Rajamantri: “Nyucruk purug ka Cicurug, salah
jalan ka Sinagar…”. Rupina, ieu ogé bagian tina cangkang sisindiran –mung hanjakal, cangkangna teu kapendak.
Kecap “Suriapati”. Duka kumaha kedah
nyeratna, naha suriapati atanapi suria pati. Ieu kecap téh kapendak dina lirik
nu sok dianggo ku lagu Papatét: “Nyanggakeun balungbang timur, nyanggarakeun
suria pati…”. Nya kitu, ieu kecap téh teu acan kapapay naon hartosna atanapi
naon maksadna.
Kecap “Sambut”. Duka naon hartosna kecap
sambut dina ungkara: “Barabat sawidak deupa, rup ku sambut rap ku lemah…”
(Pangapungan). Asa leuheung kénéh upami: rup “kasambut” atanapi rup ku
“simbut”.
Kecap “Lentong” sareng “Lentang”. Dina
lagu Pangapungan: “Lentong sagedé papatong, lentang sagedé bangbara…”. Ieu
kecap téh, naha sakadar kanggo “ngudag” purwakanti atanapi aya hartosna?
Kecap “Miloko”. Dina lagu Papatét, aya
lirik anu kieu: “Nya pondok meunang miloko, panjang meunang ngungang-ngungang…”.
Teu kapapay naon hartosna miloko, ku margi dina sadidintenna ogé tara pisan
kakuping.
Kecap “Sumawut” atanapi “Sumuwuk”. Ieu
dua kecap téh, kapendak dina lagu Pangapungan: “Kadingdingan indung peuting,
kahalangan kilat panjang, sumawut (sumuwuk) kadi bincarung, sumiripit kadi
walik..”. Saupami sumawut asalna tina kecap “sawut” –anu hartosna: kulit ipis tina sisikian, sareng sumuwuk tina kecap
“suwuk” –hartosna: tambahan
menu/kadaharan sangkan téréh lintuh, atuh rada sesah kumaha
ngahartoskeunana.
Jabi ti éta, aya lirik atanapi rumpaka
anu basana téh sanés basa Sunda, nanging kaanggo pisan ku tukang tembang mah,
sapertos dina lagu Langendria:
“Lélo-lélo wus turu wong ayu sun
senggarani, balingbing uwoh widoro kang dadi ceremeng ati, kadal ijo wis mengkali,
kadal alit wis mengkajang, cecak anak gigir mami, siwur tukung kawulo ambruk
mring diko..”.
Duka leres duka henteu ieu téh basa
Jawana, atuh ngucapkeun sareng nyeratna oge duka leres duka henteu deuih –mana komo hartosna mah, sasat poékeun.
Lirik
atanapi Rumpaka dina Lagu Kawih:
Upami lalaguan kawih ka ayeunakeun,
karaosna dinamis ritmis sareng komunikatif. Hal ieu téh ku margi dirojong ku
lirik atanapi rumpaka anu basana rélatif gampil kahartos. Nanging sok sanaos
kitu, teu kirang-kirang basa sareng ungkara anu ngahudang kapanasaran. Contona:
“Lagu urang boga teuteup ngagalindeng…” (Amparan Lalakon). Ngabandingkeun
“lagu” sareng “panon”, teras nu kumaha ari “teuteup ngagalindeng” téh –henteu gampil kahartosna. Terasna deui
dina: “Keur reureuh ngayeuh kadeudeuh…” (Geter Panineungan). Ieu ungkara téh,
tojo teuing kana purwakanti –dugi ka
maksadna jadi samar-samar. Kumaha peta anu “ngayeuh kadeudeuh” téh. Teras:
“Indung peuting ngahariring…” (Rundayan Dalingding Tresna). Ieu nganggo
personifikasi anu teu ilahar, biasana ogé: angin ngahariring.
Mémang leres, henteu gampil malibirkeun
ungkara téh. Jabi ti kedah tapis dina milih sareng ngalarapkeun kecap, tangtosna
deui bari kedah luyu sareng jamanna. Basa –minangka
bagian tina budaya, robih-robih sareng nambihanana ngiring kana
galar-gilirna jaman. Kalayan henteu gaduh maksad ngalalangkungan para-ahli
rumpaka, ieu pedaran téh mung sakadar numutkeun ukuran “penikmat” seni wungkul.
Tansah tawakupna.
***