Sabtu, 23 November 2013

Istri Utama



Di tatar Sunda, kalungguhan wanoja kacida dimuliyakeunana. Upamana: Sunan Ambu; Déwi Sri; jeung Ratu Purbasari, samalah kulawarga Sunda mun nyebut ka kolotna téh sok diheulakeun indung henteu bapa, saperti: teu boga indung bapa; ibu ramana baleunghar jeung saterusna. Teu siga urang Malayu nyebut ka kolotna ku sebutan: ayah bunda. Apanan di kampung Pulo Cangkuang Lélés Garut mah, tétéla gening wanoja anu nyekel hak waris téh.

Kalungguhan Wanoja
Laksamana Keumalahayati
Tapi kétah, lain di Sunda waé kalungguhan wanoja dipihormat téh. Di karajaan Kaling oge anu mingpinna téh wanoja nu nelah Ratu Sima; di Majapait ogé kungsi dipingpin ku Ratu Tribhuwanatunggadéwi; kitu deui Demak kungsi ku wanoja anu nyakrawatina téh nya éta Ratu Kalinyamat; malahan urang Aceh mah moal bireuk deui ka Cut Nyak Dien, Cut Nyak Meutia, jeung Laksamana Keumala Hayati –Keumala Hayati hiji-hijina wanoja anu munggaran boga pangkat laksamana, mangsa Kasultanan Aceh Darussalam dipingpin ku Sultan Alauddin Riayat Syah al-Mukammil. Sedengkeun di Garut, tangtu moal bireuk deui ka tokoh wanoja Ratu Inten Dewata ti Karajaan Timbanganten jeung Radén Ayu Lasminingrat geureuhana Dalem Bintang Garut –Bupati RAA Wiratanudatar VIII.
Kalungguhan wanoja di tatar Sunda mimiti nyirorot mangsa féodalisme mekar dina jaman Mataram. Wanoja diperenahkeun jadi subyék, lain obyék. Jol agama Islam marengan budaya jeung pandangan bangsa Arab, yén imam téh kudu lalaki –ku kituna, lalaki jadi kawasa.
Budaya Arab jeung Mataram anu ngarameus jeung nyakar budaya Sunda, lumangsung terus nepi ka jaman kolonial. Sigana kalungguhan wanoja geus ditafsirkeun miring ku kaum lalaki. Lalaki diwenangkeun boga pamajikan nepi ka opat, numutkeun agama Islam –nu diulik teh ukur meunangna, lain sarat-saratna lalaki diwenangkeun nyandung (lantaran wanoja dijadikeun subyék téa). Antukna wanoja teu perlu pinter, nepi ka aya basa kieu: “Keur naon awéwé sakola luhur, da balikna bakal ka dapur-dapur deui.”. Wanoja ukur disiapkeun lian ti alat réproduksi, ogé dihancengkeun nu kudu ngurus rumah tangga.
Pamaréntah kolonial ngahaja ngantep jeung nyuburkeun budaya kieu nepi ka kopong parongpong, ludes teu boga nanaon. Ajén diri luntur; rahayat jadi gumantung pisan ka pamaréntah; wanoja nyarandekeun nasib hirupna ka lalaki –utamana kaayaan kitu téh di kalangan para ménak.
Pakaya budaya jeung inteléktual bangsa urang, ku penjajah dikorédaskeun pisan. Malahan sajarah buhun ogé diparupus digaranti kumaha kahayang séwang-séwangan. Lembaga atikan dianggap jadi henteu perlu, geus kitu mah anteng wé penjajah téh nyakrawati ngabahudenda di bumi pertiwi.
Pamaréntah Walanda mémang henteu tanggungjawab kana urusan atikan –aya éta ogé anu diiwalkeun, nya éta pasantrén. Tapi henteu kitu waé pasantren téh bébas, saméméhna ahli Walanda sina nyulusup heula masang saringan akidah Islam nu dipandang baris ngabahayakeun kana kalanggengan pamaréntahan jajahan.
Bangsa urang di sina jadi pangedulan. Cenah hirup di dunya mah ukur sabéngbatan, dunya mah tempat ngumbara. Kahirupan anu saéstuna mah engké di ahérat, ku kituna kudu jongjon nyuprih élmu kaahératan –katungkulkeun teuing kana urusan ahérat, sabenerna mah henteu diajarkeun kitu ku Islam.
Alam pikir urang mangsa harita, jadi henteu rasional. Walanda teu hayangeun ngadegkeun sakola pikeun bangsa jajahan, sakola dihancengkeun pikeun bangsana baé –jeung sabagian leutik keur ménak anu tumut tuhu kana pamaréntahanana, kitu ogé lain pamaréntah anu ngayakeunana tapi pihak swasta jeung geréja.
Henteu dipopohokeun éta ogé, Gubernur Jéndral Willem Daéndéls (1762 – 1818) dina taun 1808 nétélakeun yén kawajiban atikan pikeun masarakat jajahan mangrupa tanggungjawab pamaréntah kolonial. Dianjurkeun yén para régént (bupati) kudu ngadegkeun sakola jeung ngangkat guru anu parigel pikeun ngatik barudak pribumi. Tapi henteu bisa laju éta putusan téh –henteu bisa dilaksanakeun, nepi ka ditetepkeun payung hukumna dina taun 1818 yén pamaréntah miboga tanggungjawab geusan nyadiakeun pasilitas atikan keur warga bumi putra anu sarua atawa mirip jeung pasilitas pikeun barudak Éropa. Sok sanajan kitu, jalan pikeun ngawujudkeun éta rencana téh kacida tarahalna.
Jaman Gubernur Jendral Van der Capellen (1816 – 1826) kakarék aya hojah ngawangun sakola keur bumi putra, diadegkeun di Pasuruan; Karawang; jeung Cianjur. Di Cianjur ngan aya 20 urang budak nu sakola –kaasup duaan anak bupati-, diajar maca; nulis; jeung ngitung dina basa Sunda jeung Malayu. Dibutuhkeun waktu anu lila pisan pikeun golongan cacah bisa ngambeu éta sakolaan, lantaran masarakat leuwih milih nyakolakeun ka madrasah atawa pasantrén pikeun diajar ngaji jeung maca kitab-kitab agama Islam tibatan ka sakola kafir.
Taun 1824 diadegkeun sakola husus keur wanoja, tapi murid-muridna ukur barudak wanoja bulé baé. Pikeun proyek sakola wanoja éta, pamaréntah Walanda ngaluarkeun waragad ƒ 32.000 salila 3 taun. Kusabab ngaluarkeun waragad anu gedé jeung ngabeuratkeun pamaréntah, antukna dina taun 1832 éta sakola wanoja Éropa téh ditutup.
Dina taun 1850 aya anu ngadongsok pamaréntah pikeun ngadegkeun deui sakola barudak wanoja di Batavia; Semarang; jeung Surabaya. Tapi tétéla, pamaréntah pusat di nagri Walanda nolak ngan ukur nitah ngalibetkeun pihak swasta waé.
Sakola kabupatén mimiti dibuka di Pati Kabupaten Jepara taun 1849, jeung di Cianjur taun 1853. Bangsa urang harita henteu wanoh kana aksara Latén, leuwih parigel ngagunakeun aksara Arab anu geus diropéa pikeun kapentingan nulis basa Sunda –Aksara Pégon téa. Dina jaman Mataram, ménak Sunda dijejelan kudu paham jeung bisa kana aksara Jawa : Hanacaraka. Ku pamaréntah Walanda, éta aksara Jawa téh jadi wajib –pikeun ngagampilkeun urusan administrasi. Ari aksara Sunda anu asli, bangun anu ngahaja disamunikeun. Karakter jeung budaya Sunda, ngahaja dipaténi diruang kérépés nepi ka urang henteu bisa ngungkab kaparigelan karuhun sorangan.

Kaayaan Garut Mangsa Harita
Di Garut, aya anak Patih Limbangan anu dibenum jadi Panghulu ngabogaan cara mikir anu cénghar jeung rasional. Éta téh dibuktikeun ku karya mangrupa wawacan –antarana baé: Wawacan Panji Wulung. Tangtu urang wanoh atawa kungsi ngadéngé ka Panghulu Bintang Limbangan Raden Haji Moehamad Moesa (1822 – 1886) nu ngarangkep jadi Panaséhat Pamarentah Walanda mangsa harita, nya anjeuna anu milu ngaluluguan mopulérkeun aksara Jawa-Sunda babarengan jeung Karrel Frederick Holle.
RH Moehamad Moesa ogé kungsi ngaluluguan nyieun sakola Éropa (Bijzondere Europeesche School) henteu ukur keur barudak pribumi waé, urang Walanda ogé dimeunangkeun dialajar di Sakola Moehamad Moesa. Awéwé jeung lalaki disakelaskeun, teu dipisah jeung teu dibéda-bédakeun. Ieu sakola téh mangsa harita mah kasebut rada mahiwal. Demi waragadna, nya kapaksa udunan dikumpulkeun ti para ménak Limbangan –pikeun mayar guru Walanda 2 urangeun.
Sanajan rada teu parok, barudak pribumi jeung barudak Walanda disakelaskeun –awéwé lalaki dihijikeun. Muridna kaitung lumayan loba, aya kana 100 urangna. Kakarak dina taun 1876, pamaréntah Walanda bet hayang méré subsidi anu gedéna 100 gulden sabulan –upama nilik kana catetan sajarah, tokoh Moehamad Moesa perlu ditalungtik deui anu leuwih gemet minangka Bapak Pendidikan Indonesia.
Ceuk Profesor Dr. Mokihiro Moriyama ti Jepang, nétélakeun yén urang Sunda hususna jeung bangsa Indonésia umumna moal saperti ayeuna upama teu aya tokoh anu merjuangkeun dunya atikan saperti RH. Moehamad Moesa –Mokihiro ngahaja datang ti Jepang ngaluuhan “Silaturahmi rundayan RA Natalegawa” di Graha El Nusa Jakarta, 30 November 2008.
Tapi urang Sunda –hususna urang Garut- teu ngngeuh ngajénan kana tapak lacak perjuangan karuhunna. ‘Kepeloporan’ urang Sunda dina sagala widang, henteu weléh kasilihkeun ! duka kunaon.

Raden Ayu Lasminingrat
“Mun ulin ka Bandung, aya ngaran jalan Kautamaan Istri.
Puguh matak kagét, ngaran Kautamaan Istri diabadikeun dipaké ngaran jalan.
Ari jalmana nu ngawujudkeun sakola Kautamaan Istri, henteu disabit-sabit sama sakali.
Malahan bangun nu kapopohokeun ku saréréa, nyaéta: RA Lasminingrat.”
Raden Ajoe Lasminingrat
Raden Ayu Lasminingrat téh putrana Hoofpanghulu Raden Haji Moehamad Moesa ti geureuha: Raden Ayu Ria. Anjeunna lahir di Balubur Limbangan Garut taun 1843. Ngagaduhan 2 rai istri anu saibu-sarama: Nyi Raden Ratnaningrum jeung Nyi Raden Lenggang Kencana. Lasmi alit kedah pisah sareng kulawargina, ngalih ti Garut ka Sumedang kanggo diajar maca; nulis; jeung teu kantun diajar basa Walanda. Di Sumedang dirorok jeung diaku anak ku sobat ramana nu urang Walanda, Levyson Noorman. Ku asuhan Norman, Lasmi janten hiji-hijina wanoja pribumi anu mahir nulis jeung nyarios basa Walanda. Sabada akil balég, ditikahkeun ka Radén Tamtu putra Pangéran Sugih –ménak Sumedang, ngan teu lami da maot. Ibu Lasmi disaur ku ramana mulih ka Garut sarta ditikahkeun ka Wiratanudatar VIII (janten istri kadua) taun 1871, anu sawatara lami ti harita dibenum jeneng Bupati Garut. Pangaresep kana nulis atanapi ngarang waktos di Sumedang, tetep dilakonan ku anjeunna mangsa mulih deui ka Garut. Taun 1875 anjeunna nerbitkeun buku Tjarita Erman nganggo basa Sunda –mangrupi terjemahan ti Christoph von Schmidt. Buku ieu dicetak 6.015 eksemplar kalawan nganggo aksara Jawa –taun 1911 dicetak ulang nganggo aksara Jawa, taun 1922 nganggo aksara Laten. Taun 1876 nerbitkeun buku Warnasari atawa Roepa-roepa Dongeng Djilid I nganggo basa Sunda dina aksara Jawa –mangrupi terjemahan tina buku Vertelsels uit het Wonderland voor Kinderen, Klein en Groot (1872) tulisan Marchen von Grimm jeung JAA Goeverneur. Sataun ti mangsa harita, Djilid II na diterbitkeun –dicetak ulang taun 1887; 1909 ; 1912 dina aksara Jawa jeung Laten. Buku-buku anu dikarang ku anjeunna téh eusina nyumponan kana selera barudak jeung ngeunah dibacana. Ku kituna, teu salah lamun ibu Lasmi disebut panulis wanita nu munggaran atawa sastrawati Sunda nu munggaran, sahenteu-henteuna atuh: panulis wanita entragan munggaran.
Ngeunaan karancagéan ibu Lasmi, bangunna mah turunan ti ramana. Ramana teh kagolong pangarang anu geus kamashur, nu katelah Raden Haji Moehamad Moesa –Kapala Panghulu Kabupaten Garut nu ngarangkep jadi Panaséhat Pamaréntah mangsa harita, kitu deui sareng raina ibu Lasmi nya éta R. Kartawinata, kakenal sabage penulis Sunda.
Kulantaran ibu Lasmi téh geureuhana Bupati Garut, nyaéta RAA Wiratanudatar VIII, balaréa reremenna nyebutna téh Ibu Ayu Lasminingrat –ari sesebutan dalitna mah, Ibu Lasmi baé.
Numutkeun katerangan mah, di sagigireun salaku sastrawati Sunda nu munggaran, ibu Lasmi ogé mangrupa wanita Sunda munggaran nu bisa kana basa Walanda. Kamampuhan kana basa deungeun téh teu ukur kawatesan dina paguneman jeung jalma-jalma biasa, tapi ogé jeung para gegedén Walanda mangsa harita –malahan jeung Gubernur Jendral ogé dipaké basa loma.
Lian ti éta, pangaweruhna ngeunaan basa Walanda digunakeun pikeun nyalin buku-buku basa deungeun kana basa Sunda –anjeunna nyalin buku-buku deungeun ancokeuneun pikeun atikan barudak. Kamampuh ibu Lasmi anu samodel kitu teh, matak ngondang pamujian ti Karrel Frederick Holle –Tuan Kawasa. Saperti eusi surat anu ditulis Holle ka PJ Veth : “Anak perempuan penghulu yang menikah dengan Bupati Garut, menyadur dengan tepat cerita-cerita dongeng karangan Grimm, cerita-cerita dari negeri dongeng (Oleg Goeverneur), dan cerita-cerita lainnya ke dalam bahasa Sunda”.
Ngeunaan atikan barudak –utamana mah kana atikan barudak awéwé-, bangunna jadi bahan pamikiran anjeunna. Pamustunganana, nya anjeunna ngadeukeutan urang Walanda nu baroga pangaruh, antarana : Controleur Assisten Resident Dokter Meulder, KF Holle (Panaséhat Pamaréntah Hindia Walanda, ogé Administrator Perkebunan Teh Waspada Cikajang anu gawé bareng jeung RH Moehamad Moesa). Urang Walanda nu baroga pangaruh, saterusna jadi batur gawé babarengan –nepi ka ngembarkeun murid nu naék kelas ogé dibacana ku Controleur Walanda.
Jigana ibu Lasmi sadar, ngaliwatan urang Walanda, usaha téh bisa leuwih lancar jeung kapetik hasilna –nepi ka saurang Controleur Walanda (jabatan sahandapeun Assisten Residentt Pamongpraja) daék dititah pangmacakeun daptar barudak nu naék kelas di sakolana.
Ibu Lasmi mimiti ngadegkeun sakola nu dicita-citakeunana téh taun 1907 –husus pikeun budak awéwé nu dibuka di kota Garut.
Pikeun rohangan diajarna, kapaksa ngagunakeun rohangan tempat nyimpen gamelan di gedong kabupatén –gamelanana mah teuing dikamanakeun. Guruna diusahakeun ti antara dulur-dulurna, saperti : Surianingrum –Gan Enong; jeung putu ibu Lasmi nyaeta R. Rajakusumah –sok disebut Atang Mimi. Guru sejenna didatangkeun ti Bandung, jenenganana Ibu Murtasiah –Ibu Emur.
Lantaran dina mangsa harita mah loba kénéh nu baroga pamadegan yén kaum wanoja mah teu perlu sakola nu penting bisa digawé di dapur jeung bisa ngaladénan salaki, ku kituna pikeun munggaran mah nu sakola téh barudak wargi ibu Lasmi baé ditambah barudak pagawé nagri nu geus meunang panglelemu.
Ku kalungguhanana salaku Radén Ayu Bupati, usahana téh teu pati nyanghareupan halangan gedé. Sakabeh jalma nurut, komo bari dibantu ku para pajabat Walanda nu boga kalungguhan luhur mah. Dokter Walanda Meulder, loba pisan ngabantuna. Waktu ibu Lasmi madep ka Gubernur Jendral di Istana Bogor ogé, nya Dokter Meulder pisan nu maturanana téh. Ibu Lasmi ka Gubernur Jendral seja ménta pangrestu ngadegna sakola kaputrian téa, nu disebut “Vereeniging (Pakoempoelan) Kaoetamaan Istri”.
Teu disangka, taun 1911 sakolana mesat –dugi ka ngagaduhan murid 200 urang, kalayan 5 wangunan kelas di gigir pendopo.
Maksud ibu Lasmi ngawangun sakolah téh, kagugah ku Déwi Sartika anu remen datang ti Bandung ka Garut pikeun madungdengkeun sakola jang ngatik barudak awéwé –tidituna mah Déwi Sartika téh ménta pituduh jeung pituah-pituah ka nu jadi indung. Hal kitu téh lantaran Déwi Sartika uningaeun yén ibu Lasmi kagungan perhatian nu gedé kana widang atikan, ogé kagungan kaunggulan-kaunggulan dina widang sejenna.
Déwi Sartika nyanghareupan hahalang pikeun ngadegkeun sakola anu dicita-citakeunna téh, nya éta idin ti Bupati Bandung RAA Martanagara –pédah ramana Déwi Sartika nu jenenganna Radén Somanagara (waktos Déwi alit kénéh, nuju yuswa 9 taun) dibuang ka Ternaté, dianggap kalibet kana usaha rék maéhan Bupati Bandung katut pajabat Walanda di Bandung. Janten RAA Martanagara nganggap Déwi Sartika téh, anak musuh pulitikna. Katambah-tambah sakola pikeun barudak awéwé dijaman harita mah kapan tacan ilahar; salian ti ngarémpak adat kabiasaan, oge gedé pisan pimatakeunana. Sanggeus sababarahakali ditolak, Déwi Sartika muntang ka bojona wadana Cicalengka nya éta Nyi Raden Mojaningrat (putrana ibu Lasmi). Déwi Sartika dititipkeun ka ua na Mojaningrat nu jeneng patih Cicaléngka tug nepi ka dalit sareng ibu Lasmi.
Raden Ajoe Lasminingrat (calik nganggo acuk hideung) sareng RAA Wiratanoedatar VIII (ngadeg paling tengen)
Ningal kaayaan kitu, ibu Lasmi teu cicingeun kalayan bantosan carogéna (RAA Wiratanudatar VIII –Bupati Garut) ngalelemu RAA Martanagara supados masihan idin ka Déwi Sartika. Saparantos aya paguneman catur sareng RAA Wiratanudatar VIII, ahirna RAA Martanagara masihan idin ka Dewi Sartika kanggo ngadegkeun Sakola Istri di Bandung taun 1904.
Pikeun meunangkeun guru; meunangkeun murid didikeuneun; jeung waragad ngokolakeun sakola, nya kudu ditanggung jeung jadi bahan pamikiran ibu Lasmi. Lian ti éta, ngeunaan buku pangajaran jeung bacaan katut pangajaran anu kudu diajarkeun geus karuhan lain pasualan nu énténg-énténg –komo pikeun pantaran sakola kaputrian nu sasat masih mangrupa panaratas mah. Untungna téh, ngeunaan buku bacaan jeung karajinan tangan pikeun wanoja mah bisa diungkulan ku kamampuh ibu Lasmi ku anjeun. Buku-buku bacaan mah ngagunakeun buku-buku karangan atawa salinan karyana sorangan jeung nu jadi ramana. Di Sakola Kautaman Istri, diajarkeun rupa-rupa kabinékasan anu aya patula-patalina sareng kahirupan rumah tangga, kaya-kayaning : masak; ngarapihkeun pakéan; ngumbah; nyeuseuh; jeung ngaput pakéan. Tujuanna, sangkan isuk jaganing geto mangsa mangkat dewasa tiasa ngabahagiakeun salaki jeung anak, oge bisa ngagawean sorangan naon bae anu aya hubunganna sareng rumah tangga. Karajinan tanganna, diantarana :
1.    Dangdaunan dikeueum dina leutak meunang sababaraha poé, dimangpaatkeun seratna, teras diwarnaan dijadikeun hiasan (ornamént);
2.    Ganas –boh ganas biasa atawa ganas peutas- seratna bisa diwarnaan dijieun mangrupa barang-barang;
3.    Guntingan-guntingan kaén sésa kaputan, disusun; diatur; jeung dikaput nepi ka ngawujud jadi taplak méja, tilam diuk, jeung simbut;
4.    Dina hal ngarajut, ngabordél, ngabatik, jeung nyulam, mangrupa pagawéan anu ilahar pikeun Lasminingrat mah.
Sawadina dipikaweruh, yén sanggeus “Vereeniging Istri Schoolen” diaku jeung disahkeun ku pamaréntah mangsa harita, kalawan Akte No. 12 tanggal 12 Pébruari 1913, muncul sakola-sakola Kautamaan Istri di sawatara kabupatén di Jawa Barat, saperti : Bandung; Tasikmalaya; Cianjur; Sukabumi; Cicurug; Purwakarta; jeung Rangkasbitung. Di Garut jadi nambahan 2 sakola, terus dina taun 1934 ngadeg deui di distrik Tarogong/Kota Wetan Garut; Cikajang; jeung Bayongbong.
Taun disahkeunana Sakola Kaoetamaan Istri téh dina taun 1913, méh bareng jeung mimiti ngadegna sakola Kartini di Bogor –sanggeus ngadegna Kartini Fonds, nya éta hiji organisasi nu diadegkeun ku urang Walanda.
Saparantos carogéna pangsiun tina kalungguhan Bupati Garut –digentos ku RAA Suria Kartalegawa- ibu Lasmi ngalih ti pendopo ka bumi di Regensweg/Jalan Siliwangi. Bumi anu dicalikan ku ibu Lasmi, kiwari janten Yogya Department Store. Dugi ka yuswa 80, anjeunna masih aktip di dunya atikan –sanaos henteu sacara langsung. Waktu jaman Jepang, Sakola Kautamaan Istri gentos nami janten Sekolah Rakyat (SR) jeung ngawitan nampi murid lalaki. Taun 1950, SR gentos nami janten Sekolah Dasar Negeri Ranggalawe 1 jeung Sekolah Dasar Negeri Ranggalawé 4 -sapagodos sareng ngaran tempatna di Jalan Ranggalawé- anu dikokolakeun ku Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Daerah Tingkat II Kabupaten Garut. Taun 1990 gentos deui janten SDN Regol VII jeung SDN Regol X, dupi tempatna mah angger di leresan Jalan Ranggalawé nyambung jeung belokan anu ka Jalan Kiansantang Kecamatan Regol Kabupaten Garut.
Pikeun panghargaan kana yasa-yasa nu kungsi disumbangkeun pikeun kapentingan masarakat, ibu Lasmi ku Pamaréntah Hindia Walanda dibéré anugrah Bintang Emas jeung bantuan tetep unggal bulan 160 gulden.
Mangsa perang kamerdékaan taun 1946, ibu Lasmi kungsi ngungsi ka Waaspojok. Tetep  renggenek didinya dina waktos sababaraha lamina, dugika anjeunna teu damang wales.
Ibu Lasmi mulih ka jati mulang ka asal, ping 10 April 1948 di Garut dina yuswa 105 taun. Saméméh tilar dunya, ibu Lasmi ngawakafkeun tanah warisan ramana –nu ayeuna jadi Alun-alun; Babancong; jeung Masjid Agung Garut.
Mugia Alloh SWT nampi kana sagala amal saé anjeunna, sareng maparin ganjaran anu satimpal ka anjeunna –Radén Ayu Lasminingrat.
Amiiiiin…





***

Minggu, 03 November 2013

Wayang 2



Teureuh Kuru
Batin Déwi Sayojanagandi atanapi Déwi Gandawati, lir kapuk anu kabawa angin. Kokoléangan néang geusan pamuntangan, dirina katurug katutuh katindih ku kari-kari. Anakna taya nu nyésa, tilar dunya ninggalkeun dirina pikeun salawasna. Kawas tunggul anu teu sirungan, catang anu teu supaan. Anakna anu dipicangcam baris ngabahu denda jadi ahli waris tahta karajaan Astina, sirna. Unggal wanci neneda ka Hyang Oti Pati Jagat Nata, malar teureuh Kuru bakal manjang. Kupantengna ngadu’a, aya wangsit: ‘teureuh Kuru bakal manjang mun minantuna pacampur getih jeung Bagawan Wyasa’.
Sanajan beurat nepikeun wangsit ka minantuna –Déwi Ambika jeung Déwi Ambalika, teu burung Déwi Sayojanagandi nguatkeun haté nepikeun wangsit dewata. Atuh puguh waé tumerapna ka Déwi Ambika jeung Déwi Ambalika, asa dipupul bayu. Kilang kitu, demi langgengna katurunan Kuru sarta wujud babakti ka lemah cai, Déwi Ambika katut Déwi Ambalika baris ngalaksanakeun pancén ti ibu mertuana. Bisma kautus ku Déwi Sayojanagandi pikeun nepungan Bagawan Wyasa alias Abyasa sarta dipapadonan nepikeun wangsit ti Batara Tunggal. Bagawan Abyasa –anu seukeut panénjo batinna, nohonan kana kahayang Déwi Sayojanagandi. Saméméh nedunan kahayangna, Abyasa tapa brata heula di Gunung Retawu sataun lilana, ngarah getih anu bakal dicicikeunna: jadi satria anu utama.
Wanci anu dipasinikeun teu burung ngabukti, Abyasa –saréngséna tapa, nepungan Déwi Ambika. Dina peuting anu munggaran, raga sang Bagawan Abyasa sagebrug jeung Déwi Ambika. Waktu ngalakonan kawajiban, Déwi Ambika peureum –bakat ku gila ningali beungeut aki-aki anu nindihan dirina. Sataun ti harita –tina guha garbana Déwi Ambika, medal jabang bayi anu dingaranan: Drestaratya atanapi Destarata. Kusabab waktu ngalakonan kawajiban jeung sang Bagawan Abyasa, panonna peureum. Destarata, satria teureuh Kuru anu medal téh: lolong.
Dina peuting anu kadua, anu kagiliran narima getihna Bagawan Abyasa téh nya éta: Déwi Ambalika. Waktu sang Bagawan Abyasa nyicikeun birahina, pameunteu Déwi Ambalika: pias –bakat ku sieun ningali beungeut aki-aki anu goréng rupa. Sataun ti harita –tina guha garbana Déwi Ambalika, medal satria anu: hadé rupa tur hadé wanda, ngan hanjakal beungeutna pias kawas anu kurang getih. Éta jabang bayi dingaranan: Pandu Déwanata. Waktu Bagawan Abyasa datang deui ka karaton Astina –pikeun nyicikeun cai kentel anu pamungkas, Déwi Sayojanagandi ngagupay Déwi Ambalika sarta meredih sangkan daék sakali deui marengan sang Bagawan Abyasa. Dewi Ambalika teu bisa mungpang pameredih ti ibu mertuana sarta nyanggupan, sok sanajan bari kapaksa ogé. Kersaning déwata, ujug-ujug ngolébat kalangkang Datri –emban karaton. Gasik Déwi Ambalika nepungan Datri, sanajan batinna mah baruntak tur nogéncang. Datri sang emban karaton, teu wasa nolak paréntah ti dununganna. Datri di dangdanan, nyeplés kawas Déwi Ambalika. Sataun ti harita –ti emban Datri, medal satria anu dingaranan: Widura. Sang Widura sukuna pincang –éta téh karma ti déwa, wawalés ka anu nogéncang haténa.
Haté Déwi Sayojanagandi, bungangang. Impianna geus ngawujud, teureuh Kuru teu pegat turunan. Tanda tumarima ka déwata, Déwi Sayojanagandi ngayakeun sukuran. Pirang-pirang sasajén disébakeun ka Hyang Oti Pati Jagat Nada.

Anak Anu Kadalapan
Kacaturkeun kaayaan di nagara Matura –sabagéan dalang di tatar Sunda, sok nyebut: Madura. Sakumna rahayat, ngarasa teu tingtrim. Unggal wanci dikukuntit ku karisi, unggal mangsa di udag-udag ku kahariwang. Inggis dirina katut turunanna, diasupkeun ka pangbérokan. Tong boroning dina salahna, anu tara nincak salah ogé baris dicangkalak mun sakali mangsa cacarita ngeunaan raja atawa ngungkab borokna karajaan. Raja Kangsa, kacida sarakahna tur telenges. Kejem teu boga rasa kamanusaan. Anu lain dienyakeun, anu enya dianggap lain. Bener téh ceuk ukuran dirina, alus jeung hadé dumasar kereteg haténa. Dina hiji mangsa, Raja Kangsa katatamuan ku Hyang Narada –wiku ti Sawargaloka nepikeun wangsit ti Hyang Oti Pati Jagat Nata, yén: ‘anu jadi raja Madura baris tiwas ku leungeun anak Déwaki anu kadalapan’. Déwi Déwaki téh, pamajikan pamanna Raja Kangsa anu katelah: Wasudéwa (Basudéwa).
Narima béja ti Hyang Narada, Raja Kangsa ngarasa reuwas. Asa dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan, ngarasa kaancam patina. “Geuning diri aing téh lain anu pangpunjulna. Kulit aing anu weduk teu tembus pakarang, tulang aing anu teuas tibatan waja. Baris ancur ku hiji satria. Saméméh aing palastra, orok anu medal ti guha garbana bibi Déwi Déwaki, ku aing rék dipergasa. Sangkan wangsit ti Oti Pati, teu ngabukti”, kitu gerentesna batin Raja Kangsa.
Anu dipikahariwang ku Raja Kangsa, némbongan. Déwi Déwaki –bibina Raja Kangsa, kakandungan. Ngadéngé Déwi Déwaki rék ngalahirkeun, Raja Kangsa ngutus senapatina pikeun mawa jabang bayi anu rék medal pikeun dipaténi. Atuh kacida telengesna, waktu sang jabang bayi medal ka alam pawayangan, langsung dipaténi. Pangeusi karaton hujan cimata, ngilu sungkawa ka Déwi Déwaki anu haténa disasaak ku Raja Kangsa. Malahan, unggal Déwi Déwaki ngalahirkeun, orokna langsung dipaéhan.
Waktu Déwi Déwaki kakandungan anu kadalapan kalina, jabang bayi anu masih dikakandung téh ku Dewi Nidra –widadari anu ngurus ngeunaan saré dipindahkeun kana beuteung Déwi Rohini –selirna Basudéwa. Keur gantina, jabang bayi anu dikandung ku Déwi Yasoda dipindahkeun kana beuteung Déwi Déwaki.
Kacaturkeun dina waktu Déwi Déwaki rék ngalahirkeun, Raja Kangsa geus ngajega di lawang kamar Déwi Déwaki. Orok anu disangka anakna Déwi Déwaki téh, harita kénéh dipaéhan. Méh sawaktu jeung Déwi Déwaki ngajuru, Déwi Rohini ogé ngalahirkeun jabang bayi anu dingaranan: Krésna –anu sabenerna mah anakna Déwi Dewaki. Krésna –satria anu awakna hideung lestreng, dirorok ku Déwi Yasoda. Ti mimiti medal ka alam pawayangan, teu weléh diaping ku Déwa Wisnu –malah nepika nitisna.
Waktu manjing rumaja, Krésna ngajanggélék jadi satria anu sakti mandraguna tur wijaksana. Teu weléh nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah. Kasaktian jeung wawanén Krésna, kaambeu ku Raja Kangsa. Raja Kangsa ngutus senapatina sangkan bisa ngajagragkeun Krésna ka hareupeun dirina, hayang nyaksian kadigjayaanna Krésna.
Kocapkeun, Krésna geus aduhareupan jeung Raja Kangsa. Teu panjang catur, Krésna langsung nangtang ka Raja Kangsa. Ngarasa dilédék, Raja Kangsa ngagero jago Madura pikeun nyangkalak Krésna. Tapi ngan sageprakan, jago Madura ngajurahroh tepi ka ajalna. Raja Kangsa teu béakeun akal, Krésna rék diuji heula mesat tali gondéwa saméméh tarung patutunggalan jeung manéhna. Éta tali gondéwa, kacida beuratna. Anu bisa metot tali gondéwa téh ngan déwa nu pangsaktina. Tapi ku Krésna, tali gondéwa téh ngan sakiceup: pegat –sarta gondéwana, potong. Ningali pusakana ancur, Raja Kangsa geuwat ngaluarkeun sababaraha puluh gajah pikeun ngaleyek Krésna. Ku kasaktén Krésna, sirah-sirah gajah téh ancur sarta awakna amburadul. Ningali ka ayaan saperti kitu, Raja Kangsa napsu teu kapegung, amarah teu kawadahan. Laju narajang Krésna, ngan sageprakan, Raja Kangsa nemahan pati. Paéhna Raja Kangsa, dibagéakeun ku pesta anu rongkah di sakuliah nagara. Rahayat Madura ngarasa bungah amar wata suta, bungah ka giri-giri. Naon anu diwangsitkeun ku Batara Narada, ngabukti. Raja Kangsa bakal tiwas ku anak Déwaki anu ka dalapan.
Sanggeus Raja Kangsa tiwas, Krésna ingkah ti Madura rék niiskeun pikir bari néangan jodo. Waktu keur ngalalana, Krésna kajamparing asih kapentang asmara ku Déwi Rukmini –siwina Raja Bismaka ti nagara Widarba. Déwi Rukmini diiwat ku Krésna bari rék nyoba kasakténna Raja Bismaka. Prajurit karajaaan Widarba dikeprak pikeun nyerek Krésna, tapi teu manggap pulia ngayonan kasaktén Krésna. Prajurit jeung Raja Bismaka serah bongkokan ka Krésna, anu antukna Raja Bismaka masrahkeun siwi (anak awéwé) na pikeun hirup marengan Krésna. Saterusna, Krésna diistrénan jadi Raja Dwaraka (Dwarawati) kalayan ku déwata dibéré gelar: Batara.




***