Minggu, 03 November 2013

Wayang 2



Teureuh Kuru
Batin Déwi Sayojanagandi atanapi Déwi Gandawati, lir kapuk anu kabawa angin. Kokoléangan néang geusan pamuntangan, dirina katurug katutuh katindih ku kari-kari. Anakna taya nu nyésa, tilar dunya ninggalkeun dirina pikeun salawasna. Kawas tunggul anu teu sirungan, catang anu teu supaan. Anakna anu dipicangcam baris ngabahu denda jadi ahli waris tahta karajaan Astina, sirna. Unggal wanci neneda ka Hyang Oti Pati Jagat Nata, malar teureuh Kuru bakal manjang. Kupantengna ngadu’a, aya wangsit: ‘teureuh Kuru bakal manjang mun minantuna pacampur getih jeung Bagawan Wyasa’.
Sanajan beurat nepikeun wangsit ka minantuna –Déwi Ambika jeung Déwi Ambalika, teu burung Déwi Sayojanagandi nguatkeun haté nepikeun wangsit dewata. Atuh puguh waé tumerapna ka Déwi Ambika jeung Déwi Ambalika, asa dipupul bayu. Kilang kitu, demi langgengna katurunan Kuru sarta wujud babakti ka lemah cai, Déwi Ambika katut Déwi Ambalika baris ngalaksanakeun pancén ti ibu mertuana. Bisma kautus ku Déwi Sayojanagandi pikeun nepungan Bagawan Wyasa alias Abyasa sarta dipapadonan nepikeun wangsit ti Batara Tunggal. Bagawan Abyasa –anu seukeut panénjo batinna, nohonan kana kahayang Déwi Sayojanagandi. Saméméh nedunan kahayangna, Abyasa tapa brata heula di Gunung Retawu sataun lilana, ngarah getih anu bakal dicicikeunna: jadi satria anu utama.
Wanci anu dipasinikeun teu burung ngabukti, Abyasa –saréngséna tapa, nepungan Déwi Ambika. Dina peuting anu munggaran, raga sang Bagawan Abyasa sagebrug jeung Déwi Ambika. Waktu ngalakonan kawajiban, Déwi Ambika peureum –bakat ku gila ningali beungeut aki-aki anu nindihan dirina. Sataun ti harita –tina guha garbana Déwi Ambika, medal jabang bayi anu dingaranan: Drestaratya atanapi Destarata. Kusabab waktu ngalakonan kawajiban jeung sang Bagawan Abyasa, panonna peureum. Destarata, satria teureuh Kuru anu medal téh: lolong.
Dina peuting anu kadua, anu kagiliran narima getihna Bagawan Abyasa téh nya éta: Déwi Ambalika. Waktu sang Bagawan Abyasa nyicikeun birahina, pameunteu Déwi Ambalika: pias –bakat ku sieun ningali beungeut aki-aki anu goréng rupa. Sataun ti harita –tina guha garbana Déwi Ambalika, medal satria anu: hadé rupa tur hadé wanda, ngan hanjakal beungeutna pias kawas anu kurang getih. Éta jabang bayi dingaranan: Pandu Déwanata. Waktu Bagawan Abyasa datang deui ka karaton Astina –pikeun nyicikeun cai kentel anu pamungkas, Déwi Sayojanagandi ngagupay Déwi Ambalika sarta meredih sangkan daék sakali deui marengan sang Bagawan Abyasa. Dewi Ambalika teu bisa mungpang pameredih ti ibu mertuana sarta nyanggupan, sok sanajan bari kapaksa ogé. Kersaning déwata, ujug-ujug ngolébat kalangkang Datri –emban karaton. Gasik Déwi Ambalika nepungan Datri, sanajan batinna mah baruntak tur nogéncang. Datri sang emban karaton, teu wasa nolak paréntah ti dununganna. Datri di dangdanan, nyeplés kawas Déwi Ambalika. Sataun ti harita –ti emban Datri, medal satria anu dingaranan: Widura. Sang Widura sukuna pincang –éta téh karma ti déwa, wawalés ka anu nogéncang haténa.
Haté Déwi Sayojanagandi, bungangang. Impianna geus ngawujud, teureuh Kuru teu pegat turunan. Tanda tumarima ka déwata, Déwi Sayojanagandi ngayakeun sukuran. Pirang-pirang sasajén disébakeun ka Hyang Oti Pati Jagat Nada.

Anak Anu Kadalapan
Kacaturkeun kaayaan di nagara Matura –sabagéan dalang di tatar Sunda, sok nyebut: Madura. Sakumna rahayat, ngarasa teu tingtrim. Unggal wanci dikukuntit ku karisi, unggal mangsa di udag-udag ku kahariwang. Inggis dirina katut turunanna, diasupkeun ka pangbérokan. Tong boroning dina salahna, anu tara nincak salah ogé baris dicangkalak mun sakali mangsa cacarita ngeunaan raja atawa ngungkab borokna karajaan. Raja Kangsa, kacida sarakahna tur telenges. Kejem teu boga rasa kamanusaan. Anu lain dienyakeun, anu enya dianggap lain. Bener téh ceuk ukuran dirina, alus jeung hadé dumasar kereteg haténa. Dina hiji mangsa, Raja Kangsa katatamuan ku Hyang Narada –wiku ti Sawargaloka nepikeun wangsit ti Hyang Oti Pati Jagat Nata, yén: ‘anu jadi raja Madura baris tiwas ku leungeun anak Déwaki anu kadalapan’. Déwi Déwaki téh, pamajikan pamanna Raja Kangsa anu katelah: Wasudéwa (Basudéwa).
Narima béja ti Hyang Narada, Raja Kangsa ngarasa reuwas. Asa dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan, ngarasa kaancam patina. “Geuning diri aing téh lain anu pangpunjulna. Kulit aing anu weduk teu tembus pakarang, tulang aing anu teuas tibatan waja. Baris ancur ku hiji satria. Saméméh aing palastra, orok anu medal ti guha garbana bibi Déwi Déwaki, ku aing rék dipergasa. Sangkan wangsit ti Oti Pati, teu ngabukti”, kitu gerentesna batin Raja Kangsa.
Anu dipikahariwang ku Raja Kangsa, némbongan. Déwi Déwaki –bibina Raja Kangsa, kakandungan. Ngadéngé Déwi Déwaki rék ngalahirkeun, Raja Kangsa ngutus senapatina pikeun mawa jabang bayi anu rék medal pikeun dipaténi. Atuh kacida telengesna, waktu sang jabang bayi medal ka alam pawayangan, langsung dipaténi. Pangeusi karaton hujan cimata, ngilu sungkawa ka Déwi Déwaki anu haténa disasaak ku Raja Kangsa. Malahan, unggal Déwi Déwaki ngalahirkeun, orokna langsung dipaéhan.
Waktu Déwi Déwaki kakandungan anu kadalapan kalina, jabang bayi anu masih dikakandung téh ku Dewi Nidra –widadari anu ngurus ngeunaan saré dipindahkeun kana beuteung Déwi Rohini –selirna Basudéwa. Keur gantina, jabang bayi anu dikandung ku Déwi Yasoda dipindahkeun kana beuteung Déwi Déwaki.
Kacaturkeun dina waktu Déwi Déwaki rék ngalahirkeun, Raja Kangsa geus ngajega di lawang kamar Déwi Déwaki. Orok anu disangka anakna Déwi Déwaki téh, harita kénéh dipaéhan. Méh sawaktu jeung Déwi Déwaki ngajuru, Déwi Rohini ogé ngalahirkeun jabang bayi anu dingaranan: Krésna –anu sabenerna mah anakna Déwi Dewaki. Krésna –satria anu awakna hideung lestreng, dirorok ku Déwi Yasoda. Ti mimiti medal ka alam pawayangan, teu weléh diaping ku Déwa Wisnu –malah nepika nitisna.
Waktu manjing rumaja, Krésna ngajanggélék jadi satria anu sakti mandraguna tur wijaksana. Teu weléh nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah. Kasaktian jeung wawanén Krésna, kaambeu ku Raja Kangsa. Raja Kangsa ngutus senapatina sangkan bisa ngajagragkeun Krésna ka hareupeun dirina, hayang nyaksian kadigjayaanna Krésna.
Kocapkeun, Krésna geus aduhareupan jeung Raja Kangsa. Teu panjang catur, Krésna langsung nangtang ka Raja Kangsa. Ngarasa dilédék, Raja Kangsa ngagero jago Madura pikeun nyangkalak Krésna. Tapi ngan sageprakan, jago Madura ngajurahroh tepi ka ajalna. Raja Kangsa teu béakeun akal, Krésna rék diuji heula mesat tali gondéwa saméméh tarung patutunggalan jeung manéhna. Éta tali gondéwa, kacida beuratna. Anu bisa metot tali gondéwa téh ngan déwa nu pangsaktina. Tapi ku Krésna, tali gondéwa téh ngan sakiceup: pegat –sarta gondéwana, potong. Ningali pusakana ancur, Raja Kangsa geuwat ngaluarkeun sababaraha puluh gajah pikeun ngaleyek Krésna. Ku kasaktén Krésna, sirah-sirah gajah téh ancur sarta awakna amburadul. Ningali ka ayaan saperti kitu, Raja Kangsa napsu teu kapegung, amarah teu kawadahan. Laju narajang Krésna, ngan sageprakan, Raja Kangsa nemahan pati. Paéhna Raja Kangsa, dibagéakeun ku pesta anu rongkah di sakuliah nagara. Rahayat Madura ngarasa bungah amar wata suta, bungah ka giri-giri. Naon anu diwangsitkeun ku Batara Narada, ngabukti. Raja Kangsa bakal tiwas ku anak Déwaki anu ka dalapan.
Sanggeus Raja Kangsa tiwas, Krésna ingkah ti Madura rék niiskeun pikir bari néangan jodo. Waktu keur ngalalana, Krésna kajamparing asih kapentang asmara ku Déwi Rukmini –siwina Raja Bismaka ti nagara Widarba. Déwi Rukmini diiwat ku Krésna bari rék nyoba kasakténna Raja Bismaka. Prajurit karajaaan Widarba dikeprak pikeun nyerek Krésna, tapi teu manggap pulia ngayonan kasaktén Krésna. Prajurit jeung Raja Bismaka serah bongkokan ka Krésna, anu antukna Raja Bismaka masrahkeun siwi (anak awéwé) na pikeun hirup marengan Krésna. Saterusna, Krésna diistrénan jadi Raja Dwaraka (Dwarawati) kalayan ku déwata dibéré gelar: Batara.




***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar