Senin, 10 Maret 2014

Wayang 6



Krépa jeung Krépi
Dihiji padépokan anu rada anggang ti karaton Astina, Begawan Gotama anu kakoncara lébér élmu kasantikaanna, keur ngasah kaparigelan mentangkeun jamparing ka Saradwan –putra kadeudeuhna. Élmu mentangkeun panah geus dicicikeun, sang bagawan ngarasa sugema ku kaparigelan seuweuna. Minangka ujianna, sang bagawan méré pancén moro sato ka leuweung anu aya disabudeureun lelewek padépokan.
Kacaturkeun, waktu Saradwan keur moro mencek deukeut talaga, waktu rék mesat jamparing panonna ngarérét ka sisi talaga. Katémbong, aya wanoja keur mandi. Jamparing ngadadak lésot tina gondéwa, lat poho kana sato anu keur diboro. Manéhna ngeteyep ngadeukeutan talaga, ngintip wanoja anu keur jongjon silanglang. Korosak, sora pangpung katincak ku suku Saradwan. Si wanoja –anu taya lian ti bidadari, gura-giru ka sisi talaga, nyokot samping sarta geuwat nutupan oratna bari terus hanjat. Basa rék ngaléos, leungeunna dibetot ku Saradwan. Éta bidadari kawas anu keuna ku beusi semprani, awakna anu masih baseuh paantel jeung awak Saradwan. Sanggeus éling kana purwadaksina, geuwat ngépéskeun leungeunna bari cong nyembah nepikeun eusi haténa sangkan geuwat dipihukum –sabab geus keuna ku kokotor dunya, pikeun ngaberesihanna taya lian kudu dikawin ku Saradwan. Puguh baé, Saradwan ngarasa bungah kacida bisa ngaboyong bidadari. Saterusna éta bidadari, diasupkeun kana jero jamparing. Kersaning déwata, éta jamparing kakandungan sarta ngalahirkeun orok sakembaran –awéwé jeung lalaki. Anu awéwé dingaranan Krépi, anu lalakina dingaranan Krépa.
Krépa jeung Krépi ku Saradwan miwah ku akina –Bagawan Gotawa, diatik élmu kanuragan jeung élmu kasantikaan. Dina manjing sawawa, Krépa jeung Krépi ngajanggélék jadi satria miwah wanoja anu sakti mandraguna sarta neruskeun tapak lacak akina, ngasuh calon-calon satria anu utama.

Dorna
Dorna –putrana Resi Baradwaja ti padépokan Atas Angin, waktu keur rumajana nyobat jeung Drupada –anak raja Pancala. Waktu Drupada réngsé maguron, manéhna seja mulang ka lemah caina. Saméméh papisah, Drupada ngaharéwos ka Dorna, mun perlu bantuan, datang wé ka nagri Pancala.
Kacaturkeun Dorna geus sawawa, ngarasa perlu ingkah ti padépokan sarta geus wancina bubuara néangan kasab pangupa jiwa katut kalungguhan. Ras dirina inget ka sobatna, Drupada –anu kabéjakeun geus jadi raja di nagri Pancala. Ti padépokan Atas Angin ka nagri Pancala téh, kudu ngaliwatan sagara anu kacida legana. Waktu Dorna keur ngahuleng –sabab bingung pilampaheun, ujug-ujug aya kuda jangjangan anu datangna ti awang-awang. Éta kuda mungguh ahéng bisa cacarita cara manusa, nawarkeun jasa pikeun meuntaskeun ka nagri sebrang. Teu mikir panjang, clak Dorna numpak kuda. Anéh pisan, waktu Dorna keur anjeucleu dina luhur kuda, karasa jeung karampa, beuteung kuda ngabareuhan –kawas anu keur reuneuh. Barang tepi ka tapel wates nagri Pancala, Dorna langsung turun tina kuda. Dirina ngarasa hemeng, kuda anu ditumpakan ngudupruk kawas manusa nu rék ngajuru. Anu kacida hemengna, éta kuda ngalahirkeun orok manusa. Can ogé tamat kareuwasna, kuda robah wujudna jadi bidadari. Taya lian éta kuda téh, nya éta: Déwi Wilotama –bidadari ti kahyangan.
Sanggeus ngalahirkeun, Déwi Wilotama hiber ka méga malang. Sanggeus éling ka purwadaksi, geuwat orok téh dirawu dipangku ku Dorna. Éta orok dingaranan: Aswatama, Aswa hartina Kuda; Tama nyokot ti ngaran Wilotama –indungna. Éta ngaran, keur pangéling-éling ka indungna Aswatama anu waktu ngalahirkeun nyamur jadi kuda.
Sanajan dirina hayang buru-buru jonghok jeung Drupada, tapi éta karep ditunda heula. Ceuk pamikirna, teu hadé mun nepungan sobatna bari ngangais orok.
Aswatama, kacida dipikanyaahna. Asihna Dorna ka Aswatama, lir nanggeuy endog beubeureumna. Sagala kahayangna, tara dipungpang. Unggal usik disiraman ku banyu asih anu pangweningna, sasatna kawas beubeulahan nyawana.

Implik-implik:
Dina Kitab Mahabarata mah, pamajikan Dorna téh: Krépi. Pangna anakna dingaranan Aswatama, sabab waktu Aswatama medal ka alam pawayangan, dibagéakeun ku sora kuda. Sanajan béda vérsi, lebah beuti harti mah sarua –ngaran Aswatama, nyoko kana: Kuda. Malah dina carita wayang golék purwa mah diémbohan, cenah sukuna Aswatama blég kawas suku kuda –ganjor pisan jeung suku mahluk pawayangan séjénna.




***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar