Jumat, 08 Agustus 2014

Leksikografi Sunda



Radén Aria Adipati Kusumaningrat atanapi Dalem Pancaniti téh kudu kasebut (paling copelna, kudu kasabit), upama urang nyaritakeun/medar/ngaguar kamekaran basa Sunda (utamana: kamekaran léksikografi Sunda), disagédéngeun ngaran-ngaran anu geus kakoncara leuwih ti heula, saperti: Jonathan Rigg; Coolsma; Eringa; Satjadibrata; jeung Danadibrata.
Dalem Pancaniti

Kamus Pancaniti
Kamus Pancaniti (Kode LOr 2038)
Kamus Melayu-Sunda –anu saterusna disebut: Kamus Pancaniti meunang nyusun Radén Aria Adipati Kusumaningrat téh, bisa dianggap karya nu kalintang pentingna. Medalna Kamus Pancaniti, jadi bukti tanda kasadaran urang Sunda kana basana sorangan, dina periodé awal modérnisasi anu dibawa ku Walanda.
Naskahna aya tilu, nu dua jadi pabukon di Perpustakaan Nasional Jakarta –Kode SD 2 jeung SD 190, hiji deui aya di Leiden –Kode LOr 2038. Nilik kana kolofon jeung tandatangan, jigana naskah autograf –tulisan asli mah anu SD 2. Naskah SD 2, asalna ti HC. Van der Wijks anu satuluyna dipimilik ku Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschapen (BGKW). Dina kolofon naskahna, ditulis: “Ijang bertanda di tahta inie ijalah sahija Adipattie dari kabopaten Tjiandjoer; Arja Koesoemaningrat, Tjiandjoer pada 26 hari boelan Desember 1857”. Naskah ieu téh eusina Kamus Melayu-Sunda, réngsé disusun kaping 26 Desember 1857.
Aria Kusumaningrat mangsa harita, masih kénéh ngajabat Bupati Cianjur. Anjeunna, jeneng Bupati Cianjur ti taun 1834 dugi ka maotna taun 1863. Anu ngagantina, seuweuna ku anjeun, nya éta: Alibasyah, anu sanggeus diistrénan jadi Bupati Cianjur, Alibasyah ngaranna jadi: Prawiradireja II.
Kamus Melayu-Sunda meunang nyusun Aria Kusumaningrat, ngawengku: 1) kecap dasar dina basa Malayu; 2) sasaruaanna/padanan dina basa Sunda; sarta 3) katerangan dina basa Malayu. Nu matak narik tur hélok, daftar kecapna teu disusun sacara alfabétis, tapi tématis. Ngawengku 173 pasal, ti mimiti pasal kaayaan awak manusa nepi ka istilah tatangkalan jeung bungbuahan.
Éntri Kamus Pancaniti, jumlahna aya 8.727 léma –ngawengku 3.095 léma Malayu, sarta 5.632 léma Sunda. Ditulis dina wangun tabél lima kolom: kolom kahiji: basa Malayu –léma dasar; kolom kadua: basa Kawi; kolom katilu: basa Sunda panengah; kolom kaopat: basa Sunda kasar; jeung kolom kalima: katerangan dina basa Malayu.
Dina ieu kamus, Pancaniti ogé nepikeun sawanganana ngeunaan undak-usuk basa. Pancaniti ngapanta-panta basa Sunda jadi tilu bagian, nya éta: basa Sunda kasar; basa Sunda panengah; jeung basa Kawi. Anjeunna, nepikeun kumaha dipakéna éta tilu ragam basa téh. Mun teu aya basa panengah, kecap anu dipilih téh nya tina basa Kawi. Mun taya basa panengah jeung basa Kawi, kakara ngagunakeun basa kasar.
Nu réa dipaké mah, nya basa Kawi. Iwal mun papada cacah, anu maké basa kasar téh –éta ogé kudu nu pantes, lain basa kasar anu dipaké mun keur ambek. Gegedén, maké basa panengah mun nyarita ka bawahanana –kitu ogé basa Sunda panengah anu pantes, sumawonna ka nu geus kolot atawa ka dulur-dulurna mah. Ieu katerangan bisa ngagambarkeun dipakéna undak-usuk basa panengah, abad ka-19.
Kusabab Pancaniti –Arya Kusumaningrat téh urang Sunda, nya cara mikirna ogé dina basa Sunda. Éta hal, katangen pisan tina cara ngajelaskeun léma dina kamusna. Léma kecap Malayu –anu ilaharna dina kamus diwangun ku kecap dasar, leuwih mangrupa katerangan. Sabalikna, katerangan dina basa Sunda, cukup ku sakecap baé. Hal ieu, tangtu béda jeung “selera akademis” Walanda mangsa harita. Tapi perelu dicatet, ieu Kamus Pancaniti téh dijieun ku pribumi anu “henteu diajar cara Walanda”. Malihan, mangsa dihasilkeunana ogé, jauh saméméh Hussein Jayadiningrat –sarjana pribumi munggaran anu nulis Kamus Acéh-Belanda nu tohaga.

A Dictionary of the Sunda Language of Java
Kamus basa Sunda, karya Jonathan Rigg.
Aria Kusumaningrat nyusun Kamus Melayu-Sunda téh, bawirasa, pikeun kapentingan Walanda. Sakumaha tulisan pamungkas karyana: “Dipersembahken kepada kangdjeng toewan daripada sahiya poenja kebodowan tijadalah sampoerna pengatahoewan, ampoen lah kepada pihak haloewan. Sijang dan malem ijang diingetken, ma’loem ijang dikahendaken… “.
Teu jéntré naon udaganana maké jeung nyusun Kamus Melayu-Sunda sagala, bisa jadi, Aria Kusumaningrat téh miluan saémbara anu diayakeun ku BGKW taun 1843. Nya éta, saémbara: “Nyusun kamus anu leuwih alus batan Nederduitsch Maleisch en Soendasch Woordenboek, meunang nyusun Andries de Wilde”. Dina éta saémbara, anu unggul téh nya éta: Jonathan Rigg, medalkeun karyana anu dianggap fénoménal: A Dictionary of the Sunda Language of Java. Sabenerna, Aria Kusumaningrat nulis naskahna téh, tilu taun saméméh Jonathan Rigg. Heula kénéh Aria Kusumaningrat, anu réngsé nyusun kamusna dina bulan Desember 1857. Sigana mah Kamus Pancaniti téh teu pati dipaliré ku Walanda –duméh henteu nyumponan sarat akademi, anu matak henteu nepi ka diterbitkeun ogé.

Tembang Sunda Cianjuran
Dalem Pancaniti, memang salila ieu teu weléh identik jeung tembang Sunda –lir gula jeung amisna. Paraahli musik –boh ti urang Sunda sorangan, boh ti luar nagri, réa nu katarik ati kagémbang manah ku ieu kasenian. Malah réa nu nganggap, yén tembang cianjuran téh “sajajar” jeung musik-musik klasik anu holna ti Kulon –Barat/Eropa. Sing saha waé anu aya karep hayang nalungtik tembang Sunda –utamana sajarahna, tangtu Dalem Pancaniti téh bakal kasabit-sabit minangka panaratas tembang Sunda.
Nalika Aria Kusumaningrat jeneng bupati, pendopo téh lain ngan saukur tempat pikeun urusan pamaréntahan baé, tapi dipaké ogé pikeun kapentingan mekarkeun kasenian jeung kabudayaan –utamina: seni mamaos. Pendopo kabupatén, dijadikeun puseur kagiatan seni-budaya di sakuliah Priangan. Salahsahiji rohangan di pendopo –tempat Arya Kusumaningrat nyiar ilham dina tarékah nyiptakeun cianjuran, dingaranan: Pancaniti. Rohangan Pancaniti téh mangrupa wangunan modél pavilyun, anu perenahna di kéncaeun padaleman. Nya ti dieu pisan, Aria Kusumaningrat meunang jujuluk: Dalem Pancaniti.
Dalem Pancaniti dina nyiptakeun cianjuran téh henteu ujug-ujug kitu baé, tapi ngaliwatan proses anu kawilang panjang. Ti burey kénéh –ngaran Dalem Pancaniti keur leutik mah: Radén Hasan, anjeunna tos neuleuman pantun jeung degung –diajar ka R. Wasitareja. Hasilna –dibantuan ku dulur-dulurna, Dalem Pancaniti mampuh ngaropéa pantun jadi seni vokal anu dipirig ku kacapi nu luyu jeung budaya kaum ménak. Kacapi Dalem Pancaniti dingaranan “Nyi Guling Putih”, tur dianggap mibanda kakuatan magis. Nya anjeunna nu mimiti nyipta wanda dina Cianjuran, saperti: wanda papantunan –hasil kréasina tina seni pantun; wanda dedegungan –hasil kréasina tina degung; jejemplangan –hasil kréasi tina lagu-lagu jemplang; jeung rarancagan –hasil kréasi tina lagu-lagu rancag.

Panutup
Nepi ka kiwari, iraha pupusna Dalem Pancaniti can kaguar kalawan pasti. Tapi, dina naskah Sajarah Bopati-bopati di Tjiandjoer mah, aya kateranganana. Disebutkeun, yén Dalem Pancaniti tilar dunya dina poé Saptu, wanci surup panonpoé, tanggal 10 Muharram 1290 H (26 Juni 1863 M). dimakamkeun di kompléks Pasaréan Agung, Pamoyanan Cianjur.
Aria Kusumaningrat atawa Dalem Pancaniti, geus nembongkeun yén bangsa pribumi mampuh nyusun kamus. Anapon soal dipaké henteuna ku Walanda anu geus nyekel pageuh tradisi kaélmuan Barat, éta mah soal séjén. Anu matak, Dalem Pancaniti mah leuwih sohor ku Cianjuranana batan ku Kamus-na.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar