Sabtu, 27 Juni 2015

Proklamasi Rasa Jepang



Dina kaping 15 Agustus 1945, nyebar haréwos bojong yén Jepang serah bongkokan ka sekutu. Keur ngajéntrékeun éta béja, Soekarno katut Mohammad Hatta, nepungan Ahmad Soebardjo di Kantor Cabang Departemén Riset. Ku lantaran Soebardjo sarua teu nyaho, tiluanana muru kantor Laksamana Muda Tadashi Maeda. Atuh harita téh aya riungan antara: Soekarno; Hatta; Soebardjo; jeung Laksamana Muda Tadashi Maéda. Ceuk Nishijima Shigetada, éta riungan téh mangrupa salahsahiji faktor anu nyambungkeun Proklamasi Indonésia jeung Angkatan Laut Jepang. Ku lantaran kitu, ceuk Nishijima Shigetada kénéh, Angkatan Laut Jepang kudu meunang tempat terhormat dina sajarah Indonésia-Jepang.
Naskah Klad "Rarancang" Proklamasi

Geus loba anu ngalalakonkeun kumaha kaayaan dina nataharkeun jeung diémbarkeunana Proklamasi Kamerdékaan Indonésia, ping 17 Agustus 1945. Kabéhanana, ditulis ku urang Indonésia sorangan. Nishijima Shigetada, hiji perwira Angkatan Laut Jepang anu raket pakaitna jeung parapamingpin Indonésia mangsa harita, sarta kaasup ka anu ngarojong kana perjoangan kamerdékaan Indonésia, nyieun téstimoni. Ngaliwatan buku anu ditulisna, dijudulan: The Japanese Experience in Indonesia: Selected Memories of 1942-1945, terbitan Ohio University (1986), Nishijima Shigetada ngaguar pangalaman anu karandapan ku dirina.

Béja Talukna Jepang
Soekarno jeung Hatta, nyoba-nyoba pikeun néangan katerangan ngeunaan serah-bongkokan Jepang téh langsung ti Guiseikan Mayjen Yamamoto Moichiro. Tapi, éta dua pamingpin Indonésia téh gagal meunang idin nepungan Yamamoto, alesanana cenah Yamamoto keur hadir dina hiji rapat –Nishijima sorangan teu nyaho naha enya Yamamoto téh aya di kantorna, atawa memang keur ngayakeun rapat. Ku sabab teu panggih, anu duaan téh saterusna nyoba pikeun meunang katerangan ti Angkatan Laut. Ku lantaran kitu, Soekarno-Hatta nepungan Ahmad Soebardjo di Kantor Cabang Departemén Riset. Laju dina ping 15 Agustus harita kénéh –pasosoré antara jam 4 atawa 5, tiluanana nepungan Laksamana Muda Tadashi Maéda di kantor Bukanfu –dihareupeun Lapangan Gambir. Nishijima, dipénta ku Maéda pikeun jadi juru basana. Soekarno anu tiheula ngécéskeun tujuan kadatanganana téh, pokna ka Maéda: “Nguping yén Jepang nyerah, kuring datang ka kantor militer pikeun meunang kapastian éta béja, tapi teu tepung jeung sasaha. Jadi, kuring saréréa datang ka dieu hayang nyaho, naha éta laporan téh bener atawa henteu ?”. Jawab Maéda: “Kuring teu bisa ngajawab kalawan pasti, lantaran can aya laporan resmi ka dieu. Dina dasarna mah, kuring teu percaya Jepang maké jeung serah-bongkokan. Kadé, kudu ati-ati narima berita, lantaran loba béja anu katembongna jiga subversif. Lamun kuring geus meunang informasi resmi, tangtu aranjeun dibéjaan”.
Maéda teu cacarita panjang lebar, jawabanana singget pisan. Tapi sikepna jeung suasana anu karasa ku Nishijima harita, écés mawa gambaran nyerahna Jepang. Nada tarjamahan ti Nishijima ogé bisa jadi geus méré hiji tangara kapastian ka dua pamingpin Indonésia, yén Jepang serah-bongkokan. Waktu maranéhanana naringgalkeun kantor, salahsaurang –bisa jadi Soebardjo, nyarita kieu: “Teu penting naha Jepang enya nyerah atawa henteu, urang kudu terus bajuang pikeun kamerdékaan !”.
Ngadeukeutan kana peutingna tanggal 15 Agustus, Soebardjo datang deui ka Nishijima di Jalan Kebon Sirih Nomer 80 Jakarta, sakali deui hayang mastikeun béja talukna Jepang téa. Padumukan Nishijima téh, ngabogaan fungsi salaku tempat tepung-lawungna urang Indonésia anu aya hubunganana jeung Angkatan Laut Jepang. Poé harita ogé geus aya sababaraha urang Indonésia anu karumpul, saméméh Soebardjo datang. Ku lantaran teu meunang hasil anu dipiharepna, Soebardjo miang deui ka tempat Soekarno di Pegangsaan Timur Nomer 56 babarengan jeung Hatta, maksudna deuk ngabadamikeun masalah-masalah anu rék dibahas dina riungan Komite Persiapan Kamerdékaan keur poé isuk. Kasampak téh Soekarno keur ragot debat jeung sababaraha urang pamuda, diantarana waé: Présidén Dokuritsu Juku –Asrama Indonésia Merdéka; Wikana; jeung Darwis.
Dina tanggal 16 –jam 8 isuk-isuk Soebardjo mireungeuh béja yén Soekarno-Hatta, leungit. Soediro –sékrétaris Soebardjo, anu méré béja téh. Ku lantaran saméméhna geus lumangsung paréa-réa omong nu rongkah antara Soekarno jeung parapamuda, Soediro jeung Soebardjo ujug-ujug teg boga sangkaan yén parapamuda éta jigana anu nyulik Soekarno-Hatta téh. Tapi, maranéhna teu meunang katerangan ti parapamuda, dimana Soekarno jeung Hatta ayana. Soebardjo ogé boga curiga ka Angkatan Darat Jepang, anu nyulik Soekarno-Hatta téh. Soebardjo saterusna ngusahakeun ménta bantuan ti Angkatan Laut, pikeun nyalametkeun éta dua pamingpin –da memang, lamun waé Angkatan Darat anu nahan éta dua pamingpin téh, euweuh deui jalanna iwal ti kudu ménta bantuan ka Angkatan Laut. Soebardjo nelepon ka Nishijima –anu harita aya di Bukanfu, nétélakeun yén Soekarno-Hatta ngiles, bari nambahkeun: “Bisa jadi maranéhanana aya dina “genggeman” Angkatan Darat !”. Nya kitu deui Nishijima ogé boga sangkaan, yén parapamuda mah moal wanieun ngalakukeun pagawéan nyulik kawas kitu. Kacurigaan téh, diteumbleuhkeun ka Angkatan Darat anu jadi uteukna.
Saterusna, Soebardjo gura-giru datang ka Maéda. Nya kitu deui Nishijima, gancang lapor ka Maéda. Maéda indit ka Gunseikanbu nyorangan, pikeun néangan raratan. Yamamoto –Gunseikan jeung Nishimura –Kapala Urusan, nemonan Maéda kalawan rareuwaseun ngadéngé béja leungitna Soekarno-Hatta téh. Tapi pokna téh: “Saenyana mah, lamun maranéhna leungit enyaan, keur urang mah matak ngarasa bungangang, lantaran hartina bakal ngurangan kasulitan engké ka hareup !”. Nishijima ngarasa, yén Angkatan Darat mah nyapélékeun kana ieu kajadian anu saenyana pikahariwangeun téh. Sok sanajan kitu, Angkatan Darat ogé cenah rék ngilu néangan, ngagunakeun Kempetai jeung Beppan anu ngawasa intelején.
Maéda geuwat maréntahkeun ka Nishijima: “Baris timbul situasi anu gawat, lamun komunikasi antara pamingpin pangluhurna bangsa Indonésia jeung Angkatan Darat Jepang dipegatkeun dina tahap kritis kawas kieu. Urang saréréa kudu miara komunikasi, téangan éta dua jelema. Gancang !”. Paréntah Maéda éta nyadarkeun Nishijima, kumaha wijaksanana Maéda. Kakara pisan rék jung indit, kadéngé deui sora Maéda: “Urang geus miara sarta ngadidik manéh tepi ka ayeuna, sangkan manéh bisa digunakeun dina kaayaan saperti kieu !”.
Ceuk itungan Nishijima, pasti kolompok pamuda anu ngalakukeun pangculikan téh. Angkatan Laut Jepang, memang boga hubungan anu raket jeung kolompok pamuda. Sakapeung, maranéhanana osok marénta tulung pikeun nyalametkeun babaturanana anu ditahan ku Kempetai. Sacara naluriah, Nishijima ngarasa yén Wikana bisa jadi kasangkut kana pangculikan ieu. Ku lantaran kitu, Nishijima ngadeukeutan Wikana di Dokuritsu Juku di Bungur Besar. Nishijima inget kénéh basa tipoporoséna ngolo sangkan bisa ngobrol, tapi Wikana teu daék betus.
Nishijima teu éleh géléng, terus ngolo Wikana: “Anjeun geus apal pisan, kumaha kuring geus tihothat pikeun kahadéan Indonésia. Kuring geus ngusahakeun yén kuring téh jadi cukang antara Jepang jeung Indonésia, sageuy atuh anjeun ngantep kuring dina masalah ieu. Pamohalan, lamun kuring hianat ka anjeun. Kuring meredih, sangkan anjeun nyérénkeun Soekarno-Hatta ka kuring sababaturan !”, ceuk Nishijima. Nishijima poho deui sababaraha kalina ngolo Wikana, bari teu weléh malikan deui-malikan deui arguméntasi anu geus disebutkeun ti heula. Tungtungna mah Wikana kaluar sorana: “Henteu, moal bisa. Lantaran kuring jeung babaturan saperjoangan geus jangji. Kuring sababaturan hayang ngabéwarakeun kamerdékaan ka sakuliah dunya, kajeun teuing ngan sakeudeung geus ditumpes deui ogé. Kuring saréréa teu paduli, sok asal pernyataan éta téh tetep mangrupa hiji peristiwa sajarah. Kuring saréréa geus tandon paéh !”.
Ngadéngé jawaban Wikana, Nishijima sadar yén teu lila deui bakal lumangsung hiji kajadian anu gawat. Soebardjo anu langsung dibéjaan ogé, ngupayakeun ngabaladah Wikana, tapi teu hasil. Ku ngira-ngira tina ucapan Wikana –yén maranéhanana geus nyindekkeun pikeun ngamankeun Soekarno-Hatta ka luar Jakarta, Nishijima boga kacindekkan yén Soekarno-Hatta téh ditahanna moal jauh ti kota.
Wikana mimiti nguliat, terus nepungan dua kurir ti kolompok pamuda. Kawasna waé, rék nepikeun béja ka paraanggotana di ditu, yén Nishijima saparakanca moal rék ngahalang-halang kana rencana maranéhanana anu rék ngayakeun proklamasi kamerdékaan. Ku lantaran salahsaurang kurir téh sakanyaho Nishijima mah mangrupa anggota ti Kyodo Boeigun –Pembéla Tanah Air anu ngaranna Jusuf Kunto, pamikir Nishijima jelas yén Gyugun kasangkut kana ieu peristiwa.
Jusuf Kunto, ahirna mah ngajak Soebardjo ka tempat panyumputan Soekarno-Hatta –sanggeus saméméhna, Maéda dipentés jangjina sangkan ulah nangkep hiji pamuda ogé anu kasangkut kana ieu peristiwa sarta ngajamin Soekarno-Hatta dina kasalametanana. Waktu Soebardjo deuk mangkat ka tempat panyumputan, Nishijima nawarkeun manéh rék milu marengan, tapi Soebardjo nolak.
Harita téh kira-kira pukul 4 soré, Soebardjo jeung Soediro ninggalkeun Jakarta muru ka Reungasdengklok. Tepi ka tempat tujuan pukul 6 soré, lantaran ayana sababaraha gangguan –ban mobil bocor di tengah jalan. Soebardjo henteu gasik ditarima ku parapamuda, malah sabagéan mah neundeun curiga –lantaran datangna téh bet diutus ku Angkatan Laut. Saterusna, Soebardjo katut sékrétarisna ngayakeun négosiasi jeung Supeno –hiji shodancho (komandan peleton) Gyugun.
Supeno: “Naha bisa déklarasi kamerdékaan dikaluarkeun tengah peuting?
Soebardjo: “Moal bisa, lantaran bakal ménta waktu. Mimiti, ngayakeun pertemuan jeung Komite, terus nyiapkeun déklarasi. Pikeun hal éta, bisa-bisa perelu waktu sapeuting jeput !”.
Supeno: “Naon anu baris kajadian, saupama éta rencana téh gagal ?
Soebardjo: “Lamun sagalana gagal, kuring anu tanggung jawab sagemblengna. Bung malah bisa némbak kuring, lamun nepi ka éta kahariwang téh kajadian !
Kakara, sanggeus Soebardjo nyarita kitu mah, karék diidinan pikeun papanggih jeung Soekarno-Hatta. Soebardjo gura-giru ngajak éta dua pamingpin kana mobil, sarta biur waé arindit ngajugjug Jakarta.

Gotrasawala
Bari nyabar-nyabar manéh, Nishijima ngahero ngadagoan datangna Soebardjo di padumukan Maéda. Peuting geus jam 11, hiji perwira Jepang keur ngadékan tangkal kaliki ku samurai na –jigana ngalubarkeun kakeuheul jeung kakuciwaan ku talukna Jepang. Saurang deui Kempetai nangtung di handapeun tangkal, ngajaga ieu patempatan bisi aya huru-hara. Nishijima ogé ngadéngé, yén Nakatami Yoshio –panarjamah Angkatan Darat milu ogé ngajaga ieu imah téh.
Teu lila, kurunyung Soebardjo jeung rombongan datang. Di perjalanan, Sukarni ngaganti pakéan saragem Giyugun-na ku pakéan biasa. Nishijima ngahaturanan Soekarno-Hatta sina arasup sarta dicaralikkeun. Soebardjo ngajak Nishijima ka luar kamar, pokna: “Sakedap, Tuan Nishijima !”. Tuluy nyaritakeun sacara singget, naon anu kakara kajadian tadi.
Sajeroning kitu, boh Yoshizumi boh paraanggota Komite Persiapan Kemerdékaan Indonesia geus pada daratang. Paraanggota kolompok pamuda, karumpul di rohangan tamu. Maéda turun ti lanté luhur, terus méré pépéling panjang lébar yén kamerdékaan téh teu meunang direbut bari jeung kudu banjir getih sagala –tangtu waé keur anu hadir bari jeung pinuh ku sumanget mah, hamo daék ngadéngé pépéling anu alim kawas kitu. Saterusna mah, anu hadir ragot debat pada ngaluarkeun hojah.
Di tengah-tengah anu keur debat, Soekarno ujug-ujug nanya ka Sukarni: “Naha bener, ieu téh kabéhanana geus bérés ?”. Sukarni bari bangun nu reuwas, nangtung tuluy ngajawab: “Ieu baris mawa bahaya !”. Manéhna saterusna ngécéskeun, yén aya rencana pemberontakan kaom muda anu waktuna moal lila deui. Éta rencana téh, ceuk sukarni, geus meunang kasaluyuan dina tanggal 16 isuk-isuk. Éta pemberontakan téh arék dijalankeun pangpangna ku urut anggota Giyugun; Héiho; jeung parapelajar, dilaksanakeunna dina pukul 10 isuk-isuk, tanggal 17. Sukarni saterusna kaluar, dituturkeun ku Nishijima jeung Sayuti Mélik.
Nishijima tiluan ngajugjug ka imah Hatta –rék nyokot pakéan Sukarni, di dinya Sukarni salin deui pakéanana ku saragem militér –lengkep maké péstol jeung samurai. Ti dinya, mobil neruskeun perjalanan. Nya anjog ka hareupeun asrama mahasiswa kadokteran –di Prapatan, sanggeus ngaliwatan Ménténg, ieu asrama téh jadi “markas besar” kolompok pamuda. Sukarni jeung Sayuti Mélik arasup duaan, ari Nishijima mah ngadagoan dina mobil. Bari cicing, Nishijima nangenan serdadu-serdadu urut Giyugun dina treuk –kabéhanana marawa senjata bari katémbongna téh semu tegang. Teu lila, Sukarni jeung Sayuti Mélik daratang deui. Bisa jadi maranéhanana téh tas ngabéjaan babaturanana, yén pemberontakan diputuskeun “ditunda” sapeuting.
Mobil anu ditumpakan ku Nishijima tiluan, muru ka Koningsplein, anu ahirna cunduk ka stasion pamancar nu dijaga samagréng ku pulisi militér. Ku lantaran parapamuda téh geus ngabuleudkeun tékadna rék mroklamasikeun kamerdékaan Indonésia ka sakuliah dunya, ku Nishijima kajudi, yén rencana pangbarontakan téh kaasup ogé “ngarebut” stasion pamancar. Jadi, teu matak héran upama téa mah Kempetai –paling henteu geus nyahoeun kana éta rencana téh.
Kawasna mah geus aya babadamian antara urang Indonésia anu aya di jero stasion jeung Sukarni –yén maranéhanana deuk ngamimitian ngayakeun kagiatan, lamun geus meunang aba-aba ti Sukarni, Sukarni ujug-ujug ngagorowok: “Rencana dibatalkeun peuting ieu…!”, pokna. Ngadéngé sora nu ngagorowok, Kempetai gasik muru ka lebah Nishijima. Sabenerna mah, Sukarni téh geus sababaraha kali ditangkep ku Kempetai –nya kitu deui Nishijima kungsi sakali aya dina pangawasan. Nu matak harita, Nishijima jeung Sukarni téh langsung rék ditahan. Nishijima meredih, sangkan anu nahan téh nelepon heula ka Maéda –sanggeus Nishijima ngécéskeun, yén manéhna duaan téh keur ngajalankeun tugas penting pisan. Kempetai gancang nelepon ka Maéda, nu dijawab langsung ku paréntah: “Leupaskeun gancang ! ieu téh dina kaayaan walurat !”. Nya duaanana, dileupaskeun.
Waktu Nishijima keur aya di luar imah Maéda, Maéda geus ménta ka Gunseikan Yamamoto ti Angkatan Darat sangkan datang ka imahna. Tapi, éta paménta téh ditolak. Maéda ménta kitu téh lantaran hayang aya salahsaurang wawakil ti Angkatan Darat, ngarah babarengan langsung badami jeung parapamingpin Indonésia. Ku lantaran paméntana ditolak ku Yamamoto, Maéda indit ka Kapala Urusan Umum Gunseikanbu –Mayjén Nishimura. Soekarno; Hatta; Maéda; Yoshizumi; jeung Nishijima, bring arindit ka imahna Nishimura –waktu harita téh geus liwat pukul 1 janari, tanggal 17. Nakatami geus dipanggil salaku panarjamah. Sanajan Nishimura henteu meleg-meleg nolak, tapi sikepna téh “dingin”. Soekarno jeung Hatta, ngadesek Nishimura sangkan ngidinan kamerdékaan sagancang-gancangna sarta ménta diayakeun riungan jeung Komite Persiapan Kemerdékaan Indonésia sapoé leuwih cepet ti nu geus direncanakeun. Maéda milu ngarojong, tapi Nishimura henteu daékeun ngidinan –malah bangun narékahan sangkan neruskeun kawijaksanaan mertahankeun “status quo”. Yoshizumi; Saito Shizuo; jeung Nishijima, araya di ruang tamu. Nishijima ngarasa keuheul nyanghareupan jalan buntu kieu téh, Saito mah malah nuduh ka Nishijima, bari pok bangun napsu: “Naon anu ku anjeun dipigawé, jelas-jelas némbongkeun ka-teusatia-an ka Kaisar. Kaisar téh geus ngumumkeun, yén sagala rupana geus lekasan. Lamun anjeun ngajalankeun tindakan ngadukung kamerdékaan, akibatna bakal malindes kana status Kaisar !”.
Sanajan ingetan Nishijima geus rada loba pohona, ceuk ingetan Nishijima mah Saito téh malah ngagunakeun kecap: “kokuzoku” –anu hartina: penghianat, nu ditujulkeun ka Maéda. Nepi ka Nishijima sorangan ngarasa ambek ngagugudug, ngadéngé omongan saperti kitu téh. Teu asup akal, Saito nyarita saperti kitu téh. Cenah Perang Asia Timur Raya téh tujuanana deuk ngabébaskeun Asia, cenah tujuan utama perang téh rék mawa Jepang sangkan leuwih raket jeung Asia.

Téks Proklamasi
Geus pukul 2 leuwih –janari, waktu rapat dibuka deui di imahna Maéda. Soekarno; Hatta; Soebardjo; Maéda; Yoshizumi; jeung Nishijima, dariuk ngurilingan méja bunder di kamar makan. Paraanggota kolompok pamuda jeung Komite Persiapan Kemerdékaan Indonésia, nempatan rohangan resépsi jeung rohangan tunggu. Méméh prung rapat dimimitian, Maéda nyarita kieu: “Urang kudu ménta hadir ti Angkatan Darat”. Maéda gap kana telepon nyalukan Saito sangkan datang, tapi Saito nolak datang –lantaran keur sibuk ku pagawéan, pokna téh. Saterusna, Maéda nelepon Miyoshi, ménta datang, lantaran geus loba anu karumpul di imahna. Manéhna mah, daékeun datang. Miyoshi téh jalma anu gampang dina gaul, katambah-tambah manéhna mah shiseikan –pajabat sipil. Sok sanajan kitu, Miyoshi téh dianggap ngawakilan Angkatan Darat –peryogi diuninga, Angkatan Darat téh mangrupa panguasa kahiji di Jawa. Da ari Angkatan Laut mah, jadi panguasa kadua. Anu ngariung téh, jadi katambahan ku Miyoshi.
Di imahna Maéda, parapamuda ngunakeun tekenan ka rapat –ti kamar gigireun. Maranéhanana, teu bisa narima upama nyieun rarancang déklarasi, dina méja anu “babarengan” jeung urang Jepang. Maranéhanana ogé, teu bisa narima kana saran-saran anu “berbau” Jepang. Upamana waé, waktu Soekarno-Hatta ngusulkeun pikeun nandatangan jeung macakeunana dokumén kamerdékaan dina tanggal 17 téh ku Komite Persiapan Kemerdékaan Indonésia, Sukarni jeung Chairul Saléh nolak sapajodogan. Ceuk maranéhanana: “Euweuh gunana maké Komite sagala, anu geus écés jéntré ngabogaan hubungan jeung Jepang !”. Terus, waktu Soekarno ngusulkeun diayakeunana konsultasi jeung parapajabat tinggi Jepang –saméméh nyieun déklarasi. Parapamuda kalawan tandes ngiritik, alesanana: “Kamerdékaan ieu samata-mata kapentingan murni rahayat Indonésia, bari euweuh sangkut-pautna jeung pihak Jepang”. Nu ahirna mah buleud pamanggih saréréa, yén: Kamerdékaan baris didéklarasikeun, leupas tina satuju-teu satujuna Jepang.
Rarancang déklarasi, disusun ku Soekarno –sanggeus ngaliwatan tukeur pamanggih. Rarancang kahiji unina:
Rakyat Indonesia dengan ini menyatakan Kemerdekaan.
Badan-badan organisasi yang ada, harus disita oleh Rakyat dari orang asing yang kini menguasainya.”
Dina éta téks, masalah nu badag nya éta: dipakéna kecap “sita”. Lamun Indonésia kudu “nyita” kakawasan ti Angkatan Bersenjata Jepang maké kekerasan, hal ieu bisa jadi ngajéngkélkeun ka urang Jepang, anu bisa ngajurus kana “bentrokan” tragis. Sok sanajan geus “nyerah”, sabenerna mah Angkatan Bersenjata Jepang téh masih kénéh beleger.
Diskusi pikeun ngarumuskeun deui déklarasi, lumangsung rada lila ogé. Ahirna, kecap “sita” diganti ku “pemindahan”. Saterusna, dina kalimah: “pemindahan kekuasaan dan selanjutnya, harus diusahakan dengan cara cermat dan secepat-cepatnya”. Kecap “diusahakan” diganti ku “dilaksanakan”. Ieu téks téh, ditulis ku Soekarno sorangan dina keretas anu aya di imahna Maéda. Kalawan écés, urang bisa niténan koréksi dina dokumén éta. Rarancang déklarasi téh, ahirna mah réngsé. Unina:
Kami bangsa Indonesia dengan ini menyatakan kemerdekaan Indonesia.
Hal-hal yang mengenai pemindahan kekuasaan dan lain-lain, diselenggarakan dengan cara saksama dan dalam tempo yang sesingkat-singkatnya”.
Miyoshi diperedih pikeun nepikeun ka Angkatan Darat, yén istilah “kekuasaan” dina déklarasi téh ngandung harti: “kekuasaan administratif”. Ku kituna, moal matak nimbulkeun panolakan ti Angkatan Darat.
Rancangan anu pamungkas, satuluyna diketik ku Sayuti Mélik. Ahirna, cunduk waktuna Soekarno pikeun maca téks téa, di hareupeun paraanggota Komite anu geus narunggu di kamar gigireun. Nishijima ngadéngé sora Rajiman, nu nanya: “Naha ieu téh geus disatujuan ku Gunseikan ?”. Nishijima rada katodél mamaras, ceuk pikirna: “Bodo téh katotoloyo, ku naon anu kitu waé masih kénéh ditanyakeun dina tahap saperti kieu ?”. Ku Nishijima ogé kadéngé sora-sora séjén, anu nanya: “Saha anu deuk nandatangan ?”, jeung nu nanya: “Saha nu deuk macana ?”. Sukarni, deui-deui teu panuju kana eusi rarancang déklarasi téh. Lantaran, cenah, henteu révolusionér jeung lemah dina eusi katut jiwana. Lantaran kritik Sukarni dirojong ku kaom muda, atuh perdebatan téh timbul deui. Tapi, anggota Komite nolak kana oposisi éta sarta mutuskeun nyatujuan kana éta rarancang.
Saenyana mah éta rarancang déklarasi téh, kaasup “luar biasa”. Mindeng pada nyebutkeun, yén Soekarno-Hatta téh: “ngawakilan ra’yat”. Tapi, saenyana mah teu aya tandatangan ngeunaan éta nu duaan téh dina dokumén. Rarancang kamerdékaan saperti kieu, bisa jadi, langka dimana waé ogé. Boa, di saalam dunya.
Terus, sok aya nu nanya: “Naha harita téh, aya urang Jepang nu hadir ?”. Bener, aya sababaraha urang Jepang –kaasup Nishijima sorangan nu aya di rohangan tempat draff téa ditulis. Malah Nishijima sababaturan téh, milu ogé ngaluarkeun pamanggihna. Tapi Nishijima sababaturan mah, teu milu hadir dina waktu maca déklarasi basa di hareupeun anggota Komite mah. Mohammad Hatta dina catetanana, dina bukuna: Sekitar Proklamasi (Jakarta, 1970), nyebutkeun: “yén Maéda ninggalkeun rohangan, naék ka lanté luhur waktu nu limaan anggota Komite ngararancang proklamasi téh. Ari Miyoshi mah tetep di dinya, tapi teu nyarita naon-naon…”. Ceuk Nishijima, jigana waé Hatta rada kacalétot –nya kitu deui nu séjénna anu sapamanggih jeung Hatta, ngeunaan tempat nulis rarancang proklamasi.
Tah kitu salahsahiji babak awal dina drama kamerdékaan nu geus bisa diréngsékeun, anu mangrupa hiji tugas anu pohara beuratna. Anu meres pikiran katut tanaga, sarta kasadiaan kompromi ti kolompok-kolompok pamuda; parapamingpin; jeung urang Jepang anu harita milu hadir.


***

Sabtu, 20 Juni 2015

Seni Ibing Sunda



Saméméh Jaipongan dipikawanoh ku masarakat Sunda, seni ibing dina pintonan rahayat téh katelahna: Ketuk Tilu. Taun 1978-an, Gugum Gumbira ngawanohkeun seni ibing wanda anyar, nya éta: Ketuk Tilu Perkembangan. Ketuk Tilu Perkembangan, robah ngaranna, jadi: Bojongan. Saterusna taun 1980-an, robah deui jadi: Jaipongan. Ku kituna, Ketuk Tilu jadi inspirasi lahirna seni ibing anu katelahna: Jaipongan.
Waditra: Goong jeung Ketuk.

Ketuk Tilu
Saperti kasenian rahayat lianna anu hirup di kalangan somah, ngaran kasenian osok dipatalikeun jeung: pakakas jeung kaayaan tempat atawa kaayaan alam. Kasenian Ketuk Tilu ogé –cenah, nyoko kana salahsahiji waditra pamirigna, nya éta: Ketuk anu jumlahna Tilu. Ketuk téh sarimbag jeung penclon bonang/koromong atawa rincik, bentukna buleud kawas rantang –ngan bagéan luhurna kawas susu sapi anu keur bareuh. Dina sumber nu sejen, istilah Ketuk Tilu téh asalna tina waditra Ketuk anu ditakol Tilu kali –minangka isarat pikeun waditra séjénna (rebab; kendang; goong) pikeun mitembeyan maénkeun hiji lagu atawa ngan saukur instruméntalia waé.
Nepi ka taun 1980-an mah, aya sésébréd anu sok remen dipaké bahan ngabodor ku: bodor réog; bodor calung; jeung bodor dina sandiwara. Sésébrédna uni na, kieu: “Ketuk tilu kendang dua, érloji diputer deui. Huntu tilu punglak dua, nu hiji geus ungger deui”. Mucunghulna sésébréd saperti kitu, méré gambaran, yén Ketuk Tilu “pernah” jadi kacapangan balaréa –Ketuk Tilu, diperkirakeun kasohor di taun 1916. Sok sanajan Ketuk Tilu geus “teu pati” dipikawanoh deui, tapi, kasenianna mah teu ieuh tumpur. Buktina: masih aya kénéh pintonan Ketuk Tilu di Derenten –kebon binatang Bandung jeung di Kampung Seni & Wisata Cibolérang –Kampung Cibolérang; Desa Cinunuk; Kacamatan Cileunyi – Kabupaten Bandung. Sabenerna mah di wewengkon Garut; Karawang; jeung Kuningan ogé, masih aya anu mintonkeun kasenian Ketuk Tilu téh –ngan hanjakal, jumlahna pohara saeutikna, éta ogé ngan dipikaresep ku “generasi kolot”.
Lamun didéfinisikeun, anu dimaksud kasenian Ketuk Tilu téh, nya éta: wangun kasenian kalangenan anu aya ronggéngan atawa dogér, kalawan pamirigna: ketuk –tilu siki; kendang; kulantér –kendang leutik, dua siki; rebab/tarompét; kempul; kecrék; jeung goong. Dina kamekaran saterusna, pirigan Ketuk Tilu di sawatara wewengkon di Tatar Sunda téh, jadi bagian tina pintonan téater. Contona: Ronggéng Gunung –di wewengkon Ciamis; Banjét –di wewengkon Karawang jeung Subang, Topéng Betawi –utamana di wewengkon Jabodetabék, kaasup seni Ubrug di Banten. Cenah mah, Ketuk Tilu mibanda gaya ibing anu khas –luyu jeung ciri khas wewengkonna. Gaya ibing anu mandiri ieu, ditandaan ku ngaran-ngaran kawihna, saperti: Torondol; Angin-Angin; Dépok; Oray-orayan; Bajing Luncat; Sorongan; Balik Bandung; Ban Karét; Léngkah Tilu; Léngkah Opat; sarta Cantél. Kawih Kidung jeung Érang-Érang dina pagelaran Ketuk Tilu, biasana mah mangrupakeun kawih wajib. Kawih séjénna, saperti: Émprak atawa Émprak Kagok; Polos –anu ngembang jadi “Polos Tomo”, sarta sakapeung-sakapeung disambung kalawan naék Géboy; Berenuk Mundur; Kaji-kaji; Gorong; Tunggul Kawung; Gondang; Sorong Dayung; Cikeruhan; Prang-prang Tarik; Rénggong Buyut; Awi Ngarambat; Bangkét Solontongan; Palérédan; Géséh; Kembang Beureum; Sonteng; Ombak Banyu; Gaya Éngko; Mainang; Karawangan Barlen; Soloyong; jeung sajabana.
Numutkeun sababaraha sumber, kasenian Ketuk Tilu, asal muasalna tina upacara tatanén. Ku kituna, kalungguhan “ronggéng” lain ngan saukur jadi juru kawih atawa juru ibing wungkul, tapi sabagé: Shaman. Oyagna imbit ronggéng –dina konteks upacara tatanén, lain ditujulkeun keur ngondang birahi, tapi hurmatan ka Nyi Pohaci –Déwi Kasuburan.
Ku lajuna mangsa, Ketuk Tilu ngalaman parobahan. Tina nu sipatna “ritual”, robah kana “kalangenan” –hiburan. Kalungguhan ronggéng, geus jadi “penari bayaran”. Ronggéng dibéré: jabana –di sawér duit. Tapi mun ditilik tina jihad ékonomi mah, gambaran gawé profésional téh geuningan geus aya ti béh ditu mula –ku geus dipakéna seni, jadi lahan usaha keur pangupa jiwa.
Sanajan geus ngagésér jadi seni kalangenan, tata cara pintonanna mah masih ngagunakeun padika heubeul. Tempat pintonan, cukup dicaangan ku oncor –obor. Ayana oncor di tengah pakalangan, lain ngan ukur keur nyaangan wungkul, tapi mibanda harti nu mandiri. Oncor téh lambang Mandala, nya éta: pancerna buana atawa puseurna dunya. Pagelaranna teu maké panggung anu diundakkeun, tapi, panggung ngupuk –keur nayaga anu nabeuh jeung ngigel.
Pamaén Ketuk Tilu, diwangun ku: lurah kongsi –pupuhu rombongan; ronggéng; jeung nayaga –tukang kendang, tukang kecrék, rebab/tarompét, ketuk, jeung tukang goong. Waktu magelarannana, dimimitian ba’da Isya nepi ka wayah Janari –aya kalana nepi ka sapeuting jeput. Runtuyan pintonanna, biasana dimimitian ku tatalu; ronggéng ngawih Kidung atawa ngawih Kembang Gadung; laju kana ibing ronggéng Wawayangan –ibing Wawayangan mangrupa ibingan keur némbongkeun kaparigelan ngawih jeung ngibing nyi ronggéng. Dina ibing Wawayangan ieu, ronggéng lulugu –ronggéng utama; ronggéng pangbarep –ronggéng pangméncrangna; jeung ronggéng lianna, ngadu kaparigelan ngawih jeung ngibing. Saréngséna ngibing, ronggéng ngajajar hareupeun nayaga. Saterusna, ka tengah pakalangan, asup Pamogoran –lalaki atawa jawara anu mika-gandrung kana ibing Ketuk Tilu. Pamogoran biasana sok langsung ménta lagu, tapi aya kalana osok némbongkeun heula momonés –pamér ngibing jeung némbongkeun kakuatan jurus ibing. Aya ogé Pamogoran téh anu osok langsung milih ronggéng, terus ngigel jeung ronggéng anu dipilihna. Réngsé ngigel, manehna méré pamasak atawa duit sawér ka nyi ronggéng. Mun pagelaran Ketuk Tilu parantos lekasan, aya kalana Pamogoran téh osok “mogor” di imah nyi ronggéng.
Upama ditilik tina jihad pintonan, runtuyan anu geus didadarkeun di luhur bieu, kabagi jadi tilu adegan, nya éta: Babak Tatalu; Babak Erang; Babak Pasakan. Wincikana, saperti kieu:
ADEGAN KAHIJI (Babak Tatalu)
Dina adegan kahiji, waditra nu mirig téh ditabeuh dina iringan “tatalu” –gunana pikeun ngumpulkeun nu lalajo jeung parapamilon. Pamilon –calon nu rék ngibing jeung anu lalajo, caricing di sabudeureun pakalangan –biasana mah bari nangtung, nagog, atawa diuk. Sanggeus balaréa daratang jeung ngumpul, dimimitian ku pararonggéng asup ka jero pakalangan, ngibing babarengan ngurilingan lampu oncor. Gerakan ibingna disebut Jajangkungan jeung Wawayangan, sarta gerakanna geus diatur saméméhna ku wirahma anu anca. Bagian saterusna, nya éta: Wawayangan. Di ibingkeun ku ronggéng, kalawan posisi satengah bunderan atawa tapal kuda. Biasana, maranéhanana ngibing bari ngawih Kidung.
Saterusna, lurah kongsi ngaduruk menyan dina parupuyan kalawan pangradinan –sasajén. Laju mapatkeun jangjawokan, ménta kasalametan salila magelaran sarta ménta rizki anu réa. Sajaba ti éta, dibacakan ogé –bari lalaunan “asihan” sangkan pararonggéngna dipikaresep ku parapanongton. Anu dipiharep, sangkan parapanongton jembar haté pikeun mikeun duit. Réngsé Wawayangan, pararonggéng ngajajar ka gigireun tur nyanghareupan panjak –paranayaga. Lamun di luhur panggung, mangka posisi barisannana nukangan anu lalajo.
Salila Babak Tatalu ieu, gamelan tetep ngangkleung dina kawih Kidung. Réngsé kawih Kidung, ronggéng nyieun posisi ngawangun bulan sabit, nyinghareup ka arah panongton, dituluykeun dina Babak Érang.
ADEGAN KADUA (Babak Érang)
Sanggeus ibing bubuka dipilampah ku pararonggéng, dituluykeun ku ngibing babarengan –pararonggéng jeung panongton lalaki/pamogoran. Ronggéng, ngibing ku léngkah-léngkah anu pondok jeung ngayunkeun leungeunna wungkul. Sedengkeun pamogoran, ngibing ku rupa-rupa gerakan –lolobana mah tina gerakan penca. Minangka selingan, dina ngibing babarengan téh biasana dipintonkeun ibing Tongtonan ku panjak –salah sahiji nayaga atawa ti anu nongton –lamun aya nu ménta ku gerakan anu baku –luyu jeung gendingna. Dina ieu adegan selingan téh, geus aya pola wirahma anu tangtu tur baku jeung gendingna –dumasar kahayang nu ngibing.
Dina babak ieu, ronggéng ngibing babarengan sacara bébas dipirig ku kawih Érang-Érang. Panongton, bébas ngibing tanpa kudu mayar duit pasakan –duit bokingan. Babak ieu dipidangkeun husus pikeun panongton anu resep ngibing, minangka pamanasan sakaligus “bonus”, alatan henteu kudu mayar.
ADEGAN KATILU (Babak Pasakan/Parebut Ronggéng)
Réngsé Babak Érang, kakara saterusna dituluykeun dina Babak Pasakan. Parapamogoran anu ngibing jeung ronggéng, kudu mikeun duit paseuk ka ronggéng atawa panjak.
Dina acara puncak, geus biasa aya adegan parebut ronggéng. Pamogoran, silih rebut ronggéng pikeun ngibing jeung ronggéng “primadonana”. Dina milih ronggéng –minangka pasangan ngibing, mindeng lumangsung kaributan, ku kituna babak ieu dingaranan Parebut Ronggéng. Ku alatan éta, Ketuk Tilu kungsi dilarang ku pamaréntah dumasar alesan demi kaamanan sarta katartiban umum. Tapi dina émprona mah, Ketuk Tilu téh teu ieuh leungit, tetep lumangsung di kahirupan balaréa.
Kalakuan Pamogoran mangsa bihari –baheula, teu pati jauh jeung kalakuan kaom Bajidor dina kasenian Bajidoran –Kiliningan Jaipongan mangsa kiwari. Asup ka pakalangan téh, lain sagemblengna keur nyicikeun “éksprési seni”. Karéréaanna mah ka jurung ku gitek; kelét; jeung rindat nyi ronggéng.

Jaipongan
Gurilapna ibing Jaipongan, gedé pakaitna jeung anu marajianna: Gugum Gumbira Tirasonjaya. Ieu seniman seuweu –putra pameget ti pasangan H. Suhari jeung Hj. Oyoh téh, taun 1980-an ngageunjleungkeun jagat panggung seni Tatar Sunda, Nusantara, jeung Mancanagara, ku karyana anu dingaranan: Jaipongan.
Gugum ti burey kénéh, béda karesepna jeung dulur-dulurna. Lain anyang-anyangan, Gugum mah kadon resep diajar maénpo atawa penca ka bapana. Nincak mangsa rumaja, mimiti diajar Ketuk Tilu. Manjing sawawa, kukurusukan ka wewengkon Karawang jeung Subang –ngundeur luang tina seni Topéng Banjét, Kiliningan Bajidoran, jeung seni séjénna. Gerak “bukaan”; “pencugan”; “nibakeun”; jeung sababaraha ragem gerak “mincidtina sababaraha ibing Ketuk Tilu; Topeng Banjét; jeung Kiliningan Bajidoran, nga-inspirasi Gugum keur ngamekarkeun ibing atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka Jaipongan. Sababaraha gerak dasar ibing Jaipongan –lian ti Ketuk Tilu, Bajidoran sarta Topéng Banjét, ku Gugum dieuyeuban maké gerakan seni nu séjénna, saperti: Tayuban jeung Penca Silat.
Resep kana kasenian, kaanteur ku geureuha –pamajikan na, nya éta: Euis Komariah –maéstro seni kawih jeung tembang. Anu jadi obsési Gugum, nya éta: sangkan ibing ra’yat jadi ibingan anu bisa unggah ka tengah pakalangan. Ku ayana rojongan ti “patih goah” –bojo, sumanget Gugum pikeun matéakeun seni Sunda, leuwih ngagedur.
Taun 1974, Gugum ngadegkeun grup kasenian anu dingaranan: Jugala. Taun 1978, ngilu aub kana féstival kasenian ra’yat tingkat Jawa Barat di Gedong Merdeka Bandung. Taun éta kénéh, ku Propinsi Jawa Barat dipercaya ngawakilan Jawa Barat dina féstival tari ra’yat tingkat internasional di Hongkong. Di Hongkong harita, Gugum midangkeun ibingan anu dingaranan: Ketuk Tilu Perkembangan atawa Ketuk Tilu Kamekaran –terus diganti jadi: ibing Bojongan. Taun 1980-an, ibing Bojongan diganti deui jadi: Jaipongan. Ketuk Tilu Kamekaran –sabab dasar ibing éta mangrupakeun “kamekaran” tina Ketuk Tilu, mangrupa karya munggaran Gugum Gumbira anu kacida kentel kénéh ku “kelir” ibing Ketuk Tilu –boh tina segi koréografi atawa pirigannana.
Waktu mimiti medal, Jaipongan kungsi jadi bahan catur balaréa –patali jeung anu jadi papayung Jawa Barat, teu pati panuju kana tilu G: géol; gitek; jeung goyang. Ibing Jaipongan, dianggap érotis tur vulgar. Ku ayana pro jeung kontra kana ibing Jaipongan, sabenerna mah gedé pisan mangpa’atna keur Gugum mah. Karya na, jadi pada mikawanoh –malahan dipigandrung ku balaréa. Komo deui sanggeus ibing Jaipongan dipintonkeun dina TVRI stasiun puseur Jakarta, taun 1980. Jaipongan, beuki kasohor. Lian ti éta, pola tepak kendangna eunteup kana seni séjénna –dangdut; wayang golék; seni pop; katut seni tradisi. Ku seni Jaiponganana, Gugum Gumbira geus bisa ngejatkeun seni ra’yat kana panggung anu leuwih gedé ambahanna. Tina leungeun kréatipna, medal sababaraha ibing Jaipongan dina wangun tunggal; pasangan; jeung rampak, di antarana: Daun Pulus Késér Bojong; Réndéng Bojong; Rawayan; Sétra Sari; Banda Urang; Rampayak; Sonteng; Toka-Toka; Kawung Anten; Oray Welang; Pencug jeung Jalak Ngejat.
Gumelarna Jaipongan di jagat seni Indonesia, sabenerna mah méré “kontribusi” anu cukup badag ka paraseniman tari, pikeun leuwih aktip matéakeun deui jenis tarian ra’yat anu saméméhna kurang perhatian. Jaipongan, dimangpaatkeun ku paraseniman tari pikeun ngayakeun kursus-kursus tari Jaipongan. Kitu deui, dimangpaatkeun ku pangusaha pub-pub peuting pikeun metot sémah. Sacara teu langsung, usaha sarupa kieu, apanan minangka usaha “pemberdayaan ékonomi kreatip” ngaliwatan ibing Jaipongan.


***

Senin, 23 Maret 2015

Bengkok jeung Titisara



Béngkok téh mangrupa lahan anu dipimilik ku Désa, nu disadiakeun pikeun kapentingan ngagajih Kapala Désa jeung Pamong Désa. Sedengkeun ari Titisara nya éta lahan Désa anu diancokeun pikeun waragad Désa (boh nu ngeunaan administrasi; rapat désa; jeung séjénna), anu aya patula-patali jeung kahirupan pamaréntahan désa.

Béngkok
Di Tatar Sunda –duka iraha mimitina, di unggal désa sok aya lahan anu disadiakeun pikeun ngagajih Kapala Désa –Kuwu atawa Lurah jeung Pamong Désa –Juru Tulis; Kulisi; Jagabaya. Tiap wewengkon ngaranna béda-béda, aya anu nyebut: Taneuh Kajaroan –Banten; Sawah Carik –Priangan Wétan; Sawah Béngkok atawa Sawah Kalungguhan –Cirebon jeung Ciamis. Lian ti éta, aya ogé anu kasebut: Sawah Kanomeran; Sawah Kacacahan; Sawah Kasikepan, jeung réa-réa deui sesebutan anu séjénna. Taneuh atawa lahan anu disebut bieu, éta téh kaasup kana rajakaya désa –nya éta rajakaya mangrupa lahan, anu ngahasilkeun barang (bubuahan; beubeutian; tatangkalan; jeung lianna) anu hargaan atawa bisa diduitkeun/dijual. Rajakaya Désa ogé bisa mangrupa: Tanah Kas Désa –TKD; Pamandian Umum; Pasar Désa; wangunan milik désa; tempat rékréasi anu diurus ku désa; jeung rajakaya lianna. Lahan milik désa, dibédakeun antara: “lahan anu ngahasilkeun” (boh ngahasilkeun paré, palawija, bubuahan, tatangkalan, jeung ngahasilkeun anu séjénna), jeung “lahan anu teu ngahasilkeun” (boh lahan anu dipaké wangunan Balé Désa, Kantor Désa, Koperasi Unit Désa, sakola/madrasah, masjid, jeung anu mangrupa lapang olahraga). Tah, Béngkok mah mangrupa lahan anu ngahasilkeun.
Baheula, Béngkok téh disadiakeun pikeun ngagajih Kapala Désa jeung Pamong Désa. Katangtuan ngeunaan hal éta, aya réngkolna dina Inlandshe Gemeente Ordonnantie (IGO), Staatsblaad Nomer 83 Taun 1906. Dina Pasal 3, anu kira-kira pibasaeunana kurang leuwih kieu: “Panghasilan nu dibayar ku Désa pikeun Kapala Désa jeung Pamong Désa, diatur ku Bupati kalawan mupakat warga désa (bumi putera). Panghasilan éta mangrupa hak usaha (taneuh) Béngkok, Pancén, jeung anu séjénna, nurutkeun kabutuhan sarta aturan-aturan nu ditetepkeun ku Bupati”. Jadi, Béngkok téh mangrupa lahan anu dipimilik ku Désa, disadiakeun pikeun kapentingan gajih Kapala Désa jeung Pamong Désa, tapi éta lahan téh teu meunang dipiboga ku Kapala Désa atawa Pamong Désa sacara pribadi. Hartina, Béngkok téh mangrupa barang inventaris –anu matak disebut: Taneuh Kalungguhan/ tanah jabatan. Kusabab lahanna lega, Béngkok bisa nyukupan pikeun kahirupan pangurus désa. Ku kituna, warga désa teu kudu nyadiakeun duit pikeun ngagajih Kapala Désa jeung Pamong Désa, cukup ngalaksanakeun “Pancén” –nya éta gawé teu dibayar pikeun kapentingan Kapala Désa/Pamong Désa atawa mayar pajeg. Dina kanyataanana, pikeun warga désa anu boga duit mah, Pancén téh osok kalan-kalan diganti ku duit.
Ditilik tina urusan rumah tangga désa –hususna ngeunaan kauangan désa, otonomi désa téh bener-bener katémbong nyatana –teu saukur ngaran. Maksudna, désa boga sumber kahirupan sorangan anu bakal nyukupan waragad atawa panghasilan Kapala Désa jeung Pamong Désa. Jadi, désa téh bener-bener bisa ngahirupan –ngawaragadan dirina sorangan, teu kudu ngurihit ka pamaréntah.
Desa Cipari Wanaraja, Kabupaten Garut.

Titisara
Iwal ti Béngkok, aya ogé lemah –taneuh/lahan anu dipimilik ku désa –hak ulayat désa mangrupa Titisara. Tapi, Titisara mah mangrupa lahan désa anu diancokeun pikeun waragad désa –upama ceuk basa kiwari mah: keur operasionalisasi kagiatan désa. Boh waragad anu ngeunaan administrasi; boh waragad keur rapat désa; atawa kagiatan sejenna anu aya patula-patalina jeung kahirupan pamaréntahan désa.
Teu béda jeung Béngkok, Titisara ogé bisa mangrupa sérang –sawah atawa darat/tegalan. Malah, aya ogé anu mangrupa kulah –balong atawa leuwi –walungan. Ngan anu pasti mah, Titisara téh diancokeun pikeun kaperluan atawa waragad désa –keur ngabiayaan sagala rupaning kagiatan pamaréntahan désa. Jadi, geus diatur “pos anggaranana”: yén Béngkok mah keur ngagajih pagawé, sedengkeun Titisara mah pikeun kagiatan operasional désa.

Pamekaran Désa
Kumaha nasib Béngkok jeung Titisara, mangsa kiwari ? Geus pacorok-kokod, geus teu dibéda-bédakeun. Boh Béngkok boh Titisara, hasilna diasupkeun kana Kas Désa. Geus kitu, tuluy diitung sabaraha waragad désa –kaasup gajih Kapala Désa jeung Pamong Désa, sabaraha panghasilan désa. Éta kabéh, diwincik dina Anggaran Penerimaan dan Pengeluaran Keuangan Desa (APPKD), tangtuna kaasup ogé panghasilan séjénna anu mangrupa subsidi atawa bantuan ti pamaréntah (pusat jeung daérah).
Ti mimiti aya Undang-Undang Nomer 19 Taun 1965 ngeunaan Désapraja, diayakeun parobahan soal “sumber-sumber panghasilan désa”. Sakabéh panghasilan désa –kaasup panghasilan tina Béngkok jeung Titisara, kudu asup kana Kas Désa/APPKD. Cara ngatur jeung ngurus administrasi kauangan désa-na ogé, ditangtukeun dina Peraturan Daérah (Perda) Tingkat II (Kabupatén) nurutkeun padoman Kepala Daérah Tingkat I (Gubernur).
Kitu deui sistim ngagajih Kapala Désa jeung Pamong Désa, teu dumasar kana lega tur alusna Béngkok, tapi dumasar kana loba atawa saeutikna panarimaan désa. Kaayaan anu samodél kitu, gedé pangaruhna kana “kawajiban” warga désa pikeun nyadiakeun waragad. Upama hasil tanah Béngkok saeutik –sedengkeun waragad pangwangunanana gedé, geus tangtu warga désa kudu nyadiakeun waragad anu gedé. Kitu deui sabalikna. Cindekna, sanajan hasil Béngkok jeung Titisara mucekil, teu bisa ditangtukeun yén gajih Kapala Désa jeung Pamong Désa ogé bakal gedé, tapi gumantung kana gedé-leutikna panarimaan jeung pangaluaran désa.
Péotna lahan désa –utamana Bengkok jeung Titisara akibat pamekaran, geus lain hal anu anéh. Tangtuna ogé lain palid kabawa caah atawa kagusur ku longsor, tapi kusabab “dibagi-bagi” antara désa anu dimekarkeun jeung désa pamekaran –désa anyar. Umumna, désa anu anyar mah, acan boga Balé Désa atawa Kantor Désa. Kitu deui, désa anyar bakal butuh SD Inpres. Euweuh deui carana, Béngkok jeung Titisara kapaksa “robah” fungsina tina lahan garapan jadi lahan wangunan.
Ayana pamekaran désa, geus tangtu rajakaya désa ogé kudu dibagi-bagi. Beuki mindeng ngayakeun pamekaran, bakal beuki “méotan” rajakaya anu dipimilik ku désa. Tungtungna, teu mustahil aya désa anu teu ngabogaan Béngkok atawa Titisara. Dina kaayaan sarupa kitu, warga désa kudu “ngodok saku anu leuwih jero” pikeun ngawaragadan pangwangunan désa. Ninggang ka désa anu asup katagori “Désa Tertinggal” atawa “Désa Miskin”, bakal ripuh waé nu aya –ripuh wargana, ripuh pangurusna. Jadi, teu salah-salah teuing upama kiwari beuki arang anu sanggup jadi Kapala Désa. Pibasaeunna mah: tibatan olok-tombok, meureun, leuwih hadé teu “jeneng”.


***