Sabtu, 27 Juni 2015

Proklamasi Rasa Jepang



Dina kaping 15 Agustus 1945, nyebar haréwos bojong yén Jepang serah bongkokan ka sekutu. Keur ngajéntrékeun éta béja, Soekarno katut Mohammad Hatta, nepungan Ahmad Soebardjo di Kantor Cabang Departemén Riset. Ku lantaran Soebardjo sarua teu nyaho, tiluanana muru kantor Laksamana Muda Tadashi Maeda. Atuh harita téh aya riungan antara: Soekarno; Hatta; Soebardjo; jeung Laksamana Muda Tadashi Maéda. Ceuk Nishijima Shigetada, éta riungan téh mangrupa salahsahiji faktor anu nyambungkeun Proklamasi Indonésia jeung Angkatan Laut Jepang. Ku lantaran kitu, ceuk Nishijima Shigetada kénéh, Angkatan Laut Jepang kudu meunang tempat terhormat dina sajarah Indonésia-Jepang.
Naskah Klad "Rarancang" Proklamasi

Geus loba anu ngalalakonkeun kumaha kaayaan dina nataharkeun jeung diémbarkeunana Proklamasi Kamerdékaan Indonésia, ping 17 Agustus 1945. Kabéhanana, ditulis ku urang Indonésia sorangan. Nishijima Shigetada, hiji perwira Angkatan Laut Jepang anu raket pakaitna jeung parapamingpin Indonésia mangsa harita, sarta kaasup ka anu ngarojong kana perjoangan kamerdékaan Indonésia, nyieun téstimoni. Ngaliwatan buku anu ditulisna, dijudulan: The Japanese Experience in Indonesia: Selected Memories of 1942-1945, terbitan Ohio University (1986), Nishijima Shigetada ngaguar pangalaman anu karandapan ku dirina.

Béja Talukna Jepang
Soekarno jeung Hatta, nyoba-nyoba pikeun néangan katerangan ngeunaan serah-bongkokan Jepang téh langsung ti Guiseikan Mayjen Yamamoto Moichiro. Tapi, éta dua pamingpin Indonésia téh gagal meunang idin nepungan Yamamoto, alesanana cenah Yamamoto keur hadir dina hiji rapat –Nishijima sorangan teu nyaho naha enya Yamamoto téh aya di kantorna, atawa memang keur ngayakeun rapat. Ku sabab teu panggih, anu duaan téh saterusna nyoba pikeun meunang katerangan ti Angkatan Laut. Ku lantaran kitu, Soekarno-Hatta nepungan Ahmad Soebardjo di Kantor Cabang Departemén Riset. Laju dina ping 15 Agustus harita kénéh –pasosoré antara jam 4 atawa 5, tiluanana nepungan Laksamana Muda Tadashi Maéda di kantor Bukanfu –dihareupeun Lapangan Gambir. Nishijima, dipénta ku Maéda pikeun jadi juru basana. Soekarno anu tiheula ngécéskeun tujuan kadatanganana téh, pokna ka Maéda: “Nguping yén Jepang nyerah, kuring datang ka kantor militer pikeun meunang kapastian éta béja, tapi teu tepung jeung sasaha. Jadi, kuring saréréa datang ka dieu hayang nyaho, naha éta laporan téh bener atawa henteu ?”. Jawab Maéda: “Kuring teu bisa ngajawab kalawan pasti, lantaran can aya laporan resmi ka dieu. Dina dasarna mah, kuring teu percaya Jepang maké jeung serah-bongkokan. Kadé, kudu ati-ati narima berita, lantaran loba béja anu katembongna jiga subversif. Lamun kuring geus meunang informasi resmi, tangtu aranjeun dibéjaan”.
Maéda teu cacarita panjang lebar, jawabanana singget pisan. Tapi sikepna jeung suasana anu karasa ku Nishijima harita, écés mawa gambaran nyerahna Jepang. Nada tarjamahan ti Nishijima ogé bisa jadi geus méré hiji tangara kapastian ka dua pamingpin Indonésia, yén Jepang serah-bongkokan. Waktu maranéhanana naringgalkeun kantor, salahsaurang –bisa jadi Soebardjo, nyarita kieu: “Teu penting naha Jepang enya nyerah atawa henteu, urang kudu terus bajuang pikeun kamerdékaan !”.
Ngadeukeutan kana peutingna tanggal 15 Agustus, Soebardjo datang deui ka Nishijima di Jalan Kebon Sirih Nomer 80 Jakarta, sakali deui hayang mastikeun béja talukna Jepang téa. Padumukan Nishijima téh, ngabogaan fungsi salaku tempat tepung-lawungna urang Indonésia anu aya hubunganana jeung Angkatan Laut Jepang. Poé harita ogé geus aya sababaraha urang Indonésia anu karumpul, saméméh Soebardjo datang. Ku lantaran teu meunang hasil anu dipiharepna, Soebardjo miang deui ka tempat Soekarno di Pegangsaan Timur Nomer 56 babarengan jeung Hatta, maksudna deuk ngabadamikeun masalah-masalah anu rék dibahas dina riungan Komite Persiapan Kamerdékaan keur poé isuk. Kasampak téh Soekarno keur ragot debat jeung sababaraha urang pamuda, diantarana waé: Présidén Dokuritsu Juku –Asrama Indonésia Merdéka; Wikana; jeung Darwis.
Dina tanggal 16 –jam 8 isuk-isuk Soebardjo mireungeuh béja yén Soekarno-Hatta, leungit. Soediro –sékrétaris Soebardjo, anu méré béja téh. Ku lantaran saméméhna geus lumangsung paréa-réa omong nu rongkah antara Soekarno jeung parapamuda, Soediro jeung Soebardjo ujug-ujug teg boga sangkaan yén parapamuda éta jigana anu nyulik Soekarno-Hatta téh. Tapi, maranéhna teu meunang katerangan ti parapamuda, dimana Soekarno jeung Hatta ayana. Soebardjo ogé boga curiga ka Angkatan Darat Jepang, anu nyulik Soekarno-Hatta téh. Soebardjo saterusna ngusahakeun ménta bantuan ti Angkatan Laut, pikeun nyalametkeun éta dua pamingpin –da memang, lamun waé Angkatan Darat anu nahan éta dua pamingpin téh, euweuh deui jalanna iwal ti kudu ménta bantuan ka Angkatan Laut. Soebardjo nelepon ka Nishijima –anu harita aya di Bukanfu, nétélakeun yén Soekarno-Hatta ngiles, bari nambahkeun: “Bisa jadi maranéhanana aya dina “genggeman” Angkatan Darat !”. Nya kitu deui Nishijima ogé boga sangkaan, yén parapamuda mah moal wanieun ngalakukeun pagawéan nyulik kawas kitu. Kacurigaan téh, diteumbleuhkeun ka Angkatan Darat anu jadi uteukna.
Saterusna, Soebardjo gura-giru datang ka Maéda. Nya kitu deui Nishijima, gancang lapor ka Maéda. Maéda indit ka Gunseikanbu nyorangan, pikeun néangan raratan. Yamamoto –Gunseikan jeung Nishimura –Kapala Urusan, nemonan Maéda kalawan rareuwaseun ngadéngé béja leungitna Soekarno-Hatta téh. Tapi pokna téh: “Saenyana mah, lamun maranéhna leungit enyaan, keur urang mah matak ngarasa bungangang, lantaran hartina bakal ngurangan kasulitan engké ka hareup !”. Nishijima ngarasa, yén Angkatan Darat mah nyapélékeun kana ieu kajadian anu saenyana pikahariwangeun téh. Sok sanajan kitu, Angkatan Darat ogé cenah rék ngilu néangan, ngagunakeun Kempetai jeung Beppan anu ngawasa intelején.
Maéda geuwat maréntahkeun ka Nishijima: “Baris timbul situasi anu gawat, lamun komunikasi antara pamingpin pangluhurna bangsa Indonésia jeung Angkatan Darat Jepang dipegatkeun dina tahap kritis kawas kieu. Urang saréréa kudu miara komunikasi, téangan éta dua jelema. Gancang !”. Paréntah Maéda éta nyadarkeun Nishijima, kumaha wijaksanana Maéda. Kakara pisan rék jung indit, kadéngé deui sora Maéda: “Urang geus miara sarta ngadidik manéh tepi ka ayeuna, sangkan manéh bisa digunakeun dina kaayaan saperti kieu !”.
Ceuk itungan Nishijima, pasti kolompok pamuda anu ngalakukeun pangculikan téh. Angkatan Laut Jepang, memang boga hubungan anu raket jeung kolompok pamuda. Sakapeung, maranéhanana osok marénta tulung pikeun nyalametkeun babaturanana anu ditahan ku Kempetai. Sacara naluriah, Nishijima ngarasa yén Wikana bisa jadi kasangkut kana pangculikan ieu. Ku lantaran kitu, Nishijima ngadeukeutan Wikana di Dokuritsu Juku di Bungur Besar. Nishijima inget kénéh basa tipoporoséna ngolo sangkan bisa ngobrol, tapi Wikana teu daék betus.
Nishijima teu éleh géléng, terus ngolo Wikana: “Anjeun geus apal pisan, kumaha kuring geus tihothat pikeun kahadéan Indonésia. Kuring geus ngusahakeun yén kuring téh jadi cukang antara Jepang jeung Indonésia, sageuy atuh anjeun ngantep kuring dina masalah ieu. Pamohalan, lamun kuring hianat ka anjeun. Kuring meredih, sangkan anjeun nyérénkeun Soekarno-Hatta ka kuring sababaturan !”, ceuk Nishijima. Nishijima poho deui sababaraha kalina ngolo Wikana, bari teu weléh malikan deui-malikan deui arguméntasi anu geus disebutkeun ti heula. Tungtungna mah Wikana kaluar sorana: “Henteu, moal bisa. Lantaran kuring jeung babaturan saperjoangan geus jangji. Kuring sababaturan hayang ngabéwarakeun kamerdékaan ka sakuliah dunya, kajeun teuing ngan sakeudeung geus ditumpes deui ogé. Kuring saréréa teu paduli, sok asal pernyataan éta téh tetep mangrupa hiji peristiwa sajarah. Kuring saréréa geus tandon paéh !”.
Ngadéngé jawaban Wikana, Nishijima sadar yén teu lila deui bakal lumangsung hiji kajadian anu gawat. Soebardjo anu langsung dibéjaan ogé, ngupayakeun ngabaladah Wikana, tapi teu hasil. Ku ngira-ngira tina ucapan Wikana –yén maranéhanana geus nyindekkeun pikeun ngamankeun Soekarno-Hatta ka luar Jakarta, Nishijima boga kacindekkan yén Soekarno-Hatta téh ditahanna moal jauh ti kota.
Wikana mimiti nguliat, terus nepungan dua kurir ti kolompok pamuda. Kawasna waé, rék nepikeun béja ka paraanggotana di ditu, yén Nishijima saparakanca moal rék ngahalang-halang kana rencana maranéhanana anu rék ngayakeun proklamasi kamerdékaan. Ku lantaran salahsaurang kurir téh sakanyaho Nishijima mah mangrupa anggota ti Kyodo Boeigun –Pembéla Tanah Air anu ngaranna Jusuf Kunto, pamikir Nishijima jelas yén Gyugun kasangkut kana ieu peristiwa.
Jusuf Kunto, ahirna mah ngajak Soebardjo ka tempat panyumputan Soekarno-Hatta –sanggeus saméméhna, Maéda dipentés jangjina sangkan ulah nangkep hiji pamuda ogé anu kasangkut kana ieu peristiwa sarta ngajamin Soekarno-Hatta dina kasalametanana. Waktu Soebardjo deuk mangkat ka tempat panyumputan, Nishijima nawarkeun manéh rék milu marengan, tapi Soebardjo nolak.
Harita téh kira-kira pukul 4 soré, Soebardjo jeung Soediro ninggalkeun Jakarta muru ka Reungasdengklok. Tepi ka tempat tujuan pukul 6 soré, lantaran ayana sababaraha gangguan –ban mobil bocor di tengah jalan. Soebardjo henteu gasik ditarima ku parapamuda, malah sabagéan mah neundeun curiga –lantaran datangna téh bet diutus ku Angkatan Laut. Saterusna, Soebardjo katut sékrétarisna ngayakeun négosiasi jeung Supeno –hiji shodancho (komandan peleton) Gyugun.
Supeno: “Naha bisa déklarasi kamerdékaan dikaluarkeun tengah peuting?
Soebardjo: “Moal bisa, lantaran bakal ménta waktu. Mimiti, ngayakeun pertemuan jeung Komite, terus nyiapkeun déklarasi. Pikeun hal éta, bisa-bisa perelu waktu sapeuting jeput !”.
Supeno: “Naon anu baris kajadian, saupama éta rencana téh gagal ?
Soebardjo: “Lamun sagalana gagal, kuring anu tanggung jawab sagemblengna. Bung malah bisa némbak kuring, lamun nepi ka éta kahariwang téh kajadian !
Kakara, sanggeus Soebardjo nyarita kitu mah, karék diidinan pikeun papanggih jeung Soekarno-Hatta. Soebardjo gura-giru ngajak éta dua pamingpin kana mobil, sarta biur waé arindit ngajugjug Jakarta.

Gotrasawala
Bari nyabar-nyabar manéh, Nishijima ngahero ngadagoan datangna Soebardjo di padumukan Maéda. Peuting geus jam 11, hiji perwira Jepang keur ngadékan tangkal kaliki ku samurai na –jigana ngalubarkeun kakeuheul jeung kakuciwaan ku talukna Jepang. Saurang deui Kempetai nangtung di handapeun tangkal, ngajaga ieu patempatan bisi aya huru-hara. Nishijima ogé ngadéngé, yén Nakatami Yoshio –panarjamah Angkatan Darat milu ogé ngajaga ieu imah téh.
Teu lila, kurunyung Soebardjo jeung rombongan datang. Di perjalanan, Sukarni ngaganti pakéan saragem Giyugun-na ku pakéan biasa. Nishijima ngahaturanan Soekarno-Hatta sina arasup sarta dicaralikkeun. Soebardjo ngajak Nishijima ka luar kamar, pokna: “Sakedap, Tuan Nishijima !”. Tuluy nyaritakeun sacara singget, naon anu kakara kajadian tadi.
Sajeroning kitu, boh Yoshizumi boh paraanggota Komite Persiapan Kemerdékaan Indonesia geus pada daratang. Paraanggota kolompok pamuda, karumpul di rohangan tamu. Maéda turun ti lanté luhur, terus méré pépéling panjang lébar yén kamerdékaan téh teu meunang direbut bari jeung kudu banjir getih sagala –tangtu waé keur anu hadir bari jeung pinuh ku sumanget mah, hamo daék ngadéngé pépéling anu alim kawas kitu. Saterusna mah, anu hadir ragot debat pada ngaluarkeun hojah.
Di tengah-tengah anu keur debat, Soekarno ujug-ujug nanya ka Sukarni: “Naha bener, ieu téh kabéhanana geus bérés ?”. Sukarni bari bangun nu reuwas, nangtung tuluy ngajawab: “Ieu baris mawa bahaya !”. Manéhna saterusna ngécéskeun, yén aya rencana pemberontakan kaom muda anu waktuna moal lila deui. Éta rencana téh, ceuk sukarni, geus meunang kasaluyuan dina tanggal 16 isuk-isuk. Éta pemberontakan téh arék dijalankeun pangpangna ku urut anggota Giyugun; Héiho; jeung parapelajar, dilaksanakeunna dina pukul 10 isuk-isuk, tanggal 17. Sukarni saterusna kaluar, dituturkeun ku Nishijima jeung Sayuti Mélik.
Nishijima tiluan ngajugjug ka imah Hatta –rék nyokot pakéan Sukarni, di dinya Sukarni salin deui pakéanana ku saragem militér –lengkep maké péstol jeung samurai. Ti dinya, mobil neruskeun perjalanan. Nya anjog ka hareupeun asrama mahasiswa kadokteran –di Prapatan, sanggeus ngaliwatan Ménténg, ieu asrama téh jadi “markas besar” kolompok pamuda. Sukarni jeung Sayuti Mélik arasup duaan, ari Nishijima mah ngadagoan dina mobil. Bari cicing, Nishijima nangenan serdadu-serdadu urut Giyugun dina treuk –kabéhanana marawa senjata bari katémbongna téh semu tegang. Teu lila, Sukarni jeung Sayuti Mélik daratang deui. Bisa jadi maranéhanana téh tas ngabéjaan babaturanana, yén pemberontakan diputuskeun “ditunda” sapeuting.
Mobil anu ditumpakan ku Nishijima tiluan, muru ka Koningsplein, anu ahirna cunduk ka stasion pamancar nu dijaga samagréng ku pulisi militér. Ku lantaran parapamuda téh geus ngabuleudkeun tékadna rék mroklamasikeun kamerdékaan Indonésia ka sakuliah dunya, ku Nishijima kajudi, yén rencana pangbarontakan téh kaasup ogé “ngarebut” stasion pamancar. Jadi, teu matak héran upama téa mah Kempetai –paling henteu geus nyahoeun kana éta rencana téh.
Kawasna mah geus aya babadamian antara urang Indonésia anu aya di jero stasion jeung Sukarni –yén maranéhanana deuk ngamimitian ngayakeun kagiatan, lamun geus meunang aba-aba ti Sukarni, Sukarni ujug-ujug ngagorowok: “Rencana dibatalkeun peuting ieu…!”, pokna. Ngadéngé sora nu ngagorowok, Kempetai gasik muru ka lebah Nishijima. Sabenerna mah, Sukarni téh geus sababaraha kali ditangkep ku Kempetai –nya kitu deui Nishijima kungsi sakali aya dina pangawasan. Nu matak harita, Nishijima jeung Sukarni téh langsung rék ditahan. Nishijima meredih, sangkan anu nahan téh nelepon heula ka Maéda –sanggeus Nishijima ngécéskeun, yén manéhna duaan téh keur ngajalankeun tugas penting pisan. Kempetai gancang nelepon ka Maéda, nu dijawab langsung ku paréntah: “Leupaskeun gancang ! ieu téh dina kaayaan walurat !”. Nya duaanana, dileupaskeun.
Waktu Nishijima keur aya di luar imah Maéda, Maéda geus ménta ka Gunseikan Yamamoto ti Angkatan Darat sangkan datang ka imahna. Tapi, éta paménta téh ditolak. Maéda ménta kitu téh lantaran hayang aya salahsaurang wawakil ti Angkatan Darat, ngarah babarengan langsung badami jeung parapamingpin Indonésia. Ku lantaran paméntana ditolak ku Yamamoto, Maéda indit ka Kapala Urusan Umum Gunseikanbu –Mayjén Nishimura. Soekarno; Hatta; Maéda; Yoshizumi; jeung Nishijima, bring arindit ka imahna Nishimura –waktu harita téh geus liwat pukul 1 janari, tanggal 17. Nakatami geus dipanggil salaku panarjamah. Sanajan Nishimura henteu meleg-meleg nolak, tapi sikepna téh “dingin”. Soekarno jeung Hatta, ngadesek Nishimura sangkan ngidinan kamerdékaan sagancang-gancangna sarta ménta diayakeun riungan jeung Komite Persiapan Kemerdékaan Indonésia sapoé leuwih cepet ti nu geus direncanakeun. Maéda milu ngarojong, tapi Nishimura henteu daékeun ngidinan –malah bangun narékahan sangkan neruskeun kawijaksanaan mertahankeun “status quo”. Yoshizumi; Saito Shizuo; jeung Nishijima, araya di ruang tamu. Nishijima ngarasa keuheul nyanghareupan jalan buntu kieu téh, Saito mah malah nuduh ka Nishijima, bari pok bangun napsu: “Naon anu ku anjeun dipigawé, jelas-jelas némbongkeun ka-teusatia-an ka Kaisar. Kaisar téh geus ngumumkeun, yén sagala rupana geus lekasan. Lamun anjeun ngajalankeun tindakan ngadukung kamerdékaan, akibatna bakal malindes kana status Kaisar !”.
Sanajan ingetan Nishijima geus rada loba pohona, ceuk ingetan Nishijima mah Saito téh malah ngagunakeun kecap: “kokuzoku” –anu hartina: penghianat, nu ditujulkeun ka Maéda. Nepi ka Nishijima sorangan ngarasa ambek ngagugudug, ngadéngé omongan saperti kitu téh. Teu asup akal, Saito nyarita saperti kitu téh. Cenah Perang Asia Timur Raya téh tujuanana deuk ngabébaskeun Asia, cenah tujuan utama perang téh rék mawa Jepang sangkan leuwih raket jeung Asia.

Téks Proklamasi
Geus pukul 2 leuwih –janari, waktu rapat dibuka deui di imahna Maéda. Soekarno; Hatta; Soebardjo; Maéda; Yoshizumi; jeung Nishijima, dariuk ngurilingan méja bunder di kamar makan. Paraanggota kolompok pamuda jeung Komite Persiapan Kemerdékaan Indonésia, nempatan rohangan resépsi jeung rohangan tunggu. Méméh prung rapat dimimitian, Maéda nyarita kieu: “Urang kudu ménta hadir ti Angkatan Darat”. Maéda gap kana telepon nyalukan Saito sangkan datang, tapi Saito nolak datang –lantaran keur sibuk ku pagawéan, pokna téh. Saterusna, Maéda nelepon Miyoshi, ménta datang, lantaran geus loba anu karumpul di imahna. Manéhna mah, daékeun datang. Miyoshi téh jalma anu gampang dina gaul, katambah-tambah manéhna mah shiseikan –pajabat sipil. Sok sanajan kitu, Miyoshi téh dianggap ngawakilan Angkatan Darat –peryogi diuninga, Angkatan Darat téh mangrupa panguasa kahiji di Jawa. Da ari Angkatan Laut mah, jadi panguasa kadua. Anu ngariung téh, jadi katambahan ku Miyoshi.
Di imahna Maéda, parapamuda ngunakeun tekenan ka rapat –ti kamar gigireun. Maranéhanana, teu bisa narima upama nyieun rarancang déklarasi, dina méja anu “babarengan” jeung urang Jepang. Maranéhanana ogé, teu bisa narima kana saran-saran anu “berbau” Jepang. Upamana waé, waktu Soekarno-Hatta ngusulkeun pikeun nandatangan jeung macakeunana dokumén kamerdékaan dina tanggal 17 téh ku Komite Persiapan Kemerdékaan Indonésia, Sukarni jeung Chairul Saléh nolak sapajodogan. Ceuk maranéhanana: “Euweuh gunana maké Komite sagala, anu geus écés jéntré ngabogaan hubungan jeung Jepang !”. Terus, waktu Soekarno ngusulkeun diayakeunana konsultasi jeung parapajabat tinggi Jepang –saméméh nyieun déklarasi. Parapamuda kalawan tandes ngiritik, alesanana: “Kamerdékaan ieu samata-mata kapentingan murni rahayat Indonésia, bari euweuh sangkut-pautna jeung pihak Jepang”. Nu ahirna mah buleud pamanggih saréréa, yén: Kamerdékaan baris didéklarasikeun, leupas tina satuju-teu satujuna Jepang.
Rarancang déklarasi, disusun ku Soekarno –sanggeus ngaliwatan tukeur pamanggih. Rarancang kahiji unina:
Rakyat Indonesia dengan ini menyatakan Kemerdekaan.
Badan-badan organisasi yang ada, harus disita oleh Rakyat dari orang asing yang kini menguasainya.”
Dina éta téks, masalah nu badag nya éta: dipakéna kecap “sita”. Lamun Indonésia kudu “nyita” kakawasan ti Angkatan Bersenjata Jepang maké kekerasan, hal ieu bisa jadi ngajéngkélkeun ka urang Jepang, anu bisa ngajurus kana “bentrokan” tragis. Sok sanajan geus “nyerah”, sabenerna mah Angkatan Bersenjata Jepang téh masih kénéh beleger.
Diskusi pikeun ngarumuskeun deui déklarasi, lumangsung rada lila ogé. Ahirna, kecap “sita” diganti ku “pemindahan”. Saterusna, dina kalimah: “pemindahan kekuasaan dan selanjutnya, harus diusahakan dengan cara cermat dan secepat-cepatnya”. Kecap “diusahakan” diganti ku “dilaksanakan”. Ieu téks téh, ditulis ku Soekarno sorangan dina keretas anu aya di imahna Maéda. Kalawan écés, urang bisa niténan koréksi dina dokumén éta. Rarancang déklarasi téh, ahirna mah réngsé. Unina:
Kami bangsa Indonesia dengan ini menyatakan kemerdekaan Indonesia.
Hal-hal yang mengenai pemindahan kekuasaan dan lain-lain, diselenggarakan dengan cara saksama dan dalam tempo yang sesingkat-singkatnya”.
Miyoshi diperedih pikeun nepikeun ka Angkatan Darat, yén istilah “kekuasaan” dina déklarasi téh ngandung harti: “kekuasaan administratif”. Ku kituna, moal matak nimbulkeun panolakan ti Angkatan Darat.
Rancangan anu pamungkas, satuluyna diketik ku Sayuti Mélik. Ahirna, cunduk waktuna Soekarno pikeun maca téks téa, di hareupeun paraanggota Komite anu geus narunggu di kamar gigireun. Nishijima ngadéngé sora Rajiman, nu nanya: “Naha ieu téh geus disatujuan ku Gunseikan ?”. Nishijima rada katodél mamaras, ceuk pikirna: “Bodo téh katotoloyo, ku naon anu kitu waé masih kénéh ditanyakeun dina tahap saperti kieu ?”. Ku Nishijima ogé kadéngé sora-sora séjén, anu nanya: “Saha anu deuk nandatangan ?”, jeung nu nanya: “Saha nu deuk macana ?”. Sukarni, deui-deui teu panuju kana eusi rarancang déklarasi téh. Lantaran, cenah, henteu révolusionér jeung lemah dina eusi katut jiwana. Lantaran kritik Sukarni dirojong ku kaom muda, atuh perdebatan téh timbul deui. Tapi, anggota Komite nolak kana oposisi éta sarta mutuskeun nyatujuan kana éta rarancang.
Saenyana mah éta rarancang déklarasi téh, kaasup “luar biasa”. Mindeng pada nyebutkeun, yén Soekarno-Hatta téh: “ngawakilan ra’yat”. Tapi, saenyana mah teu aya tandatangan ngeunaan éta nu duaan téh dina dokumén. Rarancang kamerdékaan saperti kieu, bisa jadi, langka dimana waé ogé. Boa, di saalam dunya.
Terus, sok aya nu nanya: “Naha harita téh, aya urang Jepang nu hadir ?”. Bener, aya sababaraha urang Jepang –kaasup Nishijima sorangan nu aya di rohangan tempat draff téa ditulis. Malah Nishijima sababaturan téh, milu ogé ngaluarkeun pamanggihna. Tapi Nishijima sababaturan mah, teu milu hadir dina waktu maca déklarasi basa di hareupeun anggota Komite mah. Mohammad Hatta dina catetanana, dina bukuna: Sekitar Proklamasi (Jakarta, 1970), nyebutkeun: “yén Maéda ninggalkeun rohangan, naék ka lanté luhur waktu nu limaan anggota Komite ngararancang proklamasi téh. Ari Miyoshi mah tetep di dinya, tapi teu nyarita naon-naon…”. Ceuk Nishijima, jigana waé Hatta rada kacalétot –nya kitu deui nu séjénna anu sapamanggih jeung Hatta, ngeunaan tempat nulis rarancang proklamasi.
Tah kitu salahsahiji babak awal dina drama kamerdékaan nu geus bisa diréngsékeun, anu mangrupa hiji tugas anu pohara beuratna. Anu meres pikiran katut tanaga, sarta kasadiaan kompromi ti kolompok-kolompok pamuda; parapamingpin; jeung urang Jepang anu harita milu hadir.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar