Minggu, 20 Oktober 2013

Bosscha Sterrenwacht




Observatorium Bosscha (Bosscha Sterrenwacht)
Bosscha Sterrenwacht
Geus ti bihari –baheula, masarakat Indonesia niténan langit katut dalit jeung tradisi palintangan pikeun kapentingan: tatanén; nunjukkeun arah; nangtukeun waktu; jeung ritual kaagamaan. Ngaran-ngaran rasi béntang jeung sistim pananggalan, éta téh minangka bukti kagiatan palintangan bangsa Indonesia anu geus dilakonan ti béh ditu kénéh.
Awal abad ka-20, para astronom dunya mimiti sadar yén diantara béntang aya patula-patalina ngabentuk sistim galaksi. Ngan hanjakal, keur naliti béntang di beulahan Bumi Kidul –Selatan acan aya nagara anu bogaeun teleskop –teleskop ukuran badag ngan aya di beulahan Bumi Kaler (Utara), utamana di Eropa jeung Amerika Utara. Ide ngawangun observatorium di Hindia Walanda, jolna ti insinyur-astronomi wedalan Madiun: Dr. Joan George Erardus Gijsbertus Voute. Tadina Voute naliti di Cape Observatory – Afrika Selatan, kulantaran pamaréntahna kurang ngadukung, antukna Voute balik deui ka Batavia. Sobat dalitna Voute nya éta Karel Albert Rudolf Bosscha – si Raja Entéh Priangan jeung Rudolf Albert Kerkhoven, ngarojong kana pangajak Voute pikeun ngawangun observatorium.
KAR Bosscha
Pangwangunan Peneropongan Bintang Bosscha, dibaladah ku ngadegna Nederlandch Indische Sterrenkundige Vereeniging (NISV/ Perhimpunan Ilmu Astronomi Hindia Belanda) anu dipupuhuan ku Karel Albert Rudolf Bosscha –tuan tanah di perkebunan entéh Malabar jeung Tanara anu nyanggupan pikeun nyadiakeun dana pangwangunan. Kaping 12 September 1920, rapat munggaran NISV di Hotel Homann Bandung. Sanggeusna survey, tempat nu cocog keur ngadegkeun observatorium téh nya éta di Lembang. Lahan anu legana genep hektar –meunang hibah ti kulawarga Ursone (pangusaha sapi perah Baroe Adjak), sarta luhurna 1.310 meter tina beungeut laut.
Taun 1922, mimiti pangwangunan konstruksi –keur ngawaskeun meuli instrumen observatorium, Voute jeung Bosscha méré mandat ka Observatorium Leiden. Tug nepi ka 1 Januari 1923, sabagéan geus réngsé –wangunan réngsé sagemblengna ngahontal waktu 5 taun: 1923 – 1928. Mitembeyanana diluuhan ku Gubernur Jenderal D. Fock kalayan direktur observatorium munggaran nya éta Dr. Joan George Erardus Gijsbertus Voute. Rancangan wangunan didesain ku Schoemaker –inyana ogé anu ngadesain: Villa Isola (UPI Bandung); Hotel Preanger Bandung; jeung Societeit Concordia (Gedung Merdeka Bandung).
Kaping 10 Januari 1928, kakara datang teleskop dobel refraktor Zeiss (buatan pabrik optik kawentar Jerman: Carl Zeiss Jena) anu diameterna 60 cm jeung panjang fokus 11 meter diturunkeun tina kapal Kertosono –bogana Rotterdamsche Llyod. Dua puluh tujuh peti badag –anu eusina 30 ton diakut ka Bandung ku pausahaan Kereta Api Negara (Staats Spoorwegen) kalayan haratis. Laju, ti Bandung ka Lembang diakut ku Batalyon Genie Angkatan Darat –ogé haratis. Biro Bangunan SS mancén tugas pikeun nyieun wangunan beton kubah jeung masang sagala instrumenna.
Kubah keur nyimpen Teleskop Zeiss, Voute (ngangkat topi) jeung Bosscha.
Publikasi internasional Observatorium Bosscha anu munggaran, dilakukeun dina taun 1933 –nanging teu lami, kapaksa dieureunkeun heula alatan perang dunya II.

Teleskop-teleskop anu aya di Observatorium Bosscha:

Teleskop refraktor Zeiss
Teleskop dobel (ganda) refraktor Zeiss, teleskop anu ngagunakeun lensa (refraktor) diwengku ku 2 teleskop utama jeung 1 teleskop pencari (finder). Digunakeun pikeun niténan astrometri kalayan akurat dina orde sapersapuluh detik busur keur panalungtikan orbit béntang ganda visual. Kagunaan séjéna: nalungtik gerak béntang dina gugus béntang; ngukur paralaks béntang; sarta niténan citra detail komet; kawah Bulan; oposisi Planet Mars, Saturnus, jeung Jupiter –tepi ka kiwari, aya kira-kira sapuluh rébu data hasil paniténan béntang ganda visual.



Teleskop refraktor Bamberg










Teleskop refraktor Bamberg, teleskop jenis lensa (refraktor) ieu digerakkeun maké sistim bandul gravitasi. Digunakeun pikeun ngukur fotometri samagaha béntang; niténan Bulan; jeung bintik Panonpoé –ieu teleskop gé remen digunakeun keur: pendidikan publik, noong citra kawah Bulan, citra béntang ganda visual, ogé citra planet.














Teleskop Schmidt Bima Sakti











Teleskop Schmidt-Bima Sakti, teleskop anu ngabogaan sistim optik Schmidt –sering disebat Kamera Schmidt. Digunakeun pikeun kaperluan survey langit –niténan objek langit tina panjang gelombang biru tepi ka inframerah dekat, jeung nalungtik struktur galaksi Bima Sakti.














Teleskop Refrektor Cassegrain






Teleskop Goto, jenis reflektor Cassegrain. Lensa utamana, bentuk parabola, sedengkeun lensa sekunderna, bentuk hiperbola. Teleskop ieu, bantuan ti Kementerian Luar Negeri Jepang ngaliwatan program ODA (Overseas Development Agency) taun 1989. Digunakeun pikeun ngukur kuat cahaya béntang jeung nalungtik spektrum béntang.






Teleskop refraktor Unutron





Teleskop refraktor Unitron, digerakkeun maké sistim bandul gravitasi. Digunakeun pikeun motrét jeung niténan samagaha Bulan katut samagaha Panonpoé.






Teleskop Surya












Teleskop Surya, ngarupakeun teleskop Panonpoé anu diwengku ku 3 teleskop Coronado, sumbangan ti 4 lembaga: Kementerian Pendidikan, Sains, dan Kebudayaan Belanda; Leids Kerkhoven-Bosscha Fonds; Departemen Pendidikan Nasional; jeung Kementerian Negara Riset dan Teknologi. Digunakeun pikeun proyeksi citra Panonpoé.












Teleskop radio 2,3m ngahasilkeun sora wungkul




Teleskop radio 2,3m. nya éta instrumen radio jenis SRT (Small Radio Telescope) anu didesain ku Observatorium MIT-Haystack, tur dijieun ku Cassi Corporation. Digunakeun pikeun nalungtik hidrogen netral di galaksi Bima Sakti, oge pikeun nalungtik obyek-obyek jauh –sapertos, ekstragalaksi jeung kuasar.



Kaping 26 November 1928, KAR. Bosscha tilar dunya. Alatan yasa-yasana, éta observatorium anu munggaran di Bumi Beulah Kidul téh dingaranan: Observatorium Bosscha.
Bosscha di apit ku Joan Voute jeung Ina Voute (geureuha Joan Voute)
Ieu observatorium, ping 17 Oktober 1951 ku NISV dipasrahkeun ka pamaréntah Indonesia –kiwari, keur pengelola tur fasilitatorna dipasrahkeun ka ITB. Salian ti lembaga panalungtikan, Observatorium Bosscha gé jadi sarana pendidikan formal astronomi di Indonesia tur ngagumelarkeun astronom-astronom Indonesia. Sering didongdon ku pelajar sarta warga umumna. Salaku bagéan ti Fakultas MIPA-ITB, Observatorium Bosscha ngalayanan pangabutuh keur pendidikan sarjana jeung pascasarjana ITB –hususna Program Studi Astronomi FMIPA-ITB. Taun 2004, ku pamaréntah dinyakeun sabagé Benda Cagar Budaya –dilindungi UU Nomor 2/1992 tentang Benda Cagar Budaya. Laju, dina taun 2008 ku pamaréntah ditetepkeun: sebagai salah satu Objek Vital Nasional yang harus diamankan. Hasil-hasil panalungtikan jeung kontribusina Observatorium Bosscha kana kamekaran astronomi dunya, mungguh diajénan pisan ku International Astronomical Union (IAU).
Kawasan Benda Cagar Budaya
 
Observatorium Bosscha jeung sabudeureuna, 1900 - 1930an.

 
observatorium Bosscha jeung sabudeureuna, 1900 - 1930an.

***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar