Rabu, 30 Oktober 2013

Wayang





Santanu sanggeus jeneng jadi raja Astina, mimiti mémérés kaayaan nagara. Dina waktu anu singget, kaayaan nagara kacida mekarna. Rahayatna tumut ka nu jadi ratu, taat ka nu jadi raja. Samiuk sauyunan ngawangun nagri. Nagara jadi raharja, pangeusina walagri. Subur ma’mur lohjinawi, sepi paling towong rampog. Para patinggi karaton katut sakumna rahayat pada ajrih jeung reueus ka rajana. Sanajan geus gembleng dipercaya ngokolakeun nagara, Santanu teu weleh tetelepék tatanya ka pini sepuh karajaan. Sagala papatah ti sesepuh –komo deui pépéling ti kolotna, diéstokeun pisan tur dicekel pageuh amanatna. Munasabah atuh mun raja Santanu, dipikaasih ku sakumna pangeusi karaton katut dipihormat ku rahayatna.
Dina hiji waktu, Santanu unjukan ka sepuhna jeung ka para sesepuh karaton rék lunta niiskeun pikir. Anu dipaké tempat titirahna, nya éta: walungan Gangga. Keur anteng mapay walungan Gangga, ti kaanggangan katingal aya putri geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina. Awakna sampulur, kulitna konéng umyang; bitisna jaksi sajantung; cangkéngna kawas papanting; leungeunna ngagondéwa; ramo-ramona marucuk eurih; pameunteuna ngadaun seureuh; pangambungna bangir; gadona endog sapotong; biwirna ipis; halisna ngajelér paéh; socana cureuleuk; jeung buukna hideung meles panjang ngarumbay. Éta putri –anu hanjat ti walungan Gangga, nyampeurkeun ka Santanu bari malédog ku imut. Keteg jajantung Santanu jadi ngerepan, haténa ka tiruk ku jamparing asih ti nyi putri. Kawas beusi semprani, Santanu ngerepan léngkahna hayang buru-buru padeukeut jeung nyi putri.
Santanu –anu geus kapentang panah asmara, harita kénéh nembrakeun eusi haténa. Ngadéngé kedal asih ti Santanu, wanoja anu ngaku ngaranna Déwi Gangga téh méré tanjakan: ‘dirina daék dipihukum ku Santanu, asal ulah tatanya mun dirina ngalampahkeun naon baé’. Teu mikir panjang, Santanu nyanggupan kahayang Déwi Gangga.
Pangeusi karaton katut sakumna rahayat nagara ngarasa bagja pédah rajana ngabandang Déwi Gangga jadi praméswari karajaan, anu dipicangcam yén Santanu bakal boga turunan téh baris tinekanan.
Kacaturkeun, ahirna Déwi Gangga téh kakandungan. Santanu lugina haté, bungah amar wata suta –komo basa Déwi Gangga ngalahirkeun anakna anu munggaran. Ngan, kabagjaan téh teu lana. Orok beureum anu karék borojol, ku Déwi Gangga tuluy dipalidkeun ka walungan Gangga. Saméméh ngalarung orokna, Déwi Gangga cacarita heula ka pageusi walungan: “Rasakeun, tarima ieu wawales keur andika !”. Santanu teu bisa ngahulag –inget kana jangji anu geus dikedalkeun baheula ka Déwi Gangga, kalakuan kitu téh ku Santanu diantep baé. Miceun orok ka walungan Gangga téh aya kana tujuh kalina dilakukeun ku Déwi Gangga. Basa ngalahirkeun orok anu ka dalapan kalina sarta ku Dewi Gangga rék dipiceun deui ka walungan, prabu Santanu teu bisa nahan kapanasaranana sarta nalék ka Dewi Gangga: “Geulis bojo akang, naon pangna anjeun bet luluasan maténi jabang bayi ?”. Ngadéngé pananya ti Santanu –anu hal éta téh mangrupa cidrana jangji Santanu ka manéhna, Déwi Gangga tuluy pok nyarita: “Kakang prabu tong hariwang, ieu jabang bayi moal dipalidkeun. Tapi, bongan kakang prabu atos ngarémpak kana jangji, ti danget ieu rayi seja amitan badé mios. Jabang bayi badé dirorok ku rayi, engké mun tos manjing déwasa baris disanggakeun ka kakang prabu !”.
Saméméh lunta ninggalkeun Santanu, Déwi Gangga ngabéjérbéaskeun pangna ngalarung tujuh orok ka walungan Gangga. Kieu lalakonna:
Dina mangsa anu geus lawas, aya dalapan urang Wasu –mahluk titisan déwa anu dicuriga maling sapi anu dianggap suci tur kacida dipupustina ku pangeusi kahyangan. Éta sapi bogana Maharesi. Sanggeus ditalungtik, singhoréng simanahoréng anu malingna téh: Dyahu. Tapi, Maharesi nyupatana teu ka Dyahu wungkul, sakumna Wasu disupata: “Hey para Wasu, muga-muga aranjeun jadi orok manusa !” kitu supatana Sang Maharesi. Para Wasu rareuwaseun, harita kénéh ménta dihampura ka Maharesi sarta jangji moal milampah deui laku lampah anu teu uni. Kilang kitu, Hyang Batara Tunggal angger ngaragragkeun hukuman ka para Wasu. Keur Wasu anu tujuh baris bébas tina hukuman sanggeus medal ka alam dunya jadi orok manusa, ari Dyahu hukumanna rada lila kumelendang di buana pancatengah –sabab dosana rada gedé. Waktu Déwi Gangga putri Batara Janu dikaluarkeun ti kahyangan –kudu hirup di alam kamanusaan, para Wasu nepungan tur minangsaraya ka Déwi Gangga sangkan kersa narima para Wasu ngajirim jadi jabang bayi anu bakal kaluar tina guha garbana Déwi Gangga. Éta paménta jeung pameredih para Wasu téh ku Dewi Gangga disanggupan. Para Wasu bakal bébas tina hukuman mun orok anu dilahirkeun ku Déwi Gangga tuluy dilarung ka walungan Gangga –éta sababna tiap ngajuru, orok téh ku Déwi Gangga sok gagancangan dipalidkeun ka walungan. Kumargi kakara tujuh anu geus dilarung –tujuh Wasu anu harampang dosana, tinggal hiji deui taya lian titisan Dyahu anu acan téh”.
Luyu jeung anu geus dijangjikeun ku déwata –mangsa ngalahirkeun anu ka dalapan, Déwi Gangga bakal bébas tina hukuman, ahirna Déwi Gangga bisa mulang deui ka kahyangan bari mawa anakna anu kakara lahir. Sanggeus déwasa, éta putra téh dipasrahkeun ka prabu Santanu sarta dibéré ngaran: Déwa Brata alias Bisma. Sedengkeun Santanu, saditinggal ku Déwi Gangga, laksana réréndéngan; kauntun tipung katambang béas ngadahup ka Déwi Durgandini –sanggeus jadi prawéswari karajaan, Déwi Durgandini diganti ngaranna jadi: Déwi Sayojanagandi. Ti praméswari Déwi Sayojanagandi, Santanu boga anak dua: Citragada jeung Wicitrawirya.

Saémbara
Kacatur di hiji karajaan nya éta karajaan Waranawati, prabu Kasindra boga anak lima –tilu awéwé jeung dua lalaki. Anu awéwé ngaranna: Déwi Amba; Déwi Ambika; jeung Déwi Ambalika, sedengkeun anu lalaki ngaranna: Wahmuka jeung Harimuka. Anu awéwé, alus wanda hadé rupa, geulis lir widadari –ganjor pisan jeung adina anu lalaki (Wahmuka jeung Harimuka) anu mangrupa danawa. Tilu putri prabu Kasindra waktu manjing sawawa, acan aya satria anu ngalamar. Sang prabu ahirna ngagelar saémbara: ‘ka sing saha baé anu bisa meruhkeun kasaktén Wahmuka jeung Harimuka, baris jadi jodona tilu putri’. Réa raja-raja jeung putra raja anu ngilu saémbara –kaasup, tilu putra prabu Santanu: Citragada; Wicitrawirya; jeung Bisma. Kabéh pamilon saémbara, éléh ku Wahmuka jeung Harimuka. Dua danawa éta talukna téh ngan ku Bisma. Luyu jeung katangtuan saémbara, tilu putri prabu Kasindra kapimilik ku anu unggul dina saémbara. Bisma ahirna ngaboyong tilu putri ka karajaan Astina.
Di karajaan Astina, prabu Santanu katut praméswari Déwi Sayojanagandi, kacida bungahna ningali Bisma unggul dina saémbara. Sangkan kabéh anakna boga pamajikan, sang praméswari raja –Déwi Sayojanagandi ngabagi tilu putri keur tilu putrana téa. Déwi Ambika dijodokeun jeung Citragada; Déwi Ambalika dijodokeun ka Wicitrawirya; sarta Déwi Amba ka Bisma. Anu matak ngajenghok pangeusi karaton Astina, Bisma nolak dijodokeun ka Déwi Amba –lantaran saméméhna ngilu saémbara, Bisma geus sumpah: moal kawin saumur hirup. Atuh puguh baé tumerapna ka Déwi Amba, lir dibéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Déwi Amba teu narima, dirina keukeuh kudu hirup ngahiji jeung Bisma. Bogoh jeung asihna ka Bisma geus meujit. Sanajan naon baé alesan Bisma, Déwi Amba narah paanggang jeung Bisma. Ngarasa dikukuntit baé sarta hayang leupas duriatna jeung Dewi Amba, Bisma putra Déwi Gangga, ngeteyep rék lunta ti karaton pikeun ngajauhan Dewi Amba. Kalakuan Bisma kitu téh, kanyahoan ku Déwi Amba sarta keketeyepan nuturkeun Bisma. Di perjalanan, ngarasa aya anu nuturkeun, Bisma ngalieuk ka tukang. Haténa ngagebeg sabab anu nuturkeunana téh: Déwi Amba. Sanajan apal yén dituturkeun ku Déwi Amba, Bisma noyod neruskeun léngkahna laju ka patapaan.
Waktu Bisma mujasmédi menekung sinuku tunggal madep ka Batara Tunggal, Déwi Amba ogé nurutan ngilu tapabrata. Réngsé mujasmédi, Bisma lugay ti patapaan seja mulang deui ka karaton. Kitu deui jeung Déwi Amba, lugay tapabrata laju ngukuntit Bisma. Reg leumpangna ngarandeg, Bisma cacarita sangkan Déwi Amba neruskeun tapabrata salilana pikeun mupus duriatna anu maskét ka Bisma. Dewi Amba teu nolih kana omongan Bisma, duriatna ka Bisma kalah beuki ngandelan. Ningali kitu, Bisma sang putra Déwi Gangga, mesat jamparing pikeun nyingsieunan sangkan Dewi Amba leumpeuh haténa nurut kana panyaramna. Kajurung ku rasa bogoh anu rohaka, Déwi Amba ngagabrug Bisma anu keur ngamang-ngamang jamparing. Bres, jamparing niruk jajantung Déwi Amba. Burial, getih tina dada. Koléang rubuh kana lahunan Bisma. Sang putra Gangga, reuwas. Diluar sangkaan, Déwi Amba bet luas ngorbankeun nyawana demi cinta anu sajati. Bisma ngarasa kaduhung, Déwi Amba anu katiir dadana di sangkéh bari panonna cipruk ku cimata. Sang putra Gangga sasambat ka Déwi Amba, bari ménta dihampura. Waktu Bisma ngedalkeun rasa rumasa sarta teu boga niat nandasa, lelembutan Déwi Amba anu geus pisah jeung warugana, ngaharéwos: “Kakang Bisma, anjeun bet téga nandasa jalma anu mikacinta ka salira. Cinta kuring, cinta anu wening anu gembleng keur anjeun. Isuk jaganing géto, baring supagi dina mangsa Bharatayudha di palagan Kurusétra, kuring baris miraga sukma ka wanoja anu ngaranna Srikandi putri Maharaja Drupada. Kuring bakal niir awak anjeun ku ratusan jamparing !”. Sanggeus nepikeun supata, lelembutan Dewi Amba ngalayang di méga malang –teu mulang ka kahyangan, ngukuntit ringkang jeung kalangkangna sang Déwa Brata. Batin Bisma ngajerit maratan langit, ngocéak maratan jagat. Ngarasa dosa anu taya wates wangenna. Leungeunna anu lamokot ku getih, diranggahkeun ka luhur, ménta pangampura ka Hyang Jagat Nata. Layon Dewi Amba anu baseuh ku getih, dipayang di bawa ka karaton Astina. Laju, layonna diperenahkeun dina tumpukan kai gaharu jeung cendana. Sang Agni, seuneu anu ngabebela, nganteurkeun raga Dewi Amba ka alam padang poé panjang. Lebuna di tawur di walungan Gangga.





***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar