Minggu, 20 April 2014

Wayang 7



“Anaking Duryudana, nurutkeun wangsit déwata, mun hidep hayang hirup kalayan hurip anu waluya di jagat pawayangan, kudu akur jeung Pandawa. Kudu pakaléng-kaléng agung jeung paraputra Pandu Déwanata. Sabalikna mun hidep pajauh huma jeung jail kaniaya ka Pandawa, lain baé hidep anu baris cilaka, tapi katurunan Kuru baris tumpur”.
Panggeuing Dewi Gandari ka putra kakasihna, Duryudana.

Ngajorag Pancala
Resi Dorna kacida bungahna, ningali murid-muridna geus ngawasa élmu kasantikaan. Ceuk gerentes haténa: “geus cunduk waktuna, pikeun males kanyeri ka Drupada”. Sang resi ngumpulkeun para muridna, nagih jangji ménta bukti sumpah satria anu dikedalkeun ku Pandawa jeung Kurawa. Resi Dorna méré pancén ngarurug nagri Pancala –Campala, nyerek Drupada anu geus nyacampah dirina.
Anu pangheulana ngajorag nya éta Kurawa, diluluguan ku Duryudana bari marawa pakarang kayaning: gobang; tumbak; jamparing; jeung rupa-rupa pakarang lianna, anu geus meunang ngasah tur dibalur ku racun. Ti mimiti indit, surak ayeuh-ayeuhan kawas nu rék moro sato kalayan ngarasa nguntup baris meruhkeun prajurit nagri Pancala sarta ngarasa yakin baris bisa nyangkalak raja Drupada. Sangkala ditiup di tapel wates; tambur ditabeuh; bendé ditakol, tangara nangtang perang.
Ngadéngé sora sangkala, prajurit nagri Pancala anu diluluguan ku Patih Gandamanah, maju jurit. Di palagan yuda, prajurit Kurawa jeung wadya balad Pancala, perang campuh. Silihgitik; silihteunggeul; silihtumbak; silihpanah, réa prajurit Kurawa jeung Pancala anu taratu. Beuki lila, perang beuki ngageder. Kurawa katétér jajatén, kadéséh. Duryudana jeung Dursasana, kasoran éléh wewesén ku Gandamanah. Duryudana jeung Dursasana ahirna ngejat, lumpat ti palagan yuda. Prajurit Kurawa, kabur ti médan perang.
Ningali Kurawa kaéréd, Pandawa maju jurit. Bima –gajahna Pandawa, nguwak-ngawik prajurit Pancala. Ngabubat-babét gada, lir anu nyacaran bolang. Arjuna mesat jamparingna, ratusan jamparingna tingbelesur bari mawa sora anu ngaguruh matak sawan prajurit Pancala. Éta jamparing taya nu nyasab, teu bisa dihalangan ku taméng atawa pakakas lianna. Tembus, nanceb kana: leungeun; suku; taktak; awak; beuheung; atawa kana sirah. Réa prajurit Pancala anu taratu, malah teu saeutik anu ngababatang jadi tumbal jamparingna satria panengah Pandawa.
Prajurit Pancala tambah kawalahan, waktu Nakula jeung Sadéwa maju ka palagan yuda. Ku pedang paraputra Déwi Madrim ieu, méh ampir saparapatna prajurit Pancala, mandi getih. Komo basa Yudistira negarkeun karéta perangna, wadya balad Pancala buyar katawuran. Anu masih kénéh ngajega di palagan yuda, nya éta: patih Gandamanah jeung raja Drupada.
Bima méré tangara ka sakumna prajurit Astina, sangkan teu ngahurup patih jeung raja Pancala. Bima baris ngayonan Gandamanah ku cara satria, adu jajatén hiji lawan hiji. Ku gada ‘Rujak Polo’ Bima, sang patih Pancala ngarumpuyuk lir kapuk kaibunan. Kitu deui raja Drupada, teu walakaya nyanghareupan kadigjayaan Bima, anu antukna serah bongkokan.
Ningali Drupada kawas bueuk meunang mabuk, resi Dorna kacida bungahna. Sugema bisa mulangkeun kanyeri kapeurih, ka sobatna anu geus ngakaya dirina. Minangka panebus dosa, nagri Pancala saparo dipasrahkeun ka Dorna, kalawan watesna: Walungan Gangga.

Tahta Astina
Prabu Dréstratya –Déstarata kataji tur ngarasa reueus ku paraputra Pandu Dewanata suwargi, anu geus nembongkeun babakti ka nagri Astina sarta laku lampahna taya cawadeun. Anggang tina bedang, jauh tina adigung. Éstu napak dina tatapakan agama katut darigama, nangtung dina tangtungan jeung ngadeg panceg dina adeg-adegan kahirupan. Kanyaah Dréstratya beuki ngandelan basa Pandawa bisa ngarurug nagri Pancala, sarta sabada unggul ti médan perang teu nembongkeun boga jasa. Ceuk gerentes haté Dréstratya: “anu pantes tur payus jadi papayung nagri Astina sarta luyu jeung katangtuan purbatisti-purbajati, nya éta: Yudistira, putra cikal Pandu Déwanata”. Basa gerentes batinna ditepikeun ka pinisepuh Astina, kabéhanana samiuk nyaluyuan yén anu bakal neruskeun tahta nagri Astina téh: Yudistira.
Ngadéngé Yudistira rék dijenengkeun jadi raja Astina, Duryudana –putra cikal Dréstratya, ngarénjag. Teu panuju kana karep ramana katut sesepuh Astina, anu rék ngistrénan Yudistira jadi raja Astina. Nurutkeun Duryudana jeung dulur-dulurna, anu pantes jadi raja Astina téh nya éta dirina. Haténa mungguh panas ngahéab nguntab-nguntab, seuneu napsu Duryudana tambah ngabebela waktu disundutan ku Aria Sangkuni.
Karep hayang ngalindih Yudistira, ditepikeun ku Duryudana ka Dréstratya jeung ka indungna: Déwi Gandari. Sanajan ka anakna pituin, Dréstratya teu mikeun mun nagri Astina dirajaan ku Duryudana, sabab lain hakna. Kitu deui Déwi Gandari, teu panuju mun anakna ngarebut tahta Yudistira.
Papatah ti Déwi Gandari, teu diwaro. Duryudana geus karacunan ku peurah létahna Aria Sangkuni, maksa ka bapana sangkan tahta nagri Astina ragrag ka dirina. Atuh puguh baé, prabu Dréstratya bingung ku dua ku tilu. Lir nangtung di biwir jungkrang, mun dirina nyatujuan kana karep anakna, baris meunang bebendon ti déwata. Sabalikna, mun teu nyatujuan, inggis anakna baruntak. Alatan terus-terusan didongsok ku Duryudana jeung Sangkuni, lila-lila haté prabu Dréstratya léah. Dréstratya satuju, ngawariskeun tahta nagri Astina ka Duryudana. Pangeusi karaton, sahéng. Kitu deui di luar karaton, rahayat patingkecewis teu panuju kana karep prabu Dréstratya anu rék ngistrénan Duryudana jadi raja Astina. Komo Bima mah, tepi ka susumbar rék ngancurkeun katurunan Kuru. Bisma jeung Widura meper napsu Bima katut paraputra Pandu lianna, sarta ngélingan Dréstratya sangkan ngabolaykeun ngistrénan Duryudana.
Prabu Dréstratya tetep kana kaputusannana, teu bisa dionggét-onggét. Atuh puguh baé, sakumna pinisepuh Astina ngarasa kuciwa sarta ragrag ucap “moal milu ilubiung mun isuk jaganing géto, seuneu perang ngabebela anu bakal numpurkeun katurunan Kurawa”.
Anu kapeupeuh mamaras, nya éta: Déwi Gandari. Dirina lir disisit ati, disasaak manah. Karémpan baris ka alaman katurunannana ‘tumpur’, geus teu bisa disingkahan deui.
Dina waktu diistrénan, raja-raja anu aya di jagat pawayangan diondang. Dina derna upacara ngistrénan, rupa-rupa tatabeuhan ngageder. Sajeroning ubyagna hajat kariaan badag, Duryudana anu geus resmi jeneng jadi raja Astina, ngutus Sangkuni ngararancang pikeun ngabinasakeun Pandawa. Sangkuni méré pancén ka Purcaya ngadegkeun pasangrahan Wanamarta anu diancokeun keur pasangrahan Pandawa, dina waktu upacara Hajat Surya.
Saéstuna, Yudistira katut dulur-dulurna geus curiga ka Sangkuni. Kilang kitu, teu ieuh mungpang. Keur nyingkahan rencana jahat anu bakal ngabahyakeun kana kasalametan Pandawa, Yudistira ngararancang taktik pikeun nyalametkeun kulawarga Pandawa. Basa pasangrahan diwangun, Yudistira ngali taneuh keur liang torowongan satangtung jalma.
Dina wanci janari leutik, Purcaya jeung balad-baladna keketeyepan ngadeukeutan pasangrahan Pandawa. Purcaya boga kayakinan, yén Pandawa keur talibra diayun-ambing ku jemplingna peuting. Pasangrahan diduruk, béak ku gangasna seuneu anu ngabebela. Basa seuneu geus mimiti pareum, tembong sababaraha puluh babatang sinatria anu géhéng.
Ngadéngé pasangrahan Pandawa geus diduruk tur aya sababaraha sinatria ngababatang kabeuleum ku seuneu jeung katindihan ku ruhak, Duryudana kacida bungahna. Papadaning kitu, Duryudana teu nembongkeun kabungahna. Api-api nguyung kolbu, sungkawa manah supaya teu katohyan rencana jahatna. Béda jeung Kurawa, sesepuh Astina katut rahayat, ngaruyung hujan cimata, sungkawa ku nasib Pandawa.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar