Selasa, 22 April 2014

Tuan Hola ti Kota Inten



Ku urang Garut, KF Holle disebut Tuan Hola. Salian ti ngokolakeun perkebunan entéh Waspada di Cikajang, ogé méré conto anu hadé keur kamajuan rahayat. Tug ka kiwari, suuk Holle masih kénéh dipelak ku rahayat di Kacamatan Cikajang; Cisurupan; jeung Cilawu. Taun 1885, anjeunna nampa panghargaan bintang jasa Offeecerkruis van de Oranje Nassau ti pamaréntah Hindia Walanda.

Karel Frederik Holle
Abad ka-19 dianggap jaman kajayaan Kabupatén Garut, malahan jadi daérah pangmajuna jeung pangmakmurna sa-Tatar Priangan. Kamajuan Garut teu leupas tina jasa dwi tungal KF Holle jeung Moehammad Moesa (Hoofdpanghulu Garut) nu naratas modérnisasi urang Garut dina widang tatanén; ingon-ingon; jeung atikan nu mampu ngaronjatkeun karaharjaan kaum pribumi. KF Holle, lian ti ngokolakeun perkebunan entéh Waspada di Cikajang, ogé méré conto anu hadé keur kamajuan masarakat. Tug ka kiwari, suuk Holle masih kénéh dipelak ku masarakat di Kacamatan Cikajang; Cisurupan; jeung Cilawu.
Ku urang Garut KF Holle disebut Tuan Hola, lahir di Amsterdam taun 1829. Kulawarga Holle taun 1845 pindah ka pulo Jawa, bapana digawé di perkebunan Bolang. Ngan teu lila kulawargana maraot di perkebunan, Holle dititipkeun ka Gubernur Jenderal Hindia Walanda nu ngantor di Istana Bogor. Nepi ka umur 18 taun dididik didinya, tuluy jadi sékrétaris di kantor pamaréntah. Sabada dibéré modal ku dulurna, Holle muka perkebunan éntéh Waspada di Cikajang. Lain ukur dipelakan éntéh wungkul, tapi ogé dipaké percobaan ngabudidayakeun tutuwuhan jeung sasatoan. Ti barang datang ogé Holle tepung jeung terus nyobat jeung Moehammad Moesa kepala panghulu di kabupaten Garut. Pikeun ngamajukeun bangsa pribumi, Holle usaha:
1.    Naratas muka sakola Éropa (Bizondere Europeesche School) jeung sakola Guru di Bandung.
2.    Nerbitkeun majalah Mitra Noe Tani jeung brosur dina basa Sunda taun 1866, sanajan majalah pertanian tapi eusina ngamuat ogé puisi jeung dongéng atawa carita babad keur ngaronjatkeun minat baca masarakat.
3.    Nerbitkeun buku Tjarita Koera-koera djeung Monjet (1851)
4.    Meunang tugas ti pamaréntah Hindia Walanda pikeun nyusun buku bacaan jeung palajaran basa Sunda. Pikeun proyék ieu, Holle dibantu ku Moehammad Moesa; Adi Widjaja (Patih Limbangan); jeung Brata Widjaja (manten Patih Galuh, kabupaten Sukapura). Buku-buku nu diterbitkeun tina ieu proyék:
a.    Katrangan tina Perkawis Mijara Laoek Tjai (Moehammad Oemar);
b.    Wawatjan Djaka Miskin (Wira Tanu Baija);
c.    Wawatjan Woelang Poetra (Adi Widjaja);
d.   Wawatjan Woelang Krama (Moehammad Moesa);
e.    Wawatjan Radja Darma (Danoe Koesoema)
Holle kungsi ditawaran jeneng Résiden Priangan, tapi ditolak. Tapi waktu ditawaran jadi penaséhat pamaréntah Hindia Walanda urusan Masyarakat Pribumi, Holle narima.
Taun 1885, nampa panghargaan bintang jasa Offeecerkruis van de Oranje Nassau. Tilar dunya 3 Mei 1896 di Tanah Abang Jakarta.
Pikeun pangéling-éling yasana, kaping 29 Oktober 1989 di buruan Kantor Karésidenan Priangan (alun-alun Garut) diadegkeun Monumén KF Holle (ancur ku tentara Jepang). Di kampung Barukai Kacamatan Cigedug, aya prasasti anu maké aksara Sunda meunang Holle minangka ucapan selamat datang keur van Der Toek anu datang ka Garut.
Monumen Karel Frederik Holle di Alun-alun Garut, taun 1901.


***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar